Rabu, 31 Juli 2013

Pais Tai


Si aki jeung si nini hirup rumah tangga geus mangpuluh-puluh taun éstu runtut raut sauyunan lir ibarat roméhong jeung julaeut.

Hijii waktu si aki gering rada parna, kangaranan nu gering, barang dahar gé teu ngarareunah. Pan cenah lamun hiji jalma gering téh, mangka Alloh maréntahkeun ka malaikat supaya ngangkat 4 perkara ti éta jalma nyaéta cahaya beungeutna matakan geuning ari nu gering mah sok pias, kakuatan awakna, nafsu barang daharna jeung dosana. Tah dimana-mana éta jalma cageur, mangka Alloh maréntahkeun deui ka malaikat supaya ngabalikeun deui ka éta jalma cahaya beungeutna, kakuatan awakna jeung nafsu barang daharna nu matak sok aya paribasa mamayu geuning. Anapon ari dosana mah teu dibalikeun deui kulantaran geus kakifaratan asal keur geringna sobar wé.

Geus ah da lain rék nyaritakeun éta. Kusabab teu ngareunah barang dahar téa, si aki téh ngageroan si nini "Nini, aki mah barang dahar téh ngan teu ngareunah waé, cikan asa hayang ngasaan pais tai,  bangun ngeunah euy disurawungan, omat laksanakeun bisi aki pondok umur!"

Demi cinta, bari jarijipen ogé si nini teh kapaksa ngalaksanakeun  kahayang si aki, mais tai bari disurawungan meni loba. Geus bérés diasongkeun ka si aki "Tah aki pais tai téh, sok geura dahar!" Si aki curinghak "Ih nini meni bageur, sok coba asaan heula ku nini ngeunah teu?". Si nini ngahuleng "éh kalah ngahuleng, coba asaan heula ku nini, laksanakeun bisi aki pondok umur!" ceuk si aki deui.

Ku sabab demi cinta deui waé, antukna si nini muka pais tai téa tuluy diasaan. "khoééék...khoéééékkk...chuaaaaaahhhh....geuning pait pais tai téh aki" ceuk si nini bari utah uger. Si aki némbal "Euh di asaan ku nu cageur gé geus pait, komo deui ku nu gering meureun, piceun wé!" ceuk si aki bari ngaréngkol deui.

Sanajan dongéng téh rada jorok, aya hikmah di jerona nyaéta nu ngaranna pamajikan kudu satuhu, turut tumut kana paréntah nu jadi salaki, nya teu kitu-kitu teuing sih da ari nitah mais tai mah teu kudu dicumponan, haram atuh didaharna ogé...éta mah didramatisir wé...heureuy sunda....heuheuheu....cag!

Operasi Pelastik


Aya hiji awéwé, umurna leuwih ti 50 taun, ngan gumeulis kénéh. Manéhna boga niat hayang dioperasi plastik, narik kulit méh kenceng deui.

Manéhna indit ka hiji dokter spésialis kulit anu kasohor. Kabeneran pas arék ka tempat prakték éta doktér, manéhna ngaliwat ka para pamuda nu keur ngarariung. Aya saurang pamuda nu nanya, "Badé kamana, Ema?" "Hmm, tunggu ajah tanggal mainnyah!" ceuk gerentes haté éta awéwé.

Bérés dioperasi, manéhna ngaliwat deui ka riungan éta pamuda. Pamuda téh nanya deui "Badé mulih, Tanteu?"
"Wah, bener-bener hébat dokter téh, karék dioperasi sakali ogé, nu tadina nyebut ema geus robah jadi tanteu...komo mun dua kali operasi," ceuk pikirna.

Éta awéwé indit deui dioperasi nu kadua kalina. Bérés dioperasi, ngaliwat deui ka pamuda téa. Para pamuda téh tingsaruit, "Calik heula atuh didieu, Tétéh!"
"Halaaah, lamun aing dioperasi deui tangtu pamuda téh langsung ngajakan ulin yeuh...! Kapalang lah, sakali deui," manéhna tuluy balik deui ka tempat prakték dokter.

Sanggeus dioperasi katilu kalina, manéhna nyampeurkeun deui éta pamuda. Pamuda téh nanya deui "Badé kamana, Bah? Angkat-angkatan nyalira waé?"
Éta awéwé bingung, naha maké jadi disebut abah. Barang manéhna capa cipi kana beungeut langsung ngarénjag geuning ayeuna mah jadi janggotan.

Buru-buru manéhna nepungan deui dokter maksudna rék komplén, naon sababna manéhna ayeuna jadi janggotan. "Atuda lepat ibu nyalira naha operasi narik kulit dugi ka tilu kali? Nya atuh upami teras-terasan ditarik mah rambut nu handap jadi tepung kana gado!"

Lalakon Asih Sayyidina 'Ali Sareng Sayyidatina Fathimah

Aya rusiah pangjerona dina haté ‘Ali anu disidem teu dibetuskeun ka singsaha waé ogé. Fathimah, sobat leutikna, putri kadeudeuh Rosulullah anu nyaéta misanna pisan, éstuning mikat atina. Lungguhna, ibadahna, rapékan gawéna, ogé kageulisanana.

Cik tingali mojang éta, dina hiji poé waktu ramana mulih kalawan tatu anu abor-aboran ku getih sarta mastaka anu lamokot ku eusi beuteung onta. Fathimah ngaberesihan kalawan ati-ati, dielapan kalayan pinuh asih. Anjeunna meuleum lawon, ditémpélkan kana tatu pikeun ngeureunkeun getih ramana. Kabéhanana dipigawé kalawan panon ramisak sarta haté ceurik balilihan. Muhammad ibn Abdullah Al-Amin asa ku teu pantes dikitu-kitu ku kaomna!

Mangka mojang alit éta ngoréjat. Gagah anjeunna leumpang nuju Ka’bah. Di ditu, para dedengkot Quraisy anu mimitina tingbarakatak ngagulkeun kalakuanana ka Rosulullah, dadak sakala jep jempé. Fathimah nyarékan laklak dasar maranéhanana nepi ka waktu kawas anu kandeg, teu méré sungut-
sungut kotor éta kasempetan pikeun ngajawab. Matak hélok! 'Ali teu weruh naha rasa éta bisa disebut asih?

Tapi, 'Ali ngajenghok nalika hiji poé ngadéngé béja anu pikareuwaseun. Fathimah dilamar saurang lalaki anu pangdalit sarta pangdeukeut kalungguhanana jeung Rosulullah. Lalaki anu buméla ka Islam kalawan harta sarta jiwa ti saprak mimiti risalah. Lalaki anu iman sarta akhlaqna teu dicangcaya deui, Abu Bakr Ash Shiddiq Rodhiyallahu ’Anhu.

”Allah nuju nguji kutan,” kitu batin ’Ali. Anjeunna ngarasa diuji alatan rumasa naon harti dirina dibandingkeun Abu Bakr. Kalungguhan di sagédéngeun Nabi? Abu Bakr leuwih utama, meureun justru alatan Abu Bakr lain baraya deukeut Nabi kawas ’Ali, tapi kaimanan sarta bumélana ka Alloh sarta RosulNa teu aya bandinganana. Cik tingali kumaha Abu Bakr jadi réncang lalampahan Nabi dina hijrah, sedengkeun ’Ali ngabogaan tugas ngagantikeun mantenna pikeun ngadagoan pati di ranjangna. Cik tingali ogé kumaha Abu Bakr da’wah. Tingali sabaraha loba inohong, gegedén sarta sudager Makkah anu asup Islam alatan Abu Bakr; Utsman, ’Abdurrahman ibn ’Auf, Thalhah, Zubair, Sa’d ibn Abi Waqqash, Mush’ab. Ieu anu mustahil dipigawé budak kurang gaul kawas ’Ali. Cik tingali sabaraha loba 'abid muslim anu dimerdikakeun sarta para faqir anu dibéla Abu Bakr; Bilal, Khabbab, kulawarga Yassir, ’Abdullah ibn Mas’ud. Sarta saha 'abid anu dileupaskeun ’Ali? Ti sisi kasugih, Abu Bakr sudager, insya Allah leuwih bisa ngabagjakeun Fathimah. ’Ali ngan nonoman malarat ti kulawarga malarat.

”Ieu pisan duduluran sarta asih,” gerentes ’Ali. ”Kuring ngutamakeun Abu Bakr tibatan diri kuring, kuring ngutamakeun kabagjaan Fathimah tibatan asih kuring.”

Asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan, sadrah, atawa nyokot kasempetan. Asih nyaéta wawanén, atawa pangorbanan.

Sawatara waktu ti harita, tétéla Allah numuwuhkeun deui sirung-sirung pangharepan dina haténa anu sempet leumpeuh. Lamaran Abu Bakr ditampik. Sarta ’Ali terus ngajaga sumangetna pikeun nyiapkeun diri.

Ah, ujian éta kutan tacan lekasan. Sanggeus Abu Bakr mundur, datang deui anu ngalamar Fathimah. Saurang lalaki séjén anu gagah tur gandang. Saurang lalaki anu ti saprak asup Islamna ngajadikeun kaum muslimin wani ajeg ngangkat beungeut. Saurang lalaki anu ngajadikeun sétan lalumpatan sieun sarta satru-satru Alloh taluk. 'Umar ibn Al Khoththob. Enya, Al Faruq, anu misahkeun bebeneran jeung kabathilan éta ogé datang ngalamar Fathimah. ’Umar mémang asup Islam pandeuri, kira-kira 3 warsih sanggeus ’Ali sarta Abu Bakr. Tapi saha anu cangcaya kana kaikhlasanana? Saha anu cangcaya kana calakanana pikeun ngudag pamahaman? Saha anu cangcaya rongkah bumélana, anu ngan ’Umar sarta Hamzah anu sanggup méréna di kaum muslimin? Sarta leuwihna ti éta, ’Ali ngadéngé sorangan, kacida mindengna Nabi nyarios, ”Kuring datang babarengan Abu Bakr sarta ’Umar, kuring kaluar babarengan Abu Bakr sarta ’Umar, Kuring asup babarengan Abu Bakr sarta ’Umar....” Kacida luhur kalungguhanana di sisi Rosul, di sisi ramana Fathimah. Tuluy coba bandingkeun kumaha dirina hijrah sarta kumaha ’Umar ngalakonanana. ’Ali nyusul Nabi kalayan rerencepan, dina udagan satru anu prustasi alatan teu manggihan Mantenna Shollallahu ’Alaihi wa Sallam. Mangka dirina ngan wani leumpang di poékna peuting. Saleuwihna, ti beurang dirina néangan kalangkang gundukan pasir keusik. Ngadagoan sarta nyumput. ’Umar geus indit saméméhna. Umar thowaf tujuh kali, tuluy naék ka luhur Ka’bah.”Héy Quraisy!” cenah. ”Poé ieu putra Al Khoththob baris hijrah. Sing saha anu hayang pamajikanana jadi randa, anakna jadi yatim, atawa indungna tunggara teu eureun-eureun. Sok, pegat ’Umar di pipir pasir ieu!” ’Umar nyaéta lalaki gedé wawanén. ’Ali, sakali deui sadar. Dipeunteun ti kabéh juru dina tetempoan jelema loba, dirina nonoman anu tacan siap nikah. Sumawona nikah ka Fathimah binti Rosulillah! Henteu. ’Umar jauh leuwih meujeuhna. Sarta ’Ali ridho.

Asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan. Nyokot kasempetan, nya éta pisan wawanén. Atawa sadrah, anu kieu pangorbanan téh.

Mangka ’Ali bingung nalika béja éta tétélépa. Lamaran ’Umar ogé ditampik. Minantu modél kumaha anu dipikahoyong Nabi? Anu kawas ’Utsman miliarder anu geus nikah ka Ruqoyyah binti Rosulillah? Anu kawas Abul ’Ash ibn Rabi’, sudager Quraisy éta salaki Zainab binti Rosulillah? Ah, dua minantu Rosulullah éta éstuning ngajadikeun leungit kapercayaan diri. Di antara Muhajirin ngan ’Abdurrohman ibn ’Auf anu sarimbag jeung aranjeunna. Atawa Nabi hoyong nyandak minantu ti Anshor pikeun ngaraketkeun duduluran? Sa’d ibn Mu’adz, pamingpin Aus anu kasép, kitu? Atawa Sa’d ibn ’Ubadah, pamingpin Khazraj anu jalingeur pinuh sumanget?

”Naha lain anjeun anu mecakan sobat?” kitu ceuk sobat-sobat Anshorna ngageuingkeun lamunan.
”Naha anjeun teu mecakan ngalamar Fathimah? Kuring boga wirasat, anjeun pisan anu dianti-anti Baginda Nabi....”
”Kuring?” tanyana teu yakin.
”Enya, Anjeun, lur!”
”Kuring ngan nonoman malarat. Naon anu bisa diandelkeun?”
”Kuring di satukangeun anjeun, sobat! Muga Allah nulungan anjeun!”

Antukna, lah-lahan ’Ali nepungan Nabi. Mangka kalayan ngawani-wanikeun manéh, ditepikeun ogé kahayangna pikeun nikah ka Fathimah. Enya, dirina weruh, sacara ékonomi teu aya anu ngajangjikeun dina dirina. Ngan aya sasét baju beusi, ditambah sasadiaan tipung garihal pikeun daharna. Tapi ménta waktu dua atawa tilu warsih pikeun siap-siap? Éta ngérakeun! Ménta Fathimah nganti di wates waktu nepi ka dirina siap? Éta pohara bubudakeun. Umurna geus leuwih dua puluh taun ayeuna.
”Anjeun nonoman sajati, héy ’Ali!” kitu gerentes haténa ngingetkeun. Nonoman anu siap tanggung jawab kana rasa asihna. Nonoman anu siap manggul risiko kana pilihan-pilihanana. Nonoman anu yakin yén Allah Maha Beunghar.

Lamaranna dijawab, ”Ahlan wa sahlan!” Kecap éta kedal alon disarengan imut Nabi. Kiwari dirina bingung. Naon maksudna? Kedalan wilujeng sumping éta hésé pikeun bisa disebutkeun minangka isyarat panarimaan atawa tampikan. Ah, meureun Nabi ogé bingung pikeun ngawalerna. Meureun henteu ayeuna. Tapi manéhna siap ditampik. Éta risiko. Sarta kajelasan jauh leuwih hampang batan nanggung beungbeurat pasualan anu teu manggih jawaban. Sumawona nundana dina haté, lir ibarat parahu anu angkleung-angkleungan di sagara tur teu manggih basisir. Ah, éta nyelekit.

”Kumaha waleran Nabi, lur? Kumaha lamaran anjeun?”
”Teuing atuh....”
”Naon maksud anjeun?”
”Nurutkeun aranjeun, naha ’Ahlan wa Sahlan’ hartina hiji jawaban?”
”Dasar tolol! Tolol!” ceuk sobat-sobatna.
”Éh, hampura sobat.... Maksud kuring, hiji waé geus cukup. Sedengkeun anjeun meunangkeun dua! Ahlan waé geus hartina enya. Sahlan ogé. Sarta anjeun meunangkeun Ahlan wa Sahlan, sobat! Duanana hartina enya!”

Kocapkeun, ’Ali nikah ogé ka Fathimah. Kalayan ngagadékan baju beusina. Kalayan imah anu mimitina rék disumbangkeun ku sobat-sobatna, tapi Nabi keukeuh ambéh anjeunna mayar kalawan nyicil. Éta hutang.

Kalayan wawanén ngorbankeun asihna pikeun Abu Bakr, ’Umar, sarta Fathimah. Kalayan wawanén pikeun nikah. Ayeuna. Lain pasini-pasini sarta engké-engké. ’Ali nyaéta jéntelmén sajati. Teu héran lamun nonoman Arab ngabogaan yél, “Laa fatan illa ‘Aliyyan! Teu aya nonoman kajaba Ali!”

Ieu pisan jalan asih para pajoang. Jalan anu nepungkeun asih sarta kabéh rarasaan kalayan tanggungjawab. Sarta di dieu, asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan. Kawas ’Ali. Anjeunna sadrah, atawa nyokot kasempetan. Anu kahiji nyaéta pangorbanan. Anu kadua nyaéta wawanén.

Sarta tétéla teu kurang ogé anu dipigawé ku Putri Nabi. Dina hiji riwayat dilalakonkeun, yén hiji poé (sanggeus aranjeunna nikah), Fathimah nyarios ka ‘Ali,
“Hapunten abdi! Alatan sateuacan nikah ka anjeun, abdi kantos sakali ngaraoskeun ragrag asih ka saurang nonoman”
‘Ali ngarénjag sarta naros, “lamun kitu, naha anjeun daék nikah ka kuring? sarta Saha téa nonoman éta?”
Bari kéom Fathimah ngawaler, “Enya, nonoman éta téh diri anjeun pisan.”

Carita ieu ditepikeun di dieu, lain pikeun ngajadikeun urang jadi ngapung ngawang-ngawang atawa roromantisan. Carita ieu ditepikeun, supaya urang bisa diajar ti ‘Ali sarta Fathimah, yén tétéla duanana geus ngabogaan rasa anu sarua ti saprak aranjeunna tacan nikah, tapi kalayan rikip duanana ngajaga rasa éta.... Rasa anu insya Allah baris éndah nalika waktuna anjog.

BEUNGHAR HATÉ



  حَدَّثَنَا أَحْمَدُ بْنُ يُونُسَ حَدَّثَنَا أَبُو بَكْرٍ حَدَّثَنَا أَبُو حَصِينٍ عَنْ أَبِي صَالِحٍ “عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ عَنْ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ: لَيْسَ الْغِنَى عَنْ كَثْرَةِ الْعَرَضِ وَلَكِنَّ الْغِنَى غِنَى النَّفْسِ”…

“Beunghar lain diukur ku lobana kaméwahan dunya. Tapi beunghar (ghina’) nyaéta haté anu teu weléh ngarasa cukup.” (HR. Bukhori)

  قَالَ لِي رَسُول اللَّه صَلَّى اللَّه عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: يَا أَبَا ذَرّ أَتَرَى كَثْرَة الْمَال هُوَ الْغِنَى ؟ قُلْت: نَعَمْ. قَالَ: وَتَرَى قِلَّة الْمَال هُوَ الْفَقْر ؟ قُلْت: نَعَمْ يَا رَسُول اللَّه. قَالَ: إِنَّمَا الْغِنَى غِنَى الْقَلْب ، وَالْفَقْر فَقْر الْقَلْب

“Rosulullah shollallohu ‘alaihi wa sallam nyarios ka kuring, “Héy Abu Dzar, naha anjeun nempo yén lobana harta éta pisan anu disebut beunghar (ghoni)?” “Leres,” jawab Abu Dzar. Anjeunna naros deui, “Naha anjeun nempo yén saeutikna harta éta hartina fakir?” “Leres,” Abu Dzar némbalan kalayan jawaban sarupa. Saterusna Anjeunna ogé nyarios, “Saéstuna anu ngaranna beunghar (ghoni) nyaéta beungharna haté (haté anu teu weléh ngarasa cukup). Sedengkeun fakir nyaéta fakirna haté (haté anu teu weléh ngarasa henteu sugema).” (HR. Ibnu Hibban)

قال بن بطال معنى الحديث ليس حقيقة الغنى كثرة المال لأن كثيرا ممن وسع الله عليه في المال لا يقنع بما أوتى فهو يجتهد في الازدياد ولا يبالي من أين يأتيه فكأنه فقير لشدة حرصه وانما حقيقة الغنى غنى النفس ، وهو من استغنى بما أوتي وقنع به ورضي ولم يحرص على الازدياد ولا ألح في الطلب، فكأنه غني….
والحاصل أن المتصف بغنى النفس يكون قانعا بما رزقه الله، لا يحرص على الازدياد لغير حاجة ولا يلح في الطلب ولا يحلف في السؤال، بل يرضى بما قسم الله له، فكأنه واجد أبدا، والمتصف بفقر النفس على الضد منه لكونه لا يقنع بما أعطى بل هو أبدا في طلب الازدياد من أي وجه أمكنه، ثم إذا فاته المطلوب حزن وأسف، فكأنه فقير من المال لأنه لم يستغن بما أعطى، فكأنه ليس بغنى، ثم غنى النفس إنما ينشأ عن الرضا بقضاء الله تعال والتسليم لأمره علما بأن الذي عند الله خير وأبقى، فهو معرض عن الحرض والطلب، وما أحسن قول القائل:
غنى النفس ما يكفيك من سد حاجة… فإن زاد شيئا عاد ذاك الغنى فقرا…

Hakékat kabeungharan sabenerna lain ku lobana harta. Alatan kitu loba jelema anu dijembarkeun rezeki mangrupa harta ku Alloh, tapi manéhna henteu kungsi ngarasa sugema kana naon anu dipaparin ku Alloh. Jelema kawas ieu teu weléh usaha satékah-polah pikeun nambahan sarta terus nambahan hartana. Manéhna ogé henteu paduli ti mana harta éta meunangna. Jelema sarupaning ieu pisan anu saolah-olah fakir alatan usahana pikeun terus-terusan nyugemakeun dirina ku harta.

Perlu diingetkeun bener-bener yén hakékat kabeungharan anu sabenerna nyaéta beunghar haté (haté anu sok ghoni, teu weléh ngarasa cukup). Jelema anu beunghar haté ieu pisan anu teu weléh ngarasa cukup kalayan naon anu dipaparin ku Alloh, teu weléh ngarasa qona’ah (sugema) ku sagala anu ditampa sarta teu weléh ridlo kana katangtuan Alloh. Jelema sarupaning ieu henteu wewelek pikeun nambahan harta sarta manéhna henteu kawas jelema anu henteu kungsi ngarasa capé pikeun terus nambahanana. Kaayaan jelema sarupaning ieu pisan anu disebut ghoni (nyaéta beunghar anu sabenerna).”

Syékh Ibnu Hajar Al Asqolani rohimahulloh ngécéskeun ogé, “Jelema anu disifatan kalayan beunghar haté nyaéta jelema anu teu weléh qona’ah (ngarasa sugema) kana rezeki anu dipaparin ku Alloh. Manéhna henteu wewelek pikeun nambahanana tanpa aya kaperluan. Manéhna ogé henteu kawas jelema anu henteu kungsi ngarasa capé pikeun néanganana. Manéhna henteu ménta-ménta kalayan adug lajer pikeun nambahan hartana. Malahan mah anu lumangsung dina dirina nyaéta manéhna teu weléh ridlo kana pangbagian Alloh anu Maha Adil ka dirina. Jelema ieu pisan anu saolah-olah beunghar salawasna.

Sedengkeun jelema anu disifatan kalayan fakir haté nyaéta sabalikna ti jelema kahiji tadi. Jelema kawas ieu henteu kungsi qona’ah (ngarasa sugema) kana naon anu dipaparin ku Alloh. Malahan mah manéhna terus usaha pikeun nambahan sarta terus nambahan hartana ku cara naon waé ogé (teuing cara halal atawa haram). Lamun manéhna henteu ngahontal kana naon anu ku manéhna ditéangan, manéhna ogé ngarasa kacida hanjelu. Manéhna saolah-olah jelema anu fakir, anu malarat harta alatan manéhna henteu kungsi ngarasa sugema kana naon anu geus dipaparin ku Alloh. Jelema ieu pisan jelema anu henteu beunghar dina hakékatna.

Intina, jelema anu beunghar haté dimimitian ti sikep teu weléh ridho sarta narima kana sagala katangtuan Alloh Ta’ala. Manéhna weruh yén naon anu ku Alloh dipaparin, éta pisan anu pangalusna sarta baris teu weléh aya. Sikep ieu pisan anu ngajadikeunana horéam pikeun nambahan naon anu ku manéhna ditéangan.”

Cariosan anu kacida saéna didugikeun ku para ulama:

  غِنَى النَّفْس مَا يَكْفِيك مِنْ سَدّ حَاجَة فَإِنْ زَادَ شَيْئًا عَادَ ذَاكَ الْغِنَى فَقْرًا

“Beunghar haté nyaéta ngarasa cukup dina sagala anu ku anjeun dibutuhkeun. Lamun leuwih ti éta sarta anjeun terus nénéanganana, mangka éta hartina lain ghina (beunghar haté), tapi kalahka fakir (miskinna haté)

  وإنما يحصل غنى النفس بغنى القلب بأن يفتقر إلى ربه في جميع أموره فيتحقق أنه المعطي المانع فيرضى بقضائه ويشكره على نعمائه ويفزع إليه في كشف ضرائه، فينشأ عن افتقار القلب لربه غنى نفسه عن غيره وبه تعالى،

HAL-HAL ANU BISA NGAJADIKEUN BEUNGHAR HATÉ

Kabeungharan haté bisa dihontal ku cara ngajadikeun haté ngarasa cukup sarta ngan butuh ka Alloh tina sagala anu ku manéhna disanghareupan, nyukuran sagala kurnia-Na, réla narima sagala papastén-Na sarta teu weléh nyalindung ka Manten-Na dina sagala hal anu nyelekitna.

Kalayan teu weléh ngahadirkeun rasa butuh ka Pangéranana di sakabéh juru haté, mangka manéhna ngarasa kacukupan ti sagala hal salian-Na.

Fathulbaari XI/271-272

Wallohu A’lamu Bishshowaab.

Selasa, 30 Juli 2013

Sono

Jungjunan...
wengi ieu karaos pisan sonona
beuki dieu
beuki lami
unggal usik
unggal malik
kasono téh  asa mingkin ngadodoho...

Duh...
iraha atuh tepang
iraha atuh nyarandékeun kadeudeuh ka salira
ngaraoskeun seungitna cinta salira
ngaraoskeun cisoca nu lungsur bakat ku bagja
ngaraos bingahna...
basa waktos gugah téh geuning aya salira
bari neuteup geugeut...deudeuh...trésna...

Kasono téh mung ukur kagungan salira...

ÉNDAHNA SYUKUR, SARTA TÉTÉLA SYUKUR ÉTA LEUWIH BEURAT TIBATAN SABAR

” KURING TEU SOK MEUNANGKEUN NAON ANU KU KURING DIPIKARESEP…KU ALATAN ÉTA KURING SOK MIKARESEP NAON WAÉ ANU KU KURING DIPIBANDA…” Syukur mangrupa kualitas haté anu pangpentingna. Kalayan syukur urang bakal dikeputan rasa tingtrim sarta bagja. Sabalikna, rasa teu syukur bakal ngaganggayong urang. Urang bakal teu weléh ngarasa kurang sarta teu bagja.

Aya dua hal anu mindeng ngajadikeun urang teu syukur:

Kahiji: Urang Mindeng mokuskeun diri kana naon anu ku urang dipikahayang, lain kana naon anu ku urang dipiboga. Misalna anjeun geus ngabogaan hiji imah, tutumpakan, pakasaban tetep, sarta pasangan anu pangalusna. Tapi anjeun masih ngarasa kurang. Pikiran anjeun dipinuhan sagala rupa udagan sarta kahayang. Anjeun miharep imah anu leuwih badag sarta agréng, mobil méntéréng, sarta pakasaban anu ngadatangkeun leuwih loba duit. Urang hayang itu jeung éta. Lamun teu meunangkeunana urang terus mikiranana. Tapi ahéngna, sanajan geus meunangkeunana, urang ngan ngarasakeun kasenangan sajongjonan. Urang tetep teu sugema, urang hayang anu leuwih deui. Jadi, najan sakumaha lobana harta anu ku urang dipiboga, urang teu kungsi jadi “BEUNGHAR” dina harti anu saéstuna.

Hayu urang lempengkeun pamahaman urang ngeunaan jelema “beunghar”. Jelema anu “beunghar” lain jelema anu ngabogaan loba hal, tapi jelema anu bisa ngarasa syukur kana naon waé anu ku maranéhanana dipiboga. Tinangtu kaci-kaci waé urang ngabogaan kahayang, tapi urang perlu nyadar yén ieu pisan akar rarasaan teu tingtrim. Urang bisa ngarobah rarasaan ieu kalayan mokuskeun kana naon anu geus ku urang dipiboga. Pék cobaan tempo kaayaan di sakuriling anjeun, pikirkeun anu ku anjeun dipiboga, sarta pék syukuran. Anjeun baris ngarasakeun ni’matna hirup.

Hayu puseurkeun paningali urang kana sipat-sipat alus dunungan, pasangan, sarta jalma-jalma di kira-kira urang. Maranéhanana pasti baris jadi leuwih nyenangkeun. Saurang pangarang kungsi ngomong, “Pék rarabi jeung jelema anu ku Anjeun dipikaasih, sanggeus éta pikaasih jelema anu ku Anjeun dirarabian.” Ieu téh wujud tina rasa syukur. Kuring kungsi maca hiji carita ngeunaan saurang jalma anu humandeuar alatan teu bisa meuli sapatu, padahal sapatuna geus lila garah. Hiji soré manéhna nempo hiji jalma anu teu miboga suku, tapi teu weléh marahmay. Waktu éta ogé si jalma eureun humandeuar sarta mimitian muji syukur.

Kadua: Anu mindeng nyieun urang teu syukur nyaéta kabiasaan ngabanding-bandingkeun diri urang jeung batur. Urang ngarasa batur leuwih boga untung. Ka mana ogé urang indit, sok aya jelema anu leuwih pinter, leuwih kasép, leuwih geulis, sarta leuwih beunghar ti urang. Jukut tatangga mémang mindeng katempo leuwih héjo tibatan jukut di pakarangan sorangan…Hirup baris leuwih bagja lamun urang bisa ngani’matan naon anu ku urang dipiboga. Alatan éta, syukur mangrupa kualitas haté anu pangluhurna.

Pék geura syukur! Syukuran yén urang tacan siap ngabogaan hiji hal anu ku urang dipihayang…..Lamun geus kitu, sumawona naon anu kudu dipikahayang?

Pék geura syukur lamun urang henteu weruh hiji hal…Alatan éta méré urang kasempetan pikeun diajar…

Pék geura syukur kana mangsa-mangsa hésé…Di mangsa éta pisan urang bisa tumuwuh…

Pék geura syukur kana sagala kawawatesanan urang…Alatan éta méré anjeun kasempetan pikeun tumuwuh sarta ngabenerkeun diri…

Pék geura syukur kana saban tangtangan anyar…Alatan éta baris ngawangun kakuatan sarta sipat urang…

Pék geura syukur kana kasalahan anu kungsi ku urang dijieun…Alatan éta baris méré pangajaran anu pohara pikeun jadi leuwih hadé……

Pék geura syukur lamun urang capé, leuseuh sarta teu boga daya…Alatan dina dasarna urang geus nyieun hiji béda dina ngamangpaatkeun waktu……

Bisa jadi gampang pikeun urang syukur kana hal-hal anu alus…Hirup anu medah-meduh datang ka maranéhanana anu ogé bisa syukur kana mangsa paila…

Rasa syukur bisa ngarobah hal anu négatip jadi positip. Kahirupan anu ngabogaan ma’na nyaéta pikeun maranéhanana anu ogé bisa syukur kana kahéséan anu disanghareupan.

Manggihan cara muji syukur kana masalah-masalah anu ku urang dipanggihan tinangtu kabéh éta baris jadi berkah pikeun urang…Hayu Sobat…Hayu urang saréréa leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh, Ambéh tungkul waktu anu séjén dangah..Ambéh pengkuh waktu anu séjén runtuh..Ambéh pangger waktu anu séjén ngalungsar..

Alloh Subhanahu wa Ta’ala ngadawuh, “ Lamun aranjeun syukur kana ni’mat-ni’mat Kaula, Kaula baris ngémbohan deui ni’mat-ni’mat Kaula. Tapi lamun aranjeun kufur ni’mat, ingetkeun saéstuna siksa Kaula pohara peurihna.” (Ibrohim ayat 7). Maksud ti ayat ieu yén Alloh mikaresep jalma-jalma anu syukur kana ni’mat-ni’mat anu dibikeun, bari baris diémbohan deui ni’mat-Na.

Tapi naon anu kabuktian yén manusa di waktu narima ni’mat anu geus dipaparin ku Alloh Subhanahu wa Ta’ala gampang pisan pikeun manusa poho di temah wadi sarta ngagunakeun ni’mat Alloh éta ka jalan anu taya gunana atawa leuwih beurat deui kana jalan ma’siat. Lamun ieu lumaku, mangka ni’mat éta baris ditukeur jadi balahi atawa meunang la’nat ti Alloh.

Lamun diperhatikeun kahirupan manusa ieu kalayan tarapti, mangka baris kapanggih manusa sadetik ogé henteu leupas ti ujian. Manusa diuji kalayan ujian kasusahan atawa ujian ni’mat anu piligenti datangna. Saterusna manusa ditungtut sangkan sabar dina narima kasusahan sarta syukur dina narima ni’mat. Jadi, dina hakékatna, naon waé parobahan anu lumaku dina hirup manusa ieu, manéhna ngan miboga dua sipat atawa dua wangun. Sarua aya ujian kasusahan sarta atawa ujian ni’mat. Wangun ujian ieu pisan, haté urang perlu narimana kalayan bener, nyaéta sabar lamun narima kasusahan sarta syukur lamun dikurniakeun ni’mat.

Dawuhan Alloh Subhanahu wa Ta’ala dina hiji Hadits Qudsi anu nyebutkeun ngeunaan sipat syukur, “Lamun Kaula nguji Aranjeun kalayan kasusahan, Aranjeun henteu daék sabar, sarta lamun Kaula nguji Aranjeun kalayan ni’mat, Anjeun henteu daék syukur, mangka jung nyingkah Anjeun ti bumi sarta langit Alloh ieu sarta jung indit téangan Pangéran anu séjén.”

Jadi sabar éta leuwih hésé sarta leuwih beurat pikeun dipraktékkeun, alatan dina sabar, haté manusa perlu diuji ngaliwatan kasusahan, kahariwang, sarta kapeurih. Émosi, pikiran sarta katenangan jiwana kaganggu, kabagjaan jadi leungit. Sedengkeun dina syukur kasampak leuwih gampang sabab haté manusa aya dina kaayaan jongjon sarta atoh, euweuh kasusah atawa kapeurih.

Naha bener syukur éta leuwih gampang tibatan sabar? Lamun bener, naha kabéh jelema henteu sanggup syukur? Sarta naha jalma-jalma anu bener-bener syukur éta saeutik pisan? Alloh Subhanahu wa Ta’ala ngadawuh, “Saeutik pisan ti hamba-hamba Kaula anu syukur.” (As-saba’ ayat 13).

Syukur éta sabenerna mangumpak-umpak. Hiji jalma lamun meunangkeun kani’matan, maranéhanana muji Alloh kalayan ngedalkeun ‘Alhamdulillah’. Ieu syukur cara biasa. Hal ieu ngan saukur kedalan waé, anu tacan hartina kana syukur anu sabenerna. Lamun ngan kedalan waé, sedengkeun tungtutan-tungtutan séjén dina syukur éta henteu dilaksanakeun, mangka dipikahariwang kedalan ‘Alhamdulillah’ éta saukur pikeun kaulinan wungkul.

Hiji jalma lamun narima ni’mat atawa disalametkeun ti musibah, saterusna muji Alloh sarta ngedalkeun ‘Alhamdulillah’, di sagédéngeun ti éta haténa bener-bener ngarasakeun yén Allah anu geus maparin kani’matan éta, atawa yén Allah anu geus ngajauhkeun tina musibah, mangka dibéré ganjaran, alatan ngarasakeun syukur éta di jero haté maranéhanana. Ieu syukur tingkat kadua.

Sedengkeun syukur anu sabenerna nyaéta lamun syukur anu diucapkan ku létah, dirasakeun atawa ditasdékkeun di jero haté, sarta dilaksanakeun dina gawéna. Jadi di sagédéngeun ngedalkeun ‘Alhamdulillah’, ngarasakeun dina haté yén Alloh anu ngurniakeun ni’mat éta, saterusna ni’mat éta dipaké atawa dikorbankeun ka jalan Alloh, mangka ieu pisan hakékat syukur anu sabenerna (tingkat pangluhurna). Contona, kasugihan éta perlu dipaké kana jalan Alloh pikeun mantuan fakir miskin, pikeun jihad fisabilillah sarta pikeun kemaslahatan umat Islam sakabéhna. Kitu pisan ogé kalayan sagala wangun ni’mat Alloh anu séjén, kabéhanana perlu dimangpaatkeun ka jalan Alloh pikeun meunang karidhoanNa.

Sedengkeun dina hal sabar, urang henteu dipurih tanggung jawab sajaba ti nahan rarasaan. Naon anu dipigawé saukur ngajaga sarta ngatik haté sangkan bisa narima katangtuan Alloh éta sarta hadé sangka ka MantenNa.

Tah kakarak ayeuna urang paham, naha Alloh ngadawuh yén saeutik pisan hamba-hamba-Na anu syukur sabab syukur éta sorangan lain hiji masalah anu gampang. Paham wéh urang ayeuna, syukur éta kutan leuwih beurat tibatan sabar.

Surat Cinta

Assalamu ‘alaikum…

Kumaha damang geulis? hatur
nuhun upami damang mah, éta
nu disuhunkeun ku engkang
siang
sinareng wengi, alhamdulillah
engkang ogé dina waktos nyerat
ieu serat nuju dina kaayaan
séhat wal afiat turta teu kirang
ku…hutang!

Sateu acanna hapunten sanés
pisan engkang henteu isin
kumawantun ngintun ieu
serat, mung tobat pangajak haté
éstu mangprung ngaberung teu
tiasa kabendung.

Ti saprak harita urang tepang di
awang-awang ngalangkungan
look around dina wechat, teras
aléwoh silih gonjak, silih pedal
carita, engkang
ngungun nguyung teu puguh
rarasaan, cai asa tuak bari, kéjo
asa catang bobo, ti beurang teu
weléh ringrang, ti peuting teu
weléh rungsing, éstu guling
gasahaan…peuyeum sampeu
sacarangka teu beunang di ka
tokokeun, peureum kadeuleu
beunta karasa teu beunang
dipopohokeun, ka cimahi mésér
balpén, ka gudang rék nyandak
zamzam, mun wengi sering
kaimpén, beurang sering
kapicangcam.

Salira mayeng kapiéling
liwung gandrung kabandang
kagembang, teu répéh diupah
apéh, sakapeung bet asa peteng
poékeun batin, wuwuh nungtun
ewuh, ringrang hariwang
longkéwang boa-boa janten
panyuat
panyawat lenglengan kaleleban.

Wengi ieu ogé engkang
ngahéhérang, émutan
sumoréang…naha teu lepat kitu
upami engkang miharep salira?
tap kana eunteung, alhamdulilah
geuning engkang téh rada
kasép…heuheuheu…teras naros
ka diri pribadi, naha teu
kaleuleuwihi upami engkang
hoyong ngapimilik salira? upami
nilik yuswa, urang kacida
patebihna, teu acan deui status
engkang nu tos duda
sedengkeun salira mah masih
kénéh rumaja.

Hiliwirna angin wengi karaosna
nyelecep kana sungsuam, tapi
engkang tetep anteng dina
panglamunan, émut waktos
harita salira kantos nyarios,
yuswa teu ngajantenkeun
panghalang kana jodo, nu
dipiharep ku salira mung
pameget anu sholéh nu tiasa
janten imam dina kulawarga.

Dadak sakala engkang ngagebeg,
duh asa ku tetebiheun tina
sholéh engkang mah, jabi
engkang kantos gagal janten
imam dina kulawarga. Namung
saupamina salira percanten,
insya Alloh kagagalan éta ku
engkang seja dijantenkeun
palajaran geusan ngadegkeun
rumah tangga nu langkung saé
sareng salira.

Jungjunan…bagéakeun ieu
kanyaah nu ngabayabah, pék
geura tandéan ku kahéman,
hayu urang silih simbeuh ku
kadeudeuh, silih cangreudkeun
ati ku tali jatukrami.

Sakitu nu kapihatur, mugia
harepan-harepan urang sing
tinekanan geusan nyorang
kahirupan nu pinuh ku
kabagjaan.

Ciamis, 15 mei 2013

Ceuk Kolot

Ceuk kolot, dunya téh kudu dibagi tilu...podoleun, tundaeun, jeung sampeureun...podoleun nyaéta nu dipaké dahareun unggal poé, tundaeun nyaéta urang ulah poho nyéngcéléngan keur bekel hirup pakokolot, ari sampeureun mah nyaéta urang kudu ngalobakeun amal kahadéan, méré mawéh, shodaqoh jariyah keur sampeureun engké di yaumil kiyamah. Rék kaharti rék henteu, ngaran-ngaran dipapatahan ku kolot mah unggeuk wé lah tibatan ditampiling....hehehehe

Lalaki Langit Lalanang Jagat

Cinta nyasaak otak
ngabudal-badil rasa
ngarakrakan raga
ngabayabahkeun cimata

Diri ngajurahroh kekelebekan dina walungan katunggaraan
pupuraétan nyiar pamuntangan
duh...na saha nu deuk nulungan
...anging Alloh nu maha rohman

Cadu peunggas harepan
....AING LALAKI LANGIT LALANANG JAGAT!!!

Udin Nyieun KTP

Udin rék ngajieun KTP,
tapi kusabab teu bisa
nulis kapaksa ngeusi
formulir téh dibantuan ku
patugas kacamatan :

Patugas : "nami sadérék
saha?"

Udin : "abdi mah nunggal
pa, teu kagungan
sadèrék"

Patugas : "maksud téh,
nami bapa saha?"

Udin : "suhadma, tapi da
tos pupus bapa abdi
mah"

Patugas : "ngaran sia
saha?!" Bari molotot
Udin : "oooh.. Udin abdi
mah"

Patugas : "imah dimana?"
Udin : "aya wé dina
tempatna"

Patugas : "hadeuuuh!
maksud aing téh jalan
naon sudiiiin?"
Udin : "ooooh.. Jalan
aspal, nembé saminggon
diaspalna gé. Kapungkur
mah éta jalan téh taneuh
kénéh pa"

Patugas : "meunggeus siah!
Teu kudu ngeusian
formulir sia mah.. Tah
belangko KTPna.. Jig
eusian wé ku sorangan,
kumaha karep manéh wé
cara ngeusianana mah!"
Bari ngégélan juru meja
bakat ku aral.

Udin : "harrr!" Colohok
bari ngilikan KTP
kosong...
Rosululloh SAW ngadawuh: "Sing saha
anu hudang isuk-isuk sarta ngan dunya anu dipikirkeunana, ku kituna
saolah-olah manéhna henteu
nempo hak Alloh dina
dirina mangka Alloh baris nibakeun opat panyakit kana dirina:
1. Kabingung anu henteu eureun-eureun.
2. Kariweuh anu henteu
kungsi aya tungtungna.
3. Kaperluan anu henteu
pernah kacumponan.
4. Kahayang anu moal kahontal." (H.R.
Imam Thobroni).

Na'udzubillahi Mindzalik.

Malati Ti Tamansari

Lahlahan nutup lawang kalewang
mukakeun jandéla rasa
geusan méré jalan
kembang malati nu mimiti mangkak
nepikeun dalingding ginding
sumarambah di saban rohang bayah

Aya ku éndah...
nyawang panglamunan
mun laksana nyangking salawasna
nyénglédkeun mangpirang kumbang
nu napuk geusan nyeuseup seungitna

Deudeuh teuing malati ti taman sari
bagéakeun ieu weningna ati
anu tarapti meungkeut tali pasini
geusan nyungsi laki rabi...

Idinan Engkang Micinta Salira

Geulis...
Aya jurang nu nangtawing antara
urang duaan
asa ku pamohalan bisa
ngembatkeun rawayan geusan
meuntaskeun kahéman

Tapi dalah dikumaha
diri teu wasa nahan rongkahna galura cinta
nu ngagulidag dina jero dada
kadeudeuh nyangreud pageuh,
katresna hamo suda
ku nyérélékna mangsa

Duka kedah kumaha ngayonan ieu rasa
éstu teu répéh diupah-apéh
wuwuh nungtun ewuh
ringrang hariwang longkéwang
boa-boa janten panyuat panyawat
lenglengan kaleleban...

Jungjunan...
idinan engkang ngedalkeun ieu rasa
geusan ngeupiskeun saniskara pilara
susuganan karudet berewit ngararejat teu ngarerejét teuing haté...
sanajan karuhan laksana
nu penting anjeun uninga
....engkang cinta ka salira....

Tepang Di Awang-awang

Urang tepang dî awang-awang
taya kelét soca,
taya imut ngirut,
éstu ngan cumarita tanpa sora
tapi teu nyana rasa ujug-ujug pataréma
aya geter-geter nu teu biasa,
aya tresna nu mancawura

Anjeun kembang eros di sisi jungkrang
seungit awun-awunan ngagupayan geusan dipikahéman
tapi...duh naha nalika rasa mingkin rosa nginggeungkeun jero dada
anjeun kalah lir nu ngaléléwa teu kahontal diajul ku gantar pangharepan

Ayeuna...
diri lumbang-limbung linglung ditalikung kabingung
teu walakaya nandangan pilara
kabintih asih nu nurih burih
ngajungkel abor-aboran kacinta nu can karuhan laksana...

ciamis, 13 mei 2013

Satutas Pendak

Néng....
satutasna aa pendak sareng salira,
kanyaah kalah mingkin ngabayabah dina manah,
kadeudeuh keukeuh ngageugeuh maneuh,
katresna angger ngagulidag dina pangparatan rasa...

Punten, aa sanés kagoda ku kageulisan salira,
sanés kapincut ku imut ngirut....
ieu rasa tos ngancik ti anggalna
éstu ti sateu acan urang pendak di kieuna...

Naha bet tiasa kitu...???
panginten éta patarosan dina manah salira,
saur aa ge cinta teu meryogikeun alesan,
kasumpinganana teu tiasa dihalang-halang,
ogé teu tiasa dirarancang
ti kawit urang tepang di awang-awang
haté aa langsung maskét ka salira...
mung salira wanoja nu aya dina haté aa,
nu sanés karaosna janten pameget sadayana...

Mung, hiji hal nu ngarobéda di salebeting dada...
rumaos aa mah mung sakieu buktosna...
taya pupurieunana saupamina
dibandingkeun sareng pameget-pameget
nu tos sumping ngakhitbah salira...
sanaos saur salira tacan aya nu ditampi,
aa mah asa tebih kana tiasa kapilih

Ah...panginten ayeuna mah
kantun tumamprak ka nu Maha Kawasa,
jodo, pati, bagja, cilaka...
sadayana aya dina kakawasaan Manten-Na...
........aa ikhlas nampina...
Geulis...
duh aya ku liuh soca salira,
ngabibita diri geusan ngamparkeun anyaman harepan,
haté tipopoporosé maksa wakca ngedalkeun rasa...
hanjakalna ilat teu werat ngumbar carita...
engkang mung wasa nyawang ngadali kahayang,
dalah dikumaha...anjeun tos aya nu nyangcang...

Édaaaaaaaaaasss....

Ku asa waas mun ras ka mangsa nu tos lawas, harita urang pendak di setamplas waktos ngantosan beus jurusan Rangkas. Enéng katingal geulis meni nyacas nganggo karémbong sutra kayas.

Teras akang nganjang ka bumi Enéng di Cicadas. Urang calik paduduaan ditepas uplek ngobrol sagala dibahas. Namung Enéng ngadadak reuwas majar téh akang kawas nu kirang waras, éta susuguh dugi ka korédas, séép buras opat belas sareng sirop tujuh gelas.

Tapi dasar jodo, akhirna urang kauntun tipung katambang béas. Sanaos ka Enéng seueur nu mikawelas, aya kang Jajang pulisi lalu lintas, Kang Didi mantri di puskésmas, Kang Vijay bandar gas,
Kang Iding PNS nu tugas di Diknas,
ogé Kang Irpan nu tara leupas ti dasi sareng jas, namung Enéng keukeuh milih akang nu kasép kawas Antonio Bandéras.

Dina laki rabi upami teu usaha mah cilaka dua belas. Lahlahan akang usaha ka Gunung Pongkor ngagali emas, susuganan kenging anu saageung monas. Namung bet matak baluas, da geuning seueur préman anu ngompas, upami teu dipasihan teh bisa-bisa tiwas alatan beuheung ditigas. Akang oge nyobian janten pamaén bola kawas Bambang Pamungkas, namung sampéan kalah péngkor balas pada néngkas. Teras akang gaduh niat ka Saudi janten TKI nyupiran beus patas, namung ku Enéng ditémpas majar téh ulah badé luas, kumaha upami tengah wengi Enéng peryogi nu heuras-heuras. Antukna akang damel di mébel ngadamelan lomari sareng tékas, Akang purah ngahampelas sareng mulas
diulas-ulas nganggo koas. Namung gajihna geuning mung cekap kanggo dua litereun béas. Duh, sok ngahelas upami murangkalih ngadat hoyong jajan permén gulas, jaba kiriditan kulkas ogé teu acan lunas.
Ku harianeun, gaduh tatanggi ogé geuning kalah pada mupuas.

Untungna Enéng mah dicandak hirup susah ogé tetep ikhlas, nu penting mah awak jagjag waringkas,
ibadah sing soson-soson sanaos tarang dugi ka dadas, usaha wéh sing bedas... Palias, harepan ulah dugi ka peunggas!

Cinta Teu Meryogikeun Alesan

Waktos salira tumaros naon nu ngajantenkeun aa micinta
sedengkeun aa teu acan terang saha salira nu saleresna...
éstu taya kecap nu tiasa dikedalkeun geusan dijantenkeun alesan,
kumargi memang cinta teu meryogikeun alesan...
Cinta teh condongna haté kana hiji perkara,
nya ka salira pisan condongna ieu haté aa...
Aa gé teu terang kumaha asalna
bet ujug-ujug aya geter-geter nu teu biasa,
aya guligah taya kendatna,
katresna mancawura dina jero dada...

Ayeuna...
Aa nu seja tumaros....
naha tiasa salira nampi aa nu mung sakieu buktosna?
atanapi aa mung sakadar cau ambon dikorangan...
aya cau ambon, aya cau lampung, aya cau galék...
urang ical ka pasar wé...lumayan kanggo mésér udud!
Mun ras ka jatining diri...
Ku asa risi nembrakkeun eusining ati...
diri nu pinuh ku bangbaluh,
réa ku kateu wasa
éstu lieuk euweuh ragap taya...
Duh naha ieu rasa bet teu gaduh karumasa,
naha ieu asih bet teu tiasa milih-milih...
Aa micinta ka salira...geuning kitu buktosna...

Pangharepan

Néng, punten Aa tos ngahapus sadayana no.hp salira,
paralun sanés pédah keuheul komo deui ceuceub,
aa ngahaja kumargi inggis salira ngaraos kaganggu ku sms-sms atanapi telepon ti aa.
Unggal aa sono ka salira, aa sok hoyong waé ngasms atanapi nelepon,
sedengkeun kasono aa éstu taya kendatna...
upami diayonan,
tangtos duka sabaraha rébu boa sms nu dikintun ka salira unggal dintenna.

Ayeuna...
Aa mung tiasa nyidem ieu rasa sono,
wios sanaos teu kauninga ku salira.
Saleresna aa kacida ngantos-ngantos wartos,
saban dinten ningalian hp mamanawian ujug-ujug jol sms ti salira,
tawis salira oge ngagaduhan rasa anu sami sareng aa.

Duh....
mugi-mugi dina wengi ieu,
éta harepan aa sing tiasa tinekanan...
Salira jol ngasms atanapi nelepon
sabari ngahariringkeun tembang asih...
asih nu wening...asih urang duaan...

Kembang Eros

Eulis...Engkang niténan
beureumna eros nu
katojo sumirat srangéngé
énjing ieu...aya ku éndah,
clak ibun ti tungtung
daun, kembangna
sumedeng mangkak,
seungit ngadilingding,
kaambung parat dugi
kana jajantung.

Na enya taya nu langkung
éndah batan éta?ah
Engkang cangcaya...

Reup Engkang peureum,
norékkeun cepil, nahan
napas sajongjongan,
ngosongkeun
lelembutan...ah mitresna
salira kutan langkung
éndah batan beureumna
eros. Rasa sono ka salira
kutan langkung waas
batan patamanan anu
héjo.

Engkang panasaran
hoyong niténan eros ti
kacaketan, tel tungtung
ramo ngusap
kembangna...aya ku leucir
ngagilisir kana kulit.
Lahlahan metik tangkalna
seja nyangking éndahna
mung keur Engkang
nyalira. Ku teu hanteu,
ramo Engkang abor-
aboran getih, peurih
katojos cucukna.

Ras deui Engkang ka
salira, éstu taya béntenna
salira sareng kembang
eros, salira gé tos
ngantunkeun pilara nu
langkung peurih batan
katojos cucuk eros....