Selasa, 30 Juli 2013

Tepang Di Awang-awang

Urang tepang dî awang-awang
taya kelét soca,
taya imut ngirut,
éstu ngan cumarita tanpa sora
tapi teu nyana rasa ujug-ujug pataréma
aya geter-geter nu teu biasa,
aya tresna nu mancawura

Anjeun kembang eros di sisi jungkrang
seungit awun-awunan ngagupayan geusan dipikahéman
tapi...duh naha nalika rasa mingkin rosa nginggeungkeun jero dada
anjeun kalah lir nu ngaléléwa teu kahontal diajul ku gantar pangharepan

Ayeuna...
diri lumbang-limbung linglung ditalikung kabingung
teu walakaya nandangan pilara
kabintih asih nu nurih burih
ngajungkel abor-aboran kacinta nu can karuhan laksana...

ciamis, 13 mei 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar