Selasa, 17 Juli 2018

Fikmin "PAMAJIKAN"

Pamajikan ngagabrug ka indungna. Eurih-euriheun. Bapana mencrong ka kuring. Kuring samar polah. Kumaha mun pamajikan ngadoni. Kumaha mun mitoha wéra. Kumaha mun toko dijabel deui. Kumaha mun kuring diusir. Nyasat hirup nyalindung ka gelung. Dipulung minantu ku dunungan.

Tadi, basa aya nu keketrok kana panto, kuring jeung pamajikan keur paséa. Sabenerna lain salah-salah kuring teuing, bonganna pamajikan teu bisa ngurus awak, tara dangdan. Numatak pantes mun kuring kagoda ku Siska, randa nu teu weléh luis kos artis. Kuring bobogohan deui téh, saukur panglumpatan. Hiburan. Ari kudu nepi ka pepegatan jeung pamajikan mah, ké heula anan. Tapi nempo galagat kieu, jigana kacow.

"Aya naon?" Sora agem mitoha lalaki, matak sebér. Pamajikan ngarérét. Kuring pias.
"Nembé mah badanten sareng Si Aa, badé ngalongok ka ditu. Abdi sono, tos sababaraha dinten kaimpénkeun waé. Kaleresan Bapa sareng Umi ayeuna ka darieu, bingah pisan...!" Pamajikan nyusut cipanonna.
"Euh, sok ngareureuwas!" Mitoha mararésem. Dada karasa ngemplong.

Fikmin "BALIHO NGABOBODO"

Neuteup baliho di sisi jalan. Foto lalaki maké kopéah hideung keur seuri. Di gigireunna aya tulisan gedé, "PILIH PAMINGPIN SHOLÉH". Di belah handap, ngajajar foto-foto éta lalaki keur di masjid, di madrasah, di panti asuhan, di sawah, nepi ka aya ogé nu keur di solokan. Matak reueus. Teu sangka, geuning anjeunna téh saurang inohong calon pamingpin ieu dayeuh. Hayang geura tepung. 

Rérés sholat Ied, gura-giru ngajugjug gedong sigrong nu pagerna jangkung. Bener ceuk panyangka, ari Lebaran mah panto pagerna dibuka. Lalaki nu fotona aya dina baliho, soméah ngabagéakeun sémah. Kuring milu ngantay. Silihpelong. Gabrug.
"Bapa...!" Kuring nangkeup pageuh. Karasa anjeunna ngusapan tonggong. Ngarandeg. Rut-rét ka sémah.
"Saha manéh?" Anjeunna undur-unduran.
"Abdi putra bapa ti lembur. Tos lima welas taun teu pendak, sono!" Ngasongkeun foto kuring keur leutik, ema, jeung bapa.
"Uka-aku sambarangan, siah! Kaluar...!"
Kuring direjeng ku lalaki jarangkung badag. Digusur. Hiuk. Leng. Inget-inget geus ngaringkuk, handapeun baliho foto bapa.

Selasa, 20 Maret 2018

Fikmin "KAPODOSAN"

Beuteung karasa ngusial, jigana pédah basa ngaliwet, sambelna lada teuing. Rék ka cai, tapi sieun tinggaleun milu moro jomét. Lumayan, itung-itung "perbaikan gizi", sakalian ngirit bekel. "Burukeun atuh! Rék milu, moal?" Uhé ngelol ti lawang kobong. "Arék, dagoan sakeudeung!" Kuring buru-buru dadamping. Satengah lumpat, ngudag babaturan nu geus ti heula. Samping nu can pageuh didadampingkeunana, morosot. Tikudawet. Geblug, labuh. Bujur prat-prét-prot. Teu dirasa. Jung deui. Ngudag. Haruhah-haréhoh.

Di tempat nu ngayakeun tasyakuran, diuk deukeut Mama Ajengan, ngan kahalangan ku Uhé wungkul. Beuteung ujug-ujug karasa deui. Kuring élékésékéng. Bujur ugal-égol nahan nu ngusial. Prééét! Aya sora ngawirahma, rada panjang. Teu katahan. Saréréa ngalieuk ka palebah kuring. Marengkekan irung. Kuring buru-buru milu ngalieuk ka gigireun. Uhé rampang-reumpeung. Manéhna ogé, buru-buru ngalieuk deui ka gigireunana. Mama Ajengan molototan.

Senin, 19 Maret 2018

Fikmin "NEUNGGAR CADAS"

"Bilaa walaamin tholiban dho'jazman, filfi'li hakadza bilam walamma...." kapireng sora santri keur nganadzhom Alfiyah di madrasah. Kuniang, hudang. Keur sarangeuk ngaji. Gara-garana mah, meunang sms ti pimitohaeun. Eusina matak bingung, bet ujug-ujug megatkeun hubungan kuring jeung Néng Fitri, anakna. Basa Minggu kamari ka imahna, asa euweuh riuk-riuk teu panuju. Hemeng.

Gesut, dangdan. Panasaran, rék ditéangkeun. Di hareupeun kobong, panggih jeung A Haji Irfan, putrana Mama Ajengan.
"Rék ka mana, Mang?" A Haji Irfan nanya.
"Badé wangsul heula, A Haji! Nuju teu raraos," cekéng, tungkul.
"Oh, ati-ati wé atuh, nya!" A Haji Irfan nyetater motorna. Jius, indit.

Dina angkot, pikiran mah malaweung. Beurat pisan kudu pipisahan jeung Néng Fitri téh. Bélaan puasa mutih hayang meunangkeunana ogé, atuda béntangna kobong awéwé, teu sirikna pada marebutkeun.
"Kiri...!" Kuring nyorowok. Anteng teuing ngalamun, ampir kaliwat gangna. Jrut, turun. Leumpang ngalénghoy. Srog, ka buruan imah Néng Fitri. Gebeg. Motor A Haji Irfan aya ngajogrog.

Minggu, 18 Maret 2018

Fikmin "BUDAK JALANAN"

Di lampu mérah. Tamba tiris, kusiwel ngaluarkeun udud. Diseungeut. "Bagi duitnya dong, Om!" budak awéwé umuran lima taun, noél. Kuring gideug, keur kagok. Budak taralak-tirilik, namprak ka saban jalma. Teu téga. Rumpu-rampa, ngodok pésak. Budak digupayan. Song, duit lima rébu salambar. Budak jigrah, ngaléos teu nuhun-nuhun acan. Kuring ngahuleng sawatara jongjongan. Lampu kaburu robah kana héjo. Ngoper gigi, motor maju deui.

Pikiran kumalayang, masih kénéh inget ka budak tadi. Ras ka si bungsu anu umurna moal jauh béda. Teu karasa, cipanon ngeclak. Néangan tempat muter arah. Balik deui. Katempo budak keur diuk dina trotoar. "Ikut sama Om, yuk!" cekéng. Budak digabrug, diceungceurikan. "Woy! Ngapain lu ganggu anak gua!" Aya nu nepak taktak. Dilieuk. Lalaki jangkung badag. Jung, nangtung. Hayang ngalayanan. Tapi katempo aya dua baturna nyampeurkeun ti peuntaseun jalan, dina leungeunna gugurilapan péso balati. Wawanén ngadadak murengked. Kapaksa naék deui kana motor. Jius, indit. "Hampura, Anaking...!" batin jumerit.

Fikmin "NU NGUDAG"

"Sing eucreug mawa mobil téh atuh, nyét!" Mang Acéng sesengor ka supir mobil anu eureun ngadadak, teu méré lampu sén. "Hus! Tong kitu, Mang!" kuring ngélingan. "Keuheul atuda, A!" Méméh ngagas, Mang Acéng ngacungkeun peureup heula.

Teu disangka-sangka, mobil téh ngudag. Mang Acéng kaciri reuwaseun, mobil dibalapkeun. "Kadé atuh, Mang! Saur abdi gé naon, jadi piributeun!" Nyekel jok tipepereket, sieun cilaka. Palebah jalan anu lempeng, mobil kasiap. Dipalangkeun. Cekit. Mang Acéng ngerém. Kuring ngusapan tarang, tidagor kana dashboard.

Tina mobil turun duaan, buukna carepak. "Kaluar, siah!" Nodongkeun péstol. Mang Acéng ngayekyek, kuring ngeleper. Anu saurang ngagedoran kaca mobil. "Dor!" péstol dibekaskeun ka luhur. Gegedor deui.
"Buka wé, Mang!" cekéng. Rada mandeg-mayong Mang Acéng muka kaca mobil, beungeutna pias.
"Pu..., punten wé, Pa...!" Acong-acongan.
"Naon, ih! Sayah mah ngudag téh rék ménta seuneu, ti tadi rék nyeungeut roko euweuh panékérna!" Lalaki nu nyekel péstol ngaluarkeun bungkus roko tina kantong jékétna.

Fikmin "KULI MANGGUL"

Meni asa hararaseum sungut, ti isuk can udud. Duit teu boga, rék kasbon éra. Atuda karék gé saminggu gawé di pasar téh, ngabantuan mamang dagang sayuran.
"Héy, ngahuleng waé!" Bu Haji langganan ngagebah.
"Éh, badé balanja naon, Bu Haji? kuring nyéréngéh.
"Ieu bonna, biasa wé engké disampeur," Bu Haji ngasongkeun keretas sacewir. Kuring pakpikpek méréan nurutkeun pesenan tina bon. Sanggeus bérés, bonna dibikeun ka mamang.

"Tos bérés?" Bu Haji datang deui, angkaribung ku balanjaan.
"Atos, itu bonna di mamang," cekéng. Créng, dibayar.
"Teu aya nu kuli manggul, nya?" Bu Haji luak-lieuk.
"Wios ku abdi wé atuh!" Haripeut, hayang meunang kulian keur meuli udud.
"Daék, kitu?" Bu Haji melong, cangcaya. Kuring unggeuk. Regeyeng, karung balanjaan dipanggul. Jumarigjeug bubuhan teu biasa. Nepi ka hareupeun pasar, cangkéng karasa nyeri. Awak luut-léét késang. Balanjaan ditaék-taékeun kana angkot. Kuring ngajejeten, nungguan kulian.
"Nuhun, nya! Keur kasép téh bageur, ih!" Bu Haji imut. Geuleuyeung, angkot maju. Kuring ngahuleng.