Senin, 24 Oktober 2016

4 vs 4

4 vs 4

اَرْبَعَةٌ حَسَنَةٌ وَلَكِنْ اَرْبَعَةٌ مِنْهَا اَحْسَنُ : الْحَيَاءُ مِنَ الرِّجَالِ حَسَنٌ وَلَكِنَّهُ مِنَ الْمَرْأَةِ اَحْسَنُ الْعَدْلُ مِنْ كُلِّ اَحَدٍ حَسَنٌ وَلَكِنَّهُ مِنَ الْاُمَرَاءِ اَحْسَنُ وَالتَّوْبَةُ  مِنَ الشَّيْخِ حَسَنَةٌ وَلَكِنَّهَا مِنَ الشَّبَابِ اَحْسَنُ وَالْجُوْدُ مِنَ الْاَغْنِيَاءِ حَسَنٌ وَلَكِنَّهُ مِنَ الْفُقَرَاءِ اَحْسَنُ .

"Opat kaalusan, tapi opat nu lianna leuwih alus, nyaéta:
1. Rasa éra di lalaki éta alus, tapi di awéwé leuwih alus.
2. Adil di saban jalma éta alus, tapi di pamingpin leuwih alus.
3. Tobatna kolot éta alus, tapi tobatna budak ngora leuwih alus.
4. Balabahna jalma beunghar éta alus, tapi balabahna jalma fakir leuwih alus."

اَرْبَعَةٌ قَبِيْحَةٌ وَلَكِنْ اَرْبَعَةٌ مِنْهَا أَقْبَحُ : اَلذَّنْبُ مِنَ الشَّابِ قَبِيْحٌ وَمِنَ الشَّيْخِ اَقْبَحُ وَالْاِشْتِغَالُ بِالدُّنْيَا مِنَ الْجَاهِلِ قَبِيْحٌ وَمِنَ العَالِمِ أَقْبَحُ وَالتَّكَاسُلُ فِى الطَّاعَةِ مِنْ جَمِيْعِ النَّاسِ قَبِيْحٌ وَمِنَ الْعُلَمِاءِ وَالطَّلَبَةِ اَقْبَحُ وَالتَّكَبُّرُ مِنَ الْاَعْنِيَاءِ قَبِيْحٌ وَمِنَ الْفُقَرَاءِ اَقْبَحُ.

"Opat kagoréngan, tapi opat anu lianna leuwih goréng, nyaéta: 
1. Doraka nu dipigawé ku budak ngora éta goréng, tapi dipigawé ku kolot leuwih goréng.
2. Katungkul ku dunya di diri jalma bodo éta goréng, tapi di jalma ngarti leuwih goréng.
3. Kedul ibadah di saban jalma éta goréng, tapi di kiyai atawa santri leuwih goréng.
4. Adigungna jalma beunghar éta goréng, tapi adigungna jalma fakir leuwih goréng.

Nashoihul 'Ibad - kaca 20

SIKSAAN PIKEUN JALMA NU LEUWIH MILIH DUNYA TIBATAN AKHÉRAT

Imam Hasan Al Bashri ra. ngadawuh:

مَنْ اَرَادَ الدُّنْيَا وَاخْتَارَهَا عَلَى اْلآخِرَةِ عَاقَبَهُ اللهُ بِسِتِّ عُقُوْبَاتٍ ثَلَاثٌ فِى الدُّنْيَا وَثَلَاثٌ فِى اْلآخِرَةِ اَمَّا اَلثَّلَاثُ الَّتِى هِيَ فِى الدُّنْيَا فَاَمَلٌ لَيْسَ لَهُ مُنْتَهَى وَحِرْصٌ غَالِبٌ لَيْسَ لَهُ قَنَاعَةٌ وَاُخَذَ مِنْهُ حَلَاوَةَ اْلعِبَادَةِ وَاَمَّا الثَّلاَثُ الَّتِى هِيَ فِى اْلآخِرَةِ فَهَوْلٌ يَوْمِ اْلقِيَامَةِ وَاْلحِسَابُ الشَدِيْدُ وَاْلحَسْرَةُ الطَّوِيْلَةُ .

Sing saha anu ngarep-ngarep dunya sarta leuwih milihna tibatan akhérat, mangka Allah bakal nyiksa kalawan genep macem siksaan, nyaéta : tilu siksaan ditibakeun di dunya sarta tilu lianna di akhérat.
Anapon tilu siksaan anu ditibakeun di dunya:
1. Angen-angen nu euweuh tungtungna
2. Wewelek, teu kungsi ngarasa sugema (qona'ah),
3. Dicokot ti manéhna kaamis ibadah. Sedengkeun tilu siksaan anu ditibakeun di akhérat:
1. Kasieun dina poéan kiamat,
2. Hisab anu pohara,
3. Kaduhung nu teu manggih tungtung.

√Nashoihul Ibad

DUNYA TÉH GURAWÉS

قَالَ النَّبِيُّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ اَيُّهَا النَّاسُ اِنَّ هَذِهِ الدُّنْيَا دَارُ التِّوَاءِ لَا دَارُاسْتِوَاءٍ مَنْزِلُ تَرَحٍ لَامَنْزِلُ فُرَحٍ فَمَنْ عَرَفَهَالَمْ يَفْرَحْ لِرَخَاءٍ وَلَمْ يَحْزَنْ لِشِدَّةٍ اَلَاوَاِنَّ اللهَ خَلَقَ الدُّنْيَا دَارَبَلْوَى وَالْلآخِرَةَ دَارَعُقْبَى فَجَعَلَ بَلْوَى الدُّنْيَا لِثَوَابِ الْآخِرَةِ وَثَوَابَ الْآخِرَةِ مِنْ بَلْوَى الدُّنْيَا عِوَضًا فَيَأْخُذُ لِيُعْطَى وَيَبْتَلِىْ لِيُجْزَى فَاحْذَ رُوْاحَلَاوَةَ رَضَاعِهَا لِمَرَارَةِ فِطَامِهَا وَاهْجُرُوْ الَذِيْذَ عَاجِلِهَا لِكُرْبَةِ آجِلِهَا وَلَا تَسْعَوْا فِى عُمْرَانِ دَارٍقَدْ قَضَى اللهُ خَرَابَهَا وَلَا تُوْاصِلُوْهَا وَقَدْاَرَادَ مِنْكُمْ اِجْتِنَابَهَا فَتَكُوْنُوْ الِسُخْطِهِ مَتَعَرِّضِيْنَ وَلِعُقُوْبَتِهِ مُسْتَحِقِّيْنَ .

Parantos ngadawuh Nabi Sholallahu 'alaihi wasallam:
"Héy sakabéh jalma, kanyahokeun ku anjeun yén dunya ieu téh tempat anu gurawés, lain tempat anu rata. Dunya éta tempat susah, lain tempat pikeun suka bungah. Mangka sing saha anu nyaho kaayaan dunya anu sabenerna, manéhna moal galumbira kalawan kasuburanana, manéhna moal nalangsa sabab katibaan cocoba. Ingétkeun, saéstuna Allah geus nyiptakeun dunya ieu tempat ujian, sedengkeun akhérat/surga nyaéta nagari tempat jalma-jalma anu ngabogaan nasib anu alus, mangka Allah ngajadikeun musibah di dunya minangka ganjaran di akhérat, sarta Allah ngajadikeun ganjaran akhérat sawaréh ti musibah dunya minangka gagantina (lamun sabar). Mangka lamun jalma éta sabar, tangtu manéhna dibéré ganjaranana, lamun manéhna teu sabar kana cocoba, manéhna disiksa. Ku ayana kitu, sing ati-ati ngarasakeun amisna dunya, lantaran mindeng pegatna kani'matan dunya ieu anu téréh, sabab rék meunang kaduhung di akhérat, sarta ulah anjeun kalalanjoanan teuing ngareuah-reuah dunya nu geus ditetepkeun ku Allah bakal ilang, sarta ulah ogé anjeun gumantung ka manéhna sedengkeun Allah miwarang anjeun pikeun ngajauhanana. Ku kituna, anjeun jadi jalma-jalma anu diantepkeun ku Allah, sabab Allah mikangéwa. Sedengkeun anjeun kaasup jalma-jalma anu anu ngabogaan hak nampa siksaan ti MantenNa." (HR. Addailami)

Nashoihul Ibad - 45

Jumat, 21 Oktober 2016

TONG NGANGLUH!

Rasulullah SAW ngadawuh:

مَنْ اَصْبَحَ وَهُوَ يَشْكُوْ ضِيْقَ الْمَعَاشِ فَكَأَنَّمَا يَشْكُوْ رَبَّهُ وَمَنْ اَصْبَحَ لِاُمُوْرِ الدُّنْيَا حَزِيْنًا فَقَدْ اَصْبَحَ سَاخِطًا عَلَى اللهِ وَمَنْ تَوَاضَعَ لِغَنِيٍّ لِغِنَاهُ فَقَدْ ذَهَثَ ثُلُثَا دِيْنِهِ.

"Sing saha anu isuk-isuk geus ngangluhkeun kahésé hirupna (ka papada jalma), mangka hartina manéhna geus ngangluhkeun Allah. Sarta sing saha nu isuk-isuk geus ngarasa hésé ku urusan duniawina, mangka hartina manéhna geus mikangéwa ka Allah sapada harita. Sarta sing saha nu mamandapan ka jalma beunghar lantaran nempo hartana, mangka saéstuna geus leungit dua pertilu agamana."

Ilaharna, urang mah lamun usaha keur hésé atawa rugi, sok riweuh bébéja ka ditu-ka dieu, nepi ka salembur pada nyaho. Tapi dina waktuna meunang kauntungan, ngadedempés. Ngangluh ka papada jalma ngeunaan kahésé hirup, éta cicirén urang teu ridlo kana pangbagéan ti Allah. Nalangsa ku kahéséan hirup, hartina urang geus ambek ka Allah, teu ridlo kana papasténNa, teu sabar kana cocoba, jeung teu iman kana qodarNa. Saéstuna sakabéh nu tumiba di alam dunya, éta teu leupas tina qodo jeung qodarNa.

Pidawuh Tuan Syékh Abdul Qodir Zailani:

لَابُدَّ لِكُلِّ مُؤْمِنٍ فِى سَائِرِ اَحْوَالِهِ مِنْ ثَلَاثَةِ اَشْيَاءَ : اَمْرٌ يَمْتَثِلُهُ وَنَهْيٌ يَجْتَنِبُهُ وَقَدَرٌ يَرْضَى بِهِ.

Saban mu'min teu weléh aya dina tilu kaayaan, nyaéta :
1. Ngalaksanakeun paréntah Allah.
2..Ngajauhan pihulag Allah.
2. Rido kana qodo sarta Qodar.

Nashoihul Ibad - kaca 9

Kamis, 20 Oktober 2016

AOSAN SABA'DA SHOLAT FARDU

Dina hiji dinten, Abu Bakar Asy-Syibli sumping ka Ibnu Mujahid. Mangka Ibnu Mujahid ngagabrug sarta ngambung taarna.
Lajeng, anjeunna ditaros, "Naha bet midamel kitu?"
Ibnu Mujahid ngawaler, "Abdi tos ngimpén, ningal Nabi ngambung Abu Bakar Asy-Syibli. Abdi naros, 'Naha Nabi midamel kitu ka Asy-Syibli?' Nabi ngawaler, 'Saéstuna anjeunna teu sapati-pati sholat fardu, anging maos dua ayat ieu saatosna:

لَقَدْ جَآءَ كُمْ رَسُوْلٌ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ عَزِ يْزٌ عَلَيْهِ مَا عَنِتُّمْ حَرِ يْصٌ عَلَيْكُمْ بِالْمُؤْ مِنِيْنَ رَءُفٌ رَّ حِيْمٌ . فَإِنْ تَوَلَّوْا فَقُلْ حَسْبِيَ اللهُ لَآ اِلَهَ اِلَّا هُوَ عَلَيْهِ تَوَكَّلْتُ وَهُوَ رَبُّ الْعَرْشِ الْعَظِيْمِ .(التوبة : ١٢٨-١٢٩)"

Ngadangu kitu, Abu Bakar Asy-Syibli maos sholawat :
صَلَّى اللهُ عَلَيْكَ يَامُحَمَّدُ

Mugia Allah ngawuwuhan RohmatNa ka  anjeun, yaa Muhammad).

Ibnu Mujahid lajeng naros ka Asy-Syibli ngeunaan nu sok diaos saba'da sholat, sarta Asy Syibli nyarioskeun sapertos nu tos disebatkeun ku Rosulullah SAW, nyaéta maos surah Attaubah ayat 128-129.

Nashoihul Ibad - Kaca 8

Rabu, 19 Oktober 2016

ANAK SÉTAN

Dicarioskeun ku Sayyidina Umar ra. :

إِنَّ ذُرِّيَةَ الشَّيْطَانِ تِسْعَةٌ : زَلِيْتُوْنُ وَوَثِيْنٌ وَلَقُوْسٌ وَاَعْوَانٌ وَهَفَّافٌ وَمُرَّةٌ وَمَسُوْطٌ وَدَاسِمٌ وَوَلْهَانٌ فَاَمَّا زَلَّيْتُوْنَ فَهُوَ صَاحِبُ اْلاَسْوَاقِ فَيَنْصِبُ فِيْهَا رَايَتُهُ وَاَمَّاوَ ثِبْنٌ فَهُوَصَا حِبُ اْلمُصِيْبَاتِ وَاَمَّا اَعْوَانٌ فَهُوَ صَاحِبُ السُّلْطَانِ وَاَمَّا هَفَّافٌ فَهُوَ صَاحِبُ الشَّرَّابِ وَاَمَّا مُرَّةٌ فَهُوَصَاحِبُ الْمَزَامِرِ وَاَمَّا لَقُوْسُ فَهُوَ صَاحِبُ الْمَجُوْسِ وَاَمَّا الْمَسُوْطُ فَهُوَصَا حِبُ اْلاَخْبَارِ يُلْقِيْهَا فِى أَفْوَاهِ النَّاسِ وَلَا يَجِدُوْنَ لَهَا اَصْلًا وَاَمَّا اَلدَّاسِمُ فَهُوَ صَاحِبُ اْلبُيُوْتِ إِذَادَخَلَ الرَّخُلُ الْمَنْزِلَ وَلَمْ يُسَلِّمْ وَلَمْ يَذْكُرِاسْمَ اللهِ تَعَالَى اَوْقَعَ فِيْمَا بَيْنَهُمُ الْمُنَازَعَةُ حَتَّى يَقَعَ الطَّلَاقُ وَاْلخُلْعُ وَالضَّرْبُ وَاَمَّا وَلْهَانُ فَهُوَ يُوَسْوِسُ فِى اْلوُضُوْءِ وَالصَّلَاةِ وَاْلعِبَادَاتِ .

Saéstuna ari turunan sétan, éta aya salapan: Zalitun, Watsin, Laqus, A'wan, Haffaf, Murroh, Masuth, Dasim, sarta Walhan.

1. Zalitun, ngabogaan pancén ngagoda di pasar-pasar supaya ngabarohong, ngurangan timbangan, jeung sajabana.

2. Watsin, ngabogaan pancén ngagoda nu keur kakeunaan musibah (balai) supaya aral.

3. A'wan, ngabogaan pancén ngagoda pamaréntah supaya dzholim, korupsi, leuwih mikirkeun kapentingan sorangan jeung partéyna tibatan kapentingan rahayat.

4. Haffaf, ngabogaan pancén ngagoda supaya jalma mararabok, nginum arak jeung ngalebokan narkoba.

5. Murroh, ngabogaan pancén ngagoda supaya jalma resep kana musik jeung lalaguan nu matak mopohokeun éling ka Allah.

6. Laqus, ngabogaan pancén ngagoda kaom Majusi.

7. Masuth, ngabogaan pancén pikeun ngagoda jalma supaya resep ngagosip, pabéja-béja nepi ka teu puguh ti mana mimitina éta béja. Kiwari, dina jaman meuweuh sosméd, kacida gampangna jalma "share" warta nu sipatna provokatif, ngajejeléh, fitnah, nguar-nguar aéb batur, jeung sajabana.

8. Dasim, ngabogaan pancén ngagoda di imah-imah. Ku kituna, lamun salaki datang, teu uluk salam sarta henteu deui nyebutkeun asma Allah. Manéhna ngagedurkeun seuneu pipaséaeun, nepi ka jadi tholak, khulu', jeung KDRT.

9. Walhan, ngabogaan pancén pikeun ngawas-waskeun dina wudhu, sholat, sarta ibadah-ibadah nu lianna.

Minggu, 16 Oktober 2016

Fikmin "NGADAGOAN NU NGAJURU"

Teu genah cicing. Leumpang bulak-balik hareupeun lawang rohang bersalin. Pikiran cus-cos. Melang ka pamajikan jeung ka orok nu rék dijurukeunana.
"Éa..., éa...!" Kadéngé sora orok ti jero. Buru-buru nyampeurkeun ka deukeut panto. Kulutrak, panto aya nu muka. Lol, suster.
"Éta putra abdi?" cekéng. Lunga-lengo ka jero.
"Bojo bapa, saha namina?" Suster malik nanya.
"Éla," gancang dijawab.
"Oh, sanés. Bu Éla mah teu acan."
Lol, suster hiji deui.
"Bapa, carogéna Bu Éla?" Nunjuk.
"Muhun. Kumaha bojo abdi?" teu sabar.
"Kumargi orokna ageung, sesah kaluarna, janten kedah...," teu kebat.
"Tong dicaésar, Bu!" Buru-buru ditémpas. Geus kasawang, pisabarahaeun boa waragadna.
"Teu kedah dicaésar, mung kedah diageungan wungkul palawanganana, digunting. Wios?" Suster imut. Duh, geulis suster nu ieu mah.
"Éy, Si Bapa kalah molohok ditaros téh!" Suster ngagebah.
"Aéh, muhun, wios! Tapi...," balaham-béléhém.
"Tapi naon, Pa?" Suster mencrong.
"Engkin upami ngaputna, nyuhunkeun dilangkungan sakedik..., supados janten langkung sereg dianggona...!" Kuring nutupan beungeut ku kérésék.

Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "DUAAN DEUI"

"Kersa nyarengan Aa, Néng?"
"Pan Aa tos gaduh pasangan panginten?"
"Tos pegat. Kalintang ripuhna geuning hirup nyalira téh, asa kadungsang-dungsang."
"Sami, Aa! Kitu pisan anu karandapan ku abdi, hirup teu gaduh réncang téh meni asa nogéncang...."
"Tapi Aa mah mung sakieu buktosna, naha pantes kitu nyandingkeun salira?"
"Sanés perkawis pantes atanapi teu pantes, nu penting mah urang tiasa silih lengkepan geusan nyorang jalan kahirupan pikahareupeun."
"Duh, bagja temen tiasa réréndéngan sareng salira. Kawitna Aa tos gular-golér teu puguh, ayeuna mah hirup téh karaos aya mangpaatna deui."
"Ah, Aa...! Abdi ogé moal aya hartosna atuh upami mung nyorangan, taya nu nyarengan...."
Sendal capit anu pasanganana geus pegat, ayeuna boga batur deui, sendal kulit anu kari sabeulah. Nu sabeulah deui, béjana kabéngbat ku randa béngsrat.

Fikmin "KAPOROTAN"

Paneuteup nutur-nutur manéhna. Irung mancung, kulit hideung santen, pangawakanana rada montok tapi nyari.
"Ningalikeun waé, ih!" manéhna ngalieuk. "Aa bogoh da ka Enéng!" ngiceupan.
"Éy! Piraku bogoh ka wargi?" nyikikik.
"Wios atuh, kénging ieuh. Nikah, yu!" ngarawél leungeunna.
"Alim, ah!" ngaleupaskeun cekelan.
"Heueuh, mending karawin, lah!" Ibu, indung téré kuring, nyelengkeung ti dapur.
"Alim, Bi! Bonganna kapungkur Enéng diantep!" nyiwit. Kuring ngagurubug.
"Oh, janten Enéng kapungkur bogoh ka Aa?" nyéréngéh.
"Muhun, tapi Aa kalah nikah ka Téh Fatimah!" Lumpat, nyampeurkeun Ibu.
"Puas, siah!" Ibu nyeungseurikeun.
Manéhna téh alona Ibu. Asalna mah, tara mindeng ngawangkong. Ayeuna-ayeuna wé rada deukeut téh, bubuhan kulawargana ngeusian imah bapa nu di sisi sawah.
"Néng...!" kuring ngelol ti lawang dapur.
"Alim! Piraku Aa duda, Enéng parawan? Ta u'u, wéw!" ngabegégan.

Isukna, kuring ngopi di tukangeun imah, sakalian rék megat manéhna. Uleng mikir, ngatur stratégi. Kadéngé aya sora motor. Rét.
"Dadaaah, Aa...!" manéhna gugupay, diboncéng ku lalaki.

Fikmin "KABIASAAN"

Ti saprak lulus SMU, Uhé lugah-ligeuh. Rék kuliah, euweuh biayana. Bur-ber ngasong-ngasong lamaran, tapi can aya nu ditarima.
"Mending milu gawé jeung mamang wé, yu!" Mamangna nu karék balik ka lembur, ngajakan.
"Damel di mana, Mang?" Haripeut.
"Di peternakan hayam, teu kudu maké surat lamaran sagala, lah! Daék...?" Mencrong.
"Oh, muhun. Kersa!" Uhé bungangang.

Mimiti asup gawé, Uhé dibéré pancén purah meresihan kandang hayam. Beuteungna murel, teu kuat ku bau. Awak ararateul. Gawé karasa ripuh.
"Hé, hayu urang dahar heula!" Mamangna ngajakan botram, basa jam istirahat.
"Moal, ah!" Uhé gideug. Di kandang hayam anu bau, bujeng-bujeng napsu barangdahar. Ngong, adzan Lohor. Uhé bingung. Rék sholat, tapi bajuna kalalotor. Ngaheruk. Nalangsa. Mélaan dunya, nepi ka ninggalkeun kawajiban.

Sabulan gawé, Uhé ngarasa betah. Geus teu murel deui ngambeu bau tai hayam. Awakna geus tara arateul deui. Botram di kandang hayam, geus teu geuleuh deui. Ninggalkeun sholat ogé, geus teu nalangsa deui.

Fikmin "GUPAY PILEULEUYAN"

Teu, teu boga karep rék sulaya. Tapi ieu rasa, geus meruhkeun pogotna kasono ka manéhna. Rasa nu geus lila ngancik, ngajadikeun kuring teu genah cicing.
"Néng, hapunten.... Sanés Aa ilang kaasih, mung Aa asa teu sanggem...," karasa aya nu nyelek dina tikoro.
"Naha Aa teu hawatos ka abdi, bet badé téga ngantunkeun...?" Aya nu ngalémbéréh tina nétrana.
"Hirup mah kedah réalistis, geulis!" malieus, nyamunikeun kingkin.
"Abdi nampi sakumaha ayana Aa," ngaranggeum leungeun.
"Aa terang. Mung..., Aa alim nyesahkeun Enéng. Wayahna, nya, Aa seja amit mundur," ngaleupaskeun cekelan leungeunna.
"Aa...!" ngagabrug.
"Sing sabar, geulis! Upami urang ditakdirkeun ngajodo, tangtos pendak deui," ngusapan tonggongna. Lalaunan, dileupaskeun.
"Aa...!" manéhna gugupay. Teu dilieuk deui. Geus teu wasa nandangan rasa nu salila ieu milaraan. Kuring lumpat ka WC umum.

Fikmin "BÉGAL"

Panon Darman jeung Junéd, teu leupas ti motor nu keur ditutur-tuturna. Lebah nu tiiseun. "Éksyen...!" Darman nepak taktak Junéd. Séak, Junéd ngagas motorna. Motor targét dipépéd. Junéd ngangkatkeun sukuna, rék nijek. Engeuh aya bahaya, targét ngagiwar. Ngagas. Motor Junéd galuang-galéong. Bubuhan geus tapis, Junéd bisa ngadalikeun deui motorna. Séak, ngudag deui. Darman ngabar-ngabar samurai. Motor targét kaudag. Sajajar. Habek, samurai nenggel kana tonggong targét. Goak. Galéong. Gubrag.

Wanci ngagayuh ka Subuh, Darman balik ka imahna. Turun tina motor, dadaligdeugan. Keketrok. Kulutrak, pamajikanna mukakeun panto.
"Geuning jiga can saré?" Darman ngadorong motor, rék diampihkeun ka jero imah.
"Nyaéta melang ka Si Ujang, tadi soré bébéja rék ulin ka babaturanna, tapi nepi ka wayah kieu can aya balik waé." Tunga-tengo ka luar.
"Ngaranna gé budak lalaki. Keun baé, tuluy ngéndong meureun!" Darman ngeletek heuay.
"Éh, naha motorna jiga ieu geuning? Panggih di mana jeung Akang?" Pamajikanna ngilikan motor. Darman ngahuleng. Rumpuyuk.

Fikmin "NARARONGTOT"

"Tong diuk di lawang panto, bisi nongtot jodo!" Ema ngajiwir ceuli.
"Éy, naon hubunganana? Mending kénéh nongtot bool tibatan nongtot jodo mah!" Kuring muringis.
"Tong sok gagabah ari ngomong! Budak ayeuna mah, mun dibéjaan ku kolot téh ngan némbal waé. Kabiasaan!" Ema molototan.
"Muhun, abdi mah budak ayeuna, budak baréto mah pan Ema!" Nyikikik. Ema gogodeg.

Cipanon ngembeng. Ras, ka waktu harita. Rumasa, kuring sok ngarempak pihulag kolot. Nyapirakeun kana kecap pamali. Boa-boa kusabab éta pisan, kuring bolay waé rék kawin téh. Kang Obay, diiwat ku babaturan. Geus rék jadi ka Aa Olah, kaburu ditéwak ku Baréskrim. Kang Acép nu geus ngalamar ogé, ujug-ujug ngiles. Duh, aya ku kieu-kieu teuing nasib diri. Babaturan mah geus rangda tilu kali, ari kuring can kawin waé. Éra.
Jaba angen karasa seueul. Panyakit nongtot bool kanceuh deui. Ungsrak-ingsreuk. Tina liang irung, nongtot lého. Sret. Nyusut nu nongtot tina liang ceuli ku kerah baju.

Fikmin "MULANG"

Sataun campleng teu balik ka lembur. Indit mawa kapeurih alatan pegat kaasih. "Rék naon nu diharepkeun ti lalaki lugah-ligeuh modél manéh!" Masih kénéh nongtoréng omongan bapana Érni.
"Matak gé sing merih, kolot mah bélaan tukal-tekil nguliahkeun...!" Ema mépélingan. Haté gilig hayang ngarobah nasib. Ngumbara ka Jakarta, nyiar gawé. Alhamdulillah, ku berkah pidu'a ti indung, kuring meunangkeun pagawéan nu cocog. Gawé soson-soson, nepi ka boga kalungguhan nu meujeuhna.

Sapanjang jalan mulang, pikiran kumacacang. Di punclut kebon entéh nu itu, sok diuk paduduaan jeung Érni. Di tanjakan nu ieu, Érni sok nangkeup mun diboncéng dina motor. Sono nataku. Kasawang bungangangna Érni, ngabagéakeun kuring mulang. Kolotna ogé, piraku teu satujueun ari nempo kaayaan kuring ayeuna mah. Anjog ka lembur. Di hareupeun imah Érni, katempo aya karaméan. Reg. Nyisikeun mobil.
"Aya naon ieu téh?" Nanya ka nu keur ngarariung.
"Éh, geuning Hérdi? Érni, nembé pisan kapendak ngagantung manéh di kamarna."
Leng. Dunya ngadadak mongkléng.

Fikmin "DANGDANAN"

"Mah, pangnyetrikakeun kaméja sareng lancingan heula!" Ardi ngelol ti lawang kamer.
"Anu mana, Pah? Pan anu dina lomari mah, tos kénging nyetrika sadayana." Ani, pamajikanna, nyampeurkeun.
"Bilih kirang rapih, setrika deui wé! Papah énjing badé aya meeting sareng Pa Bupati, nyawalakeun proyék. Tah, sapatu ogé semir sing hérang!" Ngasongkeun sapatu.
"Kaméjana anu hideung, nya?" Ani muka lomari.
"Ih, nu bodas atuh, supados langkung béngras. Nepangan pejabat mah, dangdosan ogé kedah rapih. Upami katingalina teu bonafid, bilih proyékna teu gul." Ardi milu milihan kaméja.
"Énjing-énjing atuh nyetrikana, nya?" Ani nunda baju dina luhur méja.
"Ayeuna wé! Énjing-énjing mah, bilih riweuh teuing. Papah badé sholat Isya heula, pokona wangsul ti masjid kedah tos bérés!" Ardi menerkeun kopéahna nu geus semu beureum. Kencling, indit ka masjid. Dina kaos nu dipakéna, ngajeblag tulisan "Kopi Cap Oplet".