Selasa, 22 Agustus 2017

Fikmin "IKHLAS"

Proposal dibulak-balik, dibaca kalawan gemet.
"Kaleresan nuju aya rezeki langkung, insya Allah abdi nyumbang sapuluh juta." Ngasongkeun proposal ka Pa RT. 
"Alhamdulillah, mugia Bapa sing langkung digampilkeun tur diseueurkeun deui rezekina...." Pa RT ngangkatkeun dua leungeunna. Paromanna marahmay. 
"Aamiin...! Tapi teu kedah diseratkeun nami abdi, cekap Hamba Allah wé," cekéng. Kuring ikhlas nyumbang, lain pédah hayang katangar. 

Poé Juma'ah, méméh adzan, Pa RT biantara. "Alhamdulillah, dana nu kakumpulkeun kanggo ngaréhab masjid, tos kénging lima puluh juta. Aya saurang jama'ah, Hamba Allah, nu nyumbang pangageungna, sapuluh juta...." Pa RT pérélé ngalaporkeun dana nu asup jeung kaluar. Jama'ah tinglalieuk. Tingkucuwes. 
"Nu nyumbang sapuluh juta, jigana Pa Haji Mansur," Mang Engkos nu diuk gigireun, ngaharéwos. 
"Lain, ah! Pa Haji Mansur mah, beunghar ogé kumed! Ceuk uingah, pasti Pa Haji Jamhur!" Mang Karta némpas. 
"Kabéh ogé salah! Bisi hayang apal, Hamba Allah éta téh déwék!" Kuring ngagebés. Irung karasa rada rebéh. 

Jumat, 07 Juli 2017

FIKMIN "HAPÉ RUKSAK"

Keur anteng mukaan Facebook, sura-seuri sorangan maca pairan-pairan babaturan anu ngabarojég. Torojol Aki Jumanta, tatangga gigireun imah.
"Batan cengar-cengir kitu mah, coba pangngomékeun hapé Aki!" Ngasongkeun hapé.
"Nyurup ka anu gaduhna hapé téh, Ki," cekéng, nyéréngéh. Nampanan hapé.
"Na kumaha, kitu?" Aki Jumanta molohok, teu ngarti.
"Sami-sami jadul...!" Kuring ngagakgak.
"Euh, ka kolot téh kitu, ah!" Seuri, némbongkeun huntuna anu geus coréngcang.
"Naonna nu reksak, Ki?" Ngilikan hapé
"Puguh teu daékeun sada waé, Cép," pokna. Hapé dicobaan. Dipaké nelepon ka operator. Alus, sorana ngoncrang.
"Ah, hapéna mah saé, Ki." Ngabulak-balik hapé.
"Ih, puguh euweuh soraan. Ruksak!" Keukeuh.
"Henteu, Ki. Nembé ku abdi dicobian nelepon, saé." Nyobaan deui hapé. Angger alus.
"Aki meuli hapé ieu téh, bélaan ngajual éntog. Ceuk tadina mah, supaya babari mun budak-budak Aki hayang nelepon nanyakeun kaayaan Aki. Tapi..., geus lila euweuh saurang ogé anu nelepon...." Aki Jumanta carinakdak.
Kuring ngahuleng. Ras.

Minggu, 02 Juli 2017

OPAT PERKARA NU TEU DIPIKANYAHO AJÉNNA ANGING KU OPAT JALMA

Ti Hatim Al Asham ra:

اَرْبَعَةُ أَشْيَاءَ لَايَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَرْبَعَةٌ : اَلشَّبَابُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهُ إِلَّا الشُّيُوْخُ وَالْعَافِيَةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَهْلُ الْبَلَاءِ وَالصِّحَّةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَرْضَى وَالْحَيَاةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَوْتَى .

"Opat perkara nu teu dipikanyaho ajénna anging ku opat jalma, nyaéta: 
1. Kangoraan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus kolot.
2. Kabagjaan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu katibaan balai.
3. Kaséhatan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma anu gering.
4. Kahirupan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus maot."

Nashoihul Ibad

Senin, 26 Juni 2017

Fikmin "OPOR HAYAM"

Balik sholat ied, Udin ngalimed dahar. Deungeunna garang japuh, sambel, jeung kulub jaat. Lain teu hayangeun jeung daging kawas batur, tapi teu kabedag.
"Kang, ieu aya opor hayam ti Pa Ustadz Puloh." Pamajikanna ngacungkeun rantang. Eusina dieurihkeun kana mangkok.
Udin teu jadi ngahuap. Kumétap. Ngahuleng sakedapan.
"Euh, akang mah jeung ieu wé. Mending kirimkeun deui ka Mang Engkos. Karunya, manéhna hudang gering, keur meujeuhna mamayu." Nuluykeun daharna.

"Kang, ieu aya kiriman ti Jang Udin, ngeunah geura." Pamajikan Mang Engkos ngasongkeun sangu jeung samangkok opor hayam.
"Kabeneran, geus lila akang teu ngadahar daging hayam. Tapi..., akang mah jeung ceplok endog wé, lah! Éta mah mending kirimkeun ka Wa Ajid. Karunya, geus lila teu gawé cenah, jaba anakna loba."
Opor hayam dirantangan deui. Dikirimkeun ka Wa Ajid.

"Punten, Pa Ustadz. Hatur lumayan, hoyong karaosan rezeki ku Pa Ustadz." Aki Jumanta rengkuh.
Ustadz Puloh muka rantang pangirim. Rambisak. Nempo opor hayam balik deui.

LALAKON SHOHABAT NABI, JULAIBIB.

Julaibib, tina ngaranna ogé geus bisa kasawang kumaha dedeganana. Hideung, busekel. Julaibib, mangrupakeun ngaran nu teu ilahar di nagri Arab mangsa harita. Ngaran éta, lain kahayangna, boa lain kahayang kolotna ogé. Ti saprak gurudag ka alam dunya, Julaibib teu apal saha ari indung bapana. Pon kitu deui jalma-jalma di sabudeureunana, teu nyaraho, atawa teu harayang nyaho. Pikeun masrakat Yatsrib, teu ngabogaan nasab jeung sélér, mangrupakeun kacacadan sosial nu kacida gedéna. Kaayaanana éta, ngajadikeun jalma-jalma euweuh nu daék ngadeukeutan anjeunna. Goréng rupa, pikasieuneun, pendék, bengkung, hideung, tur fakir. Pakéan rudin, sukuna rorombéheun bari teu disendal-sendal acan. Teu boga imah pikeun ngiuhan, saréna ngagolér di mana waé, teu maké dadampar. Abu Barzah, pamingpin Bani Aslam, nepi ka ngawawarkeun ngeunaan Julaibib, "Tong aya nu ngantep Julaibib asup ka riungan aranjeun! Demi Allah! Lamun manéhna kitu, kuring nu bakal nandasa manéhna!"

Tapi, mun Allah tos ngersakeun maparin rohmatNa, euweuh hiji ogé makhluk nu bisa ngahalangan. Julaibib nampa hidayah. Anjeunna teu weléh aya di shaf panghareupna dina sholat jeung dina jihad. Sanajan ampir sakabéh jalma angger nganggap anjeunna lir nu euweuh. Tapi teu kitu pikeun Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam. Julaibib nu nganjrek di shuffah Masjid Nabawi, dina hiji poé ditaros ku Nabi Shollallahu ‘alaihi wasallam, "Julaibib…, naha anjeun teu rarabi?"
"Saha pijalmieunana, Ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam, nu kersa ngajantenkeun minantu ka abdi?" Julaibib ngajawab sabari imut. Euweuh riuk-riuk ngarasula atawa nyalahkan takdir Allah.  Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ogé imut, ngadangu jawaban Julaibib. Tapi dina poé saterusna, basa pendak jeung Julaibib, Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam naroskeun deui hal éta. "Julaibib, naha anjeun teu rarabi?" Kitu deui Julaibib, ngajawab kalawan jawaban anu sarua. Kitu, kitu, jeung kitu. Tilu poé tuluy-tuluy.
Dina poéan katilu éta, Nabi nuyun Julaibib, dibawa ka salahsahiji imah saurang pamingpin Anshor.
"Kuring rék ngararabikeun anak awéwé anjeun," dawuh Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ka nu boga imah.
"Duh, kalintang éndah tur barokahna." Nu boga imah marahmay, boga sangka yén Nabi nu bakal jadi calon minantuna. "Ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam, ieu tangtos bakal janten cahya nu nyaangan rorompok abdi."
"Tapi lain keur kuring," sanggem Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam, "Kuring ngalamar anak awéwé anjeun keur Julaibib."
"Julaibib...?" Reuwas.
"Enya, keur Julaibib."
"Ya Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam,” ngarénghap rada beurat. "Abdi badé nyuhunkeun tinimbangan pun bojo heula perkawis hal ieu."
"Ka Julaibib?" Pamajikanna satengah ngajerit. "Jalma goréng patut, teu boga nasab, teu boga sélér, teu boga kalungguhan, jeung teu boga harta. Demi Allah, teu sudi! Pamohalan anak urang nu geulis, kudu dirarabikeun ka Julaibib!"
Keur padungdengan kitu, anakna nyoara ti satukangeun hordéng, "Saha nu nyuhunkeunna, Bu, Pa?"
Indung bapana, nerangkeun ngeunaan saha nu ngalamar anakna pikeun Julaibib.
"Naha ibu sareng bapa badé nampik pamudut Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam? Demi Allah, abdi kersa. Demi Allah, kumargi Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam nu nyuhunkeun, mangka moal tumiba kaancuran tur karugian pikeun abdi."

Kocapkeun, kalayan du'a Nabi, Julaibib laksana ngadahup ka éta awéwé geulis. Kaéndahan di dunya éta, sihoréng teu ditakdirkeun lumangsung lila. Sanajan pamajikanna sholéhah, tapi wédadari geus kacida lilana mikasono Julaibib. Julaibib geus ditakdirkeun hina di dunya. Anjeunna leuwih pantes cicing di surga batan di dunya nu teu pati soméah ka dirina.
Basa anjeunna syahid, Nabi kacida leungiteun. Tapi Nabi seja ngajarkeun hiji hal ka para shohabatna. Mangka Nabi naros dina mangsana perang lekasan, "Naha aranjeun kaleungitan hiji jalma?"
"Henteu, ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam!" ngajarawab ragem. Kawasna bener, aya atawa henteuna Julaibib, euweuh bédana.
"Naha aranjeun kaleungitan hiji jalma?" Nabi naros deui, pameunteuna semu euceuy.
"Henteu, ya Rasulallah Shollallahu ‘alaihi wasallam!" Sawaréh para shohabat, ngajawab kalawan ham-ham, teu pati yakin jiga saméméhna. Sababaraha urang diantarana, tinglalieuk ka kénca jeung katuhu.
Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam ngarénghap jero. "Tapi kuring kaleungitan Julaibib," sanggemna.
Para shohabat karék engeuh. "Téangan Julaibib!"

Mangka kapanggih Julaibib anu mulya, syahid kalawan tatu minuhan awakna. Di sakurilingna, tinggalolér tujuh layon satru anu geus dipaténi ku anjeunna. Rasulullah shollallohu 'alaihi wassallam, kalawan pananganna nyalira, mulasara layon Julaibib. Rasulullah Shollallahu ‘alaihi wasallam nyolatan sarta ngangkatkeun dua pananganna. "Ya Allah, anjeunna nyaéta bagéan ti diri abdi sarta abdi bagéan ti dirina."

Saéstuna hikmah sajati, tara kaungkab ti anggalna, sabab kabodoan mindeng ngalamurkeun gambaran saliwatan.
Naon hartina hadé rupa, lamun teu dibarengan ku kasholéhan. Naon hartina lubak-libuk harta, lamun teu ngajurung kana kataatan.

FIKMIN TRILOGI

TRILOGI # RÉUNI 1 #

25 taun papisah. Sono nataku. Ari nempo dina profil Facebookna mah, kawas geus saruksés. Si Dédi nu baréto pangbangorna, cenah geus jadi ménéjer di bank swasta. Si Asri nu pangmontokna, ayeuna jadi instruktur senam, matak kalinglap nempo fotona ogé. Si..., ah, naha bet inget ka manéhna.

Sup, Si Jagur ka pakarangan réstoran nu anyar kénéh diwangun. Mobil ngajalajar. Enyaan, matak reueus. Reg, hareupeun nu keur ngariung.
"Héy, manéh Tédi, nya?" Nu saurang, cengkat. Ditelek-telek.
"Dédi? Béni, Firman...!" Kuring nunjukkan saurang-saurang. Haget sasalaman. Bungah taya papadana, bisa panggih deui jeung babaturan jaman di SMA.
"Gawé di mana, Téd?" Béni ngilikan kuring ti luhur nepi ka handap. Ngahaja, maké pakéan téh nu basajan.
"Muka warung sangu, leuleutikanan," cekéng, nyéréngéh.
"Kudu boga inovasi geura, ulah leutik waé usaha téh! Mun manéh suksés, Si Nina moal dituyun ku batur kitu meureun...!" Dédi nuduhkeun awéwé nu karék turun tina mobil. Rét. Haté ngadadak nyeblak.

TRILOGI # RÉUNI 2 #

Rohangan mingkin ramé. Kuring nyalingker sorangan.
"Cié..., aya nu baper...!" Dési, pamajikan, ujug-ujug ngagebah ti tukangeun.
"Naon, ih? Meni nembé dugi, ka mana heula?" Rampang-reumpeung.
"Rada lami di kantor notarisna, tapi ayeuna mah tos bérés." Ngacungkeun jempolna. Masih kénéh babaturan saangkatan manéhna téh, pédah béda kelas. Dasar jodo. Kuring jeung manéhna ngahiji, satutas pada ngalaman gagal dina rarabi nu mimiti.
"Yang...?" Culang-cileung. Teu kanyahoan, pamajikan geus ngiles deui.
"Di dieu...!" Gugupay ti juru rohangan. Ngagéndéng leungeun Nina. Kuring samar polah.

"Nin, hampura teu kungsi ngabéjaan, atuda euweuh raratanana. Geus takdirna meureun, kudu rarabi ka Tédi, popotongan Nina." Pamajikan sasadu.
"Teu nanaon, Dés, geus lain-lainna deui ieuh. Kudu sabar hirup susah wé jeung Tédi mah, nya!" Nina ngadilak.
"Ari salaki Nina, mana?" Pamajikan surti. Méngparkeun wangkongan.
"Bieu téh ka toilét. Tuh...!" Nina nuduhkeun lalaki nu keur nyampeurkeun.
"Andri...?"
"Dési...?"
"Geuning wawuh?" Nina olohok.
"Andri téh, urut salaki Dési...." Pamajikan samar polah.

TRILOGI # RÉUNI 3 #

Pada ngagonjak, majar tidagor siku dobel.
"Teu sangka, jodo ogé bisa dibarter, euy!" Dédi nyakakak. Sarohangan geunjleung, marilu ngageuhgeuykeun.
Pamajikan mingkin samar polah.
"Ayang sanés nu munggaran, tapi insya Allah nu panungtungan. Candak hikmahna wé, urang kedah ngalalakon heula, dugi ka tiasa kieu téh." Kuring ngaranggeum leungeun pamajikan.
"Geus, geus...!  Mending dahar heula. Di warung manéh mah, moal aya steak modél kieu, yeuh! Hayoh, sing wareg, meungpeung haratis!" Béni ngasongkeun piring nu metung ku kadaharan.

"Perhatosan, perhatosan...! Alhamdulillah, urang ayeuna bisa ngariung deui, nyacapkeun kasono...." Héndra, mantan ketua OSIS nu jadi panitia, biantara.
Jep, rohangan jempling.
"Urang ngariung di dieu kalayan haratis, sabab nu boga réstoran agréng ieu téh babaturan urang kénéh. Ieu téh dina raraga réuni, sakalian ngaresmikeun cabang réstoran ieu anu ka dua puluh. Anjeunna nyaéta...." Tinglalieuk.
"Mangga, Tédi sareng Dési ka payun!" Nu hadir, carolohok.
Nina gura-giru ngagusur salakina kaluar ti rohangan

Rabu, 17 Mei 2017

Fikmin "ANGEN-ANGEN"

Layon geus ditaékkeun kana pasaran. Digotong. Nu nganteurkeun ka astana ngabring. Asép jeung Agus milu pangtukangna.
"Ckckck..., mobilna édun, Gus!" Asép ngusapan mobil weuteuh nu ngajogrog di pakarangan.
"Jigana mobil anakna nu ti dayeuh...." Agus milu kumecrék.
"Mun proyék uing gul, rék meuli mobil kieu, lah! Moal nu hideung kawas ieu, tapi rék nu bodas, tangtu leuwih édun." Asép peureum bari rada nanggahkeun sirahna. Ngabayangkeun naék mobil weuteuh.
"Heueuh, ké uing milu, nya? Hayu, ayeuna mah urang ka astana heula, itu batur geus jarauh!" Agus ngagebah.
Asép gawéna leuwih toh-tohan. Beurang-peuting, teu nolih kana kacapé.
"Enyaan, nu hayang mobil weuteuh téh. Tapi sing inget kana kaséhatan, euy! Selow wé, selow...!" Agus ngélingan.
"Moal lila deui gé kabeuli, lah! Pokona uing kudu boga!" Asép nyéréngéh. Agus geus apal pisan kana watek sobatna éta, naon waé nu dicita-citana, kudu laksana.
Sabulan ti harita, Agus ngan bati carinakdak. Nempo Asép ditaékkeun kana pasaran.

Senin, 08 Mei 2017

FIKMIN "SI GEULIS"

Poé ieu mah, keur gedé milik. Tadi soré, meunang komisi ngajual taneuh. Ayeuna, meunang milik deui waé. Aya awéwé geulis megat, hayang milu. Cenah kapeutingan, angkot ka lembur geus euweuh.
"Bumi téh di mana?" Ngalieuk ka nu diboncéng.
"Cimanggu...." Biwirna méh-méhan antel kana ceuli. Haneut.
Diinget-inget. Cimanggu téh pangulinan, tapi asa karék nempo ka manéhna mah.
"Anyar pindah meureun," gerentes haté.
Hawa peuting mingkin nyecep. Manéhna nangkeup. Karasa aya nu hipu, neueul kana tonggong. Calana asa nyeregan.

"Kang, nyisi di ditu!" Manéhna nuduhkeun saung.
"Piraku di saung?" Reg. Jrut, turun.
"Wios...." Nuyun leungeun kuring. Calana mingkin sereg.
"Buka!" Manéhna nunjuk sléting jakét.
"Sabar atuh...!" Rék ngarawél nu tadi neueul kana tonggong.
"Tong culangung!" Ngeupiskeun leungeun kuring.
"Ah, sok api-api...!" Rék nangkeup. Ngeplos. Manéhna najong palangkakan.
"Wadaw...!" Kuring ngarumpuyuk. Karék ogé rék cengkat, aya nu ngahiuk kana cukang irung. Berebey. Leng.
"Nuhun duit jeung motorna, nya!"
Hawar-hawar, kadéngé sora motor ngagerung.

Selasa, 21 Maret 2017

JALMA DITILIK TINA CARA NGAMBEKNA

Jelema mun ditilik tina cara ngambekna :

- Panggoréngna; Babari ngambek, hésé lelerna
- Goréng; Hésé ngambek, tapi sakalina ngambek, hésé lelerna
- Rada goréng; Babari ngambek, babari ogé lelerna
- Leuheung; Hésé ngambek, tapi sakalina ngambek, babari lelerna
- Nu alus mah, jelema nu rék ngambek, tapi bisa meperna

Cenah, ceuk Ceu Enah, ari ngambék éta panas lir seuneu. Matak jelema ngambek mah, beungeutna sok bareureum, tina liang irungna ngebul. Ari seuneu, éléhna ku cai. Jadi lamun aya kaambek, buru-buru wudlu. Lamun can leler kénéh waé, ngeueum wé di balong, omat ngeueumna ulah dina cai ngagolak...lebar, gas keur mahal...heuheu

Senin, 20 Maret 2017

KASUNAHAN MAKÉ ALI

(فرع) يجوز للرجل تختم بخاتم فضة بل يسن فى خنصر يمينه أو يساره للاتباع ولبسه فى اليمين أفضل...

(إعانة الطالبين، ج ٢، ص ١٥٦)

(Ari ieu hiji cabang masalah) Wenang pikeun lalaki maké ali kalawan ali pérak, tapi disunatkeun dina cinggir katuhu atawa kénca alatan ittiba' ka Rasulullah SAW. Jeung ari makéna dina belah katuhu, éta leuwih utama...

Minggu, 19 Februari 2017

NU DIANTI-ANTI KU AHLI KUBUR

عن النبى صلى الله عليه وسلم أنه قال ما الميت فى قبره إلا كالغريق المغوث ينتظر دعوة تلحقه من ابنه أو أخيه أو صديق له فإذا لحقته كانت أحب إليه من الدنيا وما فيها.

(إعانة الطالبين، ج ٢، ص ١٤٢)

Teu aya mayit di pakuburanana, anging lir anu nuju kekelebekan titeuleum, ngantos-ngantos pidu'a ti putrana, dulurna, réncang-réncangna, sapertos ku mangngaoskeun Al-Qur'an, tasbih, tahmid, tahlil, sholawat, sareng dzikir-dzikir anu sanésna, anu ganjaranana diisholkeun ka mayit. Dimana-mana éta putrana, dulurna, réncangna nepungkeun du'ana ka éta mayit, mangka langkung dipikacinta ku éta mayit tibatan dunya katut eusina.

Selasa, 07 Februari 2017

Fikmin "KADUHUNG"

Mang Karta jeung Bi Karni balakécrakan di saung deukeut sawahna. Kéjo beureum, garang japuh, sambel goang, lalabna kulub génjér. Mang Karta ngalilimed.
"Alhamdulillah.... Ngeunah kénéh dahar jeung lauk asin, tibatan jeung daging euweuh mah." Eureuleu, teurab.
"Nya, heueuh atuh! Rék naon nu digayemna, ari euweuh mah?" Bi Karni nyikikik.
Mang Karta ngabaheuhay, bari ngelepus udud.
"Hayu, urang balik heula! Sakeudeung deui Lohor." Bi Karni nepak.
"Lah, kagok! Hanca paculeun saeutik deui, saparapat jam ogé bérés. Kapalang dédéblog." Ceg kana pacul. Turun deui ka sawah.

Hawar-hawar, kapireng adzan Lohor. Mang Karta ngagecruk kénéh macul. Bi Karni ngumbahan piring. Hanjat ti tampian, rét Bi Karni ka sawah.
"Kang...!" Ngagoak. Rawah-riwih. Muru ka sawah.
Mang Karta ceurik nggeunggeuik, nempo awakna nyuksruk kana leutak. Teu usik deui.

Rabu, 18 Januari 2017

"ISIM"

  بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Salahsahiji unsur kalimah nu bisa disusun jadi kalimah, nyaéta kalimah isim (kecap barang).
Ta'rif kalimah isim:

هُوَ كَلِمَةٌ دَلَّتْ عَلَى مَعْنًى فِى نَفْسِهَا وَلَمْ تَقْتَرِنْ بِزَمَانٍ وَضْعًا

Hartina: Kalimah nu nuduhkeun kana ma'na nu aya di dirina kalawan teu dibarengan ku zaman dina ngagunakeunana.

Conto kalimah isim: اَحْمَد, انَا, كِتَابٌ

Kalimah isim dina ma'nana teu dibarengan ku zaman, maksudna kalimah isim teu dibarengan ku "geus", "eukeur", "arék". Misalna kecap كِتَابٌ, dina ma'nana teu bisa geus/eukeur/arék kitab.

CIRI-CIRI KALIMAH ISIM:

1. Muthlaqul jar
Maksudna, narima i'rob jér. Jadi, sakur-sakur kalimah nu narima i'rob jér nyaéta kalimah isim, sabab i'rob jér ngan pikeun ngai'roban kalimah isim. I'rob jér dina kalimah isim, bisa disababkeun ku:
①. Harful jar

خَلَقَ الإِنْسَانَ مِنْ عَلَقٍ

Lafadz عَلَقٍ nyaéta kalimah isim nu dicirian ku asupna hurup jér مِنْ.

②. Idhofat, nyéta ayana runtuyan mudhof jeung mudhof ilaih. Contona: رسول اللهِ.
Lafadz اللهِ nyaéta kalimah isim nu jadi mudhof ilaih, ari lafadz رسول  disebut mudhof. Hartina sakur-sakur mudhof ilaih hukumna nyaéta jar, jeung sakur-sakur kalimah jar nyaéta kalimah isim.

③. Tabi', nyaéta kusabab nuturkeun kalimah séjén nu ngabogaan i'rob jar, boh ku na'at, athof, taukid, atawa badal.
Contona:  بِسْمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Lafadz ِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ nyaéta kalimah isim nu dijérkeun kusabab nuturkeun i'robna lafadz اللّهِ.

2. Tanwin khoshoh
Tanwin nyaéta sora nun paéh (ْن) nu aya dina tungtung kalimah isim. Tanwin khoshoh nyaéta nu khusus asup kana kalimah isim, nyaéta kana isim mu'rob (tanwin tamkin), isim mabni (tanwin tankir), jama' muannats salim (tanwin muqobalah), isim mudhof ( tanwin 'iwad). Conto: كِتَابٌ.
Jadi, sakur-sakur kalimah nu ditanwin (boh tanwin dhomah, fathah, atawa kasroh) nyaéta kalimah isim.

3. Alif lam
Sakur-sakur kalimah anu diasupan ku ال dina mimitina nyaéta kalimah isim. Boh ال nu ngama'rifatkeun (ngakhususkeun ma'na),  ال maushulah (isim maushul), atawa tambahan wungkul (zaidah).

4. Nida', nyaéta munada (nu digeroan) ku hurup-hurup nida'. Conto : يَا زَيْدُ، يَا رَجُلُ (Héy Ki Zaéd, Héy lalaki).

PANGBAGÉAN ISIM DUMASAR KANA JINISNA.

Isim dumasar jinisna dibagi jadi dua bagéan, nyaéta isim mudzakkar (lalaki) jeung isim muannats (awéwé). Saban bagéan éta, aya nu mémang buktina lalaki (hakéki) jeung awéwé (hakéki), aya ogé nu lafadzna wungkul, sedengkeun dina buktina mah teu dipikanyaho. Mudzakkar hakéki jeung muannats hakéki kacida babarina dibédakeun jeung teu merlukeun ciri-ciri khusus, sedengkeun nu lafdzi merlukeun ciri-ciri jeung wengkuanana.
Ciri muannats lafdzi: ditungtungan ku ta marbhuthoh (ة).
Contona:  : النَّافِذَةُ ، المَدْرَسَةُ

Wengkuan muannats lafdzi:
①. Anggahota awak nu papasangan.
Conto: عَيْنٌ ، يَدٌّ ، أُذُنٌ ، رِجْلٌ

②. Barang nu teu bisa diitung.
Conto: سَحَابٌ ، رِيْحٌ ، النَّارُ

③. Ku bangsa Arab digolongkeun muannats (sima'i).
Conto: النَّفْسُ ، السَّمَاءُ ، سُوْقٌ ، طَرِيْقٌ ، دَارٌ ، قَمَرٌ، سَمْشٌ ، اَرْضٌ

④. Sakabéh barang nu jumlahna leuwih ti dua (jama').
Kaidahna: كُلُّ جَمْعٍ مُؤَنَّثٌ (saban-saban jama' nyaéta muannats).
Conto: اَبْوَابٌ (panto-panto) نَوَافِذُ (jandéla-jandéla).

Saupamana euweuh ciri muannats jeung teu kawengku dina isim muannats kawas di luhur, mangka isim éta mudzakkar.

PANGABAGÉAN ISIM DUMASAR KANA JUMLAHNA BARANG

1. Isim mufrod, nyaéta isim nu jumlah barangna ngan hiji (sasiki, salambar, satangkal, jeung sajabana). Ilaharna dicirian ku dhommah, fathah, kasroh.

2. Isim mutsanna, nyaéta isim nu jumlah barangna dua. Ciri khusus nu babari dipikanyaho ti isim ieu, nyaéta tungtungna…انِ atau …يْنِ pikeun mudzakkar jeung تَانِ atawa تَيْنِ pikeun muannats.

3. Isim jama', nyaéta isim nu jumlah barangna leuwih ti dua. Isim jama' ieu dibagi tilu:

①. Isim jama' mudzakkar salim (جَمْعُ الْمُذَكَّرِ السَّلِمِ), mimitina tina isim mudzakkar mufrod jeung runtuyan hurupna euweuh nu dirobah, anging ditambahan (ـُوْنَ) atawa (ـِيْنَ) dina tungtungna.
Conto: مُسْلِمُوْنَ atawa مُسْلِمِيْنَ asalna tina مُسْلِمٌ

②. Jama' muannats salim (جَمْعُ الْمُؤَنَّثِ السَّلِم), mimitina tina isim muannats mufrod jeung runtuyan hurupna euweuh nu dirobah, anging ta marbuthoh (ة) di tungtung kecap nu jadi ciri isim muannats, dipisahkeun heula kalawan nambahan alif paéh jadi ـَاتٌ atawa ـَاتٍ.

③. Jama' taksir (جَمْعُ التَّكْسِيْرِ), bisa tina isim mudzakkar mufrod atawa isim muannats mufrodah, tapi runtuyan hurupna dirobah, boh ditambah atawa dikurangan. Isim ieu teu ngabogaan aturan atawa ciri nu tangtu, ku kituna kudu diapalkeun.
Conto:
ٌاَبْوَاب asalna  بَابٌ
نَافِذَةٌ asalna  نَوَافِذُ

Lajengkeuneun...

Rabu, 11 Januari 2017

"DAYUTS"

ثَلَاثَةٌ لَا يَنْظُرُ اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ إِلَيْهِمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ: الْعَاقُّ لِوَالِدَيْهِ، وَالْمَرْأَةُ الْمُتَرَجِّلَةُ، وَالدَّيُّوث

"Tilu jumplukan nu moal ditingali ku Allah dina poéan kiamat : Jalma nu doraka ka kolotna, awéwé nu nyarupaan lalaki, jeung dayuts. (HR. Nasa'i, Ahmad, jeung Baihaqi).

Naon ari dayuts?
Dayuts nyaéta lalaki nu teu ngabogaan rasa timburu ka pamajikanna.

Hal sarupaning ieu, karasa atawa teu karasa, geus jadi kailaharan dina jaman ayeuna. Teu saeutik lalaki nu ngantep kama'siyatan di kulawargana, ngantep pamajikanna gaul jeung lalaki séjén, ngantep pamajikanna teu nutupan aurat, ngantep pamajikanna difoto ulal-elél dina sosméd, ngantep pamajikanna jogéd jeung ngalagu di hareupeun jalma loba, jrrd.

Mugia urang sadayana sing tiasa ngaraksa tur ngariksa kulawarga, supados teu kalebetkeun pameget anu dayuts. Atuh ka para istri, mugia sing tiasa ngahampangkeun pancén pamegetna...aamiin.