Jumat, 07 Juli 2017

FIKMIN "HAPÉ RUKSAK"

Keur anteng mukaan Facebook, sura-seuri sorangan maca pairan-pairan babaturan anu ngabarojég. Torojol Aki Jumanta, tatangga gigireun imah.
"Batan cengar-cengir kitu mah, coba pangngomékeun hapé Aki!" Ngasongkeun hapé.
"Nyurup ka anu gaduhna hapé téh, Ki," cekéng, nyéréngéh. Nampanan hapé.
"Na kumaha, kitu?" Aki Jumanta molohok, teu ngarti.
"Sami-sami jadul...!" Kuring ngagakgak.
"Euh, ka kolot téh kitu, ah!" Seuri, némbongkeun huntuna anu geus coréngcang.
"Naonna nu reksak, Ki?" Ngilikan hapé
"Puguh teu daékeun sada waé, Cép," pokna. Hapé dicobaan. Dipaké nelepon ka operator. Alus, sorana ngoncrang.
"Ah, hapéna mah saé, Ki." Ngabulak-balik hapé.
"Ih, puguh euweuh soraan. Ruksak!" Keukeuh.
"Henteu, Ki. Nembé ku abdi dicobian nelepon, saé." Nyobaan deui hapé. Angger alus.
"Aki meuli hapé ieu téh, bélaan ngajual éntog. Ceuk tadina mah, supaya babari mun budak-budak Aki hayang nelepon nanyakeun kaayaan Aki. Tapi..., geus lila euweuh saurang ogé anu nelepon...." Aki Jumanta carinakdak.
Kuring ngahuleng. Ras.

Minggu, 02 Juli 2017

OPAT PERKARA NU TEU DIPIKANYAHO AJÉNNA ANGING KU OPAT JALMA

Ti Hatim Al Asham ra:

اَرْبَعَةُ أَشْيَاءَ لَايَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَرْبَعَةٌ : اَلشَّبَابُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهُ إِلَّا الشُّيُوْخُ وَالْعَافِيَةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا اَهْلُ الْبَلَاءِ وَالصِّحَّةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَرْضَى وَالْحَيَاةُ لَا يَعْرِفُ قَدْرَهَا إِلَّا الْمَوْتَى .

"Opat perkara nu teu dipikanyaho ajénna anging ku opat jalma, nyaéta: 
1. Kangoraan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus kolot.
2. Kabagjaan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu katibaan balai.
3. Kaséhatan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma anu gering.
4. Kahirupan, ajénna teu bisa dipikanyaho, anging ku jalma nu geus maot."

Nashoihul Ibad