Kamis, 26 September 2013

Nyiruan Jeung Laleur

ﺍﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪ

Naha nyiruan gancang manggihan kembang, sedengkeun laleur gancang manggihan kokotor?
Sabab naluri nyiruan ngan pikeun manggihan kembang, sedengkeun naluri laleur ngan ukur pikeun manggihan kokotor.
Nyiruan teu kataji ku kokotor. Sabalikna, laleur teu kataji ku seungit tur éndahna kembang.
Alhasil, nyiruan beunghar ku madu, sedengkeun laleur beunghar ku bibit buit panyakit.

Naha sawaréh jalma aya nu bedegong, jeung sawaréh jalma aya nu bageur...?
Sabab jalma bedegong teu kataji ku hal-hal kahadéan. Sabalikna, lamun aya hal-hal goréng, pikanyerieun, gosip, bohong, mumusuhan, maranéhna kacida sumanget pikeun nyebarkeunana.
Jalma bageur nyaéta jalma nu teu kataji tur teu hayang ngaréspon kana hal-hal goréng, nganyenyeri, isu nu teu puguh, jeung sakabéh hal anu goréng.
Naon anu dipikirkeun bakal ngahasilkeun naon nu ditempo, jeung naon nu ditempo bakal ngahasilkeun naon nu ditampa.

Intina, hirup ieu kacida gumantung kana haté jeung pikiran.
Lamun haté jeung pikiran teu weléh négatif, mangka naon waé nu ditempo bakal teu weléh négatif, tur hasilna nyaéta pilara, nyeri haté, kuciwa, jeung sirik pidik.

Dulur-dulur hayang hirup bagja...?
Pék mimitian kalayan haté jeung pikiran nu teu weléh positif, mangka naon waé nu ditempo bakal teu weléh positif tur hasilna nyaéta kabagjaan.

Sakitu nu tiasa didugikeun,

ﻭَﺍﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar