Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "DANGDANAN"

"Mah, pangnyetrikakeun kaméja sareng lancingan heula!" Ardi ngelol ti lawang kamer.
"Anu mana, Pah? Pan anu dina lomari mah, tos kénging nyetrika sadayana." Ani, pamajikanna, nyampeurkeun.
"Bilih kirang rapih, setrika deui wé! Papah énjing badé aya meeting sareng Pa Bupati, nyawalakeun proyék. Tah, sapatu ogé semir sing hérang!" Ngasongkeun sapatu.
"Kaméjana anu hideung, nya?" Ani muka lomari.
"Ih, nu bodas atuh, supados langkung béngras. Nepangan pejabat mah, dangdosan ogé kedah rapih. Upami katingalina teu bonafid, bilih proyékna teu gul." Ardi milu milihan kaméja.
"Énjing-énjing atuh nyetrikana, nya?" Ani nunda baju dina luhur méja.
"Ayeuna wé! Énjing-énjing mah, bilih riweuh teuing. Papah badé sholat Isya heula, pokona wangsul ti masjid kedah tos bérés!" Ardi menerkeun kopéahna nu geus semu beureum. Kencling, indit ka masjid. Dina kaos nu dipakéna, ngajeblag tulisan "Kopi Cap Oplet".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar