Jumat, 21 Oktober 2016

TONG NGANGLUH!

Rasulullah SAW ngadawuh:

مَنْ اَصْبَحَ وَهُوَ يَشْكُوْ ضِيْقَ الْمَعَاشِ فَكَأَنَّمَا يَشْكُوْ رَبَّهُ وَمَنْ اَصْبَحَ لِاُمُوْرِ الدُّنْيَا حَزِيْنًا فَقَدْ اَصْبَحَ سَاخِطًا عَلَى اللهِ وَمَنْ تَوَاضَعَ لِغَنِيٍّ لِغِنَاهُ فَقَدْ ذَهَثَ ثُلُثَا دِيْنِهِ.

"Sing saha anu isuk-isuk geus ngangluhkeun kahésé hirupna (ka papada jalma), mangka hartina manéhna geus ngangluhkeun Allah. Sarta sing saha nu isuk-isuk geus ngarasa hésé ku urusan duniawina, mangka hartina manéhna geus mikangéwa ka Allah sapada harita. Sarta sing saha nu mamandapan ka jalma beunghar lantaran nempo hartana, mangka saéstuna geus leungit dua pertilu agamana."

Ilaharna, urang mah lamun usaha keur hésé atawa rugi, sok riweuh bébéja ka ditu-ka dieu, nepi ka salembur pada nyaho. Tapi dina waktuna meunang kauntungan, ngadedempés. Ngangluh ka papada jalma ngeunaan kahésé hirup, éta cicirén urang teu ridlo kana pangbagéan ti Allah. Nalangsa ku kahéséan hirup, hartina urang geus ambek ka Allah, teu ridlo kana papasténNa, teu sabar kana cocoba, jeung teu iman kana qodarNa. Saéstuna sakabéh nu tumiba di alam dunya, éta teu leupas tina qodo jeung qodarNa.

Pidawuh Tuan Syékh Abdul Qodir Zailani:

لَابُدَّ لِكُلِّ مُؤْمِنٍ فِى سَائِرِ اَحْوَالِهِ مِنْ ثَلَاثَةِ اَشْيَاءَ : اَمْرٌ يَمْتَثِلُهُ وَنَهْيٌ يَجْتَنِبُهُ وَقَدَرٌ يَرْضَى بِهِ.

Saban mu'min teu weléh aya dina tilu kaayaan, nyaéta :
1. Ngalaksanakeun paréntah Allah.
2..Ngajauhan pihulag Allah.
2. Rido kana qodo sarta Qodar.

Nashoihul Ibad - kaca 9

Tidak ada komentar:

Posting Komentar