Senin, 12 Agustus 2013

Kopéah Kuring





Sakapeung sok ngarasa éra lamun aya nu nyebut ustadz atawa haji téh, da ngarumasakeun kuring mah lain ustadz jeung lain haji. Kangaranan ustadz téa kudu bisa ngaji, sedengkeun kuring mah teu apal alif bingkeng-alif bingkeng acan. Kitu deui kuring lain haji, pan can pernah ngalaman nincak Mekah, karak samet cita-cita wungkul, da kangaranan jalma islam mah tangtu saréréa ogé hayang ngalakonan rukun islam anu kalima téh. Tapi keun lah, mudah-mudahan éta sebutan téh sing ngajadikeun do'a....aamiin....

Nu matak kuring sok remen disebut ustadz atawa haji téh éta meureun pédah kuring tara leupas ti péci atawa kopéah. Na naon atuh alesan kuring maké waé kopéah téh? Anu kahiji, aya sawatara hadits nu nyebutkeun yén Rosululloh SAW biasa nganggo tutup mastaka warna bodas, sanajan hal éta masih kénéh aya pagedug faham ngeunaan kasohéhanana, tadi ogé geus disebutkeun kuring mah teu bisa ngaji, jadi keun wé ah kuring mah moal milu ngoméntaran da ngarumasakeun teu apal cukcrukanana, ngan keur sakuringeun mah, kuring rék nyekel faham anu nyunahkeunana wé ah. Alesan anu kadua, kopéah bisa jadi erém pikeun kuring supaya hirup teu ngalajur hawa nafsu teuing, supaya numuwuhkeun rasa éra di diri kuring dimana-mana lamun rék milampah perkara goréng, piraku maké kopéah tapi cunihin ka awéwé, piraku maké kopéah tapi nipu, piraku maké kopéah tapi asup ka diskotik, bioskop, atawa karaoké, piraku maké kopéah tapi jigjigan ka lapang nongton méngbal, jeung sajabana. Mugia ku ayana kitu, kuring bisa leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh, ngarumasakeun kuring mah lain jelema bener tapi bener-bener jelema...éh maksud téh, kuring lain jelema bener tapi bener-bener usaha satékah polah pikeun minimal ngaharib-harib jelema bener wéh...da kangaranan jelema mah moal aya nu bener sabener-benerna...heueuh kitu...

Péci lain ciri santri lain ciri bisa ngaji , tapi péci ciri lalaki nu ngabakti ka nu maha suci !!!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar