Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "BÉGAL"

Panon Darman jeung Junéd, teu leupas ti motor nu keur ditutur-tuturna. Lebah nu tiiseun. "Éksyen...!" Darman nepak taktak Junéd. Séak, Junéd ngagas motorna. Motor targét dipépéd. Junéd ngangkatkeun sukuna, rék nijek. Engeuh aya bahaya, targét ngagiwar. Ngagas. Motor Junéd galuang-galéong. Bubuhan geus tapis, Junéd bisa ngadalikeun deui motorna. Séak, ngudag deui. Darman ngabar-ngabar samurai. Motor targét kaudag. Sajajar. Habek, samurai nenggel kana tonggong targét. Goak. Galéong. Gubrag.

Wanci ngagayuh ka Subuh, Darman balik ka imahna. Turun tina motor, dadaligdeugan. Keketrok. Kulutrak, pamajikanna mukakeun panto.
"Geuning jiga can saré?" Darman ngadorong motor, rék diampihkeun ka jero imah.
"Nyaéta melang ka Si Ujang, tadi soré bébéja rék ulin ka babaturanna, tapi nepi ka wayah kieu can aya balik waé." Tunga-tengo ka luar.
"Ngaranna gé budak lalaki. Keun baé, tuluy ngéndong meureun!" Darman ngeletek heuay.
"Éh, naha motorna jiga ieu geuning? Panggih di mana jeung Akang?" Pamajikanna ngilikan motor. Darman ngahuleng. Rumpuyuk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar