Jumat, 06 September 2013

Cara Wudlu Sarta Dzikirna

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

مَنْ ذَكَرَ اللهَ عِنْدَ وُضُوْئِهِ طَهَّرَ اللهُ جَسَدَهُ كُلَّهُ

( الحَدِيْثَ رَواَهُ الدَّرُقُطْنِى )

Sing saha anu dzikir ka Alloh nalika wudluna,
Mangka Alloh baris ngaberesihkeun sakumna awakna

1.  Saméméh wudlu disunatkeun nyusur/siwak (Sunnah ; HR. Al-humaediy, Fathul Mu’in, Bidayatul-hidayah) niatna ;


نَوَيْتُ اسْتِواَكَ سُنَّةً ِللهِ تَعاَلىَ

“Abdi niat nyusur/siwak, sunnah alatan Alloh”


2. Nyanghareup Kiblat bari maca, Basmallah, Syahadah, Hamdallah sarta Ta’udz (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Al-adzkar, Fathul-mu’in) nyaéta ;


بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

“Kalayan jenengan Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih”

(HR. Bukhori Muslim)


أَشْهَدُ أَنْ لآَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ

“Abdi nyakséni yén teu aya Pangéran sajaba Alloh sarta Nabi Muhammad nyaéta utusan Alloh”

(Sunnah ; Fathul-mu’in)


الحَمْدُ ِللهِ الَّذِى جَعَلَ الماَءَ طَهُوْراً

“Sagala puji pikeun Alloh anu ngajadikeun cai ieu suci”

(HR. Bukhori Muslim)


رَبِّ أَعُوْذُ بِكَ مِنْ هَمَزاَتِ الشَّياَطِيْنِ

وَأَعُوْذُ بِكَ رَبِّ أَنْ يَحْضُرُوْنَ

“Pangéran abdi, abdi nyalindung ka Gusti tina haréwosan-haréwosan syétan sarta abdi nyalindung ka Gusti ti kadatangan maranéhanana ka abdi”

(QS. Al-mukminun 97-98)

3. Ngumbah dampal leungeun nepi ka pigeulangan 3 kali, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in) do’ana ;

أَللَّـهُمَّ  إِنِّى أَسْأَلُكَ اليُمْنَى وَالبَرْكَةَ وَأَعُوْذُ بِكَ مِنَ الشُّؤْمِ وَالْهَلَكَةِ

“Yaa Alloh, abdi nyuhunkeun ka Gusti kauntungan sarta kaberkahan sarta nyalindung ka Gusti tina kasialan sarta kabinasaan”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Ar-ramly)

4. Kekemu 3 kali nepi ka genggerong kajaba keur puasa, (Sunnah ; HR. An-nasai, HR. Bukhori Muslim, Fathul-mu’in) do’ana ;

أَللَّـهُمَّ  أَعِنِّى عَلَى تِلاَوَةِ كِتاَبِكَ وَكَثْرَةِ الذِّكْرِ لَكَ

“Yaa Alloh, paparin pitulung ka abdi pikeun tiasa maca kitab Gusti sarta seueur nginget ka Gusti”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Al-adzkar)


5. Ngingsreuk sarta ngaluarkeun cai ti irung 3 kali nepi ka jero irung kajaba keur puasa, kalayan ngaleungitkeun kokotor dina irung, (Sunnah ; Fathul-mu’in) do’ana ;

Do’a ngingsreuk cai kana irung ;

أَللَّـهُمَّ أَرِحْنِى راَئِحَةَ الجَنَّةَ وَأَنْتَ عَنِّى راَضٍ

“Yaa Alloh, paparin ambeu surga pikeun abdi sarta Gusti rido ka abdi”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Al-adzkar)


Do’a ngaluarkeun cai ti irung ;


أَللَّـهُمَّ  إِنِّى أَعُوْذُ بِكَ مِنْ رَواَئِحِ النَّارِ وَسُوْءِ الدَّارِ

“Yaa Alloh, abdi nyalindung ka Gusti ti ambeu seuneu naraka sarta tempat ngancik anu goréng”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah)

6. Ngumbah Beungeut, bari boga niat dina haté (Fardu ;  Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in) ;

-Ngalapalzkeun niat (Sunnah)  nyaéta ;

نَوَيْتُ الوُضُوْءَ فَرْضاً ِللهِ تَعاَلىَ

“Abdi niat wudlu fardu alatan Alloh”

-Ngumbah 3 kali (Sunnah ; Fathul-mu’in)

-Watesan beungeut nyaéta ti ceuli hiji ka ceuli anu séjén sarta ti watesan tumuwuhna buuk sirah di luhur tarang nepi ka handap gado (Fardu ; HR. Bukhori Muslim, Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngumbah janggot ipis nepi ka kulit atawa bulu ipis liannna (Fardu ; Fathul-mu’in)

-Ngumbah leuwih ti wates nyaéta wajib alatan moal sampurna kawajiban lamun henteu ngaleuwihan wates, mangka ngaleuwihan wates éta wajib, (Qaidah Usul Fiqh, HR Bukhori Muslim)

-Ngumbah beungeut bari nyuay-nyuaykeun janggot kandel nepi ka batin atawa bulu kandel séjénna (Sunnah ; Al-bujaerimiy, Fathul-mu’in)

-Maca do’a ngumbah beungeut katut ;


أَللَّـهُمَّ بَيِّضْ وَجْهِى يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهٌ وَتَسْوَدُّ وُجُوْهٌ

“Yaa Alloh, bodaskeun pameunteu abdi nalika pameunteu-pameunteu janten bodas sarta pameunteu-pameunteu janten hideung”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah)


7. Ngumbah kadua leungeun katut siku-sikuna, hartina ngaleuwihan ti siku-sikuna, dimimitian (Fardu ; HR. Bukhori, Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngaheulakeun leungeun katuhu batan anu kénca, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngumbah 3 kali, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Antara ramo leungeun katuhu di kosok ku ramo leungeun kénca, kitu ogé sabalikna sarta mimitian ngumbah ti bagéan dampal leungeun nuju kana leungeun (Sunnah ; Fathul-mu’in)

-Maca do’a waktu ngumbah leungeun katuhu sarta do’a waktu ngumbah leungeun kénca, nyaéta ;


Do’a ngumbah leungeun katuhu ;


أَللَّـهُمَّ  أَعْطِنِى كِتاَبِى بِيَمِيْنِى وَحاَسِبْنِى حِساَباً يَسِيْراً

“Yaa Alloh paparin kitab abdi kana panangan katuhu abdi sarta hisab abdi kalayan hisaban anu hampang”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah)


Do’a ngumbah leungeun kénca ;


أَللَّـهُمَّ  إِنِّى أَعُوْذُ بِكَ أَنْ تُعْطِيَنِى كِتاَبِى بِشِماَلىِ أَوْ مِنْ وَراَءِ ظَهْرِى

“Yaa Alloh, abdi nyalindung ka Gusti supados. Gusti teu maparin kitab abdi kana panangan kénca abdi atanapi ti pengker tonggong abdi”

( Sunnah ; Bidayatul-hidayah)


8. Ngusap sirah, buuk atawa kulitna (Fardu ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngusap 3 kali, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngusap kabéh bagéan sirah ku kadua leungeun dijalankeun ti hareup sirah ka tukang nepi ka punduk tuluy balik deui ka hareup tempat mimitina (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Do’ana ;


أَللَّـهُمَّ  غَشِّنِى بِرَحْمَتِكَ وَأَنْزِلْ عَلَيَّ مِنْ بَرَكاَتِكَ وَأَظِلَّنِى تَحْتَى ظِلِّ عَرْشِكَ يَوْمَ لاَ ظِلَّ إِلاَّ ظِلُّكَ

“Yaa Alloh ampunan abdi kalayan rohmat Gusti sarta lungsurkeun ka abdi barokah Gusti sarta tangtayungan abdi dihandap panagtayungan Arsy Gusti dina dintenan teu aya panangtayungan iwal ti panangtayungan Gusti”

( Sunnah ; Bidayatul-hidayah)



9. Ngumbah kadua ceuli luar sarta jero, nyaéta kalayan ngasupkeun kadua ramo curuk kana ceuli sarta kadua indung leungeun di bagéan luar ceuli (Sunnah ; HR Abu Daud, Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in) do’ana ;



أَللَّـهُمَّ  اجْعَلْنِى مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعُوْنَ القَوْلَ فَيَتَّبِعُوْنَ أَحْسَنَهُ , أَللَّـهُمَّ اسْمِعْنِى مُناَدِيَ الجَنَّةِ فىِ الجَنَّةِ مَعَ الأَبْراَرِ

“Yaa Alloh, jantenkeun abdi kalebet jalmi-jalmi anu ngaregepkeun cariosan sarta nuturkeun anu pangsaénana. Yaa Alloh, kupingkeun ka abdi panggero adzan di surga sasarengan jalmi-jalmi anu bakti”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah)


10.  Ngusap punduk atawa tonggong beuheung ku leungeun baseuh, do’ana ;


أَللَّـهُمَّ  فَكِّ رَقَبَتِى مِنَ النَّارِ وَأَعُوْذُ بِكَ مِنَ السَّلاَسِلِ وَالأَغْلاَلِ

“Yaa Alloh, bébaskan abdi ti naraka, sarta abdi nyalindung ka Gusti ti ranté sarta belengguna”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Bid’ah ; Syarh Raudl)

11.  Ngumbah suku katut mumuncanganana, hartina ngaleuwihan ti mumuncangana (Fardu ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Heulakeun suku katuhu batan kénca, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Ngumbah 3 kali, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

-Mimitian ngumbah ti tungtung ramo ka mumuncangan, antara ramo-ramo suku katuhu di kosok ku leungeun kénca ti arah handap, keur suku kénca ku leungeun katuhu (Sunnah ; Fathul-mu’in)

-Maca do’a waktu ngumbah suku katuhu sarta do’a waktu ngumbah suku kénca ;

-Do’a ngumbah suku katuhu ;

أَللَّـهُمَّ  ثَبِّتْ قَدَمِى عَلَى الصِّراَطِ المُسْتَقِيْمِ مَعَ أَقْداَمِ عِباَدِكَ الصَّالِحِيْنَ

“Yaa Alloh, ajegkeun dampal sampéan abdi di luhur jalan anu lempeng sasarengan sampéan-sampéan para hamba Gusti anu sholéh”

(Sunnah ; Bidayatul-hidayah)

-Do’a ngumbah suku kénca ;

أَللَّـهُمَّ إِنِّى أَعُوْذُ بِكَ أَنْ تَزِلَّ قَدَمِى عَلَى الصِّراَطِ فىِ النَّارِ يَوْمَ تَزِلُّ أَقْداَمُ المُناَفِقِيْنَ

“Yaaa Alloh, abdi nyalindung ka Gusti supados sampéan abdi henteu tikoséwad di luhur shirot kana seuneu naraka babarengan kaum munapék”

( Sunnah ; Bidayatul-hidayah)

12.   Réngsé wudlu arahkeun tetempoan ka langit, nyanghareup kiblat bari ngangkat leungeun sarta ngado’a ( Sunnah ; HR Muslim, Turmudzi, Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in) ;

أَشْهَدُ أَنْ لآَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ

وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ

“Abdi nyakséni yén teu aya Pangéran sajaba Alloh, teu aya réwang pikeuna-Na sarta abdi nyakséni yén nabi Muhammad nyaéta hamba sarta rosul-Na”

(Sunnah ; HR Muslim, Fathul-mu’in)

سُبْحاَنَكَ أَللَّـهُمَّ  وَبِحَمْدِكَ أَشْهَدُ أَنْ لآَ إِلَهَ إِلاَّ أَنْتَ عَمِلْتُ سُوءًا وَظَلَمْتُ نَفْسِى أَسْتَغْفِرُكَ وَأَتُوْبُ إِلَيْكَ فاَغْفِرْ لىِ وَتُبْ عَلَيَّ إِنَّكَ أَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ

“Maha suci Gusti, Yaa Alloh sarta kalayan muji Gusti, abdi nyakséni yén teu aya Pangéran sajaba Gusti. Abdi midamel kaawonan sarta nganiaya diri abdi. Abdi nyuhunkeun pangampunan sarta tobat ka-Gusti, mangka ampunan dosa abdi sarta tampi tobat abdi. Saéstuna Gusti Maha panarima tobat ogé Maha Asih”

(Sunnah ; HR. Turmudzi, Fathul-mu’in)


أَللَّـهُمَّ اجْعَلْنِى مِنَ التَّابِعِيْنَ وَاجْعَلْنِى مِنَ المُتَطَهِّرِيْنَ وَاجْعَلْنِى مِنْ عِباَدِكَ الصَّالِحِيْنَ

“Yaa Alloh, jantenkeun abdi kalebet jalmi-jalmi anu susuci sarta jantenkeun abdi kalebet hamba-hamba Gusti anu sholéh”

(Sunnah ; HR. Turmudzi, Fathul-mu’in)


وَصَلَّى اللهُ عَلَى خَيْرِ خَلْقِهِ مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ وَالحَمْدُ ِللهِ رَبِّ العاَلَمِيْنَ

“Muga Alloh maparinn rohmat ka makhluk pangsaéna nyaéta Muhammad, katut kulawarga sarta sohabat sadayana. Sagala puji pikeun Alloh Pangéran pangurus samurbeng alam”.

(Sunnah ; Fathul-mu’in)



13.   Maca surat Al-qodar 3 kali kalayan henteu ngangkat leungeun, (Sunnah ; Bidayatul-hidayah, Fathul-mu’in)

14.  Saterusna ngalaksanakeun solat sunnah Wudlu

Catetan:

FARDU WUDLU

(Kitab ; Hasyiah Fathul-qorib)

Fardu Wudlu aya 6 ;
1). Niat, waktu mimitian ngumbah beungeut. 2) . Ngumbah Beungeut.
3). Ngumbah kadua leungeun katut sikuna.
4). Ngusap sawaréh sirah.
5). Ngumbah suku katut mumuncanganana, Sarta
6). Lantip

SUNNAH WDULU

(Kitab ; Hasyiah Fathul-qorib)

Sunnah dina wudlu aya 10 ;
1). Maca Bismillah sarta ngumbah dampal leungeun saméméh kekemu.
2). Kekemu.
3) . Ngingsreuk cai kana irung.
4). Ngusap kabéh bagéan sirah.
5). Ngumbah bagéan luar sarta bagéan jero ceuli ku cai anyar.
6). Ngumbah janggot kandel kalayan nyuay-nyuaykeunana.
7). Ngumbah antara ramo leungeun atawa ramo suku.
8). Ngaheulakeun anggota awak bagéan anu katuhu tinimbang bagéan anu kénca.
9). Tilu kali unggal kukumbah, sarta
10). Tuluy-tuluy.


KAUTAMAAN WUDLU SAMPURNA

( Kitab Riyadush-sholihin )

Lamun ngalakonan wudlu sacara sampurna mangka anjeun baris meunangkeun kautamaan diantarana ;
1) . Sawaréh kaimanan.
2). Bénténg saurang mu’min.
3). Ngahapus rereged (dlohir-batin) nepi ka béak sarta euweuh anu nyésa.
4). Ngabersihkeun awak ti dosa sarta kahilapan.
5). Diantara ciri has Umat Nabi Muhammad Saw.
6). Ngusir syétan.
7). Kabuka dalapan panto surga.
8). Ngaluhurkeun ajén di surga.
9). Diampunkeun dosa anu geus kaliwat.
10). Nyegerkeun jiwa sarta awak.

DAPTAR PUSTAKA

-   QS. Al-mu'minun 97-98, Al-qur’an

-   HR. Bukhori Muslim, Al-hadits

-   HR. Muslim, Al-hadits

-   HR. Turmudzi, Al-hadits

-   HR. Al-humaédiy, Al-hadits

-   Bidayatul-hidayah, Al-imam Al-ghozaliy

-   Al-adzkar, Al-imam An-nawawiy

-   Syarh Raudl, Al-imam An-nawawiy

-   Ar-ramly, Al-imam Ar-ramliy

-   Al-bujaérimiy, Syékh Al-bujaerimiy

-   Fathul Mu’in, Syékh Zaénuddin Al-malaébariy

-   Hasyiah Fathul-qorib, Syékh Al-bajuriy

-   Hasyiah Al-iqna’, Syékh Asy-syirbiny

Tidak ada komentar:

Posting Komentar