Sabtu, 12 Maret 2016

Fikmin "REUNI"

Arman, sobat dalit keur di SMA. Ti saprak lulus, can kungsi panggih deui. Kamari meunang nomer hapéna ti babaturan, tuluy wé ditelepon. Sihoréng kabeneran Arman jeung pamajikanana keur ulin ka Sukabumi, dayeuh panganjrekan kuring. Poé ieu, jangjian rék panggih sakalian silihwawuhkeun pamajikan.

"Énggalan atuh, Ayang...!" Ngelol ti lawang panto kamer. "Sakedap deui, teu acan bérés dangdosna." Pamajikan memener tiungna. Keteyep. Ditangkeup ti tukang. Celepot, dicium. "Iiih...!" Ogo. Rarabi anu ngadua kalian ka manéhna mah. Kuring duda, manéhna rangda. Alhamdulillah, runtut raut. Nyaah ku bageurna, béda pisan jeung Déwi, pamajikan anu ti heula. "Hayu atuh! Saurna énggalan?" Pamajikan ngaleupaskeun tangkeupan. Sumanget rék nepungan sobat téh. Arman pasti ngacungkeun jempol, kuring boga pamajikan geulis.

Nepi ka tempat nu dijangjikeun. Ti kajauhan, katempo Arman gugupay. Disampeurkeun. Gok. "Dési...?" Arman nunjuk pamajikan kuring. Pamajikan ngarénjag. Malieus. "Geuning wawuh...?" Héran. "Dési téh...urut pamajikan urang...!" Arman samar polah. Jol, ti tukangeun Arman. Gebeg. "Déwi...?"

Fikmin "GAOK BODAS"

"Aa, seuneuna geuning pareum?" Dési noél salakina. "Aéh, muhun! Urang suluhan deui." Uhé nyokot suluh tina paraseuneu. Diasupkeun kana hawu. Ditiupan maké songsong. Gur. Suluh diasur-asur. Dési ngabulak-balik garang japuh dina talawéngkar. Ku Uhé diteuteup, cipanonna ngembeng. Nu diteuteup, terus rasa. Ngalieuk. "Aa, kunaon?" Reuwas. "Hapunten, Aa teu acan tiasa nyenangkeun Ayang...! Hirup sareng Aa mah, tuang gé mung sareng nu kieu." Nyusut cipanon. "Alhamdulillah ieu téh rezeki ti Allah, nu penting mah halal. Atikan Aa dina bagbagan agama, éta langkung nyugemakeun abdi batan guluburna dunya barana," imut. "Hatur nuhun, geulis...! Insya Allah, urang sami-sami silihtuyun geusan murih rido Allah!" Ngaranggeum leungeun Dési.

Duaaan dahar balakécrakan. Sanajan deungeun sanguna ngan garang japuh, sambel goang, jeung kulub génjér, tapi kacirina ni'mat pisan. Rérés dahar, ngadaraweung di tepas bari gogonjakan. Reg, aya mobil eureun di hareupeun saung bututna. Lalaki jeung awéwé tengah tuwuh, turun tina BMW. Rét. "Papih..., Mamih...?" Dési ngagerendeng.

Fikmin "NU NÉANGAN EMAS"

Rérés sholat Dhuha, Uhé indit ka kebon nu ngan sacangkéwok di pipireun imahna.
Keur anteng macul, karasa aya nu ngagecruk teuas. Ku manéhna dikoréh-koréh. Goréhél, aya nu ngagurilap konéng sagedé bata beureum. Diberesihan.
"Subhanallah walhamdulillah, emas...," leungeun Uhé ngeleper. Buru-buru dibawa balik, ditémbongkeun ka pamajikanna. Éta emas, dibawa ka dayeuh. Dijual. Uhé ngadadak beunghar.

Ti saprak harita, rebun-rebun kénéh Uhé geus macul di kebonna. Sapoé-dua poé, nyamos. Tapi Uhé teu peunggas pangharepan. Poéan katilu, manggih emas deui.
"Kang, sholat Lohor heula!" pamajikanna nyampeurkeun.
"Ké heula, Nyi! Kagok, tangtu loba kénéh emas nu séjénna." Uhé angger macul. Goréhél deui, emas. Uhé mingkin sumanget. Sangu pangirim pamajikanna ogé, teu ditolih. Nepi ka peuting, Uhé anteng kénéh macul. Emas geus numpuk, tapi Uhé teu eureun-eureun ngagali.

Poé isukna, pamajikan Uhé rawah-riwih. Uhé kapanggih geus euweuh nyawaan. Katindihan ku emas.

Kamis, 10 Maret 2016

Fiksi "LADANG TEU MUSYAWARAH"

Uhé ngahuleng. Melong motorna nu ngajogrog. Banna kararempés. Lain tambal-tambaleun deui, geus garundul duanana. Ayeuna mah, indit gawé téh kapaksa kudu rebun-rebun pisan. Nikreuh, leumpang. Ari naék ojég atawa angkot, olok ongkos. Nyasat hirup jadi pagawé leutik, gajihna teu sabaraha. Basa gajihan bulan kamari, karak bisa kabeuli hiji. Kapiran dipasangkeun ogé, ditunda heula wé.
"Kunaon ngahuleng waé, A? Éta kopina geura leueut, bilih tiis mantén!" pamajikanna muraykeun lamunan.
"Tos sasasih Aa mios damel mapah, motor can tiasa dianggo. Mudah-mudahan wé gajihan sasih ieu aya sésana, hoyong mésér ban hiji deui." Nyuruput kopi.
"Aamiin.... Kumaha upami kasbon heula ka dunungan atuh, A? Engkin upami gajihan, kantun motong." Nyusut gegedoh kopi dina biwir Uhé.
"Isin ah! Kasbon nu ti payun ogé, dunungan teu kersaeun motong, kalah dipasihkeun. Aéh, naha Ayang mung nganggo anting sapalih, mana nu sapalih deui?" Uhé ngilikan ceuli pamajikanna.
"Puguh kamari ical, rupina ragrag waktos nyeuseuh di tampian. Hapunten, abdi teu tiasa ngaraksa banda pamasihan ti Aa," pamajikan Uhé ngaheruk.
"Deudeuh teuing...! Keun, engkin upami aya milik, ku Akang dipangmésérkeun sapalih deui, nya?" Uhé ngarangkul pamajikanna.

Poé isukna. Balik gawé, Uhé héhéotan. Bungah.
"Assalaamu 'alaikum...!" Ngetrokan panto.
"Wa 'alaikum salaam warohmatullohi wabarokaatuh...!" Kulutrak, pamajikanna mukakeun panto. Paromanna marahmay. Nyium leungeun Uhé.
"Aa gaduh surprés kanggo Ayang!" Uhé nyéréngéh.
"Abdi ogé sami, gaduh surprés kanggo Aa." Pamajikanna asup ka kamar. Nyampeurkeun deui, mawa ban motor weuteuh.
"Ari Ayang, gaduh artos ti mana?" Uhé neuteup pamajikanna.
"Pan ngical anting nu sabeulah téa," pamajikanna imut.
"Euh, ieu Aa mésér anting sabeulah deui, ladang ngical ban motor...," gégétrét.
Duanana tingharuleng.