Minggu, 27 September 2015

Fikmin "LADANG LABUH"

Cekiiit. Gubrag. Kuring nyerengid, kékéongeun katindihan stép motor.
"Goblog, siah!" nyorowok ka mobil nu bieu nyérémpét.
Tina mobil, turun bapa-bapa perlénté.
"Punten, Cép! Teu kukumaha?" manéhna nyolongkrong, rék ngahudangkeun.
"Teu kukumaha, beungeut sia!" kuring ngeupiskeun leungeunna.
"Punten, teu dihaja. Abdi nuju rusuh, aya peryogi penting pisan. Ieu wé kanggo lalandong...," ngasongkeun duit saratus rébuan dua lambar.
"Moal gé mahi! Tambahan!" nyorongot.
Manéhna muka lokét deui. Song lima lambar. Dina haté, kuring surak. Teu pira baréd saeutik, cukup diobat mérahan ogé.

Malem Minggu héhéotan. Geus jangjian jeung Dési, kabogoh anyar, rék nongton ka bioskop. Untung labuh tina motor, jadi boga duit keur modal.
Srog ka imah Dési.
"Punten...!" keketrok kana panto.
"Mangga...!" kulutrak, aya nu muka.
"Artos kanggo lalandongna kirang kénéh, Cép?" nu muka panto mencrong.

Sabtu, 12 September 2015

Fikmin "ASURANSI"

Manéhna diopnameu di rumah sakit. Untungna, manéhna mah miluan asuransi. Bélaan mereketkeun pikeun mayaran macem-macem prémi asuransi téh. Asuransi kaséhatan, asuransi pendidikan budakna, asuransi imah, mobil, tug nepi ka asuransi jiwa. Jadi, sanajan gering mulan-malén ogé, teu riweuh urusan béayana. Kabéh dibayar ku pausahaan asuransi.

Basa manéhna maot, asuransi jiwana cair. Pamajikanna nampa satengah ém ti pausahaan asuransi. Budak-budakna jaradi sarjana, dibéayaan ku pausahaan asuransi. Ayeuna, imahna dieusian ku urut pamajikan jeung salakina anu anyar. Mobilna dipaké pelesiran, méakkeun ladang asuransi. Manéhna, bati ceuleumeut. Meunang katunggara di alam kubur. Hanjakaleun. Basa keur hirup, sok mopohokeun prémi asuransi nu hiji deui. Amal ibadah, shodaqoh jariyah, jeung ngadidik anak nu sholéh.

Selasa, 08 September 2015

Fikmin "KAHURUAN"

Kadéngé sora kohkol ditihtirkeun. "Kahuruan..., kahuruan...!" tingcorowok. Jalma-jalma bar-ber ngakutan cai. Nyéblokan imah nu kahuruan. Sawaréhna, aya nu sabari motoan maké hpna. Arapdét status fb jeung bbm. Riungan jalma nyingray, basa datang tilu mobil damkar. Satutas aya kana dua jamna patugas damkar nyemprotan nu kahuruan, seuneu pareum. Torojol, aya wartawan mamanggul kaméra. Nu saurang, ngawawancara Pa Kuwu nu haruhah-haréhoh kénéh geus mantuan tutunjuk. "Kinten-kintenna, naon nu janten sabab kahuruan ieu, Pa?" wartawan ngasongkeun mik. "Numutkeun panalungtikan aparat, tos tiasa dipastikeun nu janten sababna téh...seuneu...!" Pa Kuwu memener kopéahna. Wartawan gégétrét.

Fikmin "NGÉLÉHAN"

Di Ciawi, kuring ngajanteng ngadagoan beus jurusan Bekasi. Kamalinaan teuing ulin di imah babaturan, jadi balik kapeutingan. Rét kana érloji. Jam dalapan. Haté rada reugreug. Teu pati keueung, masih kénéh loba jalma nu sarua keur ngadagoan beus. Reg. Aya beus nu metet ku panumpang, eureun hareupeun. Diilikan trayékna. Lain tujuan kuring. Aya saurang nini-nini turun, ngajingjing kardus. Nyampeurkeun ka palebah kuring.
"Mulih ti mana sareng badé angkat ka mana, Ni?" kuring unggeuk, sabari imut.
"Ti Sukabumi, badé ka Kalideres," pokna. Nunda kardus. Milu ngajanteng gigireun.
"Har, nembé téh lungsur tina beus jurusan Kalideres, sanés?" ngahuleng.
"Muhun," nyusut késang dina tarangna ku tonggong leungeun.
"Naha bet lungsur di dieu atuh, Ni?" ngasongkeun tisu.
"Tadi téh aya jalmi tanpa daksa nu teu kabagéan jok, tapi teu aya saurang ogé nu kersa ngéléhan. Upami nini ngéléhan masihan tempat calik ka anjeunna, bilih alimeun. Kapaksa nini lungsur, api-api tos dugi ka tujuan, supados anjeunna kersaeun nyalikan jok tilas nini," nerangkeun.
"Deudeuh teuing, Nini...," gumerendeng. Teu karasa, cipanon ngembeng.

Kamis, 03 September 2015

Fikmin "UCING KONÉNG"

Rarabi geus sapuluh taun, euweuh pacogrégan. Ka pamajikan teu weléh geugeut. Kitu deui pamajikan, karasa baktina ka salaki. Jeung dulur akur. Mitoha ogé bageur pisan. Nyaah, moal waka dikubur satungtung can maot mah. Mangnyieunkeun imah. Méré fasilitas usaha. Ku kaparigelan kuring dina ngokolakeunana, usaha mingkin maju. Mitoha mingkin percaya ka kuring. Sagala rupa kumaha kuring, nyebutna ogé Si Aa, minantu nu pangdipikanyaahna. Matak sanajan nyasatna kuring sagala numpang, teu asa nyalindung ka gelung. Saréréa di kulawarga pamajikan, hurmat ka kuring.

"A, ka dieu!" mitoha ngageroan. "Aya pikeresaeun naon, Pa?" nyium leungeunna. "Ku sabab bapa mah geus kolot, panggilingan paré nu di lembur Cipangisangan, uruskeun ku Aa! Kira-kirana sanggup, teu?" mitoha neuteup."Oh, sumuhun, Pa! Sanggem...," kuring unggeuk. Bungah. Asa mobok manggih gorowong. Bisa sakalian ngalongokan pamajikan nu ngora, nu karék opat puluh poé ngajuru.

Fikmin "LADANG NUNDUTAN"

"Jadi..., rék wudu, sunat nyusur. Rék sholat, sunat nyusur. Rék ngaji, sunat nyusur. Hudang saré, sunat nyusur. Rék saréna ogé, sunat nyu...?" Kang Ustadz Ade pepeta. "Nyusuuur...!" Jama'ah ngajawab ragem. Abah Sholahuddin Al-Muroqy nu keur nundutan, ngoréjat. Surudut, nyusut dahdirna ku samping.

Balik ka imah, kasampak Ambu Ela Nurlaela geus ngaguher. Kérék. Ku Abah Owah diteuteup. "Deudeuh teuing, capéeun meureun tadi beurang geus mantuan ngagoréngan cimol. Hampura Abah, geulis! Abah ngan bisa ngahésékeun ka Ambu, ari ngarasikoan tibang tujuh rébu lima ratus...," gumerentes. Cipanonna ngembeng. Golédag, ngagolér gigireunana. Karék ogé rék reup, kaburu inget kana tausyiah Kang Ustadz Adé. Leungeun Abah Owah upuy-apay ka anu keur tibra. Ambu Éla ngulisik. Nyah, beunta. "Rék naon, Abah? Ambu mah keur beureum!" Ambu Éla ngeupiskeun leungeun Abah Owah. "Lain hayang ungked da, iyéy! Ceuk Kang Ustadz Adé, méméh saré téh sunat nyusu...!"

Fikmin "BALES DENGDEM"

"Pa, gugah...!" pamajikan ngaguyah-guyah. Koréjat. Ambekan rénghap ranjug. Ngumpulkeun pangacian. Pamajikan nangkeup. Rieg. Lomari oyag-oyagan. Gubrag. Pré. Pigura foto ragrag. Belingna mancawura. Pes, lampu kamer pareum. Pamajikan mingkin nyusup. Bray, caang deui. Kalayang, sapatu ti juru kamer rék nyamber kana sirah. Rikat ngelok. Sapu injuk muter ka luhur. Beletuk, kana néon. Kamer poék deui. Upuy-apay kana panto. Satengah digusur, pamajikan dituyun ka tengah imah.

"Bapa...!" Si Bungsu ngagoak ti kamerna. Gebeg. Buru-buru lumpat. Disampeurkeun. Bréh, kamerna acak-acakan. Si Bungsu jejeritan di luhur risbangna nu kakalayangan. Kuring babacaan sabisa-bisa.
"Rék maca naon, sia? Teu sieun aing mah!" aya sora tanpa jirim.
"Naha anjeun bet ngaganggu...?" ngadarégdég.
"Tamaha sia, kumawani maéhan anak aing!"
Leng. Ras, poé kamari geus maéhan oray hideung di buruan.