Senin, 09 Februari 2015

Fikmin "SELFIE"

Rupa geulis. Awak lenjang. Pakulitan héjo carulang. Buuk galing muntang. Pinareup nyeungseung dibungkus ku kaos merecet. Imbit badag dibulen ku calana bulu jin. Manéhna dangdak-déngdék hareupeun eunteung. Jeprét, difoto sélfie. Pung. Diupload kana fésbuk, twitter, jeung instagram. Brul. Nu ngajempolan kawas sireum manggih gula, nu mairan kawas patalimarga di Jakarta. Dibalesan bari sura-seuri. Agul. Bungah. Asa disamenkeun.

Kiwari, sanggeus mangtaun-taun. Éta foto masih kénéh ngajenggléng. Nu neuteup teu ngiceup-ngiceup. Kumecrék. Kumétap. Tapi manéhna geus teu hayang sura-seuri deui. Geus teu bungah deui. Malik geuleuh ka nu ngajempolan, malik cua ka nu mairan. Leungeunna gugupay. Hayang ngawejek éta foto. Hayang miceun kana carangka runtah. Miharep fésbuk, twitter, jeung instagram, teu bisa dibuka deui. Manéhna geus teu kuat nandangan panyiksa.

Fikmin "SAMILIEUR"

"Sinanteneun aya di bumi, Kang? Nuju teu lebet damel?" cekéng.
"Ih, pan geus sataun eureun," pokna.
"Naha? Muka usaha nyalira?" Panasaran.
"Nyaéta riweuh, nyiar batu ali. Alhamdulillah, koléksi geus loba!" Manéhna asup ka jero imah. Balik deui, mawa kéler. Eusina, mangrupa-rupa batu. Diminyakan.
"Tah! Nu ieu bacan doko, geus aya nu nawar sapuluh juta. Nu ieu mah mérah dalima asli, geus aya nu nawar samiliar!" Nempo-nempokeun batu. Agul.
"Atuh ical wé, Kang! Kanggo modal usaha!" Kuring bati kumecrék.
"Ih, moal aya nu dijual najan sabaraha waé ogé piduiteunana!" Manéhna nangkeup kéler.
"Euh...!" Hemeng. Manglebarkeun kana duit anu sakitu lobana.
"Ngasaan rokona, nya? Ti isuk can ngaroko yeuh...!" Leungeunna ngaragamang kana bungkus roko anu ngagolér dina méja.
"Oh, mangga!" Ngasongkeun panékérna.
"Sakalian mun bisa mah nginjeum duit saratus rébu, pamajikan ngawékwék teu bogaeun keur balanja...!" Manéhna nyéréngéh. Semu éra.
"Haaar...!" Kuring garo-garo teu ateul.