Selasa, 08 Desember 2015

AKHLAQ RASULULLAH SAW

Hiji dinten, Rosulullah SAW mulih ti pangperangan diiringkeun ku para sohabatna. Dugi ka dayeuh Madinah, kasampak Siti Aisyah, garwana ngabagéakeun kasumpingan carogé anu kalintang dipikaasihna.

Di bumina, Rosulullah SAW leleson ngareureuhkeun kacapé. Siti Aisyah pakepuk di pawon mangdamelkeun leueuteun kanggo nu janten carogé. Salajengna leueuteun éta dipasihkeun ka Rosulullah SAW. Anjeunna ngaleueut antaré dugi ka ampir nyéépkeun éta cai. "Yaa Rosulallah, biasana salira masihan sapalih leueuteun kanggo abdi, nanging naha dinten ieu salira teu masihkeun éta gelas?" Siti Aisyah naros.
Rosulullah SAW ngarandeg sakedapan, lajeng badé neraskeun deui ngaleueut cai dina éta gelas. Mangka Aisyah naros deui, "Ya Rosulallah, biasana salira masihan sapalih leueuteun ka abdi, nanging naha dinten ieu salira teu masihkeun éta gelas?"

Pamustunganana, Rosulullah SAW masihkeun sapalih leueuteun anu nyésa dina gelas. Aisyah ngaleueut éta cai, sarta anjeunna ngaraos kacida reuwasna, salajengna éta cai diburakeun. Sihoréng cai téh karaosna moléték!

Subhanallah, ieu pisan kaluhungan akhlak Rosulullah SAW. Dina kaayaan lungsé ogé, sok sanaos garwana masihan leueuteun anu pangsét, anjeunna henteu bendu. Malihan kawitna mah Rosulullah badé nyumputkeun kalepatan garwana kalawan nyéépkeun sadaya leueuteunana.

MAYIT AHLI SURGA

Hiji lalaki maot. Rosulullah SAW ngiring mulasaraan éta mayit. Waktu rék disholatan, Umar bin Khoththob nyarios ka Rosulullah SAW, "Yaa, Rosulallah! Mayit éta mah teu kedah disholatan, manéhna jalma bangkawarah."
Ngadangu cariosan jeung sikep Umar éta, mangka Rosulullah SAW madep ka nu araya di éta tempat, lajeng naroskeun, naha kungsi aya nu nempo éta mayit ngalakukeun hiji amalan Islam dina waktu hirupna. Salah saurang ti nu hadir, ngajawab, "Leres, Rosulullah! abdi kantos ngaronda wengi sareng anjeunna dina waktos jihad."

Rosulullah SAW nyolatan éta mayit sarta ngawurkeun taneuh keusik ka manéhna, lajeng ngadawuh, "Batur-batur anjeun nyangka yén Anjeun ahli naraka, sarta Kaula nyakséni saéstuna Anjeun ahli surga."
Lajeng Rosulullah SAW malik ka Umar, "Ulah Anjeun nanya ngeunaan amalan manusa, tapi pék tanyakeun ngeunaan fitrahna!"

Maksud Rosulullah SAW nyaéta ngahulag supaya Umar, jeung urang umat Islam sakabéhna, supaya ulah ngungkit-ngungkit amal kagoréngan hiji jalma, sedengkeun éta jalma geus maot. Tapi nu kudu di kahareupkeun nyaéta kumaha fitrah kaislamanana, kaasup amal kahadéanana sanajan katempo teu pira tur saeutik.

Jumat, 27 November 2015

Fikmin "GATOT"

Keur ngopi sabari maca koran di tepas. Tatangga hareupeun, kaluar. Ngadon senam di buruan imahna. Randa bohay. Kaktus wé sugan mah, lila teu kacaian ogé, angger montok. Maké calana pondok, ka luhurna kaos pungsat, némbongkeun bujalna nu rada dosol. Kuring nyokot roko hurung tina asbak. Koran dikohokan, dipaké noong. Manéhna dodongkoan. Katempo aya nu tinggulantung sagedé mélon. Awak ngadadak asa nyongkab. Digeberan maké dudukuy. Gondok laki turun naék kos éskalator. "Astaghfirullah...! Di jero ogé aya nu kitu mah!" Jung, nangtung. Calana karasa nyeregan, katulak ku tumbak.

"Mah, Mamaaah...!" ngageroan pamajikan. Sup, ka kamar. Nyingkabkeun kulambu. Suwung. "Mah, di mana?" nyorowok. "Ieu, di pawon...!" pamajikan némbalan. Beuheung soang mingkin celenggeu dina jero calana. Hayang geura dicepét ku gégép kulit, nepi ka muncratkeun lého pédo. Leumpang moyongkod. Muru dapur. Bréh, pamajikan keur gégéroh. Maké daster belél, buukna dibeungkeut ku karét geulang. Nu asalna celenggeu téh, ngulahék deui. Calana ngalogoran.

Rabu, 25 November 2015

Fikmin "PAMAJIKAN"

Neuteup pamajikan. Ditelek-telek. Bener, boga pamajikan téh geulis. Teu éléh ku artis, Omas waé mah liwat. Mojang Sukabumi téa geus kawéntar kageulisanana, pédah rada malatré wungkul. Kitu sotéh ceuk Si Kodok urang Bogor, da manéhna kungsi ditampik ku Dési Ratnasari. Padahal kangaranan awéwé matré mah teu di mana teu di mendi, geus ilahar. Kapan keur ngageulis téh kudu gedé modal. Keur ka salon, meuli pupur, lipen, jeung nu séjén-séjénna. Mun hayang boga pamajikan geulis, tangtu kudu siap waragadna. Ari pangala pas-pasan mah, wayahna wé boga pamajikan caludih ogé kudu narimakeun.

"Pupur abdi nu kénging mésér minggon kamari, tos séép. Pangmésérkeun deui, nya! Abdi ngageulis téh pan kanggo Aa, supados Aa sugema," ceuk pamajikan bari dangdak-déngdék hareupeun eunteung. "Na enya mung kanggo Aa, Néng?" cekéng, panasaran. "Haaar, ari Aa! Nya tangtos kanggo Aa wungkul, carogé abdi!" pamajikan mencrong. "Ari Enéng narsis di sosméd, kanggo saha atuh?" garo-garo teu ateul.

Senin, 23 November 2015

Fikmin "PILKADAL"

Nyanghareupan pilkada, kuring jadi remen "blusukan". Saba désa. Keun, lima taun sakali ieuh kikituanana ogé. Nu matak reugreug, kuring kaasup calon kuat. Bubuhan kuring mah beresih, tara ceceremed mun sakirana bakal kanyahoan. Rapih.
Satutas kampanye di pakampungan nu jolok, kuring milu ngarereb di imah warga. Api-api biasa hirup basajan. Sanajan jarijipen, nu penting bisa katiléy hadé.
"I can’t live, if livin’ is without you...!" kapireng aya nu ngahariring. Tuluy gogoakan.
"Éta saha?" nanya nu boga imah.
"Erin, pun alo. Sapuluh taun kalangkung, anjeunna kuliah di dayeuh. Mulang ka lembur sabari bureuyeung, saurna kabogohna kabur. Ti harita, rada kaganggu jiwana. Nu mawi ayeuna dikerem di gudang pengker," nu boga imah carinakdak.
"Deudeuh teuing...! Abdi hoyong ningal!" Kuring nuturkeun nu boga imah. Diiringkeun wartawan. Sina diékspos, yén kuring jalma sholéh. Bray, panto gudang dibuka. Nu keur gogoakan ngalieuk. Mencrong. "Kang Andi, ieu abdi Rina...!" ngagabrug. Foto kuring keur ngora nu dikeukeuweukna, ragrag.

Senin, 16 November 2015

Fikmin "JADI KAWIN"

Huleng jentul. Ras, ka Sélvi. Karék lulus SMU. Bogoh nataku. Resep ku ogona. Diajakan kawin, tapi majar hayang kuliah heula. Nyaah, meunang béasiswa di UGM cenah. Kuring dititah nungguan nepi ka manéhna bérés kuliah. Édas. Tungtungna mah pegat. Nyeri.
"Tong ka abg waé, geura! Bapa boga picaloneun, anak babaturan bapa. Randa, geus boga imah. Keun, da manéh ogé duda ieuh. Nu penting mah bageur, bisa silihpihapékeun diri," bapa ngélingan. "Geulis, teu?" kuring nyéréngéh. "Nya, geulis atuh! Kolot ogé meunang mapantes, teu sagawayah," ngasongkeun foto. Geulis. Bohay. Kuring unggeuk, tibatan lieur.

Saminggu ti sanggeus panggih, jeung pada-pada cocog, jadi ogé dirapalan. Kawin duda ka randa, teu kudu loba cing-cong. Teu raraméan. Sabudalna sémah, langsung nuju ka imah pamajikan. Paduduaan. Teu kuat, hayang geura murak. Kuring alak-ilik ka sakuliah patengahan imah. "Tah, nu ieu foto putra abdi hiji-hijina. Ayeuna nembé lebet kuliah, janten teu sempet uih heula," pamajikan noél. Kuring ngalieuk. "Sélvi...?"

Jumat, 13 November 2015

Fikmin "UHÉ TÉA"

Uhé pakansi ka Bali. Panasaran, hayang apal pulo nu kawéntar kaéndahanana. Ulah ukur cenah, jeung nempo dina tipi wungkul. Satutas ngareureuhkeun kacapé, mandi, jeung sholat di kamar hotél, Uhé turun ka loby. Beuteungna kukurubukan, nagih eusi. Sup, ka réstoran. Mencrong daptar menu nu teu kaharti. "Pokonyah, sayah pesen makanan yang paling enak ajah. Nu penting mah, nasinyah yang banyak," pokna, ka palayan réstoran. Song, sangu haneut, jeung lalawuhna. "Inih daging apah, yah?" nunjuk kaolahan daging. Seungit. Pikauruyeun. "Oh, itu daging babi, Pak!" palayan manggut. "Hah...?" Uhé tibuburanjat. Berengbeng, lumpat ka toilét. Borolo, utah.

Poé isukna, ulin ka basisir. Panon Uhé lir penari Bali, molotot sabari gular-giler. Nempo bulé nu ampir buligir keur mararoyan. "Astaghfirullah...!" Uhé meureumkeun panonna. Ngusap beungeut. Nyah, beunta deui. Ngahuleng. Berengbeng, lumpat ka rungkun. Borolo, utah.

Kamis, 05 November 2015

Fikmin "INBOX NYANTOX"

Ditelek-telek. Geulis. Pameunteu ngadaun seureuh. Pakulitan bulé, leucir, matak tisolédat reungit. Asa-asa sok nempo, tapi teuing di mana. Mirip artis nu dina tipi, kitu? Diinget-inget. Lebeng. Ah, panasaran.
"Hai, boleh kenalan ga?" nyobaan diinbox. Sajam, dua jam, didago-dago balesanana. Nyamos.
"Pa, jajap abdi ka pasar, yu!" beungeut buleud pamajikan, ngelol ti lawang kamer. Koréjat. Buru-buru fb dilog out.
"Duh, nuju teu raraos, lebet angin rupina mah. Nyalira wé atuh!" pupuringisan.

Sanggeus pamajikan indit, fb dibuka deui. Teu kungsi lila, aya notifikasi inbox.
"Blh. Cpa y?" cenah. Tulisanana gaul. Leng. Dilelebah pihartieun singgetanana. Lila-lila mah, wangkongan teu burung lancar. Rayuan-rayuan murudul. Nyantok. Jangjian kopdar poé isukan. Basa pamajikan balik, hp geus rapih.
"Geuning tos uih?" gigisik. Api-api hudang saré.
"Muhun. Éh, kenal ka ieu, teu?" pamajikan ngasongkeun hpna. Bréh, foto awéwé nu tadi inboxan, dina folder beauty plus.

Selasa, 03 November 2015

Fiksi "NINI-NINI BEUNGHAR"

Diréktur bank ngarasa héran, basa aya saurang nini-nini nabung 10 milyar.
"Ti mana Nini kénging artos sakitu seueurna? Ngical tanah?" Diréktur bank panasaran.
"Bapa mah képo, ih! Nini téh sok ngiring tarohan, bari sok kénging waé. Nini, gitchu lhoks!" Si Nini nyéréngéh. Ngagilirkeun sisigna.
"Oooh...!" Diréktur bank colohok.
"Bapa badé tarohan sareng Nini? Sok, Nini wantun tarohan 100 juta. Énjing gugah kulem, siki gagaduhan Bapa bakal pasagi!" mencrong. Nangtangan.
"Wah, piraku deui? Sok lah, 100 juta! Salila nyunyuhun hulu, siki kuring asa can kungsi pasagi. Jadi, pasti kuring nu meunang!" Diréktur bank ngagakgak.
"Énjing Nini ka dieu deui, tapi badé nyandak pengacara supaya langkung yakin. Deal?" Si Nini ngasongkeun leungeunna.
"Deal...!" Sasalaman.

Poé isukna, bener wé, Si Nini rebun-rebun kénéh geus nepungan diréktur bank, diiringkeun ku pengacara.
"Sok, geura bayar, Nini! Bukti, siki nu kuring angger buleud!" Diréktur bank namprak. Sura-seuri, atoh.
"Enya, ku Nini pasti dibayar! Tapi Nini kudu nyabak heula siki nu Bapa, kanggo ngayakinkeun!" Si Nini ngajawab santéy.
Diréktur bank ngahuleng. "Keun baé dicabak nini-nini ogé, lah! Nu penting 100 juta!" gerentesna.
"Kumaha?" Si Nini jebi.
"Siap, lah! Tah, geura cabak!" Diréktur bank muka seléting calanana.
Teu antaparah, gewewek Si Nini nyabak siki nu diréktur bank.
Pengacara nu ti tadi nempokeun, ujug-ujug nepak tarang, tuluy ngadagor-dagorkeun sirahna kana témbok.
"Kunaon éta Pa Pengacara dugi ka kitu?" Diréktur bank ngoréjat. Reuwas.
"Ah, teu pira, Pa! Nini tarohan 500 jutaan sareng Pa Pengacara, yén dinten ieu Nini bakal tiasa nyabak siki gagaduhan diréktur bank!" nyikikik.

Senin, 02 November 2015

Fikmin "HAYANG NYANDUNG"

Geus sabulan, gawé teu sumanget. Ti saprak Dési dieureunkeun jadi sekertaris kuring di kantor. Teu kaangseu deui parfumna nu sok ngahudang birahi. Euweuh deui tempoeun erok pungsat nu sok mamérkeun pingping mulusna. Sono nataku. Dasar apes. Harita, kuring keur papuket sabari ngalalahun manéhna. Teu kanyahoan, ujug-ujug torojol pamajikan. Teu bisa mingé. Poé éta kénéh, langsung disidang. "Nurustunjung, siah! Manéh dibéré kapercayaan ngurus pausahaan aing téh, kalah modolan! Mikir atuh..., mikir!" mitoha lalaki tutunjuk. Kuring ngeluk. Rumasa, hirup nyalindung ka gelung. Dési dipecat. Sekertaris diganti ku pamajikan.

Tapi, jéngkol aya usumna sotéh, ékol mah euweuh usuman. Ayeuna, situasi geus tiis deui. Kuring api-api rék milu seminar ka luar kota. Pamajikan percayaeun. Sajajalan, dina mobil héhéotan. "Bakal laksana ogé nyandung téh," seuri sorangan. Anjog ka imah Dési, rada ngarengkog. Loba jalma. Panasaran. Kapalang, uluk salam. Nu keur ngariung di patengahan, tinglalieuk. "Papih...?" kuring mencrong mitoha nu ngaréndéng jeung Dési. Hareupeun lebé.

Jumat, 09 Oktober 2015

Fikmin "WAKTU"

Diimpleng-impleng, jam salapan isuk téh rék sholat Dhuha. Kaselang ku pagawéan. Éh, kaburu adzan Lohor. Ti isuk ka beurang. Ti beurang ka soré. Ti soré ka peuting. Waktu nyérélékna teu karasa. Hayang ngaderes Al-Qur'an sapoé sajuz, ti taun kamari can kalaksanakeun waé. Satutas sholat Maghrib, tadina mah rék dimimitian, sabari ngadagoan Isya. Pangangguran ngilikan heula hapé. Katempo loba notifikasi éfbé. Tungtungna anteng gogonjakan jeung babaturan. Lat wé poho. Teu karasa, geus jam sapuluh peuting. Sholat Isya bari ngeletek heuay. Reup, peureum.

Hawar-hawar, kapireng adzan Shubuh. Ngahuleng. Geus ngazam hayang hudang janari. Rék sholat Tahajud, Witir wéh karak tilu rakaat mah. Teuing ti jaman mana, angger can kapigawé. Ngulisik. "Ké heula, ah!" Medol simbut. Tibra deui. Nguliat basa panon asa sérab. Gura-giru hudang, sieun kabeurangan sakola. Rék ka kamar mandi. "Aki...!" Aya nu medolan anduk. Ngalieuk. Dua budak leutik ngagabrug. Ménta dipangku. Rét, kana eunteung. Gebeg. Buuk geus bodas kabéh.

Minggu, 27 September 2015

Fikmin "LADANG LABUH"

Cekiiit. Gubrag. Kuring nyerengid, kékéongeun katindihan stép motor.
"Goblog, siah!" nyorowok ka mobil nu bieu nyérémpét.
Tina mobil, turun bapa-bapa perlénté.
"Punten, Cép! Teu kukumaha?" manéhna nyolongkrong, rék ngahudangkeun.
"Teu kukumaha, beungeut sia!" kuring ngeupiskeun leungeunna.
"Punten, teu dihaja. Abdi nuju rusuh, aya peryogi penting pisan. Ieu wé kanggo lalandong...," ngasongkeun duit saratus rébuan dua lambar.
"Moal gé mahi! Tambahan!" nyorongot.
Manéhna muka lokét deui. Song lima lambar. Dina haté, kuring surak. Teu pira baréd saeutik, cukup diobat mérahan ogé.

Malem Minggu héhéotan. Geus jangjian jeung Dési, kabogoh anyar, rék nongton ka bioskop. Untung labuh tina motor, jadi boga duit keur modal.
Srog ka imah Dési.
"Punten...!" keketrok kana panto.
"Mangga...!" kulutrak, aya nu muka.
"Artos kanggo lalandongna kirang kénéh, Cép?" nu muka panto mencrong.

Sabtu, 12 September 2015

Fikmin "ASURANSI"

Manéhna diopnameu di rumah sakit. Untungna, manéhna mah miluan asuransi. Bélaan mereketkeun pikeun mayaran macem-macem prémi asuransi téh. Asuransi kaséhatan, asuransi pendidikan budakna, asuransi imah, mobil, tug nepi ka asuransi jiwa. Jadi, sanajan gering mulan-malén ogé, teu riweuh urusan béayana. Kabéh dibayar ku pausahaan asuransi.

Basa manéhna maot, asuransi jiwana cair. Pamajikanna nampa satengah ém ti pausahaan asuransi. Budak-budakna jaradi sarjana, dibéayaan ku pausahaan asuransi. Ayeuna, imahna dieusian ku urut pamajikan jeung salakina anu anyar. Mobilna dipaké pelesiran, méakkeun ladang asuransi. Manéhna, bati ceuleumeut. Meunang katunggara di alam kubur. Hanjakaleun. Basa keur hirup, sok mopohokeun prémi asuransi nu hiji deui. Amal ibadah, shodaqoh jariyah, jeung ngadidik anak nu sholéh.

Selasa, 08 September 2015

Fikmin "KAHURUAN"

Kadéngé sora kohkol ditihtirkeun. "Kahuruan..., kahuruan...!" tingcorowok. Jalma-jalma bar-ber ngakutan cai. Nyéblokan imah nu kahuruan. Sawaréhna, aya nu sabari motoan maké hpna. Arapdét status fb jeung bbm. Riungan jalma nyingray, basa datang tilu mobil damkar. Satutas aya kana dua jamna patugas damkar nyemprotan nu kahuruan, seuneu pareum. Torojol, aya wartawan mamanggul kaméra. Nu saurang, ngawawancara Pa Kuwu nu haruhah-haréhoh kénéh geus mantuan tutunjuk. "Kinten-kintenna, naon nu janten sabab kahuruan ieu, Pa?" wartawan ngasongkeun mik. "Numutkeun panalungtikan aparat, tos tiasa dipastikeun nu janten sababna téh...seuneu...!" Pa Kuwu memener kopéahna. Wartawan gégétrét.

Fikmin "NGÉLÉHAN"

Di Ciawi, kuring ngajanteng ngadagoan beus jurusan Bekasi. Kamalinaan teuing ulin di imah babaturan, jadi balik kapeutingan. Rét kana érloji. Jam dalapan. Haté rada reugreug. Teu pati keueung, masih kénéh loba jalma nu sarua keur ngadagoan beus. Reg. Aya beus nu metet ku panumpang, eureun hareupeun. Diilikan trayékna. Lain tujuan kuring. Aya saurang nini-nini turun, ngajingjing kardus. Nyampeurkeun ka palebah kuring.
"Mulih ti mana sareng badé angkat ka mana, Ni?" kuring unggeuk, sabari imut.
"Ti Sukabumi, badé ka Kalideres," pokna. Nunda kardus. Milu ngajanteng gigireun.
"Har, nembé téh lungsur tina beus jurusan Kalideres, sanés?" ngahuleng.
"Muhun," nyusut késang dina tarangna ku tonggong leungeun.
"Naha bet lungsur di dieu atuh, Ni?" ngasongkeun tisu.
"Tadi téh aya jalmi tanpa daksa nu teu kabagéan jok, tapi teu aya saurang ogé nu kersa ngéléhan. Upami nini ngéléhan masihan tempat calik ka anjeunna, bilih alimeun. Kapaksa nini lungsur, api-api tos dugi ka tujuan, supados anjeunna kersaeun nyalikan jok tilas nini," nerangkeun.
"Deudeuh teuing, Nini...," gumerendeng. Teu karasa, cipanon ngembeng.

Kamis, 03 September 2015

Fikmin "UCING KONÉNG"

Rarabi geus sapuluh taun, euweuh pacogrégan. Ka pamajikan teu weléh geugeut. Kitu deui pamajikan, karasa baktina ka salaki. Jeung dulur akur. Mitoha ogé bageur pisan. Nyaah, moal waka dikubur satungtung can maot mah. Mangnyieunkeun imah. Méré fasilitas usaha. Ku kaparigelan kuring dina ngokolakeunana, usaha mingkin maju. Mitoha mingkin percaya ka kuring. Sagala rupa kumaha kuring, nyebutna ogé Si Aa, minantu nu pangdipikanyaahna. Matak sanajan nyasatna kuring sagala numpang, teu asa nyalindung ka gelung. Saréréa di kulawarga pamajikan, hurmat ka kuring.

"A, ka dieu!" mitoha ngageroan. "Aya pikeresaeun naon, Pa?" nyium leungeunna. "Ku sabab bapa mah geus kolot, panggilingan paré nu di lembur Cipangisangan, uruskeun ku Aa! Kira-kirana sanggup, teu?" mitoha neuteup."Oh, sumuhun, Pa! Sanggem...," kuring unggeuk. Bungah. Asa mobok manggih gorowong. Bisa sakalian ngalongokan pamajikan nu ngora, nu karék opat puluh poé ngajuru.

Fikmin "LADANG NUNDUTAN"

"Jadi..., rék wudu, sunat nyusur. Rék sholat, sunat nyusur. Rék ngaji, sunat nyusur. Hudang saré, sunat nyusur. Rék saréna ogé, sunat nyu...?" Kang Ustadz Ade pepeta. "Nyusuuur...!" Jama'ah ngajawab ragem. Abah Sholahuddin Al-Muroqy nu keur nundutan, ngoréjat. Surudut, nyusut dahdirna ku samping.

Balik ka imah, kasampak Ambu Ela Nurlaela geus ngaguher. Kérék. Ku Abah Owah diteuteup. "Deudeuh teuing, capéeun meureun tadi beurang geus mantuan ngagoréngan cimol. Hampura Abah, geulis! Abah ngan bisa ngahésékeun ka Ambu, ari ngarasikoan tibang tujuh rébu lima ratus...," gumerentes. Cipanonna ngembeng. Golédag, ngagolér gigireunana. Karék ogé rék reup, kaburu inget kana tausyiah Kang Ustadz Adé. Leungeun Abah Owah upuy-apay ka anu keur tibra. Ambu Éla ngulisik. Nyah, beunta. "Rék naon, Abah? Ambu mah keur beureum!" Ambu Éla ngeupiskeun leungeun Abah Owah. "Lain hayang ungked da, iyéy! Ceuk Kang Ustadz Adé, méméh saré téh sunat nyusu...!"

Fikmin "BALES DENGDEM"

"Pa, gugah...!" pamajikan ngaguyah-guyah. Koréjat. Ambekan rénghap ranjug. Ngumpulkeun pangacian. Pamajikan nangkeup. Rieg. Lomari oyag-oyagan. Gubrag. Pré. Pigura foto ragrag. Belingna mancawura. Pes, lampu kamer pareum. Pamajikan mingkin nyusup. Bray, caang deui. Kalayang, sapatu ti juru kamer rék nyamber kana sirah. Rikat ngelok. Sapu injuk muter ka luhur. Beletuk, kana néon. Kamer poék deui. Upuy-apay kana panto. Satengah digusur, pamajikan dituyun ka tengah imah.

"Bapa...!" Si Bungsu ngagoak ti kamerna. Gebeg. Buru-buru lumpat. Disampeurkeun. Bréh, kamerna acak-acakan. Si Bungsu jejeritan di luhur risbangna nu kakalayangan. Kuring babacaan sabisa-bisa.
"Rék maca naon, sia? Teu sieun aing mah!" aya sora tanpa jirim.
"Naha anjeun bet ngaganggu...?" ngadarégdég.
"Tamaha sia, kumawani maéhan anak aing!"
Leng. Ras, poé kamari geus maéhan oray hideung di buruan.

Senin, 24 Agustus 2015

Fikmin "MÉHONG"

Di jalan, Uhé niténan saban jalma nu kabeneran pasarandog. Anéh, beungeutna téh mararéhong.
"Jang, aya nu méhong dina beungeut manéh. Burukeun geura sibeungeut!" Uhé nepak budak leutik nu keur maén kaléci. Budak nurut. Indit ka pancuran.

Di pos ronda, katempo aya riungan barudak ngora. Ku Uhé disampeurkeun.
"Héy! Éta beungeut manéh, manéh, manéh..., mararéhong kabéh!" Uhé nunjuk nu keur ngariung, saurang-saurang.
"Beungeut-beungeut aing, kumaha aing wé!" budak ngora nu awakna busekel, muncereng. Uhé murengked. Ngaléos, satengah lumpat.

Di hareupeun imah Haji Komar, Uhé ngarandeg. Nelek-nelek Haji Komar nu keur ngadaweung di tepas.
"Punten, Pa Haji! Éta aya nu méhong," Uhé nunjuk beungeut Haji Komar. Haji Komar ngarénjag. Capa-cipi kana beungeutna. Sup, ka jero imah. Ngagablogkeun panto.

Anjog ka imah, kasampak aya Ibro, sobat dalitna.
"Éta beungeut manéh méhong, Bro!" Uhé ngagakgak.
"Sarua, beungeut manéh ogé méhong." Ibro ngasongkeun eunteung. Uhé ngahuleng. Mencrong kalangkang beungeutna dina eunteung.

Sabtu, 22 Agustus 2015

Fikmin "PANGLAYAR"

Nurhayati, mojang meujeuhna gumecrot. Jangkung. Geulis. Santriyat pamajikan nu pangnyongcolangna. Imriti jeung Yaqulu mah, geus katalar.
"Yang, kumaha upami Nurhayati urang amprokkeun ka réréncangan Aa?" cekéng, ka pamajikan, basa keur niis paduduaan di tepas.
"Réréncangan Aa nu mana?" pamajikan cengkat tina lahunan.
"Sholahuddin, réréncangan sakobong Aa. Anjeunna tos lami ngaduda, jalmina mah bageur." Nyingraykeun tungtung tiung nu nyampay kana biwirna. Celepot, dicium.
"Éy, Aa...! Bilih katingali ku batur!" pamajikan luak-lieuk.

Abong geus kudu jodona, teu hararésé. Poé ieu, Sholahuddin baris ngadahup ka Nurhayati. Kuring jeung pamajikan nu jadi panglayarna, milu pakepuk di nu hajat.
"Tos tabuh sapuluh, geuning pangantén pameget teu acan sumping waé?" Bapana Nurhayati nanya.
Tring. "Barudak ngamuk, keukeuh urang kudu ruju' deui ka indungna. Hampura, moal bisa datang." SMS ti Sholahuddin. Kuring ngahuleng. Éra. Ambek. Hp ditembongkeun ka pamajikan jeung bapana Nurhayati.
"Gentos ku Aa wé pangantén pamegetna! Abdi rido...," pamajikan noél. Kuring ngahuleng. Reuwas. Bungah.

Senin, 17 Agustus 2015

Ngeunaan Nu Maot Poé Juma'ah

(فائدة) ورد أن من مات يوم الجمعة أو ليلتها أمن من عذب القبر و فتنته وورد أيضا من قرأ قل هوالله أحد فى مرض موته مائة مرة لم يفتن فى قبره وأمن من ضغطة القبر وجاوز الصراط على أكف الملائكة وورد أيضا من قال لا إله إلا انت سبحانك إنى كنت من الظالمين أربعين مرة فى مرضه فمات فيه أعطى أجر شهيد وإن برئ برئ مغفراله غفرالله لنا وأعاذنا من عذاب القبر وفتنته.
)اعانة الطالبين، ج ٢، ص ١٤٤)

Ari ieu hiji faédah: Tos kawarid, yén saenyana saha jalma anu maot poé Juma'ah atawa peutinganana, mangka salamet tina adzab kubur tur fitnahna kubur. Tos kawarid ogé, saha jalma anu maca surat Al-ikhlash (qul huwallahu ahad...) saratus balikan dina mangsa gering saméméh maotna, mangka moal kakeunaan fitnah kubur, jeung disalametkeun tina gencétan kubur, jeung bakal ngaliwat kana shiroth (cukang) dina jangjangna malaékat. Tos kawarid ogé, saha jalma anu maca laa ilaaha illa anta subhanaka inni kuntu minadzhdzholimiin, opat puluh balikan, tuluy maot dina éta geringna, mangka bakal dipaparin ganjaran maot syahid. Jeung lamun cageur, mangka cageur kalawan dihampura dosana.
Mugia Allah ngahapunten ka urang sadaya tur ngaraksa tina adzab kubur katut fitnahna.

*I'anathuththolibiin, juz 2, kaca 144.

Sabtu, 15 Agustus 2015

Fikmin "NGADU JAJATÉN"

Gesat-gesut dangdan. Memener kopéah. Dangdak-déngdék hareupeun eunteung. Jeprét, sélfie heula. Kulutrak, mukakeun panto kamer.
"Assalamu 'alaikum...!" sémah nu lalaki nyium leungeun kuring.
"Wa 'alaikum salam...!" Méré isarah, sémah nu awéwé ulah antel sasalamanana.
"Abdi ti lembur Cipangisangan. Dongkap ka dieu, seja nyuhunkeun tulung ka Pa Ustadz," sémah lalaki ngedalkeun maksudna.
"Si Enéng hésé jodona, nya?" nunjuk sémah awéwé. Lumayan geulis.
"Sumuhun. Geuning uninga?" sémah kumecrék. Kuring mésem. Ngusapan janggot.

Sila mendeko. Nyeungeut buhur. Rohangan ngebeb. Kuring mapatkeun hizib. Rieg.
"Heeem...!" Si Enéng ujug-ujug ngagerem. Panonna burahay.
"Nyingkah...!" kuring nyentak.
"Moal! Galungan heula jeung aing, siah!" Leungeun Si Enéng ranggah. Gep. Nyekék beuheung. Karasa eungap. Padugeng-dugeng. Kakaraeun, manggih musuh nu kasakténna kawas nu ngancik dina waruga Si Enéng. Kuring ngajengkang. Awak luut-léét késang.
"Lamun hayang aing nyingkah, sia kudu nurut!" Si Enéng molotot.
"Naon...?" kuring ngeleper.
"Nu boga ieu waruga, kudu dikawin ku sia!" ngagakgak.
Rét. Duh, bohay.

Fikmin "1-1"

Neuteup nu diuk di méja hareupeun. Dani, sobat pangdalitna di kantor. Geus asa dulur pet ku hinis. Mindeng silihanjangan. Mindeng ngayakeun acara kulawarga babarengan. "Hampura, lur!" gumerentes. Rumasa dosa, geus nyieun geugeuleuh dina duduluran kuring jeung manéhna. Rumasa kuring héngkér iman, kagoda ku kageulisan jeung kadémplonan pamajikanna.

"Héy, ngalamun waé!" Dani ngagebah. "Éh...," kuring ngélémés. "Urang rék balik ti heula, aya kaperluan ngadadak. Proposal ieu panganggeuskeun, nya!" ngasongkeun map. "Heueuh! Tenang, pagawéan mah dianggeuskeun sanajan nepi ka peuting ogé." Keun baé, itung-itung pamunah dosa ka manéhna. Méméh indit, manéhna mebeskeun sabungkus roko kana kantong kaméja.

Jam tujuh peuting, ngetik proposal karék bérés. Ngahurungkeun printer. "Euh, mangsina béak...!" ngutruk sorangan. Kapaksa kaluar kantor heula. Meuli mangsi téh ngahaja ka toko nu rada jauh, sakalian rék néangan dahareun. Teu kuat, beuteung geus nagih eusi. Rét ka buruan hotél, peuntaseun toko. Gebeg. Atra, pamajikan kuring keur digéndéng ku lalaki. "Dani...?" Tuur ngadadak nyorodcod.

Jumat, 31 Juli 2015

Fikmin "Konci Rezeki"

Langit haté angkeub. Marojéngja. Usaha nété semplék, nincak semplak. Modal ledis, hutang raweuy. Karasa mingkin baluweng, basa kulawarga bébéné geus nanyakeun waé iraha rék ngalamar. Nyobaan upuy-apay deui, ngalalanyahan usaha anyar. Hasilna asa jauh kana pimahieun pikeun hirup duaan, sok komo lamun engké geus batian. Matak lewang. "Aa asa teu sanggem ayeuna-ayeuna, mangga bilih badé nampi pameget anu sanés mah...," cekéng. Malieus, nyamunikeun kingkin. "Abdi nampi sakumaha ayana Aa, asal Aa keresa nuyun abdi geusan murih ridoNa, mapay jalan ka JannahNa. Abdi siap hirup peurih, asal Aa keresa merih, ngagedur sumanget dina usaha," waler Si Geulis. Neuteup geugeut.

Bray. Pikiran caang padang narawangan. Harepan pikahareupeun ngabulungbung. Ku keyeng, usaha mayeng. Milik mirilik, rezeki cur-cor. Teu lila, saba'da kedal ucap, "Qobiltu nikahaha...."

Fikmin "Raja Goda"

Hawar-hawar, kapireng sora nu ngahudangkeun. Ngalanglaung. Kulisik. Hayang beunta, tapi kongkolak panon asa dielém. Cepel. Angin ngahiliwir. Tiris, nyelecep nepi kana sungsuam. Rék cengkat. Hésé. Awak karasa beurat. Beungkeutan tilu tali dina punduk, ngabakutet pageuh. Kulisik deui. "Teu kedah gugah, Cép! Sing jongjon wé...," aya nu ngaharéwos. Ngusapan. Nyimbutan. Haneut.
Nu ngahudangkeun, kadéngé deui. Haté sabil. Manteng, dzikir. "Alhamdullillahilladzi ahyaanaa ba'da maa amaatanaa wa ilaihi nusyur.” Reketek. Jeprut, tali pegat hiji. Jumarigjeug. Koloyong, ka kamar mandi. Wudlu. Jeprut, tali pegat hiji deui. Gidig, ka masjid. Cong, sholat Subuh. Jeprut, tali pegat kabéh. Awak karasa jadi hampang. Cénghar. Pikiran caang padang narawangan.
Nu tadi ngaharéwos, ngajongkéng. Teu lila. Jung, nangtung deui. "Awas, siah! Engké waktuna sholat Lohor, diriweuhkeun ku pagawéan jeung fésbukan!" curukna acung-acungan. Ngancam.

Fikmin "Kuwu Anyar"

Dina pamilihan kuwu anyar, désa Cimanaboa maké cara anu teu ilahar. Rahayat ngajukeun tilu calon: Darman, Bah Wira, jeung Uhé. Pikeun nangtukeunana, lain rahayat anu milih, tapi dipasrahkeun ka Mama Ajengan anu kawéntar wijaksana. "Kuring moal nguji anu hararésé. Aranjeun ngan dipancénan ngadahar kadu, tapi saratna ulah aya nu nganyahoankeun!" Mama Ajengan biantara. Kadu dibagikeun. Anu tiluan arindit.
Cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun, tiluanana baralik deui. Madep ka Mama Ajengan. "Abdi neda kadu di punclut gunung anu teu acan kasorang ku manusa," Darman méré laporan pangheulana. "Abdi neda kaduna di lebet guha. Tong boroning manusa, dalah bangsa jin ogé teu acan aya nu kantos nyorang ka dinya," Bah Wira mésem. "Punten, abdi mah teu sanggem...," Uhé mulangkeun kadu. Nu duaan silihrérét. Nyeungseurikeun. "Naha teu sanggup?" Mama Ajengan imut. "Abdi teu mendak tempat anu teu kauninga ku Dzat anu Maha Ningali," Uhé ngeluk.
Rahayat Cimanaboa suka bungah. Ngabagéakeun kuwu anyar.

Fikmin "Salah Sangka"

Napsu ngagedur, amarah teu kawadahan. Ngadéngé béja nu teu disangka-sangka. Néni, kabogoh kuring, asup ka hotél jeung om-om. "Kadongdora, siah! Kos nu heueuh maké tiung, sihoréng ngan paminding wungkul!" Engapan rénghap ranjug. Kalacat, kana motor. Jius, indit ka hotél nu dituduhkeun ku nu méré béja.

Cekit. Reg. Blus, ka hotél. Peureup geus dikeupeulkeun. Ngagedoran panto kamar hotél. Kulutrak, aya nu muka. Lalaki tengah tuwuh. Katempo Néni keur diuk di sisi ranjang sabari ceurik. Nyel. "Aki-aki bangkawarah, siah!" Jekok, nonjok Si Lalaki. Bangkieung, gubrag. Néni ngoréjat. Jejeritan. Muru Si Lalaki. Jung. "Nanaonan sih Akang téh?" Nampiling. "Nanaonan-nanaonan! Manéh nu nanaonan jeung lalaki di kamar hotél? Dasar ungkluk!" Ngusapan pipi. "Ieu mah bapa!" nyentak. "Wah! Pan déwék nyaho bapa manéh mah, unggal nganjang ogé sok ngawangkong!" Ngelepak sirah Si Lalaki. "Ieu bapa asli, nu itu mah bapa téré!" Néni ngadorongkeun dada. Leng.

Fikmin "Ngaji"

Ngadéngé tausyiah Pa Ustadz basa méméh sholat Juma'ah kamari, haté téh asa ngagebeg. Majar, lamun jalma salila opat puluh poé teu datang ka majlis ta'lim pikeun tholab élmu, mangka bakal teuas haténa. Duh, batu ali onaman, teuas ogé aya hargaan. Mun haté kuring nu teuas, rék kumaha? Sedengkeun, kuring geus mulan-malén tara ka majlis ta'lim. Rumasa, kuring mumul pisan kana ngaji téh. Sanggeus nyaho kitu mah, jorojoy aya kereteg hayang ngaji deui.

Dangdan saged, maké samping jeung kopéah. Rék mimitian deui milu hadir minggonan. Leumpang rada rungkag-rengkog. Nepi ka deukeut buruan majlis ta'lim, kalah ngadon ngahuleng. Ari geus lila tara mah, asa éra jolna. "Héy, sinarieun daék ngaji, euy! Biasana gé sok nongkrong di pos ronda ari wayah kieu téh," Mang Udin, nepak taktak ti tukangeun. "Éh, Mang Udin...! Eu...abdi mah sanés badé ngaos, tapi badé mésér kopi." Kuring leumpang rurusuhan ka warung.

Fikmin "Botol"

Uhé keur beberesih di imahna. Barang-barang nu geus teu kapaké, kaasup botol-botol urut, dikumpulkeun.
Torojol Ustadz Ohim.
"Assalaamu 'alaikum...!" uluk salam.
"Wa 'alaikum salaam...!" Uhé nyium leungeun Ustadz Ohim.
"Rék di ka manakeun ieu, Hé?" Ustadz Ohim ngilikan botol.
"Badé di ka tukang rorongsokankeun. Disimpen ogé, mung ngaheurinan wungkul," jawab Uhé.
"Ieu téh botol cai mineral, nya? Mun aya eusian, hargana sabaraha?"
"Muhun. Tilu rébuan, Pa Ustadz!"
"Mun ieu botol dieusian jus buah, hargana sabaraha, tah?"
"Kinten-kinten sapuluh rébuan."
"Mun dieusian madu?"
"Kana ratusan rébu."
"Mun dieusian minyak seungit anu kasohor?"
"Wah, tangtos hargina jutaan!"
"Mun dieusian cai kolombéran?"
"Éy, dibalangkeun wé éta mah, jarijipen!"
"Tah, jelema ogé kos botol. Hargana, gumantung kana eusina!" Ustadz Ohim imut.

Fikmin "Kumpul Kebo"

Béja tul-tél. Tina sajeungkal jadi sadeupa. Mimitina tingkucuwes, tungtungna jadi guyur salembur. "Bener-bener teu nyangka, sihoréng tara leupas ti kopéah téh ngan paminding wungkul!" Ceu Anah jebi. "Urang laporkeun ka Pa Kuwu! Tuman, ngarujitan lembur!" Junéd kekerot. "Keun, aing nu ngagebuganana! Geus arateul leungeun, yeuh!" Darman ngacungkeun peureupna.

"Usir! Usir...!" tingcorowok di hareupeun balé désa. "Aya naon ieu téh?" Pa Kuwu kaluar, diiringkeun ku hansip duaan. "Si Uhé kumpul kebo, Pa Kuwu!" Junéd muter-muter popongkol. "Gantung...!" Darman ngahaok. "Satuju...!" tingcorowok deui. "Sabar, sabar...ulah maén hakim sorangan! Hayu, ayeuna mah urang buktikeun!" Pa Kuwu nenangkeun. Bring, ngajugjug ka imah Uhé bari angger tingcorowok.

"Kaluar siah, Uhé!" Junéd ngagedoran panto imah Uhé. "Duruk wé imahna, lah!" Darman muka jarikén bénsin. "Ké heula! Hansip, dobrak pantona!" Pa Kuwu maréntah. Hansip ngadobrak panto imah Uhé. Breg, saréréa asup. Unggal rohangan diriksakeun. Suwung. Diriksakeun ka tukangeun imah. Bréh, Uhé keur ngaréngkol di kandang munding.

Fikmin "Nu Leuwih Goréng"

Sanggeus masantrén mangtaun-taun, Uhé meunang ujian anu panungtung ti guruna. "Pék téangan makhluk nu leuwih goréng tibatan anjeun! Lamun geus manggih jawabanna, karék anjeun lulus," ceuk guruna. Sanajan teu pati ngarti maksudna, kapaksa Uhé nurut. Kencling, indit.

Di satengahing jalan, Uhé papanggih jeung jalma nu keur sosolontodan sabari nyekék botol. "Ieu jalma tangtu leuwih goréng tibatan uing. Manéhna mah tukang mabok, ari uingah santri," gerentesna. Leng. "Aéh, kumaha lamun ieu jalma di tungtung hirupna tobat, maot husnul khotimah. Sedengkeun uing anu santri, maot su'ul khotimah," gerentesna deui. Neruskeun lalampahan. Manggih anjing budug. "Keur najis téh, budug deuih! Ieu tangtu leuwih goréng. Tapi...anjing budug mah, mun paéh, paling ogé bilatungan. Ari uingah, lian ti bilatungan téh, bakal meunang balitungan. Kumaha mun amal uing loba kénéh goréngna?"

Balik deui ka pasantrén. "Kumaha, geus kapanggih?" tanya guruna. "Atos, Mama! Teu aya deui makhluk nu langkung awon, iwal ti abdi." Uhé ngeluk.

Fikmin "MAMAN"

Sanajan anak samata wayang Gan Karta, jalma pangkayana sakacamatan, Maman mah basajan. Tara ngagaya. Dangdanan alakadarna, alahbatan panyawah. Padahal, rarayna mah tampan kawas Afgan.
Maman wakca ka bapana, hayang ngalalanyahan dagang hayam, ngaprak ka mamana. "Naha hayang dagang hayam sagala? Pan banda bapa ngalayah?" Gan Karta nyawad. "Hayang aya pangalaman, Pa!" jawab Maman. "Dagang hayamna kana Avanza, nya?" Gan Karta nyabak mastaka Maman, nyaah. "Bapa mah ngarang, aya dagang hayam kana Avanza?" Maman ngagakgak. "Ah, Maman... Maman...!" Gan Karta ngarakacak.

Basa Salasa, Maman dagang hayam ka Babakan. "Awas, bangkawarah...!" hawar-hawar, aya parawan gagarawakan. Maman gagancangan mapay. Kasampak, Bah Jaja ngarangsadan parawan. "Bah Jaja bayawak!" Maman ngagantawang. Bah Jaja calawak. Hayang ngalawan, ngan kasawang bakal ngagalapak ngalayanan jajaka gagah mah. Bah Jaja pasrah, gagal ngagadabah parawan. Mamandapan. Maman mayang parawan. Nyah. "Kang Maman...?" Parawan nanya. "An... Anah...?" Maman ngadadak gagap.

Sabtu, 18 Juli 2015

Fikmin "PIMITOHAEUN"

Sabenerna lain teu hayang rarabi, tapi kajadian 20 taun kaliwat, masih kénéh karasa peurihna. Asih kuring jeung Déwi, kudu pegat alatan teu dipanujuan ku kolotna. Panto haté kakonci pageuh. Kacinta éstu teu laas ku lawas. "Sing inget kana umur, manéh téh geus 40 taun!" Ummi teu weléh ngélingan.
Sanggeus sakitu lilana, karék ayeuna bisa ngarasakeun deui ragrag asih. Tapi rék nepungan ka kolotna téh, asa aya kahariwang. Inggis kajadian nu kungsi kasorang, bakal kaalaman deui.

"Kinten-kintenna sepuh Dési panujueun moal ka Aa?" cekéng. Neuteup anteb. "Insya Allah... Abdi tos nyarios ka Papah sareng Mamah perkawis Aa. Saurna, asal bageur tur sholéh, aranjeunna moal badé ngahalang-halang," waler Dési. Imut. Karasa reugreug. Yakin, matak kuring elat rarabi téh, Allah tos nyiapkeun jodo nu pangsaéna.
Anjog ka imah Dési. Kuring diuk di rohang tamu. "Mamaaah, ieu Aa téh tos sumping!" Dési ngagentraan mamahna. Torojol, ti pangkéng. Gebeg! "Déwi...?"

Minggu, 12 Juli 2015

"NGAJI, YU!!

Ti Abdullah bin Mas’ud radhiyallahu ‘anhu, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,

ﺇﻥ ﺃﺑﻐﺾ ﺍﻟﻜﻼﻡ ﺇﻟﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻥ ﻳﻘﻮﻝ ﺍﻟﺮﺟﻞ ﻟﻠﺮﺟﻞ : ﺍﺗﻖ ﺍﻟﻠﻪ، ﻓﻴﻘﻮﻝ : ﻋﻠﻴﻚ ﺑﻨﻔﺴﻚ.

”Kalimah nu pangdipikabenduna ku Allah, hiji jalma mépélingan dulurna, ’Pék takwa ka Allah’, tapi manéhna ngajawab: ’Urus wé diri manéh sorangan.”

Sikep ieu dipikabendu kusabab némbongkeun kaadigungan, jeung tangtuna bakal nganyerikeun haté jalma nu ngajak migawé kahadéan. Teu saeutik jalma nu sok embung narima kana pépéling, komo lamun nu ngélinganana sahandapeun. Lamun diélingan, kalah sok malik-malikeun kanu ngélinganana, "Kos hirup manéhna sorangan geus bener!", "Jadi jalma mah ulah sok tiktikan!", "Teu kudu nguruskeun hirup batur, urus wé hirup manéh sorangan!", "Heueuh da aing mah jalma baragajul, teu cara manéh!".

Tah, sikep samodél kitu téh cingcirining geus teuas haté, embung narima kana bebeneran. Biasana hal éta ngancik ka jalma nu tara daék pisan ririungan di majlis ta'lim. Parantos wasiat Rasulullah SAW ka Sayyidina 'Ali karamallahu wajhah, umumna pikeun urang saréréa,

يا على إذا مضى على المؤمن أربعون صباحا ولم يجالس العلماء قسى قلبه وجسر على الكبائر لأن العلم حياة القلب. (المنح السنيه، ص ١١)

"Héy, 'Ali! Dimana-mana saurang mu'min ngaliwat ti opat puluh poé teu ririungan jeung ulama (pikeun tholab élmu), mangka teuas haténa jeung sok kumawani migawé dosa-dosa gedé, sab saenyana ari élmu, éta nu ngahirupkeun kana haté."

Yu, urang ramékeun majlis-majlis ta'lim, teu kudu éra pédah geus kolot, teu kudu géngsi pédah ririungan jeung jalma cacah kuricakan. Ulah pédah jaman modérn, nyiar élmu agama ngandelkeun tina buku atawa internét, komo bari euweuh dadasar mah, bisi kabawa ku sakaba-kaba, tungtungna jadi owah.

Kamis, 09 Juli 2015

Fikmin "Kabandang Mojang Cémplang"

Ngalangeu di tepas kamer. Anteng neuteup petengna langit peuting. Pikiran kumalayang ka mojang Cémplang. Ras kana ogona. Ah, sonona éstu nataku. Harita, wawanohan mangsa diri marojéngja. Ngarasa taak maluruh tulang iga. Gunem catur di awang-awang. Pamustunganana, tepung di mumunggang pangharepan. Pasini geusan meungkeut ati ku tali jatukrami.

Tapi, karumasa muraykeun sagalana. Rumasa diri sepi ku pangarti, tuna ku pangabisa, lieuk euweuh, ragap taya. Kahayang, kacangcang ku hariwang.
"Abdi nampi sakumaha ayana Aa...!" Manéhna ngayakinkeun. Teuing kunaon, cangcaya bet teu weléh aya. Amit mundur sok sanajan trésna ngagedur. Manéhna keukeuh pageuh ngeukeuweuk deudeuh. Antukna diri léah. Kanyaah, mingkin ngabayabah di sakuliah bayah.

Langit dadak sakala ngagebray. Bulan nu asalna nyumput di satukangeun méga hideung, mimiti némbongan. Noél angin. Ménta tulung mangnepikeun hariring asih, "Tamally maak, we law hatta baeed any fe alby hawak. Tamally maak, tamally fe baly we fe alby wala bansak. Tamally waheshny, low hatta akoon waiak...!"

Minggu, 05 Juli 2015

Fiksi "KULAWARGA OWAH"

"Pa, piraku Si Hendy teu naék? Asa teu kaharti, kulawarga kuring mah turunan jalma pinter kabéh!" NDod protés ka guruna Ndil.
"Punten, Pa! Ieu tos kénging nimbang-nimbang, ningal tina niléy-niléy ulanganana, Ndil mémang teu tiasa naék ka kelas genep," Guru Yosmar nerangkeun.
"Pokona teu hayang nyaho, Si Ndil kudu ditaékeun! Lamun henteu, ieu sakolaan ku kuring rék diacak-acak!" ngagebrag méja. Gejlig, indit bari nalapung carangka runtah.
Guru Yosmar laporan ka kepala sekolah. Kepala sekolah maréntah supaya disusul ka imahna, ma'lum geus pada apal kana adat Ndod, préman Pasir Ungked.

"Assalamu 'alaikum...! Punten, dupi Ndilna aya?" Guru Yosmar uluk salam. Rengkuh.
"Wa 'alaikum salam. Aya.... Ndil, ka dieu?" Ndod nyorowok.
Ndil norojol. Nyusut léhona.
"Bapa badé naros ka Ndil, saha nu néken naskah proklamasi?" Guru Yosmar nanya.
"Sanés abdi, Pa! Abdi mah teu rumaos...," Ndil gideug.
"Tong ngérakeun déwék, Ndil! Jadi lalaki mah kudu jéntel, mun enya manéh nu néken, sok geura ngaku!" Ndod nyentak.
"Aya naon ieu téh?" ngadéngé riweuh-riweuh, Abah Sholahuddin Al-Muroqy, akina Ndil, kaluar ti kamarna.
"Ieu, Pa, Si Ndil néken naskah proklamasi, tapi teu daék ngaku!" Ndod ngadegungkeun sirah Ndil.
"Matak mun kolot ngomong téh, déngékeun! Ceuk aing gé, mun rék tukan-téken téh, baca heula! Meureun moal jadi riweuh kieu, deuleu!" Abah Owah muncereng.
Guru Yosmar gégétrét.

Senin, 29 Juni 2015

Fikmin "NGUSEUP"

Uhé geus lila ngalelengkur di sisi wahangan, tapi useupna euweuh nu noél-noél acan. Pindah kanu rada hieum. Lung, useup ka wahangan. Jeujeurna kekerenyedan. Diangkat. "Euh, jadah téh...!" Uhé ngabantingkeun keuyeup. Pundah-pindah, tapi angger teu beubeunangan. Uhé reureuh di handapeun tangkal kiray. Rét. Nyéh, seuri.

Uhé diuk deui nyanghareup ka wahangan. Lung, useup ka tukangeunna. Kerenyed. Girawil lauk emas. Lung deui. Girawil nila. Teu kungsi lila, kempisna pinuh. "Seueur kékénginganana, Jang?" aya nu nanya. Uhé ngalieuk. Gebeg. Haji Komar. "Naha nguseup téh nyanghareupna ka wahangan, tapi useupna dialungkeun ka kulah kuring?" Pa Haji Komar mencrong. "A...eu...hapunten. Useupna nu lepat, Pa Haji!" beungeut Uhé bareureum. "Haaar, naha jadi nyalahkeun useup? Éta lauk, pelakkeun deui!" Haji Komar nunjuk kempis. Sabari ngadarégdég, Uhé ngabahékeun eusi kempis ka kulah. "Nu bieu laukna meunang nyolong, haram! Sok, ayeuna useupan deui! Nu ayeuna mah halal, disaksian ku kuring." Haji Komar imut.

Kamis, 25 Juni 2015

Fiksi "REZEKI"

Uhé ngahuleng, mikiran kahirupan pikahareupeunna. Ti saprak dieureunkeun gawé, dunya karasana mongkléng. Harga-harga kabutuhan ararundak, sedengkeun kaaayaan manéhna keur ngaligeuh. Ngasong-ngasong surat lamaran ka ditu-ka dieu, tapi can aya nu ditarima. "Kang, tadi aya surat ti sakolaanana Si Udin, waragad ujian kedah énggal ditaur!" Unah, pamajikanna, ngasongkeun amplop surat. "Kumaha atuh, nya? Akang mah bingung, nyiar pagawéan ogé can hasil waé geuning...," Uhé ngarahuh. "Insya Allah engkin gé aya, asal urangna wé ulah petot-petot usaha sareng ngadu'a." Unah imut. "Akang ogé usaha mah usaha, ngadu'a teu sirikna nepi ka ngabudah, ibadah tara tinggaleun, tapi hirup téh bet susah waé kieu. Na ari jelema nu tara sholat-sholat acan, hirupna téh genah wé...usahana téh meni jiga babari!" Uhé mimiti aral. "His, teu kénging nyarios kitu, Kang! Urang téh nuju dicobi, Allah hoyong uninga kapanggeran urang. Upami jalmi nu tara ibadah tapi usahana dibabarikeun, éta mah panyungkun. Akang hoyong disungkun ku Allah?" Unah ngélingan. "Astaghfirullah...!" Uhé ngusap beungeut. "Rezeki mah moal pahili, Kang! Tuh, tingali di luhur! Cakcak nu kakarayapan, tapi angger wé bisa ngahakan reungit, padahal reungit mah pan bisa hiber. Urang gé kitu, kedah sabar dina usaha, Kang!" Unah nunjuk kana lalangit. Duaan anteng nempokeun cakcak, bari patangkeup-tangkeup. Bray, dunya caang.

Senin, 22 Juni 2015

Fikmin "MILIK"

Uhé ngulisik. Nyah, beunta. Gigisik. Rét, kana jam dingding. Jam sawelas liwat saparapat. Beuteungna karasa kukurubukan. Kuniang, hudang. Ngagidig ka dapur. Mukaan gogorobog. Lauk asin kari huluna, sambel kari coétna. Rét. Aya kérésék hideung di juru. Dibuka. Emih jeung endog. Uhé nyéréngéh. Cetrék, ngahurungkeun kompor gas. Ngolahkeun emih jeung endog, dicéngékan. Asak. Uhé ngésang, ngadahar emih dikéjoan. Eureuleu, teurab. Mukakeun kulkas. Bréh, aya sirop. Ditinyuh. Keur meujeuhna panas poé, nginum sirop. Suegeeer.

Ngong, adzan Lohor. "Hé, hayu ka masjid!" Ustadz Ohim nu kabeneran ngaliwat, nyorowok. "Aéh, Pa Ustadz...! Muhun, badé ka jamban heula," Uhé cengkat. "Énté mah jiga nu geus dahar, euy!" Ustadz Ohim molotot. "Muhun, raos pisan emih dicéngékan, ngaleueutna sirop. Pa Ustadz, hoyong? Engkin ku abdi dipangolahkeun," Uhé nyéréngéh. "Aing mah puasa! Ari énté teu puasa, kitu?" Ustadz Ohim gogodeg. "Astaghfirullah...! Hilap, Pa Ustadz! Duh, kumaha atuh?" Uhé ngahuleng. "Nya, geus wé...sujud syukur!" Ustadz Ohim ngusapan beuteungna.

Fikmin "CILAKA"

"Alhamdulillah, Si Nyai mah gedé milik! Pisalakieunana keur kasép téh, diréktur bank deuih!" Bu Haji Engkoy agul. "Nu sok nganjang dina mobil bodas téa?" Ceu Anah mairan. "Heueuh, Cép Dodi éta téh ngaranna. Hébat, nya?" irung Bu Haji Engkoy rebéh. "Enyaan, hébat! Abdi ogé hoyong gaduh minantu kawas kitu," Ceu Anah nyéréngéh. "Naha atuh anak Euceu kalah dikawinkeun ka santri...madesu, ih!" Bu Haji Engkoy jebi. "Nyaéta budak téh hésé pisan dipapatahanana, coba mun jiga Si Nyai, bagja meureun...!" Ceu Anah ngarahuh.

Bu Haji Engkoy hajat rongkah, tujuh poé tujuh peuting. Abong jalma jegud, boga minantuna ogé hébat. Sakabéh tatanggana milu reueus, Si Nyai gedé milik, hirupna tangtu bakal pisenangeun. Enya baé, teu kungsi lila, Si Nyai dipangnyieunkeun gedong. Bu Haji Engkoy ogé dipangmeulikeun mobil anyar. Tapi Bu Haji Engkoy teu kaciri jiga nu bungah. Pagawéanna hulang-huleng, ti saprak ngawénéhankeun Si Nyai maké kongkorong salib.

Jumat, 12 Juni 2015

Fikmin "NYANDUNG"

Rérés sholawatan, ibu-ibu ngaregepkeun wejangan ti Bu Ustadzah. "Istri nu sabar kana sikep goréng salakina, mangka bakal kénging ganjaran sapertos ganjaran Asiyah, pamajikan Fir'aun...!" Bu Ustadzah ngamimitian tausyiahna. "Punten badé tumaros, Bu Ustadzah!" aya nu ngacungkeun leungeunna. "Mangga," Bu Ustadzah imut. "Upami carogé ngawayuh, kedah sabar ogé?" nu nanya nyéréngéh, luak-lieuk. Ibu-ibu récét, tingkucuwes. Ampir kabéh sapamadegan, alérgi kana kecap nyandung. "Tos...tos...regepkeun! Nyandung téh diwenangkeun, urang teu kénging mungpang kana hukum! Tapi aya syaratna, carogé kedah tiasa adil, boh  dina nafkah lahir, kitu deui dina nafkah batin. Dina waktos kilirna ogé teu kénging diwilah-wilah, abong sono kénéh, hayoh ngahékok waé dinu anom!" Bu Ustadzah ngajéntrékeun. "Upami teu tiasa adil mah, teu kénging atuh, nya?" aya nu nanya deui. "Muhun. Pan tos dicarioskeun, pameget kénging ngawayuh asal...?" ngarandeg. "Adil...!" ibu-ibu réang ngajawab. "Asal...sanés carogé abdi...!" Bu Ustadzah nyikikik.

Minggu, 07 Juni 2015

Fikmin "NGABONCÉNG MITOHA"

Anyar pangantén, aréra kénéh ku mitoha téh. Tara pirajeuneun milu ruang-riung, numpi wé di kamar.
"A, Bapa hoyong dianteur ngalayad ka lembur peuntas," ceuk pamajikan. "Duh, Aa mah pan diajar kénéh nyandak motorna ogé. Kumaha, nya?" bingung. "Lalaunan wé atuh, A!" pamajikan imut.

Mawa motor sabari ngaboncéng mitoha, asa teu pararuguh. Nincak logak ogé dirarasakeun. "Rada énggalan, Jang! Bisi tinggaleun ngurebkeun!" mitoha nepak taktak. "Mu...muhun...!" bakating ku geumpeur, gas kapaut. Mitoha nepi ka ngalenggak, méh-méhan ngajengkang. Untung kaburu nangkeup. Kadéngé kutuk gendeng. Rey, beungeut bareureum. Najan bari galuang-galéong, tapi nepi ogé ka tujuan kalawan salamet.

Rérés ngalayad, kuring geus siap dina motor. "Kadé! Sing ati-ati mawa motorna, ah!" mitoha mapadonan. Nyingsatkeun sampingna. Kuring unggeuk. Geuleuyeung, motor maju. Leuwih lancar balikeun mah. Motor karasa hampang, suat-siet. Nepi ka buruan imah. Reg, eureun. Lila ngajejeten, ngadagoan mitoha turun. "Tos dugi, Pa!" panasaran, ngalieuk ka tukang. Mitoha euweuh.

Senin, 01 Juni 2015

"BUAH KAJUJURAN"

Dina hiji dinten, Imam Syafi'i nu waktos harita masih kénéh anom, nuju calik di sisi wahangan. Panonpoé anu morérét tur hawa nu kacida nyongkabna, ngajantenkeun patuanganana karaos murilit, nagih eusi. Nuju kitu, katingali aya buah nu angkleung-angkleungan kacandak palid. Kuniang, anjeunna ngadeg, lajeng ngoéran éta buah ku rokrak. Sihoréng buah dalima anu meujeuhna asak, pikauruyeun. Éta buah, ku anjeunna dituang. Karaos ni'mat naker, ngalandongan rasa laparna anu pohara. Satutasna wareg, Imam Syafi'i nembé engeuh yén anjeunna tos nuang anu sanés hakna. Guligah manah, ngaraos hanjelu tos ngalajur hawa nafsu.

Imam Syafi'i lajeng mulih ka bumina. Wawartos ka ramana. Ramana kalintang bendu, salami ieu anjeunna tos ngadidik Imam Syafi'i pikeun nebihan tina nuang anu sanés hakna.
"Hapunten, abdi rumaos lepat..." Imam Syafi'i ngagukguk. Sasadu.
"Kanyahokeun, éta buah bakal jadi daging dina awak anjeun! Satungtung anjeun can ménta rido ka nu bogana, hartina dina awak anjeun aya daging nu teu halal. Mama mah sieun ku bebendu Allah! Jung, papay saha nu boga éta buah, pénta ridona!"
"Sumuhun, Mama! Ayeuna kénéh abdi badé mapay nu gaduh éta buah. Nyuhunkeun pidu'ana ti Mama!"

Imam Syafi'i mulih deui ka sisi wahangan. Ngaléngkahkeun sampéanana, nikreuh mapay sisi wahangan, dugi ka anjog ka hiji kebon anu aya tangka dalimaan. Éta tangkal dalima, dahanna ngaroyom ka wahangan.
"Pasti buah téh muragna tina tangkal ieu," gerentesna. Anjeunna lebet ka éta kebon. Kaleresan nuju aya jalmi.
"Assalamu 'alaikum...!" Imam Syafi'i uluk salam.
"Wa 'alaikum salam...!" Éta jalmi ngawaler.
"Haturan, nun. Abdi hoyong pendak sareng nu gaduh ieu kebon," saur Imam Syafi'i.
"Kuring nu gaduh ieu kebon, aya peryogi naon?" Walerna. Derekdek Imam Syafi'i ngalalakonkeun ti wit mendak buah, nuang, tug dugi ka ngarasa guligah manah tos nuang anu sanés hakna.
"Abdi dongkap seja nyuhunkeun ridona...!" Imam Syafi'i ngeluk.
"Pék, ku kuring diridokeun, tapi aya saratna!" Imut.
"Naon saratna, nun?" Imam Syafi'i bungangang.
"Anjeun kudu gawé di dieu salila sabulan. Sanggup?"
"Insya Allah, nu penting Salira ngaridokeun buah nu tos kateda ku abdi!"
Kocapkeun, Imam Syafi'i damel di éta kebon kalawan soson-soson dugi ka sasasih kalayan teu diburuhan. Nu gaduh kebon kalintang ngaraos kataji ku kajujuran Imam Syafi'i. Dina dinten anu panungtungan, Imam Syafi'i unjukan,
"Ayeuna tos sasasih abdi damel di ieu kebon, dupi Salira tos tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, atanapi teu acan?"
"Aya hiji sarat deui! Anjeun sanggup ngalakonanana?" Taros éta jalmi.
"Insya Allah, upami ku jalan éta Salira tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, abdi sanggem!" Imam Syafi'i unggeuk.
"Anjeun kudu rarabi jeung anak kuring! Tapi perlu dikanyahokeun, anak kuring lolong, torék, jeung pireu. Anjeun sanggup?"
Imam Syafi'i ngagebeg. Ngaraos sabil. Anjeunna ngahuleng sajongjongan. Tapi sadayana ku anjeunna dipasrahkeun ka Allah. Anjeunna keukeuh hoyong ngéngingkeun karidoan ti éta jalmi.
"Insya Allah, abdi sanggem!"
"Ayeuna, jung anjeun indit ka imah itu! Anak kuring aya di dinya!" Éta jalmi nunjuk ka hiji bumi.
Imam Syafi'i ngajugjug ka éta bumi. Uluk salam.
"Assalamu 'alaikum...!"
"Wa 'alaikum salam...!" Waler hiji istri nu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
"Abdi kapiwarangan ku anu gaduh kebon pikeun mendakan putra istrina!" Imam Syafi'i nerangkeun pamaksadanana.
"Abdi putrana...!" Walon éta istri.
"Ah, lepat panginten?"
"Henteu, abdi putrana nu gaduh kebon!"
Imam Syafi'i ngahuleng. Lajeng mendakan deui jalmi nu gaduh kebon.
"Abdi tos ka bumi éta, namung teu mendakan istri sapertos nu dicarioskeun ku Salira. Aya ogé istri anu kalintang geulisna!"
"Nya, éta pisan anak kuring téh!"
"Naha geuning éta mah teu lolong, torék, tur pireu sapertos nu dicarioskeun ku Salira?"
"Enya, mémang anak kuring lolong. Panempona teu weléh karaksa. Nu ditempona ngan nu aya disabudeureun imah, jeung ayat-ayat Allah. Anak kuring torék, can kungsi ngadéngé nu teu pantes didéngé. Nu didéngéna, ngan ayat-ayat Allah. Anak kuring ogé pireu, tara ngomong anu teu pantes diomongkeun, létahna baseuh ku dzikir jeung maca ayat-ayat Allah! Kuring ngarasa kataji ku anjeun. Kuring yakin kana kajujuran tur kaluhungan akhlak anjeun. Anjeun jauh-jauh indit ti imah, mapay-mapay wahangan, ngan pikeun murih karidoan kuring kusabab anjeun geus ngadahar buah anu palid di wahangan. Ayeuna, anjeun daék teu rarabi jeung anak kuring?"
"Insya Allah, lillahi ta'ala...!" Waler Imam Syafi'i.

Pamustunganana, Imam Syafii ngadahup ka éta putra nu gaduh kebon, anu majar loong, torék, tur pireu téa.

Wallahu a'lam.

Minggu, 31 Mei 2015

Fiksi "UHÉ JADI MUBALIGH"

Pédah kaluaran pasantrén, Uhé dititah méré tausyiah dina acara tabligh akbar engké peuting. Sirah Uhé karasa ranyud, mikiran kumaha pipetaeun. Rék nolak, éra. Ari dicumponan, teu nyaho naon anu kudu ditepikeun. Rumasa, salila di pasantrén, loba kénéh saré tibatan ngajina. "Tapi, ké heula anan ari kudu kuméok méméh dipacok mah," gerentesna.

Cunduk kana waktuna. Satutas sambutan-sambutan, protokol biantara, "Mangga, waktos sinareng tempat disanggakeun ka Ustadz Uhé Assakaséf kanggo maparin tausyiah...!"
Uhé naék ka panggung. Hadirin kaleprok.
"Assalamu 'alaikum warahmatullahi wabarokaatuh...!" sora Uhé agem.
"Wa 'alaikum salam warohmatullahi wabarokaatuh...!" hadirin ngajawab ragem.
"Bapa-bapa, ibu-ibu, tos uninga naon nu badé didugikeun ku kuring?" Uhé nanya heula.
"Teu acaaan...!"
"Euh, upami teu acan uninga nanaon mah, matak capé  nerangkeunana atuh. Wassalaam...!" Jrut, Uhé turun ti panggung.
Panitia bingung, piraku pangajian kudu teu jarat mah. Antukna ngolo deui Uhé supaya nuluykeun ngajina. Hadirin dibadamian. Lamun Uhé nanya deui, kudu ngajawab atos.
Uhé naék deui ka panggung. Satutas uluk salam, Uhé nanya kos tadi deui, "Tos uninga atanapi teu acan kana naon nu badé didugikeun ku kuring?"
"Atooos...!"
"Euh, ari tos uninga sadayana mah, kanggo naon diterangkeun deui ku kuring. Wassalaam...!" Uhé turun deui ti panggung.
Panitia paciweuh. Ngolo deui Uhé. Hadirin dibadamian. Lamun Uhé nanya, bapa-bapa kudu ngajawab atos, ibu-ibu ngajawab teu acan.
Uhé naék deui ka panggung. Satutas uluk salam, keukeuh masih kénéh nanya anu sarua,
"Bapa-bapa, Ibu-ibu, tos uninga naon nu badé didugikeun ku kuring?"
"Atooos...!" jawab bapa-bapa.
"Teu acaaan...!" ibu-ibu réang.
"Oh, ari kitu mah gampang. Nu tos uninga, kedah ngawartosan ka anu teu acan uninga. Anu teu acan uninga, tong isin-isin naros ka anu tos uninga. Wassalaam...!"

Fikmin "NU LAPAR"

Mang Dudu ngabaheuhay di saung deukeut kebonna. Karék bérés pisan ngawadang. Sangu jeung lauk sepat pamahanan pamajikanna, nyésa kénéh dina rantang. Keur teu napsu barangdahar. Pikiranna kumalayang. Ras, ka Udin, anak nu ngan hiji-hijina. Dididik ti leuleutik, tapi teu daék waé ngawaro. Pagawéanana téh, ngan ulin jeung ulin. Nu dipikahariwang pisan, Udin teu daék sholat. "Lah, Bapa gé nu jujungkelan waé sholat, hirupna ripuh!" Kitu ngomongna lamun dititah téh. Mang Dudu ngaréngap jero. Geus saminggu Udin teu balik, teuing ka mana.

Rentang-rentang, katempo aya nu leumpang rarampéolan. Kedepruk, labuh. Disidik-sidik. "Astaghfirullah! Kunaon manéh téh, Din?" Mang Dudu ngagéndéng Udin ka saung. "Uing lapar, Pa! Ti kamari can dahar," Udin ngajawab, leuleus. "Matak gé, ari ulin téh, tong sok kamalinaan! Yeuh, dahar heula!" Mang Dudu mukaan rantang. Jol, anjing nu sok ngajaga kebonna. Ngagogog. Ulal-elél, bangun nu lapar. Mang Dudu ngahuleng. Sangu jeung lauk nu rék dibikeun ka Udin, dibahékeun ka hareupeun anjing.

Senin, 25 Mei 2015

Fiksi "PIMITOHAEUN PIKASEBELEUN"

"Malam Minggu malam yang panjang, malam yang asyik buat pacaran...," Uhé hahariringan. Dangdanan geus rapih. Sisir héjo nogél dina pésak calana tukang. Rék nganjang ka Unah, kabogohna. Ngaluarkeun motor nu teu weléh diudag-udag ku koléktor. Jius, indit. Di satengahing jalan, meuli heula martabak jeung udud keur pimitohaeun. Sésa duitna dibeulikeun kana peremén, keur engké mojok jeung Unah. "Aku réla...aku réla...!" melong lokétna nu geus euweuh eusian.
"Assalamu 'alaikum...!" Uhé uluk salam. "Wa 'alaikum salam...! Éh, Jang Uhé, mangga ka lebet!" Ma Édoh, indungna Unah, muka panto. Panonna ngarérét kana bungkusan anu dijingjing ku Uhé. Uhé surti. "Hatur lumajeng, ieu martabak kanggo Ema, sareng udud kanggo Abah!" ngasongkeun bungkusan jeung udud. "Nuhun pisan, Jang! Kabeneran ti tadi Abah manyun waé, teu boga ududeun!" Bah Jumanta, bapana Unah, nyampeurkeun.
Ma Édoh cacamuilan ngadahar martabak. Bah Jumanta ngelepus udud, bangun ni'mat naker. Uhé lengo deui-lengo deui. Alak-ilik. "Ema mah rék saré, ah, Jang! Ari geus wareg téh, sok tuluy tunduh!" Ma Édoh cengkat. "Abah ogé, karunya Ema bisi tiriseun!" Bah Jumanta mairan. "Mangga, Ema, Abah...tapi ari Unah ka mana, geuning teu acan kaluar waé?" Uhé panasaran. "Haar, pan geus tilu peuting ngéndong di Tétéhna anu anyar ngajuru, cenah rék maturan sabulan mah!" Ma Édoh teu riuk-riuk.

Rabu, 20 Mei 2015

Fikmin "ALKALAMU, PAIS LOHAN"

"Alkalamu, utawi ngaran kalam. Iku
huwa, utawi iya kalam...!" kapireng
sora santri leutik keur sarorogan di
madrasah. Uhé anu api-api muriang
basa dititah ngaji, cengkat. Keteyep, kuliwed ka tukangeun kobong. Gajleng, ngaluncatan pager. Leumpang rusuh, mapay-mapay galengan sawah. "Tos lami, Néng?" haruhah-haréhoh. "Teu acan, nembé ogé lima menitan," Néng Ika tungkul, semu éra.  "Bapa nuju ka mana, kitu?" Uhé culang-cileung. "Nuju ka balong, marab lauk," angger tungkul. Nyasat Uhé susulumputan bobogohan jeung Néng Ika téh, atuda anakna Kang Haji Nasir, guru ngaji anu dipikaajrih. Mun hayang
ngalamar, kudu bisa ngabadalan nyurah Fathul Mu'in heula meureun. Ari Uhé, dadamping ogé can bener.

Uhé diuk usad-ised, ngadeukeutan. Leungeunna jeujeungkalan, rék nyekelan leungeun Néng Ika. Teu kanyahoan, aya nu ngahiuk ti tukangeun. "Wadaw...!" Uhé ngagoak. Adug songkol. Niupan
nu ngageleng beureum dina leungeunna. Ngalieuk sabari muringis. Bréh, Kang Haji Nasir keur
ngulang-ngulang iteuk.

Fikmin "BAGJA"

Rérés sholat berjama'ah, wiridan jeung ngadu'a. Kuring malik, nyanghareup ka ma'mum. Wanoja geulis ngasongkeun leungeunna nu masih kénéh ditutupan ku mukena, dituturkeun ku budak umuran tujuh taun. Nyium leungeun kuring. "Sok, geura buka Al-qur'anna...!" ngusapan sirah budak. Saurang-saurang ngaderes, bari diaping, dibenerkeun makhroj jeung tajwidna. Tuluy kuring muka kitab Safinah, neruskeun hanca Subuh kamari. "Mumulukna badé sareng naon, A?" Si Geulis nanya, basa kuring nutupkeun kitab. "Sareng naon wé, kumaha Ayang...," nyawél gadona. "Éy...!" nyikikik.

Diuk di tepas, ngararasakeun segerna hawa isuk. Langgéor Si Geulis, maké gamis kayas, sakelir jeung jilbab nu nutupan nepi kana dadana. Song, kopi jeung goréng ulén haneut. Diteuteup. "Subhanallah...!" gumerendeng. "Mangga dileueut, meungpeung haneut kénéh!" imut kareueut. "Hatur nuhun. Aa ngaraos bagja, gaduh bojo geulis bari shaléhah kieu...," nyium tarangna. "Ih, abdi nu bagja pisan mah, tiasa kénging pangaping ti Aa. Upami teu dipendakkeun sareng Aa, boa abdi masih aya kénéh di lokalisasi," nangkeup.

Selasa, 19 Mei 2015

AYA CINTA DI SALABINTANA

Angin ngahiliwir, seselelekét kana sela-sela jakét. Sésa girimis nambahan nyelecepna hawa Salabintana. Diuk nyarandé kana tangkal camara, bari nyérangkeun ka jalan. Geus ampir sataun, saban poé Minggu, kuring ka tempat ieu. Nganti-nganti nu can karuhan datangna. Wirda, kawawuhan di facebook. Mimitina inbox-inboxan, tuluy silihtukeuran nomer hapé. Kopdar mimitian, di hareupeun Gedung Joang. Ngawangkong sabari dinner di réstoran Jalur. Langsung loma, haté ngarasa cocog ka manéhna. Ti harita, mingkin remen nelepon jeung sms. BBM merul saban waktu. Antukna silihkedalkeun rasa. 18 Mei 2014, jangjian deui di tempat ieu, di panto gerbang Taman Rékréasi Salabintana. Ngalelengkur, tapi manéhna euweuh jol waé. Ditelepon, hapéna teu aktif. BBM céklis. Rék disusul ka imahna, tapi teu nyaho alamatna. Karék apal manéhna urang Cisaat wungkul, teuing di lebah manana. Dipaluruh ka Mangkalaya, Cibatu, Cibaraja, Cantayan, teu kapanggih. Diinbox, euweuh malesan, akunna ogé jiga nu tara onlén. Tapi sanajan manéhna geus jalir jangji, teuing kunaon, haté teu bisa dibangbalérkeun. Kasono teu weléh ngadodoho. Geus opat puluh tujuh kali jeung ayeuna, kuring ka tempat ieu, nungguan manéhna.

Wanci ampir sareupna. Kuring cengkat. Awak lungsé. Leumpang ngalénghoy ka warung, tempat kuring mihapékeun motor. Reg, aya mobil eureun hareupeun pisan. Kaca tukangna muka. Rét. Gebeg. "Wirda...?" Jantung ngadadak ratug. Manéhna malieus. Kaca mobil ditutup. Geuleuyeung, mobil maju deui. "Wirda...! Buka! Buka...!" gegedor kana kaca mobil. Mobil angger teu eureun. Diudag bari hantem gegeroan. Mobil mingkin tarik. Kuring teu eureun-eureun ngudag. Kedepruk, labuh. Awak luut-léét késang. Hayang tuluy ngudag, tapi geus leuseuh. Ngalungsar di sisi jalan. "Wirda...!" sasambat. Nempokeun mobil nepi ka ngiles di péngkolan.

Balik ka imah, langsung meubeutkeun awak kana kasur. Ngahéhérang, nempokeun lalangit kamar. Pikiran kumalayang, nginget-nginget kajadian tadi. Tina sorot panon Wirda, kaciri aya buburicakan kasono, tapi naha  sikepna bet kawas nu embung manggihan, matak hemeng. Anteng ngumbar lamunan. Teu karasa, reup kasaréan. Wirda kaimpikeun, keur lulumpatan di Salabintana. Gugupay. Diudag, tapi kalah ngajauhan. Wirda tigebrus ka jungkrang, leungeunna roroésan, ménta ditulungan. Koréjat, engapan rénghap ranjug. "Astaghfirullah...!" ngusap beungeut. Rét, kana jam dingding. Jam dua. Gap, kana hapé. Gebeg. Aya notifikasi inbox ti Wirda. Buru-buru dibuka. "Aa, hapunten abdi...!" sakitu. Kuring ngahuleng, naon maksudna? "Wirda, naha bet alim mendakan Aa? Naha teu hawatos ka Aa nu tos sataun ngantos-ngantos? Aa sono.... Minggu payun, ku Aa diantos di Salabintana. Upami Wirda leres cinta ka Aa, kedah sumping!" ngabales inboxna. Kuniang, hudang. Gidig, ka kamar mandi. Wudlu. Cong, sholat Isya, diteruskeun ku tahajud, istikhoroh, dipungkas ku witir. Ngadu'a, munajat ka Allah, nyuhunkeun bongbolongan kana masalah nu keur karandapan.

Minggu, tanggal 17 Mei 2015, pas sataun tina waktu jangjian jeung Wirda. Anu kaopat puluh dalapan kalina, kuring diuk di handapeun tangkal camara, nungguan manéhna. Nyeri beuheung sosonggéteun, nu ditungguan teu embol-embol. Ngilikan hapé, sugan aya inbox ti manéhna. Lapur, inbox teu dibalesan deui. "Duh, Gusti...!" gumerendeng. Sono nataku. Aya ku rosa ieu rasa. Rasa trésna nu pohara, éstu teu laas ku lawas, teu suda ku mangsa. Dina haté keukeuh yakin, yén Wirda jodo kuring.

Beuteung karasa kukurubukan, ti isuk can kararaban sangu. Rék ka warung téh asa mandeg mayong, inggis kuring indit, Wirda datang. Tapi awak ngalaleper, salatri. Kapaksa ka warung heula, bari angger ngalieukan ka handapeun camara. Di warung, dahar rada rusuh. Rét deui-rét deui ka handapeun camara, tapi Wirda can katempo kalangkang-kalangkangna acan. Bérés dahar, beuteung ngusial. "Duh, baku ari geus kawas cangkurileung téh..!" bingung. Tapi hayang ngising mah teu béda jeung cinta, teu bisa ditahan-tahan. Ngagidig ka WC umum, bari pikiran mah teu jongjon. Kaluar ti WC, satengah lumpat muru ka tangkal camara deui. Bréh, aya mobil nu Minggu kamari ditumpakan ku Wirda.

Buru-buru lumpat, nyampeurkeun mobil. "Wirda, buka...!" ngetrokan kaca mobil. Lalaunan kaca mobil turun. Jantung karasa ratug, dag-dig-dug lir dulag lebaran. Bray. Nu salila ieu dipikasono, nampeu hareupeun. Éstu asa ngimpi. Wirda imut, tapi paromanna ngungun. Malieus. "Wirda, Aa sono...! Ka mana waé atuh, bet nembé mendakan ayeuna...?" ngarongkong leungeunna, dikeukeuweuk. Teu karasa cipanon murubut, poho dikalalakian. Wirda ngalieuk bari nyusutan cipanonna ku tisu. "A, hapunten abdi...!" dumareuda. "Sok atuh nyarios, aya naon nu saleresna?" kuring mukakeun panto mobil. Gék, diuk gigireunna. Lila euweuh jawaban. Wirda tungkul, nutupan beungeut ku dua leungeunna. Diantep heula, nungguan leler. "Néng, Mamang badé ka warung heula, nya?" supir Wirda meupeuskeun kasimpé. "Muhun, Mang! Engkin ku abdi digentraan upami atos mah," sora Wirda alon. "Aéh, hapunten, Mang! Wios Wirda mah dijagaan ku abdi," cekéng. Karék engeuh aya supir Wirda diuk di jok hareup.

"Sok atuh nyarios, naha waktos harita Wirda teu sumping ka dieu? Padahal upami alim mah, kantun nyarios ka Aa...!" ngaranggeum leungeunna. "Saleresna abdi teu gaduh maksad jalir. Waktos harita, abdi mios seja nepangan Aa, mung...," ngagukguk. "Mung naon, geulis...?" teu sabar, hayang nyaho naon anu sabenerna kajadian. "Motor abdi nabrak angkot nu ngerém ngadadak...," eurih-euriheun. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un...!" kuring ngoréjat, reuwas. "Hapunten abdi, A...!" Wirda neuteup ceuleuyeu. Panonna beureum balas teu eureun-eureun ceurik. "Naha teu aya nu ngawartosan ka Aa? Terasna kumaha...?" nyusut cipanon Wirda. "Abdi teu émut di bumi alam, saurna saminggu teu sadarna ogé di rumah sakit. Sepuh abdi teu acan aya nu uningaeun ka Aa, kumargi abdi teu acan sempet wawartos, pan kawitna saatos urang pendak di dieu, nembé badé nepangkeun Aa ka sepuh abdi," Wirda ngarandeg ngalalakonna. Regot, nginum heula. "Ayeuna wé Aa mendakan sepuh Wirda, sakantenan ngalamar," kuring nyium leungeunna. "Hapunten, A! Langkung saé Aa milari istri nu sanés, abdi teu pantes kanggo Aa...!" Wirda gideug. Cipanonna murubut deui. "Naha? Wirda teu cinta ka Aa, atanapi...Wirda tos gaduh nu sanés?" karasa aya nu nyelek dina tikoro. "Henteu, A! Abdi cinta ka Aa.... Saleresna abdi sok ka dieu saban Minggu ningalikeun Aa, mung abdi teu sanggem mendakan...," ngeluk. "Naha Wirda bet téga kitu? Na teu hawatos ka Aa...? Tuh, tingali! Aa tos nyiapkeun cingcin, kalung, sareng génggé kanggo Wirda ti waktos harita. Dianggo, nya?" ngaluarkeun kotak rarangkén tina pésak jakét. Wirda gideug, usad-ised mundur. Tapi kuring maksa, ngarawél leungeunna. Cingcin diasupkeun kana jarijina. Wirda pias, basa kuring nyekel génggé. Mingkin merod. Kuring nyingkabkeun erokna nu ngagapuy. Rék nyekel sukuna, tapi ngeplos. Apay-apayan ka luhur, angger euweuh. Kuring ngahuleng. "Sampéan abdi diamputasi, A...! Matak langkung saé Aa milari istri nu sanés!" Wirda gogoakan, ngacak-ngacak buukna. Ku kuring buru-buru dicekelan. "Deudeuh teuing, geulis...! Cinta Aa teu kawatesan ku fisik, Aa nampi sakumaha ayana Wirda...!" nangkeup pageuh.

Jumat, 15 Mei 2015

Fikmin "BATU ANTIK"

"Éta batu nu aya gambar Nyi Roro Kidulan, nepi ka samiliar hargana!" Ibro gogodeg.
"Wah, piraku, Bro? Duit kabéh éta téh?" Uhé calawak. Geleber, aya laleur asup kana sungutna. Blem. Leg. "Untung uingah resep," gerentesna.
"Enyaan, campur kararas meureun duitna! Tah, baca wé ku sorangan!" Ibro ngasongkeun hapéna.
"Ckckck...enya wé geuning, euy! Uing ogé boga batu antik mah, aya gambaran ucing keur ngajol," anteng ngilikan hapé.
"Nu bener, Bel? Jual atuh, supaya manéh bisa buru-buru ngalamar Si Unah!" Ibro ngoréjat.
"Ciyus, uingah tara ngawadul kakapeungan, ih! Boga opat nu kitu mah!" Uhé nyéréngéh.
"Keur uing atuh hiji!" Ibro ngasongkeun udud.
"Heug baé! Najan hayang dua ogé, dibéré ku uing!" nunjuk udud dina biwirna. Ibro rikat mangnyeungeutkeun.
"Kumaha kelir batuna?" Ibro mencétan punduk Uhé.
"Bulao, aya mérekan sagala!" Uhé peureum beunta bakating ku genah. Eureuleu, teurab.
"Aya mérekan...? Naon mérekna?" Ibro ngahuleng.
"Eveready...!"

Rabu, 13 Mei 2015

Fikmin "KATUMBIRI"

Hujan raat. Pononpoé némbongan deui. Bréh, aya nu melengkung ti tungtung gunung. Beureum, konéng, héjo. Éndah. Anteng diteuteup. Bray.

"Cinta Aa ka Enéng, éstu tan aya wates wangenan. Namung Aa ngarumaoskeun, saha ari diri Aa...?" neuteup héhérang panonna. "Nu dipiharep ku Enéng, pameget sholéh anu tiasa janten imam, nuyun Enéng ka jalan anu dipikaridoNa. Enéng yakin, pameget éta téh Aa," imut kareueut. "Aa kantos gagal...," tungkul. "Gagal sanés mangrupikeun aéb. Nu aéb mah, upami kagagalan éta teu dijantenkeun pangajaran kanggo kahirupan pikahareupeun. Enéng nampi sakumaha ayana Aa," ngaranggeum leungeun. Angin ngahiliwirkeun hariring asih. Kembang-kembang harepan mangkak.

Poé siilihbaganti. Trésna karasa mingkin rosa. Jol. Rumanggieung. "Hapunten, Aa...! Enéng teu tiasa baha kana kahoyong sepuh...," ngusap nu ngalémbéréh kana bareubeu damisna. Katumbiri ngahiang éndahna, kasilih ku umyang layung soré harita. Leungeun ngeleper, teu wasa nampa surat ondangan ti manéhna.

Senin, 09 Februari 2015

Fikmin "SELFIE"

Rupa geulis. Awak lenjang. Pakulitan héjo carulang. Buuk galing muntang. Pinareup nyeungseung dibungkus ku kaos merecet. Imbit badag dibulen ku calana bulu jin. Manéhna dangdak-déngdék hareupeun eunteung. Jeprét, difoto sélfie. Pung. Diupload kana fésbuk, twitter, jeung instagram. Brul. Nu ngajempolan kawas sireum manggih gula, nu mairan kawas patalimarga di Jakarta. Dibalesan bari sura-seuri. Agul. Bungah. Asa disamenkeun.

Kiwari, sanggeus mangtaun-taun. Éta foto masih kénéh ngajenggléng. Nu neuteup teu ngiceup-ngiceup. Kumecrék. Kumétap. Tapi manéhna geus teu hayang sura-seuri deui. Geus teu bungah deui. Malik geuleuh ka nu ngajempolan, malik cua ka nu mairan. Leungeunna gugupay. Hayang ngawejek éta foto. Hayang miceun kana carangka runtah. Miharep fésbuk, twitter, jeung instagram, teu bisa dibuka deui. Manéhna geus teu kuat nandangan panyiksa.

Fikmin "SAMILIEUR"

"Sinanteneun aya di bumi, Kang? Nuju teu lebet damel?" cekéng.
"Ih, pan geus sataun eureun," pokna.
"Naha? Muka usaha nyalira?" Panasaran.
"Nyaéta riweuh, nyiar batu ali. Alhamdulillah, koléksi geus loba!" Manéhna asup ka jero imah. Balik deui, mawa kéler. Eusina, mangrupa-rupa batu. Diminyakan.
"Tah! Nu ieu bacan doko, geus aya nu nawar sapuluh juta. Nu ieu mah mérah dalima asli, geus aya nu nawar samiliar!" Nempo-nempokeun batu. Agul.
"Atuh ical wé, Kang! Kanggo modal usaha!" Kuring bati kumecrék.
"Ih, moal aya nu dijual najan sabaraha waé ogé piduiteunana!" Manéhna nangkeup kéler.
"Euh...!" Hemeng. Manglebarkeun kana duit anu sakitu lobana.
"Ngasaan rokona, nya? Ti isuk can ngaroko yeuh...!" Leungeunna ngaragamang kana bungkus roko anu ngagolér dina méja.
"Oh, mangga!" Ngasongkeun panékérna.
"Sakalian mun bisa mah nginjeum duit saratus rébu, pamajikan ngawékwék teu bogaeun keur balanja...!" Manéhna nyéréngéh. Semu éra.
"Haaar...!" Kuring garo-garo teu ateul.

Kamis, 01 Januari 2015

Fikmin "LAUK PAÉH"

Balik ti Bayah, ngahaja nyimpang di Palabuan Ratu. Meuli lauk keur beuleumeun. Ari lauk anyar ngala ti laut mah, pasti pédo dibeuleumna. Nepi ka imah, langsung diasongkeun ka indung.
"Mah, ieu lauk kanggo beuleumeun engkin wengi," cekéng.
"Enya, keun urang rasanan. Ké urang meuli heula keur bungbuna, euweuh uyah-uyah acan puguh," Mamah mukaan kérésék. Lauk dibahékeun kana ayakan.
"Pan laukna ogé ti laut, piraku diuyahan?" garo-garo teu ateul.
"Najan laukna cicing di laut, ari hirup mah, awakna teu jadi asin. Mun laukna paéh, dikeueum dina cai uyah sakeudeung ogé, tangtu langsung asin," Mamah mésem. Kuring unggut-unggutan, karék nyaho.

Peutingna, kuring ka dapur rék meuleum lauk.
"Mah, laukna di mana?" alak-ilik.
"Pan di dinya..., dina kulkas," waler Mamah.
"Teu aya, ah!" Ngotéktak eusi kulkas, angger teu kapanggih.
"Cép, itu geuning lauk téh!" Mamah nyorowok ti tengah imah.
Gura-giru disampeurkeun. Bréh, lauk nu meunang nguyahan keur niup tarompét di buruan.

#Fikmin "NU GÉLO"

Wanci harieum beungeut. Barudak nu karék budal ti masigit, ramé ngabring-ngabring nu gélo anu kabeneran ngaliwat.
"Nu gélo...! Nu gélo...!" Barudak réang, surak. Aya nu ngajeprétan ku samping, aya ogé nu nimpugan ku batu.
"Karunya atuh, dak! Tong disarurakan waé, gandéng!" Mang Uhé ngageunggeureuhkeun. Jep, barudak téh jempé. Nu gélo ngabegégan, tuluy indit bari sarangah-séréngéh sorangan.
"Ari Mang Uhé ti mana wayah kieu mamanggul pacul?" saurang budak nanya.
"Tos ti sawah. Usum hujan kieu mah kudu mindeng ngaroris, bisi aya galengan anu rempag," Mang Uhé ngajawab sabari ngenyot udud Djinggona. Jegoh, batuk.
"Can sholat Maghrib atuh, Mang?" Budak nanya deui.
"Bujeng-bujeng sempet sholat!" Mang Uhé ngingkig. Balik.
Barudak silih rérét. "Nu gélo...! Nu gélo...!" réang deui sarurak, mingkin ayeuh-ayeuhan. Nutur-nutur Mang Uhé.