Senin, 26 Agustus 2013

Leumpeuh méméh maneuh

Ku teu sangka....
sirung gandrung nu mimiti renung
bet kalah leumpeuh méméh maneuh
asih kasilih peurih...
katresna nu mancawura
ayeuna éstu taya nu nyésa

Kembang-kembang harepan ngarangrangan
rasa rumasa muraykeun panglamunan
malati nu dipusti-pusti
teu ngari mapaésan patamanan ati
kadeudeuh disieuh-sieuh,
kasono hamo deui ngadodoho...

Minggu, 25 Agustus 2013

Sabar

Cenah, ari nu ngaranna sabar téh nyaéta di mana-mana meunang kateu ngeunahan, teu bébéja ka sasaha anging ka Alloh. Jadi lamun masih kénéh sok bébéja ka papada makhluk mah, éta can bisa disebutkeun sabar dina harti anu saéstuna.

Anapon ari sabar éta kabagi tilu :

1. Sabar dina to'at. To'at ngalakonan paréntah Alloh atawa ibadah, éta mangrupakeun kateu ngeunahan mungguh hawa napsu. Contona, urang keur genah-genah saré bari diharudum simbut, ngong wéh adzan Subuh. Mungguh hawa napsu mah pasti hayang angger wé ngaréngkol, tapi lamun urang ngeupiskeun kahoréam, tuluy hudang kalayan sadar rék nohonan kawajiban kana panggero pikeun ibadah ka Alloh, mangka éta ngaranna urang sabar dina to'at.

2. Sabar kana ma'siyat. Ari nu ngaranna ma'siyat, éta pasti karasana ngeunah mungguh hawa nafsu. Contona, lamun urang keur dina angkot, ari pék nu diuk hareupeun téh awéwé geulis, bahénol nérkom, maké lékmong jeung erok mini. Ceuk hawa nafsu mah lebar mun teu ditempo, meungpeung aya. Tapi lamun urang muntang ka Alloh, tuluy malieuskeun panempo, satékah polah ngeupiskeun rasa hayang rarampa, tah éta hartina urang sabar kana ma'siyat.

3. Sabar kana musibah. Tah, ieu pisan anu biasa dihartikeun sabar dina kahirupan sapopoé. Contona, kaluar ti masjid tos tarawéh, ari pék sendal aya nu ngarampid, jaba kiriditanana can lunas deuih. Lamun urang teu aral atawa nyumpahan nu nyolongna sing réngkod, mangka éta kaasup sabar kana musibah.

Kitu wé lah..., téwéwéw gejlig!

Jumat, 23 Agustus 2013

Guaran Ngeunaan Kasunnahan Ngalafadzkeun Niat (Talaffudz binniyah) Dina Sholat


Ngalafadzkeun niat geus masyhur di golongan masarakat, hal ieu lain tanpa dasar tapi alatan mémang ngabogaan tatapakan dina élmu fiqh. Conto ngalafadzkeun niat nyaéta maca
اصلي فرض الظهر أربع ركعات مشتقبل القبلة اداء…. (مأموما) (إماما) لله تعالي
“Usholli fadlod-dhuhri arba’a roka’atin mustaqbilal qiblati ada-an..(ma’muman/imaman) lillahi ta’alaa”
Hartina, “Neja kuring solat dhuhur 4 roka’at nyanghareup kiblat alatan Alloh ta’alaa”, hal sarupaning ieu biasa dibaca ku golongan Muslimin (utamana di Indonésia) saméméh Takbirotul Ihrom hartina dibaca saméméh ngalaksanakeun solat, henteu babarengan jeung solat sarta lain bagéan ti rukun solat.

Kawas anu geus dipikanyaho yén mimitina solat nyaéta niat sarta takbirotul ihrom dipigawé babarengan jeung niat. Niat henteu miheulaan takbir (Takbirotul Ihrom) sarta henteu ogé sanggeus takbir. Sakumaha disebutkeun ku al-imam asy-syafi’i dina kitab Al-umm Juz 1, dina Bab Niat dina Solat (باب النية في الصلاة ) ;

قال الشافع: والنية لا تقوم مقام التكبير ولا تجزيه النية إلا أن تكون مع التكبير لا تتقدم التكبير ولا تكون بعده

“..niat henteu bisa ngagantikeun takbir, sarta niat teu nyukupan sajaba babarengan jeung Takbir, niat henteu miheulaan takbir sarta henteu (ogé) sanggeus Takbir.”

Sakali deui, niat éta babarengan jeung Takbir. Hal sarupa ogé dicarioskeun ku al-‘Allamah asy-syaikh Zainuddin bin Abdul ‘Aziz al-malibariy asy-syafi’i dina Fathul Mu’in kaca 16 ;

. (مقرونا به) أي بالتكبير، (النية) لان التكبير أول أركان الصلاة فتجب مقارنتها به،

“..Takbirotul ihrom kudu dipigawé babarengan jeung niat (solat), alatan takbir nyaéta rukun solat anu mimiti, mangka wajib babarengan jeung niat”

Al-imam An-nawawi, dina Kitab Raudhotut Tholibin, dina fashal (فصل في النية يجب مقارنتها التكبير)

يجب أن يبتدىء النية بالقلب مع ابتداء التكبير باللسان
“diwajibkeun mitembeyan niat ku haté babarengan jeung takbir kalayan lisan”

Al-qodhi Abu al-hasan al-mahamiliy, dina kitab Al-lubab fi al-fiqh asy-syafi’i, dina babaran (باب فرائض الصلاة) ;

النية، والتكبير، ومقارنة النية للتكبير
“Niat sarta Takbir, niat babarengan kalayan takbir”

Asy-syékh Abu Ishaq asy-syairoziy, dina Tanbih fi Fiqh Asy-syafi’i (1/30):

وتكون النية مقارنة للتكبير لا يجزئه غيره والتكبير أن يقول ألله أكبر أو الله الأكبر لا يجزئه غير ذلك
“sarta ayana niat babarengan kalayan takbir, teu mahi sajaba ti éta. sarta takbir nyaéta ngedalkeun (ألله أكبر) atawa ( الله الأكبر), sajaba anu kitu teu pisan-pisan cukup (lain takbir).”

Jadi, solat geus disebutkeun dimimitian dimana-mana geus takbirotul Ihrom anu sakaligus babarengan jeung niat (antara niat sarta takbir nyaéta babarengan). Pagawéan atawa kedalan naon waé saméméh éta, lain asup dina rukun solat, kitu ogé kalayan ngalafadzkeun niat, lain asup dina bagéan ti (rukun) solat.

Tempatna niat nyaéta di jero haté. Sakumaha diterangkeun dina Fiqh Sunnah, Sayyid Sabiq, dina babaran فرائض الصلاة

ومحلها القلب لا تعلق بها باللسان أصلا
“niat tempatna dina haté, dina asalna henteu cumantél kalayan lisan”

Al-allamah Al-imam An-nawawi, dina kitab Al-majmu’ (II/43):

فإن نوى بقلبه دون لسانه أجزأه
“saéstuna niat kalawan haté tanpa lisan geus cukup,

Al-imam Syamsuddin Abu Abdillah Muhammad bin Qosim asy-syafi’i, dina Kitab Fathul Qorib, dina babaran Ahkamush Solat ;

النِّيَةُ) وَ هِيَ قَصْدُ الشَّيْءِ مُقْتَرَناً بِفِعْلِهِ وَ مُحَلُّهَا اْلقَلْبُ
“niat nyaéta ngamaksudkeun hiji hal babarengan kalayan migawéna sarta tempat niat éta aya di jero haté.”

Al-imam Taqiyuddin Abu Bakar bin Muhammad Al-husaini, dina Kifayatul Ahyar, dina bab (باب أركان الصلاة)]

واعلم أن النية في جميع العبادات معتبرة بالقلب فلا يكفي نطق للسان
“Kanyahokeun yén niat dina kabéh ibadah diitung-itung kalayan haté mangka teu mahi ngan ukur ku ngalafadzkeun kalayan lisan”

Kitu ogé disebutkeun dina kitab anu sarua (Kifayatul Akhyar) dina bab باب فرائض الصوم

لا يصح الصوم إلا بالنية للخبر، ومحلها القلب، ولا يشترط النطق بها بلا خلاف
Henteu sah puasa kajaba kalawan niat, dumasar khobar (hadits shohih), tempatna niat dina haté, sarta henteu syaratkeun ngedalkeunana tanpa aya khilaf”

Katerangan: dina bab Fardhu Puasa ieu, ngedalkeun niat henteu disyaratkeun hartina lain mangrupa sarat ti puasa. Ku kituna tanpa ngedalkeun niat, puasa tetep sah. Kitu ogé dina solat, ngalafadzkeun (ngedalkeun) niat solat lain mangrupa sarat tina solat, lain bagéan ti fardhu solat (rukun solat). Jadi, boh ngalafadzkeun niat (talaffudz binniyah) boh henteu, teu pisan-pisan ngajadikeun solat henteu sah, henteu ogé ngurangan atawa nambah-nambah rukun solat.

Al-imam Ibnu Hajar Al-haitamiy, dina Tuhfatul Muhtaj (تحفة المحتاج بشرح المنهاج) [II/12]:

والنية بالقلب
“sarta niat kalawan haté”

Al-hujjatul Islam Al-’Allamah Al-faqih Al-imam Al-ghozaliy, dina kitab Al-wajiz fi Fiqh Al-imam Asy-syafi’i, Juz I, Kitabus Solat dina al-bab ar-robi’ fi Kaifiyatis Solat ;

“niat kalawan haté sarta lain kalawan lisan”

Kabéh katerangan diluhur ngécéskeun yén niat tempatna dina haté, niat amalan haté atawa niat kalawan haté. Kitu ogé niat solat nyaéta dina haté, sedengkeun ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) lain mangrupa niat, lain ogé pagawéan haté (lain amalan haté) tapi pagawéan anu dipigawé ku lisan. Niat dimaksudkeun pikeun nangtukeun hiji hal pagawéan anu baris dipigawé, niat dina solat dimaksudkeun pikeun nangtukeun solat anu baris dipigawé. Kalayan kecap séjén, niat nyaéta ngamaksudkeunana hiji hal. Ibnu Manzur dina kitabna anu kawéntar nyaéta Lisanul ‘Arab (15/347) nyarioskeun ;

” Nganiatkeun hiji hal hartina ngamaksudkeunana sarta ngayakinanana. Niat nyaéta arah anu dituju”.

Sakumaha ogé disebutkeun dina kitab Fathul Qorib:

وَ هِيَ قَصْدُ الشَّيْءِ مُقْتَرَناً بِفِعْلِهِ
“niat nyaéta ngamaksudkeun hiji hal babarengan kalayan migawéna”

Al-fiqh al-manhaji ‘ala Madzhab Al-imam asy-syafi’i, dina babaran Arkanush Solat ;

وهي قصد الشيء مقترناً بأول أجزاء فعله، ومحلها القلب. ودليلها قول النبي”إنما الأعمال بالنيات”
“(Niat), nyaéta neja (ngamaksudkeun) hiji hal babarengan jeung sawaréh ti migawéna, tempatna dina haté. dalilna pidawuh Nabi SAW ; (“إنما الأعمال بالنيات”)”

Al-’Allamah Asy-syékh Muhammad Az-zuhri Al-ghomrowiy, dina As-siroj Al-wahaj (السراج الوهاج على متن المنهاج)

وهي شرعا قصد الشيء مقترنا بفعله وأما لغة فالقصد
“(niat) nurutkeun syara’ nyaéta neja hiji hal babarengan kalayan migawéna, sarta nurutkeun lughoh nyaéta neja”

Mangka, dijelaskeun deui di dieu. Niat nyaéta amalan haté, niat solat dipigawé babarengan kalayan takbirotul Ihrom, mangrupa bagéan ti solat (rukun solat), sedengkeun ngalafadzkeun niat (ngedalkeun niat) nyaéta amalan lisan (pagawéan lisan), anu ngan dipigawé saméméh takbirotul Ihrom, hartina dipigawé saméméh asup dina bagéan solat (rukun solat) sarta lain mangrupa bagéan ti rukun solat. Niat solat henteu sarua kalayan ngalafadzkeun niat.

Ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) hukumna sunnah. Kasunnahan ieu diqiyaskeun kalayan ngalafadzkeun niat Haji, sakumaha Rosulullah dina sawatara kasempetan ngalafadzkeun niat nyaéta dina ibadah Haji.

عَنْ اَنَسٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ يَقُوْلُ: لَبَّيْكَ عُمْرَةً وَحَجًّا (رواه مسلم)

“Ti sohabat Anas ra nyarios: “Kuring ngadéngé Rasulullah SAW ngedalkeun “Kuring nohonan panggero Anjeun (Yaa Alloh) pikeun (midamel) umroh sarta haji” (HR. Imam Muslim)

Dina Fiqh As-sunnah I kaca 551 Sayyid Sabiq nuliskeun yén salah saurang Sohabat ngadangu Rosulullah SAW ngedalkeun (نَوَيْتُ الْعُمْرَةَ اَوْ نَوَيْتُ الْحَجَّ) “Kuring niat migawé ibadah Umroh atawa Kuring niat migawé ibadah Haji”

أنه سمعه صلى الله عليه وسلم يقول: ” نويت العمرة ، أو نويت الحج

Mémang, nalika Rosululloh SAW ngalafadzkeun niat éta waktu ngajalankeun ibadah haji, tapi ibadah séjénna ogé bisa diqiyaskeun jeung hal ieu, kitu ogé kasunnahan ngalafadzkeun niat dina solat ogé diqiyaskeun kalayan panglafadzan niat dina ibadah haji. Hadits éta mangrupa salah sahiji tatapakan kana Talaffudz binniyah.

Hal ieu, sakumaha ogé disebutkeun ku al-‘Allamah al-imam Ibnu Hajar al-haitami (ابن حجر الهيتمي ) dina Kitab Tuhfatul Muhtaj (II/12) ;

(ويندب النطق) بالمنوي (قبيل التكبير) ليساعد اللسان القلب وخروجا من خلاف من أوجبه وإن شذ وقياسا على ما يأتي في الحج

“Sarta disunnahkeun ngalafadzkeun (ngedalkeun) niat saméméh takbir, ambéh lisan bisa mantuan haté sarta ogé pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana sanajan (pamadegan anu ngawajibkeun ieu) nyaéta syad (méngpar), sarta Kasunnahan ieu ogé alatan qiyas ka ayana panglafadzan dina niat haji”

Qiyas ogé jadi dasar dina élmu Fiqh,

Al-allamah Asy-syekh Zainuddin bin Abdul Aziz dina Fathul Mu’in kaca 1:

واستمداده من الكتاب والسنة والاجماع والقياس.
Élmu Fiqh dasarna nyaéta kitab Al-qur’an, as-sunnah, Ijma sarta Qiyas.

Al-imam Nashirus Sunnah Asy-syafi’i, dina kitab anjeunna Ar-risalah الرسالة:

أن ليس لأحد أبدا أن يقول في شيء حل ولا حرم إلا من جهة العلم وجهة العلم الخبر في الكتاب أو السنة أو الأجماع أو القياس
..salawasna henteu meunang hiji jalma ngomong dina hukum boh halal boh haram kajaba aya kanyaho ngeunaan éta, kanyaho éta téh al-kitab (al-qur’an), as-sunnah, Ijma; sarta Qiyas.”

قلت لو كان القياس نص كتاب أو سنة قيل في كل ما كان نص كتاب هذا حكم الله وفي كل ما كان نص السنة هذا حكم رسول الله ولم نقل له قياس

Kuring (Imam Syafi’i nyarios), Lamun aya Qiyas éta mangrupa nash Al-qur’an sarta As-sunnah, disebutkeun saban perkara aya nashna dina Al-qur’an mangka éta hukum Alloh (al-qur’an), lamun aya nashna dina as-sunnah mangka éta hukum Rosul (sunnah Rosul), sarta kuring henteu ngangaranan éta minangka Qiyas (lamun geus aya hukumna dina al-qur’an sarta Sunnah).

Jadi, ngalafadzkeun niat solat anu dipigawé saméméh takbirotul Ihrom nyaéta amalan sunnah kalayan diqiyaskeun ka ayana panglafadzan niat haji ku Rosulullah SAW. Sunnah dina harti élmu fiqh nyaéta lamun dipigawé meunang ganjaran tapi lamun ditinggalkeun henteu nanaon. Sanajan teu ngalafadzkeun niat, solat angger sah sarta ngalafadzkeun niat henteu ngaruksak kana sahna solat sarta henteu ogé kaasup nambah-nambah rukun solat.

Ulama Syafi’iyyah séjénna anu nyunnahkeun ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) nyaéta ;

Al-allamah asy-syekh Zainuddin bin Abdul Aziz al-malibariy (Ulama Madzhab Syafi’iiyah), dina kitab Fathul Mu’in bi syarhi Qurrotul ‘Ain bimuhimmati ad-din, kaca 16 ;

. (و) سن (نطق بمنوي) قبل التكبير، ليساعد اللسان القلب، وخروجا من خلاف من أوجبه.

“Disunnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbirotul ihrom, ambéh lisan bisa mantuan haté (kakhusuan haté), sarta alatan kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana.”

Al-imam Muhammad bin Abi al-’Abbas Ar-romli/Imam Romli kaceluk ku sebutan “Syafi’i Leutik” [الرملي الشهير بالشافعي الصغير] dina kitab Nihayatul Muhtaj (نهاية المحتاج), juz I: 437:

وَيُنْدَبُ النُّطْقُ بِالمَنْوِيْ قُبَيْلَ التَّكْبِيْرِ لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ القَلْبَ وَلِأَنَّهُ أَبْعَدُ عَنِ الوِسْوَاسِ وَلِلْخُرُوْجِ مِنْ
خِلاَفِ مَنْ أَوْجَبَهُ

“Disunnahkeun (mandub) ngalafadzkeun niat saméméh takbirotul Ihrom ambéh lisan bisa mantuan haté (kakhusuan haté), ambéh dijauhkeun tina gangguan haté (was-was) sarta alatan kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana”.

Asy-syeikhul Islam al-imam al-hafidz Abu Yahya Zakaria Al-anshoriy (Ulama Madzhab Syafi’iyah) dina kitab Fathul Wahab Bisyarhi Minhaj Thullab (فتح الوهاب بشرح منهج الطلاب) [I/38]:

( ونطق ) بالمنوي ( قبل التكبير ) ليساعد اللسان القلب

“(Disunnahkeun) ngedalkeun niat saméméh Takbir (takbirotul Ihrom), ambéh lisan bisa mantuan haté..”

Diécéskeun (dituluykeun) deui dina Kitab Syarah Fathul Wahab nyaéta Hasyiyah Jamal Ala Fathul Wahab Bisyarhi Minhaj Thullab, karangan Al-’Allamah Asy-syéikh Sulaiman Al-jamal ;

وَعِبَارَةُ شَرْحِ م ر لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ الْقَلْبَ وَلِأَنَّهُ أَبْعَدُ عَنْ الْوَسْوَاسِ وَخُرُوجًا مِنْ خِلَافِ مَنْ أَوْجَبَهُ انْتَهَتْ
“sarta hiji guaran, ambéh lisan bisa mantuan haté, nyingkahan tina was-was, sarta pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana, peun!”

Al-imam Syamsuddin Muhammad bin Muhammad Al-khotib Asy-syarbainiy, dina kitab Mughniy Al Muhtaj ilaa Ma’rifati Ma’aaniy Alfaadz Al Minhaj (1/150) ;

( ويندب النطق ) بالمنوي ( قبل التكبير ) ليساعد اللسان القلب ولأنه أبعد عن الوسواس
“Disunnnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbir, ambéh lisan bisa mantuan haté sarta saéstuna pikeun nyingkahan kawas-wasan (gangguan haté)”

Al-’Allamah Asy-syekh Muhammad Az-zuhri Al-ghomrowiy, dina As-siroj Al-wahaj (السراج الوهاج على متن المنهاج) dina babaran ngeunaan Solat ;

ويندب النطق قبيل التكبير
ليساعد اللسان القلب
“sarta disunnahkeun ngedalkeun (niat) saméméh takbiratul Ihrom, ambéh lisan bisa mantuan haté”

Al-‘Allamah Sayid Bakri Syatho Ad-dimyathiy, dina kitab I’anatut Tholibin (إعانة الطالبين) [I/153] ;

(قوله: وسن نطق بمنوي) أي ولا يجب، فلو نوى الظهر بقلبه وجرى على لسانه العصر لم يضر، إذ العبرة بما في القلب. (قوله: ليساعد اللسان القلب) أي ولانه أبعد من الوسواس. وقوله: وخروجا من خلاف من أوجبه أي النطق بالمنوي
“[disunnahkeun ngalafadzkeun niat] maksudna (éta ngalafadzkeun niat) henteu wajib, mangka lamun kalayan haténa boga niat solat dzuhur tapi lisanna ngedalkeun solat asar, mangka henteu jadi masalah, anu dianggap nyaéta dina haté. [ambéh lisan mantuan haté] maksudna nyaéta nyingkahan tina was-was. [Nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeun] maksudna kalayan (ulama anu ngawajibkeun) ngalafadzkeun niat.”

Al-‘Allamah Asy-syekh Jalaluddin Al-mahalli, dina kitab Syarah Mahalli Ala Minhaj Tholibin (شرح العلامة جلال الدين المحلي على منهاج الطالبين) Juz I (163):

(وَيُنْدَبُ النُّطْقُ) بِالْمَنْوِيِّ (قُبَيْلَ التَّكْبِيرِ) لِيُسَاعِدَ اللِّسَانُ الْقَلْبَ
“sarta disunnahkeun ngedalkeun niat saméméh takbir (takbirotul Ihrom), ambéh lisan bisa mantuan haté””

Tujuan ti ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) sakumaha diécéskeun diluhur nyaéta ambéh lisan bisa mantuan haté nyaéta mantuan kakhusuan haté, ngajauhkeun tina was-was (gangguan haté), sarta pikeun nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeunana. Sajaba ti éta lafadz niat nyaéta ngan pikeun ta’kid nyaéta panguat naon anu diniatkeun.

Nyarioskeun shohibul Mughniy: Lafdh bimaa nawaahu kaana ta’kiidan (Lafadz ti naon naon anu diniatkeun éta téh pikeun panguat niat wungkul) (Al Mughniy Juz 1 kaca 278), kitu ogé diécéskeun dina Syarh Imam Al Baijuri Juz 1 kaca 217 yén lafadh niat lain wajib, tapi ngan saukur pikeun mantuan wungkul.

Perlu dipikanyaho yén ulama anu ngawajibkeun (talaffudz binniyah) ogé dinisbatkeun ka madzhab Syafi’iyyah sabab mémang masih ti madzhab Syafi’i. Anjeunna nyaéta Abu Abdillah az-zubairiy (أبي عبد الله الزبيري). Anjeunna ngawajibkeun ngalafadzkeun niat dumasar pamahamanana ka cariosan Imam Syafi’i ngeunaan “an-nuthq (النطق). Nurutkeun pamahaman anjeunna naon anu dimaksud ku Imam Syafi’i kalayan “an-nuthq (النطق)” nyaéta ngalafadzkeun niat. Padahal anu dimaksud ku Imam Syafi’i kalayan an-nuthq (النطق) nyaéta Takbir (Takbirotul Ihrom), nurutkeun Al-imam Nawawi. Hal ieu dijelaskeun dina Kitab Al-majmu’ (II/43) ;

، لأن الشافعي رحمه الله قال في الحج: إذا نوى حجا أو عمرة أجزأ ، وإن لم يتلفظ وليس كالصلاة لا تصح إلا بالنطق
“Alatan saéstuna Al-imam asy-syafi’i nyarioskeun dina (Bab) Haji: “lamun hiji jalma boga niat ngalakukeun ibadah haji atawa umroh dianggap cukup sanajan henteu dilafadzkeun. Henteu kawas solat, henteu dianggap sah kajaba kalayan ngalafadzkeunana (an-nuthq)”

Jadi, anjeunna (Abu Abdillah az-zubairiy ) maham yén Imam Syafi’i ngasupkeun talaffudz binniyah jadi bagéan ti sarat sahna solat, padahal henteu kitu.

Mangka, éta sababna pamadegan anu ngawajibkeun ieu disebutkeun syad (méngpar) ku Al-imam Ibnu Hajar Al-haitamiy dina Tuhfatul Muhtaj (II/12):

وخروجا من خلاف من أوجبه وإن شذ وقياسا على ما يأتي في الحج
” sarta (ogé) pikeun kaluar ti khilaf ulama anu ngawajibkeunana sanajan (pamadegan anu ngawajibkeun ieu) nyaéta syad (méngpar)”

Imam an-nawawi dina kitab Al-majmu’ (II/43) ogé ngécéskeun kasalahan éta;

قال أصحابنا: غلط هذا القائل ، وليس مراد الشافعي بالنطق في الصلاة هذا ، بل مراده التكبير
“sawatara shohabat kuring nyarioskeun: “Anu ngomong hal éta geus kaliru. Lain éta anu dimaksudkeun ku Al-imam Asy-syafi’i kalayan kecap “an-nuthq (ngalafadzkeun)” di jero solat, tapi anu dimaksudkeun nyaéta Takbir (Takbirotul Ihrom)”

Sakitu éndahna cariosan Imam Nawawi, Imam Nawawi nyebutkeun Syekh Abu Abdillah az-zubairy ku sebutan “Ashabinaa”, sanajan Imam Nawawi henteu nyatujuan pamadeganana. Tuladan anu pohara alus dina nanggepan khilafiyah.

Pohara éndahna cariosan-cariosan ulama, aranjeunanana sabisa-bisa nyingkahan pagedug komo dina perkara anu kawas kieu. Henteu kawas jaman ayeuna, sawaréh golongan jalma sok ngangkat perkara khilafiyah sarta gampang pisan sungut maranéhanana nyieun tuduhan bid’ah ka pamadegan anu séjénna. Padahal kalayan kecap séjén, tuduhan bid’ah anu ku maranéhanana dituduhkeun, hakékatna geus ngaweweléh sarta nuduh ulama-ulama madzhab anu geus nyunnahkeunana.

Kasunnahan ngalafadzkeun niat ti ulama Syafi’iiyah ogé bisa dititénan dina kitab ulama syafi’iiyah séjénna, kawas Hasyiyah al-bajury I/149, Mughny al-muhtaj I/148-150. 252-253, al-muhadzab I/70, al-majmu’ Syarh al-muhadzab III/243-252.

Dina madzhab séjénna sajaba madzhab Syafi’iiyah ogé nyunnahkeun ngalafadzkeun niat, contona ; Mazhab Hanafi (Ulama Hanafiyah) boga pamadegan yén niat solat nyaéta boga maksud pikeun ngalaksanakeun solat alatan Alloh sarta tempatna dina haté, tapi henteu disyaratkeun ngalafadhkeunana kalayan lisan. Sedengkeun ngalafadhkeun niat kalayan lisan sunnah hukumna, minangka mantuan kasampurnaan niat dina haté. Sarta nangtukeun jenis solat dina niat nyaéta leuwih afdhol. [al-badai’ I/127. Ad-durru al-muhtar I/406. Fathu al-qodir I/185 sarta al-lubab I/66]

Mazhab Hanbali (Ulama Hanabilah) boga pamadegan yén niat nyaéta boga maksud pikeun ngalakonan ibadah, anu boga tujuan pikeun ngaraketkeun diri ka Alloh. Solat henteu sah tanpa niat, tempatna dina haté, sarta sunnah ngalafadzkeun kalayan lisan, disyaratkan ogé nangtukeun jenis solat sarta tujuan migawena. [al-mughny I/464-469, sarta II/231. Kasy-syaaf al-qona’ I364-370]

Mazhab Maliki (Ulama Malikiyah) boga pamadegan yén niat nyaéta boga maksud pikeun ngalaksanakeun hiji hal sarta tempatna dina haté. Niat dina solat nyaéta sarat sahna solat, sarta leuwih hadé henteu ngalafadzkeun niat, ambéh leungit karagu-raguanana. Niat solat wajib babarengan jeung Takbirotul Ihrom, sarta wajib nangtukeun jenis solat anu dipigawé [asy-syarhu ash-shoghir wa-hasyiyah ash-showy I/303-305, al-syarhu al-kabir ma’ad-dasuqy I/233 sarta 520]

DR. Wahbah Zuhaili dina kitab Al-fiqhul Islam I/767: “Disunnatkeun ngalafadzkeun niat nurutkeun jumhur sajaba madzab maliki.” Dina kitab anu sarua ogé diécéskeun ngeunaan pamadegan madzhab Maliki, jilid I/214 yén: “Anu utama nyaéta henteu ngalafadzkeun niat kajaba pikeun jalma-jalma anu boga panyakit was-was, mangka disunnatkeun pikeunana ambéh leungit batanana karagu-raguan”.

Jadi, sakali deui tujuan ti ngalafadzkeun niat (Talaffudz binniyah) nyaéta ambéh lisan bisa mantuan haté nyaéta mantuan kakhusuan haté, ngajauhkeun tina was-was (gangguan haté), sarta pikeun nyingkahan pagedug jeung ulama anu ngawajibkeunana. Sajaba ti éta lafadz niat nyaéta ngan pikeun ta’kid nyaéta panguat naon anu diniatkeun. Talaffudz binniyah numutkeun madzhab Imam Syafi’i hukumna sunat, dipigawé meunang ganjaran, teu dipigawé ogé teu nanaon, solat angger sah sarta ngalafadzkeun niat henteu ngaruksak kana sahna solat sarta henteu ogé kaasup nambah-nambah rukun solat.

والله اعلم بالصواب

Rabu, 14 Agustus 2013

Bet Kieu Jadina...

Duh naha bet kieu jadina...
nalika diri bungangang nyandang kahayang
seja nyangreudkeun tali asih nu hamo kasilih,
nganyam katresna nu taya pegatna,
ngabébénjo kasono nu hantem ngadodoho,
salira kawas nu teu surti kana ieu eusining ati,
éstu taya pisan basa pangbeberah rasa...
ah...nu ku salira disebat cinta
...taya pisan buktina...
Hariring asih nu biasana éndah mépéndé haté
kiwari karasana réhé lir nu ngaléléwé...
Antukna diri sakaparan-paran nyorang petengna pangharepan
.....nyorangan.

Selasa, 13 Agustus 2013

Opat Malaékat Nu Ngadatangan Jelema Gering

يِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Lamun urang nyaho, sabenerna euweuh alesan pikeun ngarasa hanjelu sarta humandeuar waktu urang gering, alatan sabenerna éta téh kaasih tur kanyaah Alloh SWT ka diri urang. Urang sok humandeuar waktu gering téh alatan urang teu nyaho rusiahna.

Saéstuna Alloh ngutus opat malaékat pikeun ngajaga urang dina waktu gering.

Rosululloh SAW ngadawuh : “Lamun saurang hamba anu iman nalangsara gering, mangka Alloh maréntahkeun ka para malaékat pikeun nulis pagawéan anu pangalusna anu dipigawé hamba mu’min éta dina waktu cageur sarta dina waktu gumbirana.”  hadits Rosululloh SAW éta diriwayatkeun ku Abu Imamah al-Bahili.

Dina hadist anu séjén Rosululloh ngadawuh :

“Lamun saurang hamba mu’min gering, mangka Alloh ngutus opat malaékat pikeun datang ka manéhna.”

Alloh maréntahkeun:

1. Malaékat kahiji pikeun nyokot kakuatan awakna ku kituna sok ngarasa lalungsé.

2. Malaékat kadua pikeun nyokot rasa ngeunahna kadaharan tina sungutna

3. Malaékat katilu pikeun nyokot cahya caang dina beungeutna ku kituna sok robah beungeut jalma gering jadi sepa/ pias.

4. Malaékat kaopat pikeun nyokot kabéh dosana, mangka éta jalma gering jadi suci tina dosa.

Nalika Alloh baris nyageurkeun jalma mu’min éta, mangka Alloh maréntahkeun ka malaékat kahiji, kadua, sarta katilu pikeun mulangkeun kakuatan awakna, rasa ngeunah barangdagarna ku kituna sok aya paribasa mamayu, sarta cahya beungeut éta jalma mu’min. Tapi pikeun malaékat kaopat, Alloh henteu maréntahkeun
pikeun mulangkeun dosa-dosana ka éta jalma mu’min.

Mangka sarujud para malaékat éta ka Alloh bari ngomong: “Yaa Alloh naha dosa-dosa ieu ku Gusti teu diwangsulkeun?” waleran Alloh: “Henteu alus pikeun kamuliaan Kaula lamun Kaula mulangkeun dosa-dosana sanggeus Kaula ngahésékeun kaayaan dirina nalika gering. Pék indit sarta piceun dosa-dosa éta ka sagara.”

Kalayan sabab ieu, mangka jaga jalma gering éta indit ka alam ahérat sarta kaluar ti dunya dina kaayaan suci ti dosa sakumaha pidawuh Rosululloh SAW: “Gering panas dina sapoé sapeuting, bisa ngaleungitkeun dosa salila sataun”.Subhanallooh…

“Euweuh saurang mu’min anu ditibaan ku capé atawa panyakit, atawa katagiwuran, atawa bangbaluh nepi ka lamun kakeunaan cucuk, iwal kabéh dodoja éta baris dijadikeun panebus dosana ka Alloh. (HR Bukhori-muslim)

“Lamun gering saurang jalma nepi ka tilu poé, mangka kaluar dosa- dosana sakumaha kaayaanana nalika anyar lahir ti kandungan indungna. (HR Ath- Thobaroni)

“Panyakit panas éta ngajaga unggal mu’min ti naraka, sarta panas sapeuting cukup bisa nebus dosa sataun.” (HR Al-qodha’i)

Sagala puji pikeun Alloh, anu kalayan ni’mat-Na nyampurnakeun sagala kahadéan...

Barokallohufikum…

Anak Kuda Begang


Si Uhé keur kacida bingungna, usaha teu jalan, hutang raweuy. Pokona mah méh-méhan prustasi lah, ceuk pikirna "daripada hirup kieu-kieu teuing mah mending hos wéh...beunghar!

Mobok manggih gorowong, keur huleng jentul téh torojol wéh babaturanana, ceuk babaturanana "yeuh Uhé, hayang beunghar mah ziarah geura tuh ka luhur gunung, didinya aya makam karamat"

Teu pikir panjang deui, isukna si Uhé kencling wéh indit ka luhur gunung nu dituduhkeun ku babaturanana téa bari bebekelan sapuratina belaan anjuk ngahutang.

Kocapkeun nepi ka luhur gunung, bener wé didinya aya hiji makam anu loba nu ngaziarahan. Si Uhé nepungan ka kuncén éta makam tuluy nyaritakeun sagala rupa pamaksudanana. Ceuk kuncén "mun manéh hayang beunghar, pék lakonan puasa mutih salila 40 poé". Kusabab geus gilig téa hayang beunghar, si Uhé ngalakonan syarat-syarat ti kuncén kalayan pinuh ku kayakinan.

Sanggeus bérés puasa 40 poé, si Uhé nepungan deui kuncén. Kuncén téh teu loba carita, ujug-ujug méré anak kuda begang wéh ka si Uhé. Puguh wé si Uhé jadi bingung, geus bélaan puasa 40 poé ngan ukur dibéré anak kuda begang. Kuncén téh surti "teu kudu bingung manéh Uhé, engké ogé ku manéh kapanggih ieuh, pokona mah manéh bakal beunghar. Jung bawa balik ieu anak kuda begang"

Si Uhé bungangang ngadéngé omongan kuncén kitu, manéhna balik bari nungtun anak kuda begang téa "laksana aing jadi jelema beunghar téh lah" ceuk pikirna. Nepi ka sisi gunung, anak kuda téh ngedeprek, ripuheun tayohna mah da ditungtun téh kalah mugen, kusah koséh tuluy paéh.

Puguh wé si Uhé reuwas campur sedih, beu gagal maning yeuh jadi jelema beunghar téh ceuk pikirna. Bari jeung ramahbay cipanon si Uhé nguburkeun anak kuda begang téa. Mangpoé-poé manéhna ngaheruk wé pagawéanana di gigirieun makam anak kuda, puguh gé rék balik bingung sabab pastina bakal loba nu nagih hutang.

Keur kitu, loba jelema lalar liwat anu rék ziarah ka makam karamat di luhur gunung téa. Barang nempo si Uhé keur mendeko di gigir makam, nu rék ziarah téh tungtungna mariluan mendeko didinya ngadon tirakat bari teu poho méré amplop ka si Uhé nu dianggapna kuncén di éta makam karamat. Lila ku lila éta tempat téh jadi ramé ku jelema nu ngadon ziarah, atuh si Uhé jadi sibuk nampanan amplop.

Anapon ari kuncén makam karamat anu di luhur gunung téa ngarasa himeng kunaon geus sabulan meni euweuh nu ziarah saurang-urang acan, puguh wé omzét manéhna sabulan éta mah kosong pisan. Kusabab panasaran hayang apal naon nu jadi lantaran euweuh nu ziarah, antukna éta kuncén téh turun gunung.

Nepi ka handap, manéhma reuwas sabab nempo aya pangziarahan anyar anu kacida raména "beu ieu geuning nu ngabangkrutkeun usaha aing téh." ceuk gerentes haténa  Tuluy manéhna ngadeukeutan éta makam, manéhna reuwas deui baé geuning kuncénna téh si Uhé nu pernah dibéré anak kuda begang téa ku manéhna.

Éta kuncen tuluy nepungan si Uhé bari nanya "ari ieu makam saha Uhé?". Si uhé ngajawab "pan ieu téh makam anak kuda begang téa, bener ceuk abah laksana lah kuring jadi jalma beunghar téh kaya kieu mah". Si kuncén ngahuleng "éh si abah kalah ngahuleng, kuring jadi panasaran yeuh ari makam anu di luhur, éta makam saha bah?" sambung si Uhé  Si kuncén téh ngaharéwos ka si Uhé "tong gandéng, pan nu diluhur téh makam indungna kuda begang!!!!"

Senin, 12 Agustus 2013

Kopéah Kuring





Sakapeung sok ngarasa éra lamun aya nu nyebut ustadz atawa haji téh, da ngarumasakeun kuring mah lain ustadz jeung lain haji. Kangaranan ustadz téa kudu bisa ngaji, sedengkeun kuring mah teu apal alif bingkeng-alif bingkeng acan. Kitu deui kuring lain haji, pan can pernah ngalaman nincak Mekah, karak samet cita-cita wungkul, da kangaranan jalma islam mah tangtu saréréa ogé hayang ngalakonan rukun islam anu kalima téh. Tapi keun lah, mudah-mudahan éta sebutan téh sing ngajadikeun do'a....aamiin....

Nu matak kuring sok remen disebut ustadz atawa haji téh éta meureun pédah kuring tara leupas ti péci atawa kopéah. Na naon atuh alesan kuring maké waé kopéah téh? Anu kahiji, aya sawatara hadits nu nyebutkeun yén Rosululloh SAW biasa nganggo tutup mastaka warna bodas, sanajan hal éta masih kénéh aya pagedug faham ngeunaan kasohéhanana, tadi ogé geus disebutkeun kuring mah teu bisa ngaji, jadi keun wé ah kuring mah moal milu ngoméntaran da ngarumasakeun teu apal cukcrukanana, ngan keur sakuringeun mah, kuring rék nyekel faham anu nyunahkeunana wé ah. Alesan anu kadua, kopéah bisa jadi erém pikeun kuring supaya hirup teu ngalajur hawa nafsu teuing, supaya numuwuhkeun rasa éra di diri kuring dimana-mana lamun rék milampah perkara goréng, piraku maké kopéah tapi cunihin ka awéwé, piraku maké kopéah tapi nipu, piraku maké kopéah tapi asup ka diskotik, bioskop, atawa karaoké, piraku maké kopéah tapi jigjigan ka lapang nongton méngbal, jeung sajabana. Mugia ku ayana kitu, kuring bisa leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh, ngarumasakeun kuring mah lain jelema bener tapi bener-bener jelema...éh maksud téh, kuring lain jelema bener tapi bener-bener usaha satékah polah pikeun minimal ngaharib-harib jelema bener wéh...da kangaranan jelema mah moal aya nu bener sabener-benerna...heueuh kitu...

Péci lain ciri santri lain ciri bisa ngaji , tapi péci ciri lalaki nu ngabakti ka nu maha suci !!!

Minggu, 11 Agustus 2013

Ngaran Budak

Aya 4 ibu-ibu anu keur reuneuh ngawarangkong:

ceuk nu ka 1, "ké orok abdi mah badé dinamian Irni, nyandak tina ngaran bapana Irfan, ibuna Nani".

ceuk nu ka 2 , "orok abdi mah badé di namian Dévi, nyandak tina ngaran bapana Dédé ibuna Vina".

ari nu ka 3 mah kalah ngahuleng waé. Terus di tanya,"naha bet cicing waé?"
"Emh atuda kumaha abdi mah, da ngaran bapana Abas, ari abdi Kokom, piraku budak abdi di ngaranan BASKOM?"

ari ceuk nu ka 4 mah,"heueuh masih mending atuh manéh mah, abdi mah leuwih bingung sabab ngaran bapana Tata abdi Ai, karunya abdi mah piraku budak abdi kudu di ngaranan TAI ???!!!"

Sabtu, 10 Agustus 2013

Hampura

Katresna nu baheula ngabebela,
ayeuna ilang sirna dicéos ku cimata.
Dalah dikumaha...
sanés ngarasula atawa teu tumarima,
mung ieu rasa bet asa dikakaya...
Nu ku anjeun disebat cinta
karaosna mung sakadar pilara.
Hampura.......

Jumat, 09 Agustus 2013

Kakarén Puasa

Kakarén asalna tina kecap kakarian, anu hartina susu-sésa, éh susa-sésa...xixixi. Biasana dilarapkeun kana susa-sésa kadaharan urut hajat jeung lebaran. Geus ilahar ari lebaran téh sagala rupa kadaharan sok diaya-ayakeun, kayaning kicimpring, ranginang, ényé, opak, ulén...kitu sotéh lamun di lembur, ari di dayeuh mah geus ganti meureun ku kuéh-kuéh sabangsaning nastar, putri salju, bolu, brownies, jeung sajabana. Nu matak dina poéan lebaran sok sagala dijejelkeun kana beuteung, nepi ka aya paribasa "Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran". Tah, sanggeus lebaran, nu aya tinggal kakarénna.

Tapi lain dina kadaharan wungkul, sanggeus lebaran téh loba jalma nu kawas kuda leupas tina gedogan, nu biasana dina bulan puasa disengker, ari geus lebaran mah sagala dihayukeun. Rumaja nu biasana bulan puasa mah diperéan nganjang ka kabogohna, ari geus lebaran mah kalah sok mamayu, nepi ka tempat-tempat kaulinan ogé ramé. Lamun di Sukabumi mah, biasana tempat pangjugjugan keur ulin téh Palabuan Ratu, basisir nepi ka pinuh ku rébuan jalma, cenah kitu ogé da kuring mah teu biasa uulinan.

Na enya kitu ari geus lebaran mah, sagala anu teu meunang dipigawé dina bulan puasa téh robah jadi meunang? Nu tadina teu meunang bobogohan, ari geus lebaran mah meunang deui, anu tadina teu meunang ngabohong, ari geus lebaran mah meunang deui, anu tadina keur bulan puasa mah nyocokan ceuli tina sora-sora alatul malahi, ari geus lebaran mah dibuka deui? Is, nya teu kitu atuh, da ari hukum mah teu robah! Di dieu ku urang bisa ditempo hasil tina puasa sabulan campleng téh, naha urang geus bener puasana atawa encan?

Saenyana ari bulan Romadhon nyaéta tempat urang latihan atawa diajar ngadalian hawa napsu jeung ngabiasakeun ngalakonan amal-amal kahadéan. Dina bulan puasa sok tadarus, sholat dhuha, sholat tahajud, sholat witir, jeung sajabana. Keur mah ganjaran amal sholéh ditikel-tikel ku Alloh, jeung deui supaya pagawéan éta jadi kabiasaan, nu engkéna dipraktékkeun dina bulan-bulan séjénna.

Tah, ayeuna urang tinggal nyaliksik diri, sanggeus latihan sabulan téh, naha urang hayang mraktékkeun jeung tuluy ngabiasakeun hasil tina latihan téa? atawa urang ngan sakadar latihan tapi henteu prakték? Naha aya kakarén puasa dina diri urang? Lamun biasana daék tadarus, sholat sunat, shodaqoh, nyengker hawa napsu...naha ku urang rék dituluykeun atawa rék diperéan deui?

Syukur Ni'mat

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

أُنْظُرُوْا إِلىَ مَنْ هُوَ أَسْفَلُ مِنْكُمْ وَلاَ تَنْظُرُوْا إِلىَ مَنْ هُوَ فَوْقَكُمْ

Pék tempo jelema anu sahandapeun tinimbang aranjeun, Sarta ulah nempo jelema anu leuwih luhur diantara aranjeun. (HR. Bukhori Muslim)

Hadits ieu nitah urang pikeun ngabogaan akhlak anu alus nurutkeun agama, kumaha urang sakuduna nempo ka batur nalika kabeungkeut kaayaan sosial di dunya ieu. Tujuanana ambéh urang henteu nepi ka ngalalaworakeun kani’matan anu dikurniakeun ku Alloh ka urang, alatan éta dosa.

وَالمُرَادُ بِمَنْ هُوَ أَسْفَلُ مِنَ النّاَظِرِ فيِ الدُّنْياَ ؛

Anu dimaksud kalayan akhlak ti nempo jelema anu leuwih handap nyaéta dina hal duniawi, diantarana ;

Kahiji ;

فَيَنْظُرُ إِلىَ المُبْتَلَى بِالأَسْقاَمِ وَيَنْتَقِلُ مِنْهُ إِلىَ ماَ فَضُلَ بِهِ عَلَيْهِ مِنَ العاَفِيَةِ الَّتِي هِيَ أَصْلُ كُلِّ إِنْعاَمٍ

Pék tempo jalma-jalma anu kakeunaan balai, kawas jalma-jalma anu keur gering. Saterusna péngkolkeun panempo anjeun ka diri anjeun sorangan anu keur dina kaayaan cageur. Ari kaséhatan éta asal ti sagala kani’matan, kurnia ti Alloh SWT.

Kadua ;

وَيَنْظُرُ إِلىَ مَنْ فيِ خَلْقِهِ نَقْصٌ مِنْ عُمْىٍ أَوْ صَمَمٍ أَوْ بُكْمٍ وَيَنْتَقِلُ إِلىَ ماَ هُوَ فِيْهِ مِنَ السَّلاَمَةِ عَنْ تِلْكَ العاَهاَتِ الَّتِي تَجْلِبُ
الهَمَّ وَالغَمَّ

Pék tempo jalma-jalma anu ngalaman kakurangan fisik, atawa cacad awak, kawas lolong, torék atawa pégo. Saterusna péngkolkeun panempo anjeun ka diri anjeun sorangan anu leuwih salamet atawa henteu ngalaman cacad awak. Anu kaayaan kawas éta baris ngondang rasa hanjelu sarta guligah.

Katilu ;

وَيَنْظُرُ إِلىَ مَنْ ابْتُلِيَ بِالدُّنْياَ وَجَمْعِهاَ وَالاِمْتِناَعِ عَمَّا يَجِبُ عَلَيْهِ فِيْهَا مِنَ الحُقُوْقِ وَيَعْلَمُ أَنَّهُ فَضُلَ بِالإِقْلاَلِ وَأَنْعَمَ عَلَيْهِ بِقِلَّةٍ تَبِعَةِ
الأَمْوَالِ فيِ الحاَلِ وَالمَآَلِ

Pék tempo jalma-jalma anu kakeunaan balai kalayan néangan harta kakayaan sarta numpuk-numpukna ku kituna henteu sempet pikeun ngalakonan kawajiban-kawajiban ka Alloh. Jeung urang weruh, yén hukuman pikeun jelema anu kitu nyaéta naraka. Saterusna tempo diri urang sorangan anu ngalaman kawawatesanan harta kakayaan tapi masih bisa nohonan kawajiban ka Alloh, mangrupakeun kurnia gedé anu kudu disyukuran ayeuna sarta jaga.

Kaopat ;

وَيَنْظُرُ إِلىَ مَنْ ابْتُلِيَ بِالفَقْرِ المُدْقَعِ أَوْ الدِّيْنِ المُفْظَعِ وَيَعْلَمُ ماَ صاَرَ إِلَيْهِ مِنَ السَّلاَمَةِ مِنَ الأَمْرَيْنِ وَتَقِرُّ بِماَ أَعْطاَهُ رَبُّهُ العَيْنَ

Pék tempo jelema anu keur kakeunaan balai kalayan kafakiran anu lalawora dina ibadah, ogé jelema anu kakeunaan balai kabodoan dina agama. Jeung urang weruh, yén salamet ti kadua balai éta baris nimbulkeun rasa syukur sarta ngondang tambahan kani’matan.

وَماَ مِنْ مُبْتَلَى فيِ الدُّنْياَ بِخَيْرٍ أَوْ شَرٍّ إِلاَّ وَيَجِدُ مَنْ هُوَ أَعْظَمُ مِنْهُ بَلِيَّةً فَيَتَسَلَّى بِهِ وَيَشْكُرُ ماَ هُوَ فِيْهِ مِمّاَ يَرَى غَيْرَهُ ابْتُلِيَ بِهِ

Henteu sapati-pati kakeunaan balai di dunya, boh alus boh goréng. Kajaba manéhna baris manggihan jelema anu leuwih luhung tina balai éta. Nalika hal éta dilenyepan mangka baris nimbulkeun rasa syukur ti jelema anu nempona.

Kalima ;

وَيَنْظُرُ مَنْ هُوَ فَوْقَهُ فيِ الدِّيْنِ فَيَعْلَمُ أَنَّهُ مِنَ المُفْرِطِيْنَ فَبِالنَّظْرِ الأَوَّلِ يَشْكُرُ ماَ ِللهِ عَلَيْهِ مِنَ النِّعَمِ وَبِالنَّظْرِ الثَّانِيْ يَسْتَحِي مِنْ مَوْلاَهُ وَيَقْرَعُ باَبَ المُتاَبِ بِأَناَمِلِ النَّدَمِ فَهُوَ بِالأَوَّلِ مَسْرُوْرٌ بِنِعْمَةِ اللهِ وَفيِ الثّاَنِي مُنْكَسِرَ النَّفْسِ حَياَءً مِنْ مَوْلاَهُ

Pék tempo jelema anu leuwih luhur dina agamana, ku kituna urang baris ngaku kalalaworaan urang dina ngagem agama. Panempo ka anu leuwih handap dina hal dunya, nyaéta bagéan kahiji hadits, baris ngabalukarkeun rasa syukur. Panempo ka anu leuwih luhur dina hal agama baris ngarasa éra kana kakurangan sarta kalalaworaan dina ibadah.

Wal hasil, hadits di luhur nuyun urang pikeun ngabogaan dua akhlak haté ; Kahiji baris ngarasa atoh sarta syukur kana ni’mat Alloh. Kadua baris ngarasa hanjakal kana kalalaworaan ibadah ku kituna jadi éra ka Alloh SWT.

والله اعلم بالصواب

~Kitab Subulus-salam, Syarah Bulughul Murom – Syékh Ibnu Hajar Al-‘Asqolaniy, Juz 4 kaca. 151.

Rabu, 07 Agustus 2013

Wilujeng Boboran Siam 1434 H


Lamun urang ngarasa bungah ku datangna bulan romadhon, tangtu waktu sabulan téh bakal karasa kacida singgetna. Mun diibaratkeun, bulan romadhon téh keur oléng pangantén, mangsana honeymoon jeung amal sholéh, keur meujeuhna geugeut, ngeukeupan kawajiban, ngarangkulan pasunatan.

Pikeun jiwa-jiwa romantis, anu dina jero dadana kebek ku cinta nu sajati, najan waktu terus maju, najan hirup rumah tangga geus mangtaun-taun malahan geus mangpuluh-puluh taun, tinangtu karasana masih kawas keur anyar papangantén, tetep deudeuh, tetep nyaah, teu bosen-bosen silih rangkul ku kaasih, sebutan ka nu jadi pasangan ge tetep darling, honey, ayang...

Kitu deui pikeun jiwa-jiwa romantis, anu dina dadana kebek ku iman jeung taqwa, najan bulan romadhon geus lekasan, ganti ku syawal jeung saterusna, karasana téh bakal kawas romadhon kénéh, bakal tetep geugeut kana amal sholéh, sumanget nohonan kawajiban tur ngalakonan pasunatan...

Parandéné kitu, urang kudu boga kakarén romadhon dina bulan-bulan séjénna. Kabiasaan-kabiasaan hadé nu biasa dipilampah dina bulan romadhon, kawas tadarus, qiyamul lail, i'tikaf, jeung sajabana tetep ku urang kudu diteruskeun malah leuwih ditingkatkeun dina bulan anu séjénna.

Hayu urang jadi jiwa-jiwa nu romantis dina cinta jeung romantis dina agama...

Wilujeng boboran siam 1434 H, mugia jembar pangapunten kana samudaya kalelelepatan lan kaluluputan lahir miwah batin.....


Senin, 05 Agustus 2013

Anak Nu Teu Nurut Ka Kolot Tapi Asup Surga

Anak anu henteu ngadéngé caritaan kolotna, tapi bisa asup ka Surga? kira-kira kabayang teu? Hhmmm...Caritana kieu, hiji poé di jaman Rosululloh SAW. Aya saurang kulawarga, waktu éta salakina rék indit dagang, si salaki nyarita ka pamajikanana supaya teu kaluar ti imah satungtung manéhna can balik.

Amanat éta bener-bener diéstokeun pisan ku éta awéwé. Manéhna henteu kaluar ti imah nepi ka salakina balik.

Dina hiji waktu, manéhna didatangan sémah ti salah saurang dulurna, méré béja yén indungna keur gering parna, manéhna dititah balik ku indungna.

Tapi éta awéwé ngajawab "Kuring ngajaga amanah ti salaki pikeun teu kaluar ti imah satungtung salaki kuring can balik, pangnepikeun salam sarta nyuhunkeun dihapunten ka indung kuring" sambungna.

Dulurna téa balik ka lemburna, nepikeun talatah ti éta awéwé ka indungna anu keur gering parna. Tapi di tempat lain, sabenerna éta awéwé kacida hayang ngalongok indungna.

Sababaraha poé saterusna, dulurna anu lain datang deui ka éta awéwé  nepikeun béja anu sarua. Indungna gering parna, manéhna dipénta pikeun balik waé ka imah kolotna. Deui-deui éta awéwé nampik ,manéhna teu bisa ngalongok indungna satungtung salakina can balik.

Ahirna, indungna téa maot. Tuluy éta awéwé didatangan deui ku dulurna.

"Indung anjeun geus  maot, naha anjeun daék ngalongok jasad indung anjeun pikeun anu pamungkas?" .

Éta awéwé ngajawab: " Innalillaahi wa ina ilaih Raji'un. Kuring kacida ménta dihampura. Kuring teu bisa iinditan ti imah "

Dulur-dulurna béakeun pikir. Nepi ka manéhna ngomong "Cilaka anjeun!!! Waktu indung anjeun gering , anjeun teu datang. Waktu indung anjeun sakarat, anjeun ogé teu datang. Sarta di waktu kawas ieu, indung anjeun maot, anjeun keukeuh moal datang???!!!"

Dulurna bener-bener kacida ambek dina waktu harita, "Hampura kuring, saenyana kuring hayang datang ka astana indung kuring. Tapi kuring teu bisa indit ti imah ieu" jawab éta awéwé.

Dulurna mingkin ambek ku merekedewengna éta awéwé, manéhna bener-bener émosi, tuluy ninggalkeun imah éta awéwé kalayan haté anu kuciwa.

Nepi ka dina hiji mangsa, dulurna téa anu masih kénéh teu resep ku kalakuan éta awéwé, ahirna boga niat nanya ka Rosululloh SAW,  "Yaa Rosulalloh, dulur kuring geus ngalakukeun kitu" ceuk dulurna téa, tuluy derekdek nyaritakeun kajadian éta awéwé.

Tapi Rosululloh SAW ngawalon, "Kacida bagjana éta indung, manéhna baris asup ka surga jeung éta awéwé".

Éta dulurna téa ngarasa himeng, "Naha tiasa éta awéwé lebet ka surga? sanés anjeunna tos cucungah ka indungna? Naha duanana janten lebet ka surga, yaa Rosulalloh?".

"Si Indung geus junun ngatik anakna kalawan alus. Keur éta awéwé, manéhna geus junun ngajaga amanah ti salakina jeung indungna", walon Rosululloh SAW kalawan teges.

Kitu pisan hiji carita dina jaman Rosululloh SAW ngeunaan kawajiban hiji pamajikan pikeun ngajaga amanah ti nu jadi salakina.

Hikayat Salaki Nu Sabar

Kacaritakeun, aya saurang lalaki sholéh anu boga dulur sholéh ogé. Éta dulurna sok ngalongokan unggal sataun sakali. Dina hiji poé, manéhna datang ngetrokan panto, pamajikan éta jelema sholéh nanya di satukangeun panto "saha?"

"Kuring dulur salaki anjeun, karna Alloh kuring datang rék ngalongok" jawab éta lalaki anu nyémah.

"Salaki kuring indit ngala suluh, muga-muga manéhna teu dibalikeun deui ka dieu ku Alloh" jawab éta awéwé tuluy ngupat salakina bébéakan.

Sabot éta awéwé keur ngomongkeun kagoréngan salakina, torojol salakina datang mawa sabeungkeut suluh ditunda dina tonggong maung. Tuluy éta suluh diturunkeun tina tonggong maung sabari ngomong: "Jung balik anjeun, mugia Alloh maparin kaberkahan keur anjeun".

Kalayan marahmay tanda bungah ku kadatangan dulurna, éta lalaki uluk salam sabari ngabagéakeun dulurna pikeun asup ka jero imah. Sanggeus ngawangkong ngalér ngidul, éta dulurna amitan balik, dirina ngarasa kataji ku kasabaran éta lalaki kana sifat goréng pamajikanana. Hal éta kaciri tina sikep éta lalaki anu teu ngajawab sakecap ogé pikeun nanggepan pangjejeléh pamajikanana.

Kocapkeun dina taun anu kadua, éta dulurna datang deui ngetrokan panto, "saha?" tanya hiji awéwé ti jero imah.

"Kuring dulur salaki anjeun, datang rék ngalongok" jawab sémah.

"Wilujeng sumping" kitu pangbagéa éta awéwé kalayan soméah.

Sabot nungguan salakina, éta awéwé kacida ngahurmat sémahna jeung muji-muji kahadéan salakina. Teu kungsi lila, lalaki sholéh téa datang manggul suluh dina taktakna. Tuluy éta lalaki ngabagéakeun dulurna ngajak asup ka imah jeung nyuguhan kadaharan.

Waktu sémah téa rék balik, manéhna sempet nanyakeun pamajikan éta lalaki jeung maung nu sok mangmawakeun suluh. Éta lalaki sholéh ngajawab: "dulur, pamajikan nu goréng sungut téa geus maot, kuring sabar dina nyanghareupan sikep goréngna, ku kituna Alloh maparin kagampangan ka kuring pikeun nalukkeun maung kusabab kasabaran kuring éta. Ayeuna kuring rarabi deui jeung ieu awéwé sholéhah, kuring ngarasa tingtrim tur bagja hirup jeung awéwé ieu. Ku kituna, maung ogé dijauhkeun ku Alloh ti kuring, nepi ka ayeuna kuring kudu manggul suluh sorangan, sabab kuring ngarasa tingtrim tur bagja hirup jeung pamajikan kuring nu sholéhah ieu.

Sabtu, 03 Agustus 2013

Akhir Zaman

سيأتى زمان على أمتى يفرون من العلماء والفقهاء فيبتليهم الله بثلاث بليات ؛ أولها يرفع البركة من كسبهم. والثانية يسلط الله تعالى عليهم سلطانا ظالما. والثالثة يخرجون من الدنيا بغير إيمان

Bakal datang engké di hiji mangsa ka ummat kaula (saur Rosulullah SAW), loba ummat kaula ngajauhan ti para ulama sarta ahli fiqih, mangka Allah bakal nurunkeun adzab ka maranéhanana ku tilu macem adzab:

Kahiji: Allah ngangkat kaberekahan tina usaha sarta pagawéanana, duit anu dipibandana ngan bisa 'gali lobang tutup lobang', harta kakayaanana henteu ngajadikeun maranéhanana waluya sarta merenah dina ibadah, sok teu weléh ngarasa guligah dina kahirupanana.

Kadua: Allah ngajadikeun pamingpin maranéhanana, pamingpin anu dzholim, ngorowotan duit rahayat, korupsi, geus henteu mikirkeun deui ka rahayat, motif kapamingpinanana nyaéta ngan pikeun kasenangan duniawi, numpuk-numpuk harta keur dirina sorangan jeung partéyna mangpang-meungpeung boga kakawasaan.

Katilu: Maranéhanana baris kaluar ninggalkeun dunya ieu atawa paéh dina kaayaan henteu mawa iman, paéh dina kaayaan kafir…naudzubillah…

✔ Nashoihul Ibad – Syékh Nawawi, kaca 4

Lima Belas Macem Pangondang Balai

يِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Dimana-mana balai lumangsung di nagara ieu, saha anu sapantesna pikeun tanggung jawab? kudu kumaha urang? coba titénan pidawuh Nabi Saw ti riwayat imam Turmudzi ieu ;

عَنْ عَلِى رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قاَلَ قاَلَ رَسُوْلُ الله ؛ إِذاَ فَعَلَتْ أُمَّتِى خَمْسَ عَشَرَةَ خَصْلَةً حَلَّ بِهاَ البَلاَءُ , قِيْلَ وَماَهِىَ ياَرَسُوْلَ اللهِ ؟ قاَلَ ؛ إِذاَ كاَنَ المُغْنِمُ دَوْلاً وَالأَماَنَةُ مُغْنِماً وَالزَّكاَةُ مُغْرَماً وَأَطاَعَ الرَّجُلُ زَوْجَتَهُ وَعَقَّ أُمَّهُ وَجَفاَ أَباَهُ وَارْتَفَعَتْ الأَصْواَتُ فىِ المَسَاجِدِ وَكاَنَ زَعِيْمُ القَوْمِ أَرْذَلَهُمْ وَأَكْرَمَ الرَّجُلَ مَخاَفَةَ شَرِّهِ وَشُرِبَتْ الخُمُوْرُ وَلُبِسَ الحَرِيْرُ وَاتُّخِذَتْ القِياَناَتُ وَالمَعاَزِفُ وَلَعَنَ آخِرُ هَذِهِ الأُمَّةِ أَوَّلَهاَ فَلْيَرْتَقِبُوْا عِنْدَ ذَلِكَ رِيْحاً حَمَراَءَ أَوْ خَسَفاً أَوْ مَسَخاً

Hartina:

Hadits ieu ditampi ti baginda Ali ra, anjeunna nyarios: Baginda Rosulululloh Saw ngadawuh ; Lamun ummat kaula geus ngalakonan 15 macem perkara mangka kabéh éta baris ngondang balai. Saterusna sohabat naros, naon anu dimaksad 15 macem perkara éta yaa Rosulalloh? Rosululloh Saw ngawaler:

1.Lamun jelema anu kalakuanana goréng nyaéta jelema anu sok nyokot kauntungan duniawi pikeun kapentingan pribadina, dijadikeun sarta dipilih minangka pamingpin masarakat,

2.Lamun saurang anu diamanatan atawa nalika manéhna dipercaya batur, amanat sarta kapercayaan éta dijadikeunana hiji kasempetan pikeun meunangkeun kauntungan duniawi,

3.Lamun zakat henteu gura-giru dibayarkeun atawa henteu gura-giru dibikeun ka jelema anu ngabogaan hakna, komo lamun duit zakat dikokolakeun tiheula pikeun nyokot kauntungan pribadina,

4.Lamun saurang salaki geus nurut atawa sok nuturkeun kahayang goréng pamajikanana,

5.Lamun saurang manusa geus wani nganyenyeri haté indungna,

6.Lamun saurang manusa geus wani ngalawan ka bapana,

7.Lamun geus lumangsung narikkeun sora di masjid-masjid, hartina loba jelema geus henteu daék datang ka masjid, nepi ka pikeun ngalaksanakeun solat berjama’ah ogé kudu digeroan ngaliwatan pengeras sora (teu mahi ku tanda waktu solat sarta adzan), padahal manéhna weruh waktu solat berjama’ah geus rék diadegkeun. Atawa hiji jalma ngajadikeun masjid minangka tempat hiburan, kaulinan sarta perlombaan,

8.Lamun jelema anu pohara dipercaya sarta dijadikeun pananggeuhan harepan ku masarakat nyaéta jelema anu dianggap hina nurutkeun Islam, kawas jelema anu tara ngalakonan solat sarta dukun atawa tukang sulap,

9.Lamun ngamulyakeun atawa ngagungkeun hiji jalma sabab kadorong ku rasa sieun ka jelema éta ,

10.Lamun inuman keras, narkotika sarta psikitrofika séjénna geus dikonsumsi ku masarakat,

11.Lamun lawon-lawon sutra geus diparaké ku kaum lalaki, sanajan kalawan alesan modis, padahal Islam ngahulagna,

12.Lamun geus ngahalalkeun sagala wangun hiburan, ku kituna mopohokeun dzikir ka Alloh Swt,

13.Lamun geus ngahalalkeun alat-alat musik sarta ngamaénkeunana nepi ka poho dzikir ka Alloh,

14.Lamun umat manusa di jaman ayeuna ngaweweléh atawa nyalah-nyalahkeukeun para luluhurna, maranéhanana ngarasa ngagejrétna ieu nagara disababkeun ku para luluhurna,

15.Lamun geus loba jelema nungtut élmu, tapi lain dina élmu agama, maranéhanana ngan ngudag élmu pikeun meunangkeun pakasaban sarta kalungguhan duniawi wungkul, élmu agama ku manéhna ditinggalkeun,

Sarta Rosululloh Saw neraskeun pidawuhna;

Ku kituna, nalika aranjeun kabéh mireungeuh salah sahiji ti kabéh éta, mangka aranjeun kabéh baris kakeunaan sagala rupa balai, kawas tiupan angin beureum anu mawa hawa goréng, katibaan sagala rupa musibah alam nepi ka balai anu pohara matak pikasediheunana nyaéta ngarobah rupa aranjeun jadi kawas monyét atawa bagong. (HR. Turmudzi)

Ti pidawuh baginda Nabi Saw éta diluhur bisa disimpulkeun, yén jalan anu kudu dilakonan ku urang nyaéta teu cukup ku ngan saukur ngayakeun Istighosah sarta dzikir akbar wungkul, tapi sakabéh wangun maksiat sarta munkarot di ieu bumi hadéna leuwih tiheula diilangkeun atawa ditumpes kaasup 15 macem perkara cukang lantaran balai nu tadi téa, sakumaha para Ulama Usul Fiqih nyebutkeun:

إِنَّ دَفْعَ المَفاَسِدِ مُقَدَّمٌ عَلَى جَلْبِ المَصاَلِحِ

Saéstuna ngaleungitkeun sagala macem wangun maksiat sarta munkarot éta kudu diheulakeun tinimbang ngalakonan hal-hal anu ngondang kahadéan, kawas dzikir sarta istighosah”.

والله اعلم بالصواب.

✔ Kitab Tadzkirotul Qurtubiy – Syekh Abdul Wahab Asy-sya’roniy

Aa Mung Pameget Biasa

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
hatur nuhun margi tos milih Aa diantawis rébuan pajoang-pajoang cinta anu siap kanggo ku salira dipilih...
Padahal salira uninga, Aa mung pameget biasa, anu kacida tetebiheun tina sampurna.
Ku ayana kitu, Aa hoyong salira uninga, Aa sanés pameget anu sampurna, Aa kacida seueur kakirangan.
Mangka uningakeun...

Ka salira anu seja milih Aa jaga...
Aa teu sawijaksana Umar bin Khoththob, ku lantaran éta Aa hoyong salira uninga, Aa tiasa waé midamel kalepatan sarta tiasa ngajantenkeun salira bendu...
Mangka Aa nyuhunkeun ka salira, mugia wijaksana dina mayunan Aa, ulah bendu ka Aa, naséhatan Aa kalawan hikmah, margi kanggo Aa, nya salira pisan panaséhat Aa, moal wantun Aa ngaraheutan manah salira...

Ka salira anu tos milih Aa jaga...
Émutkeun, teu salawasna Aa tiasa kasampak kasép di payuneun soca salira, aya waktosna Aa katingal kucel. Panginten kumargi Aa kalintang rarépot di padamelan kanggo nyiar nafkah kulawargi urang.

Mangka manawi Aa henteu sempet ngarumat diri kanggo salira jaga. Atanapi salira mendak Aa lelenggutan nundutan waktos ngupingkeun cariosan salira, éta sanés margi Aa alim janten tempat salira nyarioskeun saniskanten rasa salira, nanging nuju wengi waktos salira kulem, Aa sok ngajagi salira sabari neneda pitulung sarta welas asihna Alloh.
Sarta Aa terang salira kalintang capé popolah di pawon, mangka Aa teu hoyong ngaganggu sakedik ogé tibrana salira...
Janten saupamina énjing-énjing salira mireungeuh Aa lalungsé sarta soca Aa carelong, mangka pék angger imut ka Aa, kumargi nya mung salira nu janten kakiatan Aa.... 

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
Uningakeun, Aa teu sasabar Utsman bin Affan, aya mangsanana salira mendak Aa murukusunu, teu kakontrol, éta sanés kumargi Aa mikangéwa salira, nanging Aa mung pameget biasa, mangka sing sabar, anu ku Aa diperyogikeun mung imut salira.... 

Ka salira nu seja janten garwa Aa jaga.... 
Uningakeun, Aa teu sacalakan Ali bin Abi Tholib..
Mangka ulah kantos bosen kanggo nganaséhatan Aa kana jalan nu dipokaridoNA..
Ulah kagok ngagugahkeun Aa di sapertilu wengi kanggo sasarengan munajat ka Alloh nu maha welas asih.
Ulah capé ngageuing Aa kanggo teras sasarengan nyuprih ganjaran dina amalan-amalan sunnah..
Bantos panangan Aa nuyun salira ka JannahNa supados urang tiasa angger ngahiji di lebetna...

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
Saluyu kalayan robihna wanci, salira bakal mendak rambut Aa anu kawitna hideung, robih janten ngipisan sarta cetuk huis. Kulit Aa anu kawitna limit, robih janten péot. Panangan Aa anu kawitna lemes, robih janten keusrak.... 
Sarta salira moal mendak Aa minangka pameget gandang, anu ku salira ditampi khitbahna puluhan warsih anu kalangkung.... 
Sanés deui pameget anom anu sok nyenangkeun soca salira.... 
Mangka ulah kantos béngkok sembah ti Aa.... 
Margi hiji hal anu teu kantos robih, sumawonten ti saprak kapungkur teras-terasan nambih, yaktos rasa trésna Aa ka salira.... 

Uningakeun.... Saban dinten, saban jam, menit katut detikna, tos dilangkungan ku Aa kalawan teu weléh mitresna salira. Mangka pikatrésna Aa margiNA, kalawan sakumaha ayana Aa...
Poma ulah ngaharepkeun Aa robih janten pameget sampurna.... 
Hapunten, Aa mung pameget biasa.... 

Jumat, 02 Agustus 2013

Sing Loba Inget Kana Maot

Hirup di dunya ieu moal salawasna. Baris datang mangsana urang papisah jeung dunya katut eusina. Pipisahan éta lumangsung waktu pati mapag, hamo aya saurang ogé anu bisa nyingcet tina hal éta. Alatan اَللّه tos ngadawuh:


كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ وَنَبْلُوكُمْ بِالشَّرِّ وَالْخَيْرِ فِتْنَةً وَإِلَيْنَا تُرْجَعُونَ


“Saban anu ngabogaan jiwa pasti baris ngarasakeun maot, sarta Kami nguji aranjeun kalayan kagoréngan sarta kaalusan minangka hiji fitnah (ujian), sarta ngan ka Kami aranjeun baris mulang.” (Al-anbiya`: 35)


أَيْنَمَا تَكُونُوا يُدْرِكُكُمُ الْمَوْتُ وَلَوْ كُنْتُمْ فِي بُرُوجٍ مُشَيَّدَةٍ


“Di mana waé aranjeun aya, pati pasti baris manggihan anjeun, sanajan aranjeun aya di jero bénténg anu luhur tur weweg.” (An-nisa`: 78)


Pati baris datang ka sing saha ogé, boh manéhna saurang anu soléh boh doraka, saurang anu turun ka pangperangan atawa diuk cicing di imahna, saurang anu hayangeun nagari ahérat anu langgeng atawa hayang dunya anu fana, saurang anu pinuh sumanget ngahontal kahadéan atawa anu lalawora sarta pangedulan. Kabéhanana baris nepungan pati lamun geus nepi ka ajalna, alatan mémang:


كُلُّ مَنْ عَلَيْهَا فَانٍ


“Sakumna anu aya di luhur bumi ieu fana (henteu langgeng).” (Ar-rohman: 26)


Nginget maot baris ngaleuleuskeun haté sarta ngancurkeun kasarakahan kana dunya. Lantaran éta, Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam méré pépéling pikeun loba ngingetna. Anjeunna ngadawuh dina hadits anu ditepikeun ku shohabatna anu mulya Abu Hurairoh rodhiyallohu ‘anhu:


أَكْثِرُوْا ذِكْرَ هَاذمِ اللَّذَّاتِ


“Lobakeun aranjeun kana nginget pamegat kangeunahan (nyaéta pati).” (HR. At-tirmidzi no. 2307, An-nasa`i no. 1824, Ibnu Majah no. 4258)


Dina hadits di luhur aya sawatara faédah:


Disunnahkeunna saban muslim anu cageur atawa anu keur gering pikeun nginget maot kalawan haté sarta lisanna, sarta ngalobakeun ngingetna nepi ka saolah-olah pati di hareup panonna. Alatan ku sabab éta baris ngahalangan sarta ngeureunkeun hiji jalma tina migawé ma’siat sarta bisa nyorong pikeun ngalakukeun amal soléh.


Nginget maot di waktu aya dina karupekan baris ningtrimkeun haté saurang hamba. Sabalikna, lamun keur aya dina kesenangan hirup, manéhna moal poho kana dirina. Jeung kitu manéhna bakal teu weléh aya dina kaayaan siap pikeun “indit.” (Bahjatun Nazhirin, 1/634)


Dawuhan Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam di luhur nyaéta pidawuh anu singget sarta ringkes, “Lobakeun aranjeun kana nginget pamegat kangeunahan (pati).” Tapi dina hadits éta ngumpul pangéling-ngéling sarta pohara keuna pisan minangka naséhat, alatan jelema anu bener-bener nginget maot baris ngarasa euweuh hartina kangeunahan dunya anu keur disanghareupanana, ku kituna bakal ngahalangan kana ngangen-ngangen ngahontal dunya di mangsa ka hareup. Sabalikna, manéhna baris miboga sikep zuhud kana dunya. Tapi pikeun jiwa-jiwa anu kiruh sarta haté-haté anu talobéh, perlu meunangkeun naséhat panjang lébar sarta ucapan-ucapan anu panjang, sanajan sabenerna pidawuh Nabi Shollallohu ‘alaihi wa sallam:


أَكْثِرُوْا ذِكْرَ هَاذِمِ اللَّذَّاتِ


“Lobakeun aranjeun nginget pamegat kangeunahan (nyaéta pati).”

dibiruyungan pidawuh Alloh:



كُلُّ نَفْسٍ ذَائِقَةُ الْمَوْتِ


“Saban anu ngabogaan jiwa pasti baris ngarasakeun maot,” geus nyukupan pikeun jelema anu ngadéngé sarta nempo.


Pohara alusna kedalan jelema anu ngomong:


اذْكُرِ الْمَوْتَ تَجِدُ رَاحَةً، فِي إِذْكَارِ الْمَوْتِ تَقْصِيْرُ اْلأَمَلِ


“Ingetkeun maot tinangtu anjeun bakal manggih katingtriman, tur nginget maot baris mondokeun pangangen-ngangen.”


Nyaéta Yazid Ar-raqosyi rohimahullohu nyarios ka dirina nyalira, “Cilaka anjeun héy Yazid! Saha atuh anu baris ngalakukeun solat pikeun anjeun sanggeus maot anjeun? Saha téa anu nyugemakeun anjeun sanggeus maot? Saha téa anu baris mangméntakeun karidhoan Pangéran pikeun anjeun sanggeus anjeun maot?”

Saterusna anjeunna nyarios, “Héy sakabéh manusa, Naha henteu maranéh ceurik sarta ngadongdolék diri-diri maranéh dina hirup maranéh anu masih kénéh nyésa? Héy jelema anu pati néanganana, anu kuburan baris jadi imahna, anu taneuh baris jadi permadanina sarta anu hileud-hileud baris jadi baturna… dina kaayaan manéhna ngadagoan dihudangkan dina poé anu pohara pikakeueungeunana. Na kumaha kaayaan jelema ieu?” Saterusna Yazid ceurik nepi ka ragrag kapidara. (At-tadzkiroh, kaca 8-9)


Éstuning ngan jalma-jalma calakan tur pinter anu loba nginget maot sarta nyiapkeun bekel pikeun maot. Shohabat anu mulya, putra ti shohabat anu mulya, Abdullah bin ‘Umar rodhiyallohu ‘anhuma nyarioskeun, “Kuring keur diuk babarengan sareng Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam nalika datang saurang lalaki ti golongan Anshor. Manéhna ngedalkeun salam ka Rosululloh Shollallohu ‘alaihi wa sallam, tuluy ngomong, Yaa Rasulalloh, mu’min mana anu pangutamana?’ Anjeunna ngawaler, ‘Anu pangalus akhlakna di antara maranéhanana.’

‘Mu’min mana anu pangpinterna?’, tanya lalaki éta deui. Anjeunna ngawaler:


أَكْثَرُهُمْ لِلْمَوْتِ ذِكْرًا وَأَحْسَنُهُمْ لِمَا بَعْدَهُ اسْتِعْدَادًا، أُولَئِكَ أَكْيَاسٌ


“Jelema anu panglobana nginget maot sarta pangalusna sasadiaanana pikeun kahirupan sanggeus maot. Maranéhanana éta pisan jalma-jalma anu pinter.” (HR. Ibnu Majah no. 4259)


Al-imam Al-qurthubi rohimahullohu nyarios, “Ad-daqqoq nyarios, ‘Saha anu loba nginget maot, manéhna baris dimulyakeun kalayan tilu perkara: Buru-buru kana tobat, haté ngarasa cukup, sarta tanginas/sumanget dina ngalakonan ibadah. Sabalikna, saha anu mopohokeun maot manéhna baris dihukum kalayan tilu perkara: nunda tobat, henteu ridho jeung ngarasa cukup sarta kedul kana ibadah. Mangka pék geura mikir, héy jelema anu katipu, anu ngarasa moal ditéang pati, moal ngarasa sakarat, karipuhan, sarta kapaitanana. Cukup pati minangka penggeuing haté, nyieun panon ceurik, mupus kangeunahan sarta ngeureunkeun pangangen-ngangen. Naha anjeun, héy anak Adam, daék mikiran sarta ngabayangkeun datangna poé pati anjeun sarta pindahna anjeun ti tempat hirup anjeun anu ayeuna?” (At-tadzkiroh, kaca 9)


Pék bayangkeun waktu-waktu sakaratul maot ngadatangan anjeun. Bapa anu pinuh asih nangtung di sisi anjeun. Indung anu pinuh kaasih ogé hadir. Kitu ogé barudak anjeun anu gedé atawa anu leutik. Kabéh aya di deukeut anjeun. Maranéhanana nempo kalayan tetempoan asih, nyaah sarta pinuh ku rasa watir. Cai panon maranéhanana teu eureun-eureun nyurucud ngabaseuhan beungeut-beungeut maranéhanana. Haté maranéhanana ogé disimutan ku kasedih. Maranéhanana kabéh ngaharepkeun sarta ngangen-ngangen, supamana waé anjeun bisa tetep babarengan jeung maranéhanana. Tapi pohara jauh sarta mustahil aya saurang makhluk anu bisa nambahan umur anjeun atawa mulangkeun roh anjeun. Saéstuna Dzat anu méré kahirupan ka anjeun, Manten-Na ogé anu nyabut kahirupan éta. Milik-Na naon anu Manten-Na pundut sarta naon anu Manten-Na paparin. Sarta sakabéh awak-awakan ngabogaan ajal anu geus ditangtukeun.


Al-hasan Al-bashri rohimahullohu nyarios, “Teu pisan-pisan haté saurang hamba mindeng nginget maot iwal ti dunya karasaeun leutik sarta euweuh hartina pikeun manéhna. Sarta kabéh anu aya di luhur dunya ieu hina pikeun manéhna.”


Nyaéta ‘Umar bin Abdil ‘Aziz rohimahullohu lamun inget maot anjeuna ngageter kawas ngageterna buntut manuk. Anjeunna ngumpulkeun para Ulama, mangka aranjeunanana silih ngingetkeun ngeunaan pati, poé kiamat sarta ahérat. Saterusna aranjeunanana careurik nepi ka saolah-olah di hareupeun aranjeunna aya layon. (At-tadzkiroh, kaca 9).


Tinangtu ceurik aranjeunanana dituturkeun ku amal sholéh sanggeusna, jihad di jalan Alloh Subhanahu wa Ta’ala sarta tanginas kana kahadéan. Béda halna jeung kaayaan lolobana manusa dina poé ieu. Maranéhanana yakin ayana surga tapi henteu daék amal pikeun ngahontalna. Maranéhanana ogé yakin ayana naraka tapi maranéhanana henteu sieun.

Maranéhanana nyaho yén maranéhanana baris maot, tapi maranéhanana henteu nyiapkeun bekel. Ibarat babasan ahli syair:

Kuring nyaho kuring bakal maot tapi kuring teu sieun

Haté kuring teuas lir ibarat batu

Kuring néangan dunya saolah-olah hirup kuring langgeng

Kawas poho pati ngintip di tukang


Padahal, dimana-mana pati geus datang, teu aya saurang ogé anu bisa nyingcet sarta nundana.


فَإِذَا جَاءَ أَجَلُهُمْ لاَ يَسْتَأْخِرُونَ سَاعَةً وَلاَ يَسْتَقْدِمُونَ


“Mangka lamun geus anjog ajal maranéhanana (waktu anu geus ditangtukeun), teu pisan-pisan maranéhanana bisa mundurkeunana najan sajongjonan ogé sarta henteu ogé maranéhanana bisa ngaheulakeunana.” (An-nahl: 61)


وَلَنْ يُؤَخِّرَ اللهُ نَفْسًا إِذَا جَاءَ أَجَلُهَا


“Sarta Alloh sakali-kali moal mundurkeun pati hiji jalma lamun geus datang ajal/waktuna.” (Al-munafiqun: 11)


Duh kacida rugina hiji jalma anu leumpang nuju alam kalanggengan tanpa mawa bekel. Ulah anjeun, héy jiwa, kaasup anu teu boga untung. Pék perhatikeun pépéling Pangéran anjeun:


وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدْ


“Sarta pék saban jiwa nengetan naon anu geus dipigawéna pikeun poé kahareup (ahérat).” (Al-hasyr: 18)


Al-hafizh Ibnu Katsir rohimahullohu ngécéskeun ayat di luhur kalayan nyarioskeun, “Pék geura hisab diri maranéh saméméh maranéh dihisab, sarta pék tengetan amal soléh naon anu geus ku maranéh dicéngcéléngankeun pikeun diri maranéh minangka bekel di poé dihudangkeun sarta poé dipadepkeun maranéh ka Pangéran maranéh.” (Al-mishbahul Munir fi Tahdzib Tafsir Ibni Katsir, kaca 1388).


Ulah anjeun jadi jelema anu hanjakal basa pati geus datang alatan teu mawa bekel, tuluy anjeun ngaharepkeun pikeun ditunda.


وَأَنْفِقُوا مِنْ مَا رَزَقْنَاكُمْ مِنْ قَبْلِ أَنْ يَأْتِيَ أَحَدَكُمُ الْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلاَ أَخَّرْتَنِي إِلَى أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُنْ مِنَ الصَّالِحِينَ


“Sarta pék infakkeun sawaréh ti naon anu geus Kami bikeun ka maranéh saméméh datang pati ka salah saurang di antara maranéh, tuluy manéhna ngomong, ‘Duh Pangéran abdi, naha Gusti henteu nunda pati abdi dugi ka waktos anu caket dugi ka abdi kénging kasempetan pikeun sodakoh sarta abdi kalebet jalma-jalma anu sholéh?’.” (Al-munafiqun: 10).


Lantaran éta, pék geura bebekelan! Siapkeun amal sholéh sarta jauhan kadorakaan ka Manten-Na!


Wallohu Ta’ala A’lam Bish-showab

Lalakon Ngadahupna Nabi Yusuf Sareng Siti Zulaikho


بِسْمِ الله الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم

Kalayan kaberkahan nyebat jenengan. اَللّه nu Maha Welas tur Maha Asih

نَكَحَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمَ زُلَيْخَا بَعْدَ مُلُكِ مِصْرَ وَيُسَمَّى عَزِيْزًا

Nabi Yusuf ngadahup ka Zulaikho saatosna Zulaikho janten randa ti Aziz,raja Mesir waktos harita

وَزُلَيْخَا صَارَتْ فَقِيْرَةً عَجُوْزًا عُمْيَاءَ وَمَعَ ذَلِكَ مَحَبَّةُ يُوْسُفَ وَ عَشْقُهُ يَزْدَادُ فِى قَلْبِهَا كُلُّ يَوْمٍ

Sadikantunna raja, permeswari Zulaikho janten nini-nini nu fakir tur teu tiasa ningali, sanaos kitu anjeunna masih kapéngpéongan ku Nabi Yusuf, Cintana teu laas ku lawas éstu ti dinten ka dinten éta rasa kalah mingkin nyaliara

فَلَمَّا عَيَلَ صَبْرُهَا وَاشْتَدَّ أَمْرُهَا وَهِىَ تَعْبُدُ الوَثَنَ إِلىَ ذَلِكَ اليَوْمِ رَفَعَتْ وَثَنَهَا وَ ضَرَبَتْ بِهِ عَلَى الاَرْضِ وَتَبَرَأَتْ مِنْهُ وَآمَنَتْ بِاللهِ الحَىِّ القَيُّوْمِ

Waktos kasabaran Zulaikho dugi kana watesna, kalayan rasa cinta nu kalah mingkin rongkah, dina waktos harita Zulaikho masih nyembah tapékong. Anjeunna ngadeg teras jalang-jéléng ngaweweléh tapékong anu teu sanggup nulung dirina nu gering nangtung ngalanglayung, eta tapékong-tapékong dibalang-balangkeun dugi ka ancur lebur. Salajengna anjeunna kaluar tina nyembah tapékong, lajeng iman ka اَللّه nu Maha Hirup tur Maha Jumeneng kalawan dzat-Na.

وَنَاجَتْ فىِ لَيْلَةِ الجُمْعَةِ بِمُنَاجَاةٍ كَثِيْرَةٍ وَقَالَتْ ؛

Salajengna Zulaikho munajat nyaketkeun diri ka اَللّه, waktos harita nitih dina dinten juma’ah, anjeunna munajat kalayan waktos anu kacida lamina, sabari ngucap;

إِلَهِى لَمْ يَبْقَ لىِ مَالٌ وَلاَجِمَالٌ وَصِرْتُ عَجُوْزًا حَقِيْرَةً ذَلِيْلَةً فَقِيْرَةً وَابْتَلَيْتَنِى بِحُبِّ يُوْسُفَ عَلَيْهِ السَّلاَمَ وَعَشْقِهِ فَإِنْ أَوْصِلْتَنِى إِلَيْهِ وَإِلاَ فَارْجِعْ حُبَّهُ عَنِّىَ حَتَّى أَكُوْنَ كَفَافًا لاَ عَلَىَّ وَلاَ لىِ

Duh Gusti Pangéran abdi, abdi tos teu ngagaduhan deui kageulisan, abdi tos robih janten nini-nini hina anu fakir tur pinuh ku katuna, Gusti nguji abdi ku rasa cinta nu pohara ka Nabi Yusuf turta teu weléh didodoho ku kasono, mangka mugia Gusti mendakkeun abdi sareng anjeunna atanapi ilangkeun ieu rasa sareng kasono tina haté abdi, supados abdi teu katalikung ku kabingung, abdi janten bébas, teu aya deui nu ngarobéda rasa,karudet berewit ngararejat teu ngarerejét teuing haté, kumargi abdi…

فَسَمِعَتْ المَلاَئِكَةُ صَوْتَهَا فَنَاجَتْ إِلَهَنَا وَسَيِّدَناَ اِنَّ زُلَيْخَا جَاءَتْ إِلىَ حَضْرَتِكَ تَدْعُوْكَ بِاِيْمَانِهَا وَاِخْلاَصِهَا فَأَجَابَهُمُ اللهُ تَعَالىَ يَامَلاَئِكَتِى قَدْحَانَ وَقْتُ نَجَاتِهَا وَخَلاَصِهَا

Mangka malaikat ngadarangu kana mulas-melisna Zulaikho, malaikat oge ngariring munajat, “Duh Gusti Pangéran abdi sadaya
, saleresa-leresna Zulaikho dumeuheus ka Gusti tur ngangken iman kalayan kajembaranana dina panggonan Gusti.

Mangka اَللّه ngawaler munajatna para malaikat, “Héy malaikat Kami, geus nyata waktu munajat Zulaikho kalawan saéstuna (pikeun dikobul)

فَكَانَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ الٍسَّلاَمُ يَمُرُّ عَلَيْهَا فَمَرَّ يَوْمً مِنَ الأَيَّامِ مَعَ حَشْمِهِ إِذْ خَرَجَتْ زُلَيْخَا

Dina hiji waktos Nabi Yusuf ngalangkung ka bumi Zulaikho diiringkeun ku para ajudanana, kaleresan Zulaikho kaluar ti bumina

فَلَمَّا قَرَبَ مِنْهَا نَادَتْ بِأَعْلَى صَوْتِهَا سُبْحَانَ مَنْ جَعَلَ الْعَبِيْدَ بِرَحْمَتِهِ مُلُوْكًا

Waktos rombongan Nabi Yusuf nyaketan Zulaikho, dadak sakala Zulaikho ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat, “Maha suci اَللّه nu ngajantenkeun cacah robah janten raja kumargi welas asih-Na” Nabi Yusuf ngarandeg lajeng…

وَقاَلَ مَنْ أَنْتَ قَالَتْ أَنَا الَّتِى اشْتَرَيْتُكَ بِالجَوَاهِرِ وَالَّلآلىِ وَالذَّهَبِ وَالفِضَّةِ وَالمِسْكِ وَالكَافُوْرِ أَنَا الَّتِى لَمْ أَشْبَعُ بَطْنِى مِنَ الطَّعَامِ مُنْدُ عَشْقَتِكَ وَلاَ نُمْتُ لَيْلَةً كُلَّهَا مُنْدُ رَأَيتُكَ

Nabi Yusuf naros, “saha anjeun?” Zulaikho ngawaler, “abdi nu mésér anjeun waktos janten budak beulian, ku inten mutiara, rarangkén, emas, pérak, misik sareng kafur, abdi anu teu kantos ngaraos wareg ku katuangan saatos sono moho ka anjeun, abdi nu teu tiasa mondok satutasna ningal anjeun…”

فَقَالَ يُوْسُفَ عَلَيْهِ السَّلاَمَ لَعَلََّكَ زُلَيْخَا فَقَالَتْ بَلَى يَايُوْسُفَ فَقَالََََ أَيْنَ مَالُكَ وَجِمَالُكَ وَخَزَائنُكَ فَقَالَتْ أَغَارَ عَشْقُكَ عَلَيْهَا كُلِّهَا

Nabi Yusuf nyarios deui, “Anjeun panginten nu namina Zulaikho”, Zulaikho ngawaler, “leres pisan Yusuf”. Nabi Yusuf nyarios deui, “dimana harta oge kageulisan anjeun?” Zulaikho ngawaler, “sadaya harta ilang sirna, katipu kagugulu ku rasa cinta abdi ka anjeun…”

فَقَالَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ كَيْفَ عِشْقُكَ قَالَتْ كَمَا كَانَ بَلْ يَزْدَادُ فِى كُلِّ وَقْتٍ وَأَواَنٍ

Nabi Yusuf nyarios deui, “Kumaha éta rasa cinta dugi ka ngajantenkeun anjeun kieu?”, Zulaikho ngawaler “Unggal dinten gentos ku dinten, ieu rasa cinta mingkin ngabebela di sajeroning dada”.

HIKMAH DISAPENGKEREUN PATAROSAN

Dina carios ieu aya kandungan hikmah sareng pangajaran, yén sing saha waé anu hirup di dunya, énggal atanapi lami sadayana bakal ngalaman parobihan, sareng éta parobihan bakal ditaros, naha? Kumaha?, namung patarosan anu kacida poharana anu sakedahna tiasa kawaler. Hikmah éta diantawisna ;

كَذَلِكَ حَالُ المُؤُمِنِ إِذَا وُضِعَ فِى قَبْرِهِ يَأِْتِيْهِ مَلَكَانِ فَيَقُوْلاَنِ لَهُ أَيْنَ مَالُكَ فَيَقُوْلُ ذَهَبَ بِهِ الخَصَمَاءُ فَيَقُوْلاَنِ أَيْنَ ضِيَاعُكَ وَبَسَاتِيْنُكَ فَيَقُوْلُ ذَهَبَ بِهَاالخَصَمَاءُ فَيَقُوْلاَنِ أَيْنَ دَوْرُكَ وَبُيُوْتُكَ فَيَقُوْلَُ ذَهَبَ بِهَا البَنَاتُ وَالاَبْنَاءُ فَيَقُوْلاَنِ كَيْفَ مَعْرِفَتُكَ بِاللهِ تَعَالىَ فَيَقُوْلُ اللهُ رَبِّى وَالاِسْلاَمُِ دِيْنِى وَمُحَمَّدٌ نَبِيِّ

Nya kitu, dimana-mana saurang mu’min lebet ka alam kubur, mangka sumping dua malaikat tur tumaros ;

Dua malaikat. : “Dimana harta anjeun?”

Mu’min. : “Séép dicandak ku musuh-musuh abdi”

Dua malaikat. : “Dimana sawah jeung kebon anjeun?”

Mu’min. : “Séép ogé dicandak ku musuh-musuh abdi”

Dua malaikat. : “Dimana imah jeung padumukan anjeun?”

Mu’min. : “Séép dianggo ku putra-putra abdi…”

Dua malaikat. : “Kumaha anjeun bisa ma’rifat jeung wanoh ka اَللّه?”

Mu’min. : “Ari اَللّه éta Pangéran abdi, Islam agama abdi Sareng Nabi Muhammad éta nabi abdi”

Wangsul deui kana hanca carita…

فَقَالَ لَهَا يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ مَاتُرِيْدِيْنَ يَازُلَيْخَا فَقَالَتْ ثَلاَثَةُ أَشْيَاءَ أُرِيْدُ الجِمَالَ وَالمَالَ وَالوِصَالَ فَقَصَدَ أَنْ يَمُرَّ

Kocapkeun Nabi Yusuf naros deui ka Zulaikho :

Nabi Yusuf : “Ayeuna naon nu dipiharep ku anjeun?”

Zulaikho. : “Abdi hoyong tilu rupi, 1) kageulisan, 2) kabeungharan, 3) Hirup sareng anjeun”

Ngadangu waleran sapertos kitu, nabi
Yusuf ngahuleng ngaraga meneng ( ngémut-ngémut ). Anjeunna tos sajung-jungeun badé angkat, dina gerentes manahna “daripada rarabi ka nini-nini kieu, mending kénéh ditinggalkeun wé lah…”

فَأَوْحَى اللهُ تَعَالىَ إِلَيْهِ يَايُوْسُفُ قُلْتَ لِزُلَيْخَا مَاتُرِيْدِيْنَ فَلَمْ تَجِبْهَا مَاأَرَادَتْ فَاعْلَمْ بِأَنَّ اللهُ تَعَالَ زَوَّجَ زُلَيْخَا بِكَ وَخَطَبَ بِنَفْسِهِ وَأُشْهِدَ مَلاَئِكَتَهُ وَنَثَرَ الحُوْرُ العَيْنِ النَّثَارَ


Waktos nabi Yusuf ngahuleng kitu, اَللّه maparin wahyu ka nabi Yusuf, ” Héy Yusuf, lamun anjeun ngomong ka Zulaikho, nanyakeun naon kahayangna, naha anjeun teu daék nyumponan éta kahayangna?”

“Kanyahokeun héy Yusuf, saenya-enyana اَللّه ngalaki rabikeun Zulaikho ka anjeun, اَللّه anu manglamarkeunana, اَللّه oge nyaksikeun ka malaikat-Na, para wédadari surga ararimut bari ngawur-ngawurkeun kembang nu sarareungit…”

فَقَالَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ يَاجِبْرِيْلُ لَيْسَ لِزُلَيْخَا مَالٌ وَلاَجِمَالٌ وَلاَ شَبَابٌ

Nabi Yusuf ngaharéwos ka malaikat Jibril, “Duh Jibril, Zulaikho pan tos teu gaduheun kabeungharan, tos teu geulis, sareng tos teu anom deui, tos janten nini-nini péot…”

فَقَالَ جِبْرِيْلُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ يَقُوْلُ لَكَ اللهُ تَعَالىَ إِنْ لَمْ يَكُنْ لَهَا مَالٌ وَلاَجِمَالٌ فَلِى قُوَّةٌ وَجَلاَلٌ وَنَوَالٌ وَقُدْرَةٌ وَفَعَّالٌ

Mangka Jibril ngawaler, ” اَللّه ngadawuh ka anjeun Yusuf, mun Zulaikho geus teu bogaeun harta jeung teu geulis deui, mangka Kaula nu boga kakuatan, kaagungan, kakawasaan, jeung sagala pagawéan”

فَوَهَبَهَا اللهُ تَعَالَ شَبَابَهَا وَجِمَالَهَا حَتَّى صَارَتْ أَحْسَنَ مَاكَانَتْ كَأَنَّهَا بِنْتَ أَرْبَعَ عَشَرَسَنَةً

Salajengna اَللّه maparin kurnia ka Zulaikho, anjeunna dadak sakala robih janten hiji wanoja anom yuswa 14 taun tur geulis kawanti-wanti

ثُمَّ أَلْقَى اللهُ تَعَالَ المَحَبَّةَ وَالمَوَدَّةَ وَالعِشْقَ فىِ قَلْبِ يُوْسُفَ عَلَيْهِ السَّلاَمُ

Teras اَللّه nyimpen rasa cinta, deudeuh, sono dina haté Nabi Yusuf ka Zulaikho

فَصَيّرَ المَعْشُوْقُ عَاشِقًا وَالعَاشِقُ مُعْشُوْقًا

Mangka kaayaan janten robih 180 darjah, nu dipikasono robih janten mikasono. Kawit Zulaikho nu kapéngpéongan ka Nabi Yusuf, robih janten Nabi Yusuf nu kapéngpéongan ku Zulaikho

Akhirna Nabi Yusuf sareng Zulaikho ngadahup ngajadi hiji kabeungkeut ku jatukrami

فَرَجَعَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ إِلىَ مَنْزِلِهِ وَأَرَادَ الخُلْوَةَ مَعَ زُلَيْخَا وَزُلَيْخَا قَدْ شَرَعَتْ فىِ الصَّلاَةِ

Singgetna carios, Zulaikho diajak ku Nabi Yusuf ka istana. Dina waktos wengina, nabi Yusuf hoyong pisan nyacapkeun kahéman wengian munggaran, namung waktos harita Zulaikho masih kénéh ngalakonan sholat…

وَكاَنَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ يَنْتَظِرُ كَثِيْراً وَهِىَ لاَتَسْلَمُ حَتَّى فَرَغَ صَبْرَهُ وَناَدَى ياَزُلَيْخاَ أَلَسْتِ الَّتِى قَدَّدْتِ قَمِيْصِى حِيْنَ فَرَرْتُ مِنْكَ فَسَلِمَتْ وَأَجاَبَتْ أَناَ هِىَ لَكِنْ لَيْسَ قَلْبِى كَماَكاَنَ

Nabi Yusuf ngantos dugi ka Zulaikho réngsé sholat, namung diantos dugi ka rada lami kalah teu réngsé-réngsé dugi ka séép kasabaran Nabi Yusuf, lajeng anjeunna ngagentraan Zulaikho…

Nabi Yusuf. : Zulaikho, anjeun pan nu kantos nyoékkeun anggoan abdi nalika abdi nyingkahan kana kahoyong anjeun?”

Zulaikho. : ( saréngséna salam ) ngawaler, “kapungkur memang leres pisan abdi anu nyoékkeun raksukkan anjeun, namung ayeuna haté abdi teu kagégéloan deui ku anjeun sapertos kapungkur”

HIKAYAT NGAREUGREUGKEUN HATÉ TINA KALEWANG

عَنِ الشِّبْلِى رَحْمَةُ اللهِ عَلَيْهِ أَنَّهُ عَمْىٌ فىِ آخِرِ عُمْرِهِ فَدَخَلَ عَلَيْهِ الجُنَيْدُ فىِ لَيْلَةٍ فَرَآَهُ يَدُوْرُ فىِ بَيْتِ مَظْلَمٍ وَهُوَ يَقُوْلُ شِعْراً

DIhikayatkeun ti Imam Syibliy rohmatulloh ‘alaih, yén saenyana anjeunna ngalaman teu tiasa ningali ( lolong ) dina waktos sepuh, ahir yuswana. Dina hiji wengi Imam Al-Junéd ngadeuheus ka anjeunna, dina waktos lebet, katingal Imam Syibliy nuju mapah ngurilingan bumina dina kapoékan, sabari ngahariringkeun sya’ir ;

كُلُّ قَلْبٍ أَنْتَ ساَكِنُهُ غَيْرُ مُحْتاَجٍ إِلىَ السِّراَجِ

وَجْهَكَ المَأْمُوْلِ حُجَّتُناَ يَوْمَ تَأْتِى النَّاسُ بِالحُجَجِ

لاَ أَتاَحَ اللهُ لىِ فَرْجاً يَوْمَ أَدْعُوْ مِنْكَ بِالفَرَجِ

- Saban-saban haté, mung Gusti nu maparin kareugreugan,

- Gusti teu meryogikeun damar kanggo nyaangan

- Ka Gusti, abdi sumerah sareng ngadugikeun alesan

- Dina dinten dimana jalmi-jalmi ngadongkapkeun alesan ( dinten qiyamah )

- Alloh pasti mukakeun panto ka abdi,

- Dina dinten, dimana abdi nyuhunkeun ampunan ti Gusti

Kalewang kumargi ngalakukeun dosa, sakedahna disarengan ku nyuhunkeun ampunan tur teu weléh yakin ka اَللّه SWT

Wangsul deui kana hanca carita…

ثُمَّ قاَمَتْ زُلَيْخاَ وَشَرَعَتْ فىِ الصَّلاَةِ فَأَخَذَ يُوْسُفُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ قَمِيْصَهاَ وَجَرَّهُ إِلَيْهِ فَتَحَرَّقَ قَمِيْصُهاَ فَنَزَلَ جِبْرِيْلُ عَلَيْهِ السَّلاَمُ فَقاَلَ ياَيُوْسُفُ قَمِيْصٌ بِقَمِيْصٍ فاَرْفَعْ العَتاَبَ بَيْنَكَ وَبَيْنَ زُلَيْخاَ رَضِىَ اللهُ عَنْهاَ

Salajengna Zulaikho cengkat ngadeg sareng neraskeun sholat deui. Nabi Yusuf ngaraos keuheul,anjeunna ngajeuwang anggoan Zulaikho dugi ka anggoan Zulaikho soék.

Jibril lungsur lajeng nyarios, “héy Yusuf, nyoékkeun baju diwales ku nyoékkeun baju, mangka sing kadé ilangkeun rasa ijid antara Anjeun jeung Zulaikho”.

-Réngsé-

Lalakon ngadahupna Nabi Yusuf dan zulaikho

Allah Maha Uninga kana sagala rupi perkara.

Kitab : Hamisy Majalis Saniyyah

Kamis, 01 Agustus 2013

Lalakon Barshisho

Aya hiji lalakon ngeunaan saurang lalaki ti golongan Bani Isro'il. Manéhna dipikawanoh ku masarakatna saurang anu ahli ibadah “Al-‘Abid” anu kacida getol di tempat pangibadahanana. Leuwih ti éta manéhna saurang anu sohor kalayan do’ana anu pohara mustajab, nepi ka jalma-jalma ogé ngabrul datang ka manéhna, jalma gering beurat atawa gering hampang lamun dibawa tatamba ka manéhna téréh cageur, cukup kalayan do’a anu dibacana. Manéhna nyaéta Barshisho.


Nempo kaayaan kawas éta, sipat joré iblis kageuing pikeun ngawujuk Barshisho ambéh kalayan kepinteranana éta, manéhna bisa jadi jelema anu kufur ka Alloh. Hiji poé iblis ngagero wadya baladna ti golongan syétan-syétan, tuluy manéhna ngomong;

“Saha diantara maranéh anu sanggup nyieun musibah atawa fitnah ka jelema ieu sarta sakaligus nyasarkeunana?”

“Kuring sanggup!” jawab salah saurang jin anu ngaranna Ifrit.

Saterusna deui, pikeun ngayakinkeun komandanna, Ifrit ogé sanggup dihukum lamun henteu bisa ngalaksanakeun pancénna.

“Buru-buru laksanakan pancén manéh éta!” teges Iblis.

Sanggeus ngedalkeun jangji, Ifrit indit nuju salah saurang raja Bani Isroil anu miboga putri geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina éstu taya babandinganana di mangsa éta. Manéhna keur diuk antaré babarengan indung, bapa sarta dulur-dulurna, tuluy datang Ifrit langsung ngabantingkeun putri éta, maranéhanana anu keur diuk pohara reuwas ku kajadian anu cikénéh ku maranéhanana katempo anu tumiba ka putri. Sanggeus kajadian éta, putri raja téa jadi gélo nepi ka mangpoé-poé.

Sanggeus Ifrit ngalakukeun kitu ka putri raja, manéhna ngadatangan raja kalayan ngajanggélék jadi saurang manusa dina umumna, manéhna ngomong;

“Lamun hayang putri anjeun buru-buru cageur, pék bawa manéhna ka anu ngaranna Barshisho, cukup kalayan maca do’a, Barshisho bisa nyageurkeun panyakit anu tumiba ka putri anjeun”.

Raja kalayan dikawal para ponggawa indit mawa putrina ka tempat Barshisho. Satepinaa di ditu, Raja ngabéjakeun ngeunaan panyakit anu tumiba ka putrina.

Kalayan do’a anu ku manéhna dibaca, Barshisho bisa ngubaran putri raja, ku kituna bisa cageur tina panyakitna.

Tapi sanggeus dibawa balik, panyakit gélo putri raja éta kanceuh deui. Kasempetan éta dimangpaatkeun ku Ifrit kalayan ngomong, “Lamun hayang putri anjeun cageur total, pék putri sina cicing di tempat Barshisho dina sawatara waktu”.

Raja mawa deui putrina ka tempat Barshisho, tuluy ditinggalkeun ku manéhna di imah Barshisho. Mimitina Barshisho horéam narimana, tapi sanggeus didesek terus pamustunganana Barshisho daék narima putri raja cicing di imahna.

Barshisho terus ngadegkeun solat kalayan lantip sarta khusu’, migawé puasa sarta ngalaksanakeun ibadah-ibadah anu séjén, sedengkeun ari putri raja éta ditempatkeun disisina sarta saban poé Barshisho méré dahar sarta nginum nepi ka méakeun waktu cukup lila.

Dina hiji poé Barshisho neuteup rupa geulis, awak mulus sarta bahénol éta putri raja, anu saméméhna tacan kungsi nempo tetempoan éndah kawas éta, mangka timbul napsu birahina, kalayan didorong ku pangharéwos syétan anu geus ngawasaan haténa, pamustunganana euweuh kasabaran deui, Barshisho tikusruk kana jurang kanistaan, manéhna ngalakonan pagawéan kotor, nyaéta migawé zinah jeung putri raja. Kusabab pédo, Barshisho jadi deudeuieun, kajadian éta tuluy-tuluy ku manéhna dipigawé nepi ka putri raja reuneuh.

Sanggeus junun ngawujuk Barhisho, syétan ogé datang ka manéhna, bari ngomong;

“Héy Barshisho, manéh geus migawé zinah jeung putri raja nepi ka manéhna reuneuh, dina hal ieu manéh bisa salamet ti anceman raja ku pagawéan kotor manéh, lamun manéh maéhan putri éta sarta nguburkeunana di handapeun tempat ibadah manéh. Lamun raja nanyakeun putrina, ngomong waé lamun manéhna geus maot, raja baris percaya kalayan omongan anjeun”.

Paréntah syetan éta dilaksanakeun ku Barshisho, manéhna maéhan putri éta sarta nguburkeunana luyu jeung pangwujuk syétan.

Sawatara poé saterusna, raja jeung kulawargana datang ka tempat Barshisho kalayan harepan putrina geus cageur tina panyakitna. Satepina di imah Barshisho, maranéhanana manggihan hiji hal anu di luar sangkaan, tétéla maranéhanana manggihan anakna geus maot sarta dikuburkeun di imahna Barshisho. Barshisho méré katerangan ka raja jeung kulawargana, “Hampura, putri geus maot ku keresana Alloh”.

Raja jeung kulawargana percaya pisan kana ucapan Barshisho, saterusna balik ka karaton karajaan. Tapi syétan buru-buru ngadatangan maranéhanana kalayan tujuan ngangson, sarta ngomong;

“Sabenerna putri anjeun geus reuneuh digadabah ku Barshisho, alatan sieun dipikanyaho jelema, Barshisho maéhan sarta nguburkeunana di handapeun tempat ibadah”.

Raja sagancangna balik ka tempat Barshisho dibaturan ku sawatara ponggawa, maranéhanana buru-buru ngagali astana putri, tétéla kabuktian yén putri raja maot dipaéhan ku Barshisho. Maranéhanana tuluy néwak Barshisho, saterusna disalib.

Sanggeus Barshisho dina kaayaan di salib, datang syétan ka manéhna, bari ngomong;

“Kuring jangji baris nyalametkeun anjeun ti siksaan raja, kalayan catetan manéh kudu sumujud sakali ka kuring, lain ka Alloh SWT,…manéh sanggup ngalaksanakeunana atawa henteu?”

“Kumaha kuring bisa sumujud ka anjeun, sedengkeun kaayaan kuring kawas kieu?” tanya Barshisho.

“Hal éta cukup ku manéh dipigawé kalayan isyarat sirah”. Jawab syétan

Alatan Barshisho geus dikawasa syétan sarta disurungkeun hayang salamet ti anceman raja, mangka Barshisho nurut kana pangwujuk syétan, manéhna sumujud ka syétan kalayan isyarat sirah.
Kalayan antaréna syétan ngomong, “Kiwari kuring leupas ti anjeun, éstuning kuring sieun ka Alloh Pangéran samurbeng alam".

Éta pisan salah sahiji wangun rayuan iblis pikeun ngaréwong anak adam ambéh asup kana naraka kalayan rupa-rupa wangun rayuan, sarta ironisna sanggeus manéhna ngarayu kalayan jangji-jangji hayang nulungan, tapi sanggeus junun, manéhna teu hayang nyaho, manéhna ingkar kana jangjina.

Alloh ngadawuh:

“Kawas (pangwujuk) syaithon nalika manéhna ngomong ka manusa, “pék kafirmanéh”, nalika manusa éta geus kafir manéhna ngomong, “Saéstuna kuring leupas ti manéh alatan saéstuna kuring sieun ka Alloh, Pangéran samurbeng alam”

Lalakon Ashabul Kahfi

“(Ingetkeun) nalika nonoman-nonoman éta néangan tempat nyalindung dina guha tuluy maranéhanana ngado’a, “Duh Pangéran abdi sadaya, paparin rohmat ka abdi sadaya ti sisi-Gusti sarta sampurnakeun pikeun abdi sadaya pituduh anu lempeng dina urusan abdi sadaya (ieu).” (QS al-kahfi:10).

Kalayan panjang lébar kitab Qishoshul Anbiya mimitian ti kaca 566 ngariwayatkeun kieu:

Di waktu 'Umar bin Khoththob nyepeng kalungguhan minangka Amirul Mu’minin, kungsi datang ka anjeunna sawatara urang pandita Yahudi. Maranéhanana ngomong ka Kholifah, “Héy Kholifah Umar! Anjeun nyaéta nu nyepeng kakawasaan sanggeus Muhammad sarta sohabatna, Abu Bakar. Kuring rék nanyakeun sawatara masalah penting ka anjeun. Lamun anjeun bisa méré jawaban ka kuring, karék kuring daék ngarti yén Islam mangrupa agama anu bener sarta Muhammad bener-bener saurang Nabi. Sabalikna, lamun anjeun henteu bisa méré jawaban, hartina yén agama Islam éta bathil sarta Muhammad lain saurang Nabi.

“Sok rék nanya ngeunaan naon waé ogé anu aranjeun hayang,” waler Khalifah Umar.

“Béjakeun ka kuring ngeunaan konci (gembok) pangancing langit, naon éta?” Tanya pandita-pandita éta, mitembeyan pasualanana. “Terangkeun ka kuring ngeunaan ayana hiji kuburan anu leumpang babarengan jeung nu nyicinganana, naon éta? Tunjukkeun ka kuring ngeunaan hiji makhluk anu bisa méré paringetan ka bangsana, tapi manéhna lain manusa sarta lain jin! Terangkeun ka kuring ngeunaan lima macem makhluk anu bisa leumpang di luhur bumi, tapi makhluk-makhluk éta henteu dilahirkeun ti kandungan indung! Béjakeun ka kuring naon anu disebutkeun ku manuk puyuh diwaktu manéhna keur bacéo! Naon anu disebutkeun ku hayam jago dibasa manéhna keur kongkorongok! Naon anu disebutkeun ku kuda diwaktu manéhna keur ngajéréhém? Naon anu disebutkeun ku kodok diwaktu manéhna keur nyoara? Naon anu disebutkeun ku kaldé diwaktu manéhna keur ngahingkik? Naon anu disebutkeun ku manuk piit dina waktu manéhna keur bacéo?”

Kholifah Umar nungkulkeun mastaka pikeun mikir sawatara jongjongan, saterusna nyarios, “Pikeun Umar, lamun manéhna némbalan henteu weruh kana pasualan-pasualan anu memang henteu dipikanyaho jawabanana, éta lain hiji hal anu ngérakeun!”

Ngadéngé jawaban Kholifah Umar kawas éta, pandita-pandita Yahudi anu nanya nangtung surak bungah, bari ngomong, “Ayeuna kuring nyakséni yén Muhammad mémang lain saurang Nabi, sarta agama Islam éta téh bathil!”

Salman Al-farisi anu waktu éta hadir, gura-giru ngoréjat sarta ngomong ka pandita-pandita Yahudi éta, “Aranjeun dagoan sakeudeung!”

Anjeunna buru-buru indit ngajugjug ka imah 'Ali bin Abi Tholib. Sanggeus papanggih, Salman nyarios: “Yaa Abal Hasan, salametkeun agama Islam!”

Imam Ali r.a. bingung, tuluy naros: “Naha?”

Salman saterusna nyaritakeun naon anu keur disanghareupan ku Kholifah Umar bin Khoththob. Imam Ali gura-giru waé angkat nuju ka imah Kholifah Umar, leumpang ngagandeuang maké burdah (salambar lawon panutup tonggong atawa beuheung) titilar Rosululloh SAW. Nalika Umar nempo Ali bin Abi Tholib datang, anjeunna cengkat ti tempat diuk tuluy buru-buru ngarangkulna, bari ngucap, “Yaa Abal Hasan, unggal aya kahéséan gedé, anjeun sok diangkir ku kuring!”

Sanggeus pahareup-hareup jeung para pandita anu keur nunungguan jawaban éta, Ali bin Abi Tholib nyarios, “Sok aranjeun nanya ngeunaan naon waé anu ku aranjeun dipikahayang. Rosululloh SAW geus ngajarkeun sarébu macem élmu ka kuring, sarta unggal macem ti élmu-élmu éta miboga sarébu macem cabang élmu!”

Pandita-pandita Yahudi éta tuluy ngabalikan deui pasualan-pasualan maranéhanana. Saméméh ngawaler, Ali bin Abi Tholib nyarios, “Kuring hayang ngusulkeun hiji sarat ka aranjeun, nyaéta lamun tétéla kuring engké geus ngajawab pasualan-pasualan aranjeun luyu jeung anu aya di jero Taurat, aranjeun kudu daék ngagem agama kuring sarta ariman!” “Enya alus!” jawab maranéhanana.

“Ayeuna sok tanyakeun hiji-hijina,” saur Ali bin Abi Tholib.

Maranéhanana mimitian nanya, “Naon konci (gembok) anu ngancingan panto-panto langit?”

“Konci éta,” waler Ali bin Abi Thalib, “nyaéta syirik ka Alloh. Sabab kabéh hamba Alloh, rék lalaki atawa awéwé, lamun manéhna syirik ka Alloh, amalna moal bisa naék nepi ka hadirot Alloh!”
Para pandita Yahudi nanya deui, “Anak konci naon anu bisa muka panto-panto langit?”

Ali bin Abi Tholib ngawaler, “Anak konci éta nyaéta kasaksian (syahadat) yén teu aya Pangéran sajaba Alloh sarta Muhammad nyaéta Rosululloh!”

Para pandita Yahudi éta silih tempo di antara maranéhanana, bari ngomong, “Jelema éta bener ogé!”

Maranéhanana nanya saterusna, “Terangkeun ka kuring ngeunaan ayana hiji kuburan anu bisa leumpang babarengan jeung nu nyicinganana!”

“Kuburan éta nyaéta lauk hiu (hut) anu nelen Nabi Yunus putra Matta,” waler Ali bin Abi Tholib. “Nabi Yunus AS dibawa nguriling ka tujuh samudra!”

Pandita-pandita éta neruskeun pasualanana deui, “Béjakeun ka kuring ngeunaan makhluk anu bisa méré paringetan ka bangsana, tapi makhluk éta lain manusa sarta lain jin!”

Ali bin Abi Tholib ngawaler, “Makhluk éta nyaéta sireum Nabi Sulaiman AS putra Nabi Dawud AS, Sireum éta ngomong ka kaumna, ‘Héy para sireum! Arasup kana tempat panyicingan maranéh, ambéh henteu katincakan ku Sulaiman sarta pasukanana dina kaayaan aranjeunanana henteu sadar!”

Para pandita Yahudi éta neruskeun pasualanana, “Béjakeun ka kuring ngeunaan lima macem makhluk anu leumpang di luhur bumi, tapi henteu hiji ogé diantara makhluk-makhluk éta anu dijurukeun ti kandungan indungna!”

Ali bin Abi Tholib ngawaler, “Lima makhluk éta nyaéta, kahiji, Adam. Kadua, Hawa. Katilu, onta Nabi Sholéh. Kaopat, domba Nabi Ibrohim. Kalima, iteuk Nabi Musa (anu ngajanggélék jadi oray).”

Dua di antara tilu urang pandita Yahudi éta sanggeus ngadéngé jawaban-jawaban sarta guaran anu dibikeun ku Imam Ali r.a. tuluy ngomong, “Kuring nyakséni yén euweuh Pangéran sajaba Alloh sarta Muhammad nyaéta Rosululloh!”

Tapi saurang pandita séjénna, cengkat nangtung bari ngomong ka Ali bin Abi Thalib, “Héy Ali, haté batur-batur kuring geus dieunteupan ku hiji hal anu sarua kawas iman sarta kayakinan ngeunaan benerna agama Islam. Ayeuna masih aya hiji hal deui anu hayang ditanyakeun ka anjeun.”

“Pék tanyakeun naon waé anu ku anjeun dipikayahang,” waler Imam Ali.

“Coba terangkeun ka kuring ngeunaan sajumlah jelema anu dina jaman baheula geus maot salila 309 taun, saterusna dihirupkeun deui ku Alloh. Kumaha hikayat ngeunaan maranéhanana éta?” Tanya pandita tadi.

Ali bin Ali Tholib ngawaler, “Héy pandita Yahudi! Maranéhanana éta nyaéta nu nyicingan guha. Hikayat ngeunaan maranéhanana éta geus diwartoskeun ku Alloh SWT ka Rosul-Na. Lamun anjeun daék, ku kuring rék dicaritakeun lalakon maranéhanana éta.”

Pandita Yahudi éta nembalan, “Kuring geus loba ngadéngé ngeunaan Qur’an aranjeun éta! Lamun anjeun mémang bener-bener weruh, coba sebutkeun ngaran-ngaran maranéhanana, ngaran bapa-bapa maranéhanana, ngaran dayeuh maranéhanana, ngaran raja maranéhanana, ngaran anjing maranéhanana, ngaran gunung sarta guha maranéhanana, sarta kabéh lalakon maranéhanana ti mimiti nepi ka ahir!”

Ali bin Abi Tholib saterusna ngalereskeun calikna, nilepkeun tuur ka payuneun patuanganana, tuluy ditungsel kalayan burdah anu dicangreudkeun kana cangkéng. Tuluy anjeunna nyarios, “Héy dulur-dulur Yahudi! Muhammad Rosululloh SAW kakasih kuring geus nyaritakeun ka kuring, yén carita éta lumangsung di nagari Romawi, di hiji dayeuh ngaranna Aphésus, atawa disebut ogé kalayan ngaran Tharsus. Tapi ngaran dayeuh éta dina jaman baheula nyaéta Aphésus (Ephese). Kakara sanggeus Islam datang, dayeuh éta robah ngaran jadi Tharsus (Tarse, ayeuna perenahna di jero wewengkon Turki). Nu nyicingan nagari éta baheulana miboga saurang raja anu bageur. Sanggeus raja éta maot, warta maotna didéngé ku saurang raja Pérsia ngaranna Diqyanius. Manéhna saurang raja kafir anu kacida barangasan sarta dzolim. Manéhna datang nyerbu nagari éta maké kakuatan pasukanana, sarta pamustunganana junun ngawasa dayeuh Aphésus. Ku manéhanana dayeuh éta dijadikeun puseur dayeuh karajaan, tuluy diadegkeun hiji Karaton.”

Karék nepi ka dinya, pandita Yahudi anu nanya éta nangtung, terus nanya, “Lamun anjeun bener-bener weruh, coba terangkeun ka kuring wangun Karaton éta, kumaha tepas sarta rohangan-rohanganana!”

Ali bin Abi Tholib ngajelaskeun, “Héy dulur Yahudi! Raja éta ngawangun karaton anu pohara agréng, dijieun tina batu marmer. Panjangna sa-farsakh (+/- 8 km) sarta rubakna ogé sa-farsakh. Tihang-tihangna anu jumlahna sarébu siki, kabéhanana dijieun tina emas, sarta lampu-lampu anu jumlahna sarébu siki, ogé kabéhanana dijieun tina emas. Lampu-lampu éta tinggulantung dina ranté-ranté anu dijieun tina pérak. Unggal peuting seuneuna dihurungkeun kalayan sarupaning minyak anu seungit ambeuna. Di palebah wétan tepasna dijieun liang-liang cahya saloba saratus siki, kitu ogé di palebah kulonna. Ku kituna panonpoé saprak mimitian medal nepi ka surup sok bisa nyaangan tepasna. Raja éta ogé nyieun hiji singgasana tina emas. Panjangna 80 hasta sarta rubakna 40 hasta. Di palebah katuhuna sadia 80 korsi, kabéhanana dijieun tina emas. Di dinya para hulubalang karajaan diuk. Di palebah kéncana ogé disadiakeun 80 korsi dijieun tina emas, pikeun diuk para patih sarta pangawasa-pangawasa luhur séjénna. Raja diuk di luhur singgasana kalayan maké makuta di luhur sirah.”

Nepi ka dinya pandita téa nangtung deui bari ngomong, “Lamun anjeun bener-bener weruh, coba écéskeun ka kuring tina naon makuta éta dijieun?”

“Héy dulur Yahudi,” waler Imam Ali ngécéskeun, “Makuta raja éta dijieun tina emas, nu ngabogaan suku 9 siki, sarta unggal sukuna ditarétés ku mutiara anu mantulkeun cahya lir béntang-béntang nu nyaangan poékna peuting. Raja éta ogé miboga 50 jelema anu laladén, diwangun ti barudak para hulubalang. Kabéhanana maké solémpang sarta baju sutra warna beureum. Calana maranéhanana ogé dijieun tina sutra warna héjo. Kabéhanana dipapaés kalayan pinggel-pinggel suku anu pohara éndah. Unggal-ungal juru ladén dibéré iteuk dijieun tina emas. Maranéhanana kudu nangtung di tukangeun raja. Sajaba maranéhanana, raja ogé ngangkat 6 jelema, diwangun ti barudak para inohong, pikeun dijadikeun mentri-mentri atawa laladénna. Raja henteu nyokot hiji kaputusan naon ogé tanpa musawarah leuwih tiheula jeung maranéhanana. Genep urang mentri éta sok aya di kénca katuhu raja, tilu urang nangtung di palebah katuhu sarta anu tilu urang séjénna nangtung di palebah kénca.”

Pandita anu nanya éta nangtung deui, tuluy ngomong, “Héy, Ali! Lamun anu ku anjeun diomongkeun éta bener, coba sebutkeun ngaran genep urang anu jadi mentri raja éta!”

Nanggepan hal éta, Imam Ali r.a. ngawaler, “Kakasih kuring Muhammad Rosululloh SAW nyarioskeun ka kuring, yén tilu urang anu nangtung dipalebah katuhu raja, ngaranna Tamlikha, Miksalmina, sarta Mikhaslimina. Sedengkeun tilu urang anu nangtung di palebah kénca, ngaranna Martelius, Casitius sarta Sidemius. Raja sok musawarah jeung maranéhanana ngeunaan sagala urusan.

Unggal poé sanggeus raja diuk dina tepas karaton digembrong ku kabéh hulubalang sarta para punggawa, asup tilu urang laladén nyanghareup raja. Saurang diantarana mawa piala emas pinuh dieusi seuseungitan murni. Saurang deui mawa piala pérak pinuh dieusi cai sari kembang. Keur anu saurangna deui mawa manuk. Jelema anu mawa manuk ieu saterusna ngaluarkeun sora isyarat, tuluy manuk éta hiber di luhur piala anu eusina cai sari kembang. Manuk éta ancrub ka jerona sarta sanggeus éta manéhna ngeupis-ngeupiskeun jangjang sarta buluna, nepi ka sari-kembang éta béak diképrétkeun ka kabéh tempat sakurilingna.

Saterusna si nu mawa manuk tadi ngaluarkeun sora isyarat deui. Manuk éta hiber ogé. Tuluy eunteup di luhur piala anu eusina seuseungitan murni. Bari ancrub ka jerona, manuk éta ngeupis-ngeupiskeun jangjang sarta buluna, nepi ka seuseungitan murni anu aya dina piala éta béak diképrétkeun ka tempat sakurilingna. Nu mawa manuk éta méré isyarat sora deui. Manuk éta tuluy hiber sarta eunteup di luhur makuta raja, bari mébérkeun kadua jangjang anu seungit awun-awunan di luhur sirah raja.

Tah kitu raja éta aya di luhur singgasana kakawasaan salila tilu puluh taun. Salila éta manéhna henteu kungsi katarajang panyakit naon ogé, henteu kungsi ngarasa lieur sirah, nyeri beuteung, muriang, nyiduh, atawa ogé salésma. Sanggeus raja ngarasa diri sakitu kuatna sarta cageur, manéhna mimitian adigung, doraka sarta dzolim. Manéhna ngaku-aku diri minangka “pangéran” sarta henteu daék deui ngaku ayana Alloh SWT.

Raja éta saterusna ngagero jalma-jalma inohong ti rahayatna. Sing saha anu taat sarta tumut ka manéhna, dibéré pakéan sarta sagala rupa kado séjénna. Tapi sing saha anu henteu daék taat atawa henteu daék nuturkeun kahayangna, manéhna baris dipaténi. Ku sabab éta, sakabéh jelema kapaksa ngayonkeun kahayangna. Dina mangsa anu cukup lila, kabéh jelema tumut ka raja éta, nepi ka manéhna disembah sarta dipuja. Maranéhanana henteu deui muja sarta nyembah Alloh SWT.

Dina hiji poé ngareuah-reuah milangkalana, raja keur diuk di luhur singgasana maké makuta dina sirah, ujug-ujug asup saurang hulubalang méré béja, yén aya bala tentara deungeun asup nyerbu ka wewengkon karajaanana, kalawan maksud rék ngayakeun merangan ka raja. Kacida hanjelu sarta bingungna raja éta, nepi ka teu sadar makuta anu keur dipakéna murag tina sirah. Saterusna raja éta sorangan ragrag tijungkel ti luhur singgasana. Salah saurang laladén anu nangtung di palebah katuhu –saurang anu calakan anu ngaranna Tamlikha nengetan kaayaan raja kalayan uleng mikir. Manéhna mikir, tuluy ngomong di jero haté, “Lamun Diqyanius éta bener-bener pangéran sakumaha nurutkeun pangakuanana, tangtu manéhna moal hanjelu, henteu saré, henteu kiih atawa ogé ngising. Sakabéh éta lain sipat-sipat Pangéran."

Genep urang laladén raja éta unggal poé sok ngayakeun pasamoan di tempat salah saurang ti maranéhanana sacara digilir. Dina hiji poé nepi ka giliran Tamlikha narima datangna lima urang baturna. Maranéhanana ngariung di imah Tamlikha pikeun dahar sarta nginum, tapi Tamlikha sorangan henteu milu dahar sarta nginum.

Babaturanana nanya, ‘Héy, Tamlikha! Naha anjeun henteu daék dahar sarta henteu daék nginum?’
"Dulur-dulur," jawab Tamlikha, "Haté kuring keur dirobéda ku hiji hal anu ngajadikeun kuring henteu hayang dahar sarta henteu hayang nginum, ogé henteu hayang saré."

Babaturanana ngudag nanya, "Naon anu ngarobéda haté anjeun, héy Tamlikha?"

"Geus lila kuring mikiran soal langit," ceuk Tamlikha ngécéskeun. "Kuring tuluy nanya kana diri kuring sorangan, saha anu ngangkatna ka luhur minangka hateup anu sok aman sarta kajaga, euweuh gantungan ti luhur sarta euweuh tihang anu nungsel ti handap? Saha téa anu ngajalankeun panonpoé sarta bulan di langit éta? Saha téa anu mapaésan langit éta kalayan béntang-béntang anu baranang? Saterusna kuring mikirkeun ogé bumi ieu, saha téa anu ngamparkeunana? Saha téa anu nahanana kalayan gunung-gunung gedé ambéh henteu inggeung, henteu oyag sarta henteu doyong?’ Kuring ogé lila pisan mikiran diri kuring sorangan, saha téa anu ngaluarkeun kuring minangka orok ti beuteung indung kuring? Saha téa anu miara hirup kuring sarta méré dahar ka kuring? Kabéhanana éta pasti aya anu nyieun, sarta geus tangtu lain Diqyanius…!”

Réncang-réncang Tamlikha tuluy tepak deku di hareupeunana. Dua suku Tamlikha diciuman bari ngomong, "Héy, Tamlikha! Dina haté kuring saréréa ayeuna ngarasakeun hiji hal kawas anu aya di jero haté anjeun. Ku alatan éta, sok ku anjeun tunjukkeun jalan kaluar pikeun urang kabéh!"

"Dulur-dulur," jawab Tamlikha, "Boh kuring, boh aranjeun henteu manggihan akal sajaba kudu lumpat ninggalkeun raja anu dzolim éta, indit ka Raja Panyipta langit sarta bumi!"

"Kuring sapuk kalayan pamadegan anjeun," témpas babaturanana.

Tamlikha tuluy nangtung, terus jung indit pikeun ngajual buah korma, sarta pamustunganana junun meunang duit saloba 3 dirham. Duit éta saterusna disempilkeun dina kantong baju. Tuluy indit naék kuda babarengan jeung lima urang baturna.

Sanggeus lalampahan 3 mél jauhna ti dayeuh, Tamlikha ngomong ka babaturanana, "Dulur-dulur, urang ayeuna geus leupas ti raja dunya sarta ti kakawasaanana. Ayeuna turun aranjeun tina kuda sarta hayu urang leumpang. Susuganan Alloh baris ngagampangkeun urusan urang sarta méré jalan kaluar." Maranéhanana turun ti kudana séwang-séwangan. Tuluy leumpang sajauh 7 farsakh, nepi ka suku maranéhanana bareuh getihan alatan henteu biasa leumpang sajauh éta.

Keur kitu ujug-ujug datang saurang tukang angon ngabagéakeun maranéhanana. Ka tukang angon éta maranéhanana nanya, "Héy, tukang angon! Naha anjeun boga cai nginum atawa susu?"
"Kuring miboga kabéh anu ku aranjeun dipikahayang," jawab tukang angon éta. "Tapi disidik-sidik beungeut aranjeun kabéhanana kawas kaom gegedén. Kuring nyangka aranjeun ieu pasti kalalabur. Cik béjakeun ka kuring kumaha carita lalampahan aranjeun éta!"

"Ah…! Héséna jelema ieu," jawab maranéhanana. "Kuring saréréa geus ngagem hiji agama, kuring saréréa teu meunang ngawadul. Naha kuring saréréa baris salamet lamun ngomong anu sabenerna?" "Enya," jawab tukang angon éta.

Tamlikha sarta babaturanana tuluy nyaritakeun kabéh anu lumangsung ka diri maranéhanana. Ngadéngé carita maranéhanana, tukang angon éta tepak deku di hareupeun maranéhanana, sarta bari nyiuman suku maranéhanana, manéhna ngomong, "Dina haté kuring ayeuna ngarasakeun hiji hal kawas anu aya dina haté aranjeun. Aranjeun ngandeg wé heula di dieu. Kuring rék mulangkeun embé-embé éta ka nu bogana. Engké kuring baris gura-giru balik deui ka aranjeun."

Tamlikha babarengan jeung babaturanana ngandeg. Tukang angon éta gura-giru indit pikeun mulangkeun embé-embé angonanana. Teu lila saterusna manéhna datang deui leumpang, dituturkeun ku anjing bogana.”

Waktu carita Imam Ali nepi ka dinya, pandita Yahudi anu nanya ngoréjat nangtung deui bari ngomong, “Héy, Ali! Lamun anjeun bener-bener weruh, coba sebutkeun naon kelir anjing éta sarta saha téa ngaranna?”

“Héy, dulur Yahudi,” waler Ali bin Abi Tholib, “Anjing éta boga kelir semu hideung sarta ngaranna Qithmir. Waktu genep urang buronan éta nempo anjing, éta nu genepan ngomong ka papada baturna, urang salempang lamun anjing éta engkéna baris ngangkat rusiah urang! Maranéhanana ménta ka tukang angon sangkan anjing éta disieuhkeun ditimpug waé ku batu.

Anjing éta nempo ka Tamlikha sarta babaturanana, tuluy diuk di luhur dua suku tukang, nguliat, sarta ngedalkeun kecap-kecap kalayan lancar sarta écés pisan, ‘Héy jalma-jalma, naha aranjeun rék ngusir kuring, padahal kuring ieu nyakséni yén euweuh pangéran sajaba Alloh, teu aya sakutu naon ogé ka Manten-Na. Antep kuring ngajaga aranjeun ti satru, sarta kalayan migawé kitu kuring ngaraketkeun diri kuring ka Alloh SWT.’

Anjing éta pamustunganana diingkeun waé. Maranéhanana tuluy indit. Tukang angon tadi ngajak maranéhanana naék ka hiji pasir. Tuluy babarengan maranéhanana ngadeukeutan hiji guha.”

Pandita Yahudi anu nanyakeun carita éta, cengkat deui ti tempat diukna bari ngomong, “Naon ngaran gunung éta sarta naon ngaran guha éta?”

Imam Ali ngécéskeun, “Gunung éta ngaranna Naglus sarta ngaran guha éta Washid, atawa disebut ogé kalayan ngaran Kheram!”

Ali bin Abi Tholib neruskeun caritana, “Sacara ujug-ujug di hareup guha éta tumuwuh tatangkalan anu buahan sarta mancer cinyusu gedé pisan. Maranéhanana ngadahar buah-buahan sarta nginum cai anu sadia di tempat éta. Sanggeus anjog waktu peuting, maranéhanana asup nyalindung di jero guha. Keur anjing anu saprak tadi nuturkeun maranéhanana, ngajaga-jaga diuk bari nanghunjarkeun dua suku hareup pikeun mapalangan panto guha. Saterusna Alloh SWT maréntahkeun Malaékat maut sangkan nyabut nyawa maranéhanana. Ka unggal jelema ti maranéhanana Alloh SWT ngawakilkeun dua Malaékat pikeun mulik-malik awak maranéhanana ti katuhu ka kénca. Alloh tuluy maréntahkeun panonpoé sangkan dina waktu medal condong mancerkeun cahyana kana guha ti belah katuhu, sarta dina waktu ampir surup sangkan cahyana mimitian ninggalkeun maranéhanana ti belah kénca.

Kocapkeun dina hiji waktu raja Diqyanius cikénéh réngsé 'pésta', manéhna nanya ngeunaan genep urang laladénna. Manéhna meunang jawaban, yén maranéhanana éta kalalabur. Raja Diqyanius pohara ambekna. Babarengan 80.000 pasukan kuda manéhna buru-buru indit maluruh tapak genep urang laladén anu kalalabur. Manéhna naék ka luhur pasir, saterusna ngadeukeutan guha. Manéhna nempo genep urang laladénna anu lumpat kalabur éta keur saré ngagolér di jero gua. Manéhna henteu hamham sarta mastikeun yén genep urang éta bener-bener keur saré.

Ka anak buahna manéhna ngomong, ‘Lamun kuring rék ngahukum maranéhanana, kuring moal nibakeun hukuman anu leuwih beurat ti gawé maranéhanana anu geus nyiksa diri maranéhanana sorangan di jero guha. Geroan tukang-tukang batu sangkan maranéhanana buru-buru datang ka dieu!’

Sanggeus tukang-tukang batu éta anjog, maranéhanana diparéntahkeun nutupan rapet panto guha ku batu-batu sarta jish (bahan sarupaning semén). Réngsé dipigawé, raja ngomong ka anak buahna, “Béjakeun ka maranéhanana anu aya di jero guha, lamun bener-bener maranéhanana éta henteu bohong sangkan ménta tulung ka Pangéran maranéhanana, ambéh maranéhanana dikaluarkeun ti tempat éta.

Dina guha katutup rapet éta, maranéhanana ngancik salila 309 taun.

Sanggeus mangsa anu pohara panjang éta liwat, Alloh SWT mulangkeun deui nyawa maranéhanana. Dina waktu panonpoé geus mimitian mancerkeun cahya, maranéhanana ngarasa lir anyar hudang ti saréna séwang-séwangan. Anu saurang ngomong ka anu séjénna, ‘Peuting tadi kuring poho ibadah ka Alloh, hayu urang indit ka cinyusu!’

Sanggeus maranéhanana aya di luar guha, ujug-ujug maranéhanana nempo cinyusu éta geus jadi garing deui sarta tatangkalan anu aya ogé geus jadi garing kabéhanana. Alloh SWT ngajadikeun maranéhanana mimitian ngarasa lapar. Maranéhanana silih tanya, ‘Saha téa diantara urang ieu anu sanggup sarta daék indit ka dayeuh mawa duit pikeun bisa meunangkeun kadaharan? Tapi anu baris indit ka dayeuh engké sangkan ati-ati, ulah nepi ka meuli kadaharan anu diolahkeun ku minyak bagong.’

Tamlikha saterusna ngomong, ‘Héy dulur-dulur, kuring wé lah anu indit pikeun meunangkeun kadaharan. Tapi, héy tukang angon, bikeun baju anjeun ka kuring sarta cokot baju kuring ieu!’

Sanggeus Tamlikha maké baju tukang angon, manéhna indit nuju ka dayeuh. Sapanjang jalan manéhna ngaliwatan tempat-tempat anu sama sakali tacan kungsi dipikawanohna, ngaliwatan jalan-jalan anu tacan kungsi dipikanyaho. Sanepina ka deukeut panto gerbang dayeuh, manéhna nempo bendéra héjo ngahibar di jomantara ditulisan, ‘Euweuh Pangéran sajaba Alloh sarta Isa nyaéta Roh Alloh.’

Tamlikha ngandeg sajongjongan melong bendéra éta bari ngusap-ngusap panon, tuluy ngomong sorangan, ‘Boa-boa kuring téh ngalindur!’ Sanggeus rada lila melong sarta ngilikan bendéra, manéhna neruskeun lalampahan ngasupan dayeuh. Ditempona loba jelema keur maca Injil. Manéhna pasarandog jeung jalma-jalma anu tacan kungsi dipikawanoh. Sanepina di hiji pasar manéhna nanya ka saurang tukang roti, ‘Héy tukang roti, naon ngaran dayeuh aranjeun ieu?’ ‘Aphésus,’ tembal tukang roti éta.

‘Saha téa ngaran raja aranjeun?’ tanya Tamlikha deui. ‘Abdurrohman,’ jawab tukang roti.

‘Lamun anu ku anjeun diucapkeun éta bener,’ ceuk Tamlikha, ‘urusan kuring ieu éstuning ahéng pisan! Yeuh cokot duit ieu sarta béré kadaharan ka kuring!’

Nempo duit éta, tukang roti ngarasa héran. Alatan duit anu dibawa Tamlikha éta duit jaman baheula, anu ukuranana leuwih badag sarta leuwih beurat.

Pandita Yahudi anu nanya éta saterusna nangtung deui, tuluy ngomong ka Ali bin Abi Tholib, “Héy, Ali! Lamun bener-bener anjeun nyaho, coba terangkeun ka kuring sabaraha niléy duit heubeul éta dibandingkeun jeung duit anyar!”

Imam Ali ngajelaskeun, “Duit anu dibawa ku Tamlikha dibandingkeun jeung duit anyar, nyaéta unggal dirham heubeul sarua jeung sapuluh sarta dua pertilu dirham anyar!”

Imam Ali saterusna nuluykeun caritana, “Tukang Roti tuluy ngomong ka Tamlikha, ‘Duh, kacida boga untungna kuring! Kutan anjeun kakara manggihan harta karun! Bikeun sésa duit éta ka kuring! Lamun henteu, anjeun baris dimadepkeun ka raja!’

‘Kuring henteu manggihan harta karun,’ jawab Tamlikha. ‘Duit ieu karék tilu poé anu kaliwat tina hasil ngajual buah korma saharga tilu dirham! Kuring saterusna ninggalkeun dayeuh alatan jalma-jalma kabéhanana nyembah Diqyanius!’

Tukang roti éta ambek. Tuluy ngomong, ‘Naha sanggeus anjeun manggihan harta karun masih ogé henteu réla mikeun sésa duit anjeun éta ka kuring? Jeung deui anjeun geus nyebut-nyebut saurang raja doraka anu ngaku diri minangka pangéran, padahal raja éta geus paéh leuwih ti 300 taun anu kaliwat! Naha kitu anjeun rék ngaléléwé kuring?’

Tamlikha tuluy ditéwak. Saterusna dibawa indit nyanghareup raja. Raja anu anyar ieu saurang anu bisa mikir sarta boga sikep adil. Raja nanya ka jalma-jalma anu mawa Tamlikha, ‘Kumaha carita ngeunaan jelema ieu?’ ‘Manéhna manggihan harta karun,’ jawab jalma-jalma anu ngabawa.

Ka Tamlikha, Raja ngomong, ‘Anjeun teu perlu sieun! Nabi Isa AS maréntahkeun sangkan kuring ngan nyokot saperlima wungkul ti harta karun éta. Bikeun anu saperlima éta ka kuring, sarta saterusna anjeun baris salamet.’

Tamlikha némbalan, ‘Baginda raja, kuring teu pisan-pisan manggihan harta karun! Kuring nyaéta jalma anu nyicingan dayeuh ieu!’

Raja nanya bari ngarasa héran, ‘Anjeun nu nyicingan dayeuh ieu?’ ‘Enya. Bener,’ jawab Tamlikha.

‘Aya teu jelema anu anjeun wawuh?’ tanya raja deui. ‘Enya, aya,’ jawab Tamlikha.

‘Coba sebutkeun saha ngaranna?’ paréntah raja. Tamlikha nyebutkeun ngaran-ngaran kurang leuwih 1000 jelema, tapi teu aya hiji ngaran ogé anu dipikawanoh ku raja atawa ku batur anu hadir ngaregepkeun. Maranéhanana ngomong. ‘Ah…, kabéh éta lain ngaran jalma-jalma anu hirup di jaman urang ayeuna. Tapi, naha anjeun miboga imah di dayeuh ieu?’

‘Enya’ jawab Tamlikha. ‘Utus saurang pikeun maturan kuring!’

Raja saterusna maréntahkeun sawatara urang maturan Tamlikha indit. Ku Tamlikha maranéhanana diajak nuju ka hiji imah anu pangluhurna di dayeuh éta. Sanepina di ditu, Tamlikha ngomong ka jelema anu nganteurkeun, ‘Ieu pisan imah kuring!’

Panto imah éta tuluy diketrokan. Kaluar wéh saurang lalaki anu geus pohara kolotna. Sapasang halis di handapeun tarangna geus sakitu bodas sarta murengked ampir nutupan panon alatan geus pohara kolot. Manéhna ngoréjat sieun, tuluy nanya ka jalma-jalma anu datang, ‘Aranjeun aya perlu naon?’

Utusan raja anu maturan Tamlikha ngajawab, ‘Jelema ngora ieu ngaku imah ieu téh imahna!’

Kolot éta ambek, melong ka Tamlikha. Bari nelek-nelek manéhna nanya, ‘Saha ngaran anjeun?’ ‘Kuring Tamlikha anak Filistin!’

Kolot éta tuluy ngomong, ‘Coba balikan deui!’ Tamlikha nyebutkeun deui ngaranna. Ujug-ujug kolot éta tepak deku di hareup suku Tamlikha bari ngucap. ‘Ieu téh aki kuring! Demi Alloh, anjeunna salah saurang diantara jalma-jalma anu lumpat kabur ti Diqyanius, raja doraka.” Saterusna diteruskeunana ku sora anu ngageter , ‘Anjeunna lumpat nyalindung ka Anu Maha Gagah, Panyipta langit sarta bumi. Nabi urang, Isa AS, baheula geus ngabéjakeun carita aranjeunanana ka urang sarta ngomong yén aranjeunanana éta baris hirup deui!’

Kajadian anu lumangsung di imah kolot éta saterusna dilaporkeun ka raja. Kalayan naék kuda, raja gura-giru datang nuju ka tempat Tamlikha anu keur aya di imah kolot tadi. Sanggeus nempo Tamlikha, raja gura-giru turun ti kuda. Ku raja, Tamlikha diangkat ka luhur taktak, sedengkeun jelema loba parebut nyiuman leungeun sarta suku Tamlikha bari nanya, ‘Héy Tamlikha, kumaha kaayaan batur-batur anjeun?’

Ka maranéhanana Tamlikha méré béja, yén kabéh baturna masih aya di jero guha.

Dina mangsa éta dayeuh Aphésus diurus ku dua urang gegedén karaton. Saurang ngagem agama Islam sarta saurang anu séjénna deui ngagem agama Nasroni. Dua urang gegedén éta babarengan jeung anak buahna indit mawa Tamlikha nuju ka guha,” kitu Imam Ali nuluykeun caritana.

“Réncang-réncang Tamlikha kabéhanana masih aya di jero guha éta. Sanepina ka deukeut guha, Tamlikha ngomong ka dua urang gegedén sarta para anak buah maranéhanana, ‘Kuring salempang lamun nepi ka batur-batur kuring ngadéngé sora kuda, atawa sora pakarang. Maranéhanana pasti nyangka Diqyanius datang sarta maranéhanana bakal maot kabéh. Ku alatan éta aranjeun ngandeg waé di dieu. Kajeun kuring sorangan anu baris nepungan sarta ngabéjaan aranjeunanana!’

Kabéh ngandeg nungguan sarta Tamlikha asup sorangan kana guha. Nempo Tamlikha datang, babaturanana nangtung bungah, sarta Tamlikha dirangkul tarik pisan. Ka Tamlikha maranéhanana ngomong, ‘Puji sarta syukur pikeun Alloh anu geus nyalametkeun diri anjeun ti Diqyanius!’

Tamlikha némpas, ‘Aya urusan naon jeung Diqyanius? Apal teu aranjeun, geus sabaraha lila aranjeun cicing di dieu?’

‘Kuring ancik sapoé atawa sawatara poé waé,’ jawab maranéhanana.

‘Henteu!’ Ceuk Tamlikha. ‘Aranjeun geus cicing di dieu salila 309 taun! Diqyanius geus lila maot! Generasi ka generasi geus liwat silih baganti, sarta nu nyicingan dayeuh éta geus ariman ka Alloh anu Maha Agung! Maranéhanana ayeuna datang pikeun papanggih jeung aranjeun!’

Réncang-réncang Tamlikha ngajawab, ‘Héy Tamlikha, naha anjeun rék ngajadikeun kuring ieu jalma-jalma anu nginggeungkeun sakumna jagad?’ ‘Saterusna naon anu ku aranjeun dipikahayang?’ Tamlikha balik nanya.

‘Angkat leungeun anjeun ka luhur sarta kuring baris migawé kawas éta ogé,’ jawab maranéhanana.

Maranéhanana tujuhan kabéh ngangkat leungeun ka luhur, saterusna ngado’a, ‘Yaa Alloh, kalayan kabeneran anu tos Anjeun tingalikeun ka abdi sadaya ngeunaan kaanéhan-kaanéhan anu kaalaman ku abdi sadaya ayeuna ieu, cabut deui nyawa abdi sadaya tanpa sakanyaho batur!’

Alloh SWT ngobulkeun do’a maranéhanana. Tuluy maréntahkeun Malaékat maut nyabut deui nyawa maranéhanana. Saterusna Alloh SWT ngaleungitkeun panto guha tanpa aya urutna. Dua urang gegedén anu nunungguan gura-giru maju ngadeukeutan guha, muter-muter salila tujuh poé pikeun ngotéktak pantona, tapi teu manggih hasil. Teu bisa kapanggih liang atawa jalan asup séjénna kana guha. Dina waktu éta dua urang gegedén tadi jadi yakin ngeunaan kacida hébatna kakawasaan Alloh SWT. Dua urang gegedén éta nempo kabéh kajadian anu dialaman ku anu nyaricingan guha, minangka paringetan anu dipintonkeun Alloh ka maranéhanana.

Gegedén anu ngagem agama Islam tuluy ngomong, ‘Aranjeunanana maot dina kaayaan ngagem agama kuring! Baris diadegkeun ku kuring hiji tempat ibadah di panto guha éta.’

Keur gegedén anu ngagem agama Nasroni ngomong ogé, ‘Aranjeunanana maot dina kaayaan ngagem agama kuring! Baris diadegkeun ku kuring hiji biara di panto guha éta.’

Dua urang gegedén éta paraséa, sarta sanggeus ngaliwatan galungan maké pakarang, pamustunganana gegedén Nasroni kaéléhkeun ku gegedén anu ngagem agama Islam.”

Nepi ka di dinya Imam Ali bin Abi Tholib ngandeg nyaritakeun carita anu nyicingan guha. Saterusna nyarios ka pandita Yahudi anu nanyakeun carita éta, “Éta pisan, héy Yahudi! Naon anu geus lumangsung dina carita maranéhanana. Demi Alloh, ayeuna kuring rék nanya ka anjeun, naha kabéh anu ku kuring dicaritakeun éta luyu kalayan naon anu aya dina Taurat aranjeun?”

Pandita Yahudi éta némbalan, “Enya Abal Hasan, anjeun henteu nambahan sarta henteu ngurangan, cacak sahurup ogé! Ayeuna anjeun ulah nyebutkeun diri kuring minangka urang Yahudi, sabab kuring geus nyakséni yén euweuh pangéran sajaba Alloh sarta yén Muhammad nyaéta hamba Alloh sarta Rosul-Na. Kuring nyakséni ogé, yén anjeun jelema anu pangluhurna élmu di golongan umat ieu!”

Tah kitu hikayat ngeunaan nu nyicingan guha (Ashhabul Kahfi), tukilan ti kitab Qishosul Anbiya anu aya dina kitab Fadho ‘ilul Khomsah Minas Shihahis Sittah, tulisan As Sayyid Murtadho Al Husainiy Al Faruz Aabaad, dina némbongkeun lobana élmu pangaweruh anu ditampa Imam Ali bin Abi Tholib ti Rosululloh SAW.