Senin, 29 Juni 2015

Fikmin "NGUSEUP"

Uhé geus lila ngalelengkur di sisi wahangan, tapi useupna euweuh nu noél-noél acan. Pindah kanu rada hieum. Lung, useup ka wahangan. Jeujeurna kekerenyedan. Diangkat. "Euh, jadah téh...!" Uhé ngabantingkeun keuyeup. Pundah-pindah, tapi angger teu beubeunangan. Uhé reureuh di handapeun tangkal kiray. Rét. Nyéh, seuri.

Uhé diuk deui nyanghareup ka wahangan. Lung, useup ka tukangeunna. Kerenyed. Girawil lauk emas. Lung deui. Girawil nila. Teu kungsi lila, kempisna pinuh. "Seueur kékénginganana, Jang?" aya nu nanya. Uhé ngalieuk. Gebeg. Haji Komar. "Naha nguseup téh nyanghareupna ka wahangan, tapi useupna dialungkeun ka kulah kuring?" Pa Haji Komar mencrong. "A...eu...hapunten. Useupna nu lepat, Pa Haji!" beungeut Uhé bareureum. "Haaar, naha jadi nyalahkeun useup? Éta lauk, pelakkeun deui!" Haji Komar nunjuk kempis. Sabari ngadarégdég, Uhé ngabahékeun eusi kempis ka kulah. "Nu bieu laukna meunang nyolong, haram! Sok, ayeuna useupan deui! Nu ayeuna mah halal, disaksian ku kuring." Haji Komar imut.

Kamis, 25 Juni 2015

Fiksi "REZEKI"

Uhé ngahuleng, mikiran kahirupan pikahareupeunna. Ti saprak dieureunkeun gawé, dunya karasana mongkléng. Harga-harga kabutuhan ararundak, sedengkeun kaaayaan manéhna keur ngaligeuh. Ngasong-ngasong surat lamaran ka ditu-ka dieu, tapi can aya nu ditarima. "Kang, tadi aya surat ti sakolaanana Si Udin, waragad ujian kedah énggal ditaur!" Unah, pamajikanna, ngasongkeun amplop surat. "Kumaha atuh, nya? Akang mah bingung, nyiar pagawéan ogé can hasil waé geuning...," Uhé ngarahuh. "Insya Allah engkin gé aya, asal urangna wé ulah petot-petot usaha sareng ngadu'a." Unah imut. "Akang ogé usaha mah usaha, ngadu'a teu sirikna nepi ka ngabudah, ibadah tara tinggaleun, tapi hirup téh bet susah waé kieu. Na ari jelema nu tara sholat-sholat acan, hirupna téh genah wé...usahana téh meni jiga babari!" Uhé mimiti aral. "His, teu kénging nyarios kitu, Kang! Urang téh nuju dicobi, Allah hoyong uninga kapanggeran urang. Upami jalmi nu tara ibadah tapi usahana dibabarikeun, éta mah panyungkun. Akang hoyong disungkun ku Allah?" Unah ngélingan. "Astaghfirullah...!" Uhé ngusap beungeut. "Rezeki mah moal pahili, Kang! Tuh, tingali di luhur! Cakcak nu kakarayapan, tapi angger wé bisa ngahakan reungit, padahal reungit mah pan bisa hiber. Urang gé kitu, kedah sabar dina usaha, Kang!" Unah nunjuk kana lalangit. Duaan anteng nempokeun cakcak, bari patangkeup-tangkeup. Bray, dunya caang.

Senin, 22 Juni 2015

Fikmin "MILIK"

Uhé ngulisik. Nyah, beunta. Gigisik. Rét, kana jam dingding. Jam sawelas liwat saparapat. Beuteungna karasa kukurubukan. Kuniang, hudang. Ngagidig ka dapur. Mukaan gogorobog. Lauk asin kari huluna, sambel kari coétna. Rét. Aya kérésék hideung di juru. Dibuka. Emih jeung endog. Uhé nyéréngéh. Cetrék, ngahurungkeun kompor gas. Ngolahkeun emih jeung endog, dicéngékan. Asak. Uhé ngésang, ngadahar emih dikéjoan. Eureuleu, teurab. Mukakeun kulkas. Bréh, aya sirop. Ditinyuh. Keur meujeuhna panas poé, nginum sirop. Suegeeer.

Ngong, adzan Lohor. "Hé, hayu ka masjid!" Ustadz Ohim nu kabeneran ngaliwat, nyorowok. "Aéh, Pa Ustadz...! Muhun, badé ka jamban heula," Uhé cengkat. "Énté mah jiga nu geus dahar, euy!" Ustadz Ohim molotot. "Muhun, raos pisan emih dicéngékan, ngaleueutna sirop. Pa Ustadz, hoyong? Engkin ku abdi dipangolahkeun," Uhé nyéréngéh. "Aing mah puasa! Ari énté teu puasa, kitu?" Ustadz Ohim gogodeg. "Astaghfirullah...! Hilap, Pa Ustadz! Duh, kumaha atuh?" Uhé ngahuleng. "Nya, geus wé...sujud syukur!" Ustadz Ohim ngusapan beuteungna.

Fikmin "CILAKA"

"Alhamdulillah, Si Nyai mah gedé milik! Pisalakieunana keur kasép téh, diréktur bank deuih!" Bu Haji Engkoy agul. "Nu sok nganjang dina mobil bodas téa?" Ceu Anah mairan. "Heueuh, Cép Dodi éta téh ngaranna. Hébat, nya?" irung Bu Haji Engkoy rebéh. "Enyaan, hébat! Abdi ogé hoyong gaduh minantu kawas kitu," Ceu Anah nyéréngéh. "Naha atuh anak Euceu kalah dikawinkeun ka santri...madesu, ih!" Bu Haji Engkoy jebi. "Nyaéta budak téh hésé pisan dipapatahanana, coba mun jiga Si Nyai, bagja meureun...!" Ceu Anah ngarahuh.

Bu Haji Engkoy hajat rongkah, tujuh poé tujuh peuting. Abong jalma jegud, boga minantuna ogé hébat. Sakabéh tatanggana milu reueus, Si Nyai gedé milik, hirupna tangtu bakal pisenangeun. Enya baé, teu kungsi lila, Si Nyai dipangnyieunkeun gedong. Bu Haji Engkoy ogé dipangmeulikeun mobil anyar. Tapi Bu Haji Engkoy teu kaciri jiga nu bungah. Pagawéanna hulang-huleng, ti saprak ngawénéhankeun Si Nyai maké kongkorong salib.

Jumat, 12 Juni 2015

Fikmin "NYANDUNG"

Rérés sholawatan, ibu-ibu ngaregepkeun wejangan ti Bu Ustadzah. "Istri nu sabar kana sikep goréng salakina, mangka bakal kénging ganjaran sapertos ganjaran Asiyah, pamajikan Fir'aun...!" Bu Ustadzah ngamimitian tausyiahna. "Punten badé tumaros, Bu Ustadzah!" aya nu ngacungkeun leungeunna. "Mangga," Bu Ustadzah imut. "Upami carogé ngawayuh, kedah sabar ogé?" nu nanya nyéréngéh, luak-lieuk. Ibu-ibu récét, tingkucuwes. Ampir kabéh sapamadegan, alérgi kana kecap nyandung. "Tos...tos...regepkeun! Nyandung téh diwenangkeun, urang teu kénging mungpang kana hukum! Tapi aya syaratna, carogé kedah tiasa adil, boh  dina nafkah lahir, kitu deui dina nafkah batin. Dina waktos kilirna ogé teu kénging diwilah-wilah, abong sono kénéh, hayoh ngahékok waé dinu anom!" Bu Ustadzah ngajéntrékeun. "Upami teu tiasa adil mah, teu kénging atuh, nya?" aya nu nanya deui. "Muhun. Pan tos dicarioskeun, pameget kénging ngawayuh asal...?" ngarandeg. "Adil...!" ibu-ibu réang ngajawab. "Asal...sanés carogé abdi...!" Bu Ustadzah nyikikik.

Minggu, 07 Juni 2015

Fikmin "NGABONCÉNG MITOHA"

Anyar pangantén, aréra kénéh ku mitoha téh. Tara pirajeuneun milu ruang-riung, numpi wé di kamar.
"A, Bapa hoyong dianteur ngalayad ka lembur peuntas," ceuk pamajikan. "Duh, Aa mah pan diajar kénéh nyandak motorna ogé. Kumaha, nya?" bingung. "Lalaunan wé atuh, A!" pamajikan imut.

Mawa motor sabari ngaboncéng mitoha, asa teu pararuguh. Nincak logak ogé dirarasakeun. "Rada énggalan, Jang! Bisi tinggaleun ngurebkeun!" mitoha nepak taktak. "Mu...muhun...!" bakating ku geumpeur, gas kapaut. Mitoha nepi ka ngalenggak, méh-méhan ngajengkang. Untung kaburu nangkeup. Kadéngé kutuk gendeng. Rey, beungeut bareureum. Najan bari galuang-galéong, tapi nepi ogé ka tujuan kalawan salamet.

Rérés ngalayad, kuring geus siap dina motor. "Kadé! Sing ati-ati mawa motorna, ah!" mitoha mapadonan. Nyingsatkeun sampingna. Kuring unggeuk. Geuleuyeung, motor maju. Leuwih lancar balikeun mah. Motor karasa hampang, suat-siet. Nepi ka buruan imah. Reg, eureun. Lila ngajejeten, ngadagoan mitoha turun. "Tos dugi, Pa!" panasaran, ngalieuk ka tukang. Mitoha euweuh.

Senin, 01 Juni 2015

"BUAH KAJUJURAN"

Dina hiji dinten, Imam Syafi'i nu waktos harita masih kénéh anom, nuju calik di sisi wahangan. Panonpoé anu morérét tur hawa nu kacida nyongkabna, ngajantenkeun patuanganana karaos murilit, nagih eusi. Nuju kitu, katingali aya buah nu angkleung-angkleungan kacandak palid. Kuniang, anjeunna ngadeg, lajeng ngoéran éta buah ku rokrak. Sihoréng buah dalima anu meujeuhna asak, pikauruyeun. Éta buah, ku anjeunna dituang. Karaos ni'mat naker, ngalandongan rasa laparna anu pohara. Satutasna wareg, Imam Syafi'i nembé engeuh yén anjeunna tos nuang anu sanés hakna. Guligah manah, ngaraos hanjelu tos ngalajur hawa nafsu.

Imam Syafi'i lajeng mulih ka bumina. Wawartos ka ramana. Ramana kalintang bendu, salami ieu anjeunna tos ngadidik Imam Syafi'i pikeun nebihan tina nuang anu sanés hakna.
"Hapunten, abdi rumaos lepat..." Imam Syafi'i ngagukguk. Sasadu.
"Kanyahokeun, éta buah bakal jadi daging dina awak anjeun! Satungtung anjeun can ménta rido ka nu bogana, hartina dina awak anjeun aya daging nu teu halal. Mama mah sieun ku bebendu Allah! Jung, papay saha nu boga éta buah, pénta ridona!"
"Sumuhun, Mama! Ayeuna kénéh abdi badé mapay nu gaduh éta buah. Nyuhunkeun pidu'ana ti Mama!"

Imam Syafi'i mulih deui ka sisi wahangan. Ngaléngkahkeun sampéanana, nikreuh mapay sisi wahangan, dugi ka anjog ka hiji kebon anu aya tangka dalimaan. Éta tangkal dalima, dahanna ngaroyom ka wahangan.
"Pasti buah téh muragna tina tangkal ieu," gerentesna. Anjeunna lebet ka éta kebon. Kaleresan nuju aya jalmi.
"Assalamu 'alaikum...!" Imam Syafi'i uluk salam.
"Wa 'alaikum salam...!" Éta jalmi ngawaler.
"Haturan, nun. Abdi hoyong pendak sareng nu gaduh ieu kebon," saur Imam Syafi'i.
"Kuring nu gaduh ieu kebon, aya peryogi naon?" Walerna. Derekdek Imam Syafi'i ngalalakonkeun ti wit mendak buah, nuang, tug dugi ka ngarasa guligah manah tos nuang anu sanés hakna.
"Abdi dongkap seja nyuhunkeun ridona...!" Imam Syafi'i ngeluk.
"Pék, ku kuring diridokeun, tapi aya saratna!" Imut.
"Naon saratna, nun?" Imam Syafi'i bungangang.
"Anjeun kudu gawé di dieu salila sabulan. Sanggup?"
"Insya Allah, nu penting Salira ngaridokeun buah nu tos kateda ku abdi!"
Kocapkeun, Imam Syafi'i damel di éta kebon kalawan soson-soson dugi ka sasasih kalayan teu diburuhan. Nu gaduh kebon kalintang ngaraos kataji ku kajujuran Imam Syafi'i. Dina dinten anu panungtungan, Imam Syafi'i unjukan,
"Ayeuna tos sasasih abdi damel di ieu kebon, dupi Salira tos tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, atanapi teu acan?"
"Aya hiji sarat deui! Anjeun sanggup ngalakonanana?" Taros éta jalmi.
"Insya Allah, upami ku jalan éta Salira tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, abdi sanggem!" Imam Syafi'i unggeuk.
"Anjeun kudu rarabi jeung anak kuring! Tapi perlu dikanyahokeun, anak kuring lolong, torék, jeung pireu. Anjeun sanggup?"
Imam Syafi'i ngagebeg. Ngaraos sabil. Anjeunna ngahuleng sajongjongan. Tapi sadayana ku anjeunna dipasrahkeun ka Allah. Anjeunna keukeuh hoyong ngéngingkeun karidoan ti éta jalmi.
"Insya Allah, abdi sanggem!"
"Ayeuna, jung anjeun indit ka imah itu! Anak kuring aya di dinya!" Éta jalmi nunjuk ka hiji bumi.
Imam Syafi'i ngajugjug ka éta bumi. Uluk salam.
"Assalamu 'alaikum...!"
"Wa 'alaikum salam...!" Waler hiji istri nu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
"Abdi kapiwarangan ku anu gaduh kebon pikeun mendakan putra istrina!" Imam Syafi'i nerangkeun pamaksadanana.
"Abdi putrana...!" Walon éta istri.
"Ah, lepat panginten?"
"Henteu, abdi putrana nu gaduh kebon!"
Imam Syafi'i ngahuleng. Lajeng mendakan deui jalmi nu gaduh kebon.
"Abdi tos ka bumi éta, namung teu mendakan istri sapertos nu dicarioskeun ku Salira. Aya ogé istri anu kalintang geulisna!"
"Nya, éta pisan anak kuring téh!"
"Naha geuning éta mah teu lolong, torék, tur pireu sapertos nu dicarioskeun ku Salira?"
"Enya, mémang anak kuring lolong. Panempona teu weléh karaksa. Nu ditempona ngan nu aya disabudeureun imah, jeung ayat-ayat Allah. Anak kuring torék, can kungsi ngadéngé nu teu pantes didéngé. Nu didéngéna, ngan ayat-ayat Allah. Anak kuring ogé pireu, tara ngomong anu teu pantes diomongkeun, létahna baseuh ku dzikir jeung maca ayat-ayat Allah! Kuring ngarasa kataji ku anjeun. Kuring yakin kana kajujuran tur kaluhungan akhlak anjeun. Anjeun jauh-jauh indit ti imah, mapay-mapay wahangan, ngan pikeun murih karidoan kuring kusabab anjeun geus ngadahar buah anu palid di wahangan. Ayeuna, anjeun daék teu rarabi jeung anak kuring?"
"Insya Allah, lillahi ta'ala...!" Waler Imam Syafi'i.

Pamustunganana, Imam Syafii ngadahup ka éta putra nu gaduh kebon, anu majar loong, torék, tur pireu téa.

Wallahu a'lam.