Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "KABIASAAN"

Ti saprak lulus SMU, Uhé lugah-ligeuh. Rék kuliah, euweuh biayana. Bur-ber ngasong-ngasong lamaran, tapi can aya nu ditarima.
"Mending milu gawé jeung mamang wé, yu!" Mamangna nu karék balik ka lembur, ngajakan.
"Damel di mana, Mang?" Haripeut.
"Di peternakan hayam, teu kudu maké surat lamaran sagala, lah! Daék...?" Mencrong.
"Oh, muhun. Kersa!" Uhé bungangang.

Mimiti asup gawé, Uhé dibéré pancén purah meresihan kandang hayam. Beuteungna murel, teu kuat ku bau. Awak ararateul. Gawé karasa ripuh.
"Hé, hayu urang dahar heula!" Mamangna ngajakan botram, basa jam istirahat.
"Moal, ah!" Uhé gideug. Di kandang hayam anu bau, bujeng-bujeng napsu barangdahar. Ngong, adzan Lohor. Uhé bingung. Rék sholat, tapi bajuna kalalotor. Ngaheruk. Nalangsa. Mélaan dunya, nepi ka ninggalkeun kawajiban.

Sabulan gawé, Uhé ngarasa betah. Geus teu murel deui ngambeu bau tai hayam. Awakna geus tara arateul deui. Botram di kandang hayam, geus teu geuleuh deui. Ninggalkeun sholat ogé, geus teu nalangsa deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar