Jumat, 09 Oktober 2015

Fikmin "WAKTU"

Diimpleng-impleng, jam salapan isuk téh rék sholat Dhuha. Kaselang ku pagawéan. Éh, kaburu adzan Lohor. Ti isuk ka beurang. Ti beurang ka soré. Ti soré ka peuting. Waktu nyérélékna teu karasa. Hayang ngaderes Al-Qur'an sapoé sajuz, ti taun kamari can kalaksanakeun waé. Satutas sholat Maghrib, tadina mah rék dimimitian, sabari ngadagoan Isya. Pangangguran ngilikan heula hapé. Katempo loba notifikasi éfbé. Tungtungna anteng gogonjakan jeung babaturan. Lat wé poho. Teu karasa, geus jam sapuluh peuting. Sholat Isya bari ngeletek heuay. Reup, peureum.

Hawar-hawar, kapireng adzan Shubuh. Ngahuleng. Geus ngazam hayang hudang janari. Rék sholat Tahajud, Witir wéh karak tilu rakaat mah. Teuing ti jaman mana, angger can kapigawé. Ngulisik. "Ké heula, ah!" Medol simbut. Tibra deui. Nguliat basa panon asa sérab. Gura-giru hudang, sieun kabeurangan sakola. Rék ka kamar mandi. "Aki...!" Aya nu medolan anduk. Ngalieuk. Dua budak leutik ngagabrug. Ménta dipangku. Rét, kana eunteung. Gebeg. Buuk geus bodas kabéh.