Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "MULANG"

Sataun campleng teu balik ka lembur. Indit mawa kapeurih alatan pegat kaasih. "Rék naon nu diharepkeun ti lalaki lugah-ligeuh modél manéh!" Masih kénéh nongtoréng omongan bapana Érni.
"Matak gé sing merih, kolot mah bélaan tukal-tekil nguliahkeun...!" Ema mépélingan. Haté gilig hayang ngarobah nasib. Ngumbara ka Jakarta, nyiar gawé. Alhamdulillah, ku berkah pidu'a ti indung, kuring meunangkeun pagawéan nu cocog. Gawé soson-soson, nepi ka boga kalungguhan nu meujeuhna.

Sapanjang jalan mulang, pikiran kumacacang. Di punclut kebon entéh nu itu, sok diuk paduduaan jeung Érni. Di tanjakan nu ieu, Érni sok nangkeup mun diboncéng dina motor. Sono nataku. Kasawang bungangangna Érni, ngabagéakeun kuring mulang. Kolotna ogé, piraku teu satujueun ari nempo kaayaan kuring ayeuna mah. Anjog ka lembur. Di hareupeun imah Érni, katempo aya karaméan. Reg. Nyisikeun mobil.
"Aya naon ieu téh?" Nanya ka nu keur ngarariung.
"Éh, geuning Hérdi? Érni, nembé pisan kapendak ngagantung manéh di kamarna."
Leng. Dunya ngadadak mongkléng.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar