Kamis, 01 Agustus 2013

Ulah Asa Aing Pang-akangna

Dulur-dulur, aya kalana urang ngarasa yén sagala harta kasugihan anu dipibanda ku urang, éta mangrupakeun hasil itikurih gawé sarta do’a urang sorangan. Pék kanyahokeun, yén saéstuna teu saeutik jalma-jalma ikhlas di sabudeureun urang anu milu ngadu’akeun sarta bagja kana kasuksésan urang. Sarta anu PASTI nyaéta Alloh SWT ngahaja nitipkeun harta kakayaanana ka urang alatan aya jalma-jalma dhu’afa anu jadi batur urang atawa komo jadi kulawarga urang. Didieu Alloh hayang ningali naha urang daék babagi?

”Saéstuna jelema anu PANG MULYA diantara maranéh disisi Alloh nyaéta jelema anu PANG TAQWANA diantara maranéh.”(QS, al-hujurat [49]: 13)

Kocapkeun aya dua urang lalaki duduluran. Maranéhanana geus pahatu lalis ti saprak rumaja. Duanana digawé dina hiji pabrik.

Maranéhanana hirup sauyunan , sarta pada-pada leukeun diajar élmu agama. Maranéhanana usaha ngamalkeun élmuna dina kahirupan sapopoé kalayan saéstuna.
Pikeun datang ka tempat pangajian, maranéhanana mindeng pisan kudu leumpang ka imah Ustadzna. Jarakna kira-kira 10 km ti imah titilar kolot maranéhanana.

Dina hiji waktu, lanceukna ngadu’a ménta rejeki ka Alloh hayang kabeuli mobil sangkan bisa dipaké pikeun sarana angkutan manéhna sarta adina lamun indit ngaji. Mangka Alloh ngobulkeun du’ana. Kalungguhanana naék, manéhna jadi kapercayaan diréktur. Sarta teu lila saterusna hiji mobil bisa kapimilik ku manéhna. Manéhna meunangkeun bonus alatan omsét pausahaanana naék.

Tuluy éta lanceukna ngadu’a deui hayang boga saurang pamajikan anu sampurna, Alloh ngobulkeun ogé. Teu lila saterusna éta lanceukna ngadahup jeung saurang wanoja anu geulis sarta alus akhlakna.
Saterusna tuluy-tuluyan éta lanceukna ngadu’a ménta ka Alloh hayang hiji imah anu merenah, pakasaban anu meujeuhna, sarta séjén-séjénna deui. Kalayan itikad sangkan bisa leuwih hampang dina ngaraketkeun diri ka Alloh. Mangka Alloh ngobulkeun kabéh du’ana éta.

Sedengkeun ari adina euweuh parobahan pisan, hirupna tetep basajan, cicing di imah titilar kolotna anu ti baheula ditempatan ku manéhna babarengan jeung lanceukna. Tapi alatan lanceukna pohara riweuh ku pakasabanana, mangka mindeng teu bisa milu kana pangajian. Ku kituna, mindeng pisan manéhna kudu leumpang pikeun indit ngaji ka imah guruna.

Hiji waktu, éta lanceukna mikir-mikir sarta ngabanding-banding lalampahan hirupna jeung lalampahan hirup adina. Manéhna inget yén adina sok maca salambar keretas waktu manéhna ngadu’a, nandakeun yén adina teu kungsi apal kana bacaan pikeun ngadu’a.

Tuluy manéhna nepungan adina pikeun ngélingan sangkan adina sok ngadu’a ka Alloh sarta narékahan pikeun ngaberesihkeun haténa, ” Yi, saéstuna kahenteu mampuhan urang ngapalkeun Qur'an, hadits sarta bacaan du’a, bisa jadi alatan haté urang kurang beresih...“

Éta adina unggeuk, haténa ngaheruk sarta ngarasa pohara muji syukur miboga lanceuk anu kacida mikadeudeuhna, sarta manéhna nganuhunkeun pisan ka lanceukna kana pépéling éta.

Hiji waktu, éta adina maot. Lanceukna ngarasa hanjelu alatan nepi ka maot, adina euweuh parobahan dina nasibna. Ku kituna, manéhna ngarasa yakin lamun adina éta maot dina kaayaan kotor haténa kusabab du’ana teu kungsi dikobul.

Éta lanceukna ngabérésan imah titilar kolotna, luyu jeung amanat adina pikeun dijadikeun hiji masjid. Keur kitu, ujug-ujug panonna nempo kana salambar kertas anu dilipetkeun dina sajadah anu dawam dipaké ku adina, anu eusina diantarana tulisan sholawat, du'a pikeun guru maranéhanana, do’a salamet sarta aya kalimah dina ahir du’ana:

“Yaa Alloh, teu aya hiji perkara ogé anu luput tina panguninga Gusti. Mangka mugia Gusti maparin pangampunan ka abdi ogé ka raka abdi, kobulkeun sagala du’a raka abdi. Jantenkeun raka abdi teu weléh aya dina panangtayungan sarta asih Gusti. Beresihkeun haténa sarta paparin kamulyaan hirup ka raka abdi di dunya katut ahérat.”

Éta lanceukna ngaheruk bari carinakdak. Manéhna geus salah meunteun adina. Teu disangka tétéla adina teu kungsi sakali ogé ngadu’a pikeun minuhan napsu duniawina, sarta tétéla kasuksésan manéhna teu luput tina kegetolan adina ngadu’a.

Dulur-dulur, Kasugihan, kamalaratan, kahadéan, kagoréngan sarta balahi anu tumiba ka saban manusa éta mangrupakeun ujian ti Alloh SWT. anu dibikeun ka hambana. Sakabéh éta lain ukuran kamulyaan atawa kahinaan hiji jalma. Ulah reueus alatan kasugihan sarta ulah peunggas harepan alatan kamalaratan.

”Sarta éstu baris Kami bikeun cobaan ka anjeun, jeung saeutik sieun, kalaparan, kakurangan harta, jiwa sarta buah-buahan. Sarta tepikeun WARTA PIKAATOHEUN KA JALMA-JALMA ANU SALABAR, “ (Q.S.Al-baqoroh 155 ).

Remen ogé urang ngukur kadeukeutan urang ka Alloh SWT nyaéta alatan kacumponanana sagala paménta duniawi anu mindeng ku urang dipénta dina du’a-du’a urang.

Cik urang tempo jelema anu keur ragrag asih atawa bisa jadi urang sorangan kungsi ragrag asih ka hiji jalma. Beungeutna sok kabayang-bayang, sempal guyonna sarta tingkahna sok katetempokeun waé. Éstuning peureum kadeuleu beunta karasa . Rék saré inget ka manéhna, rék dahar inget ka manéhna, rék mandi inget ka manéhna malahan mah urang keur sholat ogé inget waé ka manéhna, surat cinta, sms atawa bbm ti manéhna ku urang nepi ka sok dibaca sababaraha kali. Saban poé sok hayang papanggih. Henteu papanggih sapoé waé karasana asa sataun. Padahal tacan tangtu manéhna baris jadi milik urang. Masya Alloh.

Naha pernah urang ngarasakeun ragrag asih ka Alloh? MantenNa anu maparin napas urang saban detik, maparin sagala rupa kadaharan anu urang resep, maparin panon anu ku éta panon urang bisa nempo éndahna dunya, maparin leungeun anu ngajadikeun urang bisa barang gawé, maparin kacerdasan anu ngajadikeun urang sanggup nyieun inovasi sarta kréasi, ogé maparin sagala rupa kaperluan urang bari teu ménta buruhan saeutik ogé. Naha éta kabéh bisa dirasakeun ku urang? naha urang henteu ragrag asih ka MantenNa? Nepi ka mana bukti asih urang ka MantenNa?

114 surat cintaNa sabaraha mindeng ku urang dibaca sarta dilenyepan? 114 surat asihNa naha kungsi ku urang dibales? Panggero AdzanNa sakumaha gura-giruna urang madep? Naha ngageter sarta ngarasa gumbira haté urang dimana-mana ngadéngé panggeroNa? Bandingkeun jeung urang lamun digeroan dunungan urang atawa jangjian jeung si calon pasangan urang?

Nya, aya 114 SURAT ASIH anu geus dikirimkeun sarta geus nepi ka urang, sarta SALILA NAPAS urang tacan eureun, Surat Asih éta teu weléh nungguan pikeun ku urang dibales. Naha iraha urang baris daék ngabalesna?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar