Senin, 27 Oktober 2014

#Fikmin "ANU BARENG DI MASJID"

Koréjat, hudang. Inget can sholat Isya. Kasaréan gara-gara wareg teuing ngadahar jomét. Sanajan bari lulungu, maksakeun ngagidig ka masjid. Kobong tiiseun, santri-santri geus talibra. Rada hemar-hemir. Tapi ti kajauhan, katempo Mang Héri keur wudu. Jadi reugreug, aya batur. "Badé netepan tahajud, Mang?" cekéng. Mang Héri teu ngajawab, kalah langsung asup ka masjid. "Iyéy, meni somseu!" ngagerentes.

Bérés sholat Isya, tuluy sholat sunat, dipungkas ku witir. Anteng wiridan, sagala dibaca. Rumasa aya batur. Teu poho maca hijib autad, dihususkeun ka Néng Okoy, béntang kobong awéwé. "Beunang siah ku aing!" ceuleukeuteuk, seuri sorangan. Mang Héri ngalieuk, kuring ngélémés, "Badé ka kobong heula, ngagugahkeun santri," tamba éra.

"Woy, hudang! hudang!" Kuring ngagedoran unggal panto kobong. "Jam sabaraha ieu téh, Mang?" Mang Héri ngelol tina lawang panto kobongna sabari gigisik. "Tabuh op...?" teu kebat, kaburu inget. Gebeg. Bulu punduk ngadak-ngadak pating sariak.

#Fikmin "TRAGÉDI SANTRI"

"Liwetna tempo bisi saat mantén!" Jaéd anu keur ngagures cabé, bawang, tomat, jeung goréng suuk nyorowok. "Urang kekeb wé, nya?" Umar anu karak datang langsung nyampeurkeun kastrol, mébérkeun pelastik diturubkeun kana kastrol terus dibeungkeut ku karét geulang, ditojos saeutik supaya kaluar hawa.

"Kadieukeun bungbuna!" ceuk Bakar sabari ngabahékeun minyak kana katél. Jaéd ngasongkeun coét, bungbu nu geus lemes digebruskeun kabéh, kaambeu seungit. Umar ngeurih-ngeurihkeun témpé, sepi, kentang, jeung bortol anu meunang nyiksikan kana katél  "Teu kudu dikumbah lah, vitamin!" pokna. "Hujah kedul Énte mah!" Bakar nyengir, leungeunna anteng ngoréh-ngoréh bungbu. Kaolahan diMasakoan, dikécapan. Tiluanana karumétap. Menu saka, sakainget.

"Pangompakeun semawarna bisi pareum!" Bakar noél Jaéd. Jaéd ngawaro, ragamang kana kompaan, rada seureudeug, leungeunna antel kana katél panas, "Aaaw!" Jaéd ngagoak, ngejat, katél katénggor, blok bahé, kaolahan amarayah. "Euh!" Tiluanana ngagerendeng méh bareng, arungas-ingus, kaambeu hangit, bau liwet tutung.

Minggu, 26 Oktober 2014

Fikmin "BALADA SANTRI BAONG"

Malem Minggu, bérés sorogan, Jaéd gesat-gesut dangdan, maké calana Levi's anu ngan hiji-hijina, kaosna Posh Boy, meunang tukeur paké jeung Umar, batur sakobongna. Lédot-lédot nyisiran, meni kulimis da béak Tanchona ogé ampir satengah botol. Srot, srot nyemprotan kélék ku Gatsby. Hangit. Diharudum samping, gajleng ngaluncatan pager pasantrén.

Samping dipihapékeun di warung, kopéah ditilepan, dibebeskeun kana kantong calana tukang. Leumpang nikreuh rék nganjang ka Nyi Hindun, teu poho mekel martabak jeung Jarcok keur calon mitoha.

Tengah peuting keketeyepan, kuliwed, sup ka kobong. Katempo Umar geus saré diharudum. "Édun siah, Mar! Nyi Hindun meni méncrang kos néon Philipps, teu percumah déwék bélaan nginjeum duit ka manéh téh, meunang nyium euy, saeutik!" pokna agul sabari ngageubig-geubig nu saré. Teu daékeun cengkat. Peletak ditéké. "Kebluk ilaing mah!" pokna deui. "Naon siah, Jaéd?" nu ngaringkuk cengkat. "Kang Haji...?" Jaéd pias.

Sabtu, 25 Oktober 2014

Fikmin "NGALA JOMÉT"

"Dak, hayu urang tahlilan ka lembur peuntas!" Kadéngé lurah kobong gogorowokan.
"Alhamdulillah, ti mana wé milik mah," gerentes haté.
"Hayu, urang milu!" Kuring tibuburanjat. Buru-buru lumpat ka jarambah, sieun tinggaleun. Keur mah lapar, katambah bekel geus ganggarateun, can aya kiriman ti kolot.

Di tempat anu tahlilan, geus teu puguh rarasaan. Beuteung mingkin peurih, babacaan teu konséntrasi. Ngadu'a karasana meni lila-lila teuing, matak cangkeul aamiin. Kéjo bodas, daging hayam, tumis buncis jeung bihun, kokolébatan dina kongkolak panon.

"Dég, jométna oper-oper, papaykeun!" Babaturan ngaharéwos. Kabeneran kuring diuk pangtengahna, deukeut Mama Ajengan. Jomét dioper-oper, dipapaykeun ka jama'ah anu di luar heula. Hantem dioper, jomét panungtungan béak di babaturan anu gigireun. Kuring ngahuleng. Rungah-ringeuh, teu kabagéan.
"Geus kabagéan can?" Mama Ajengan naros.
"Eu..., atos, Mama..." cekéng, tungkul. Éra rék nyebutkeun can kabagéan téh. Haté mah handeueul.

Jumat, 24 Oktober 2014

#Fikmin "BAGJA"

Nyeri, peurih, eungap, ngagalo jadi hiji, mun kongang mah asa hayang gogoakan di luhur suhunan. Haté ngalenyap mireungeuh anu keur dilamunkeun, aya di tungtung hénpon. "Aa...!" teu kebat kasilih ku eurih-euriheun. Diantep, direureungeukeun. "Enéng kedah kumaha...?" pokna. Hemeng, can kapaham naon maksudna. "Enéng kabur ti rorompok!" Gebeg, melang. "Kunaon, Néng?" kuring némpas. "Énjing kulawarga Kang Anang badé ngalamar. Enéng inggis Kang Anang teu tiasa nampi upami uningaeun kaayaan Enéng anu saleresna!" kadéngé ngagukguk. Ras inget, anjeunna pernah balaka yén tilu taun katukang geus ilang mustika gara-gara digadabah lima lalaki bangkawarah. "Deudeuh teuing, Néng! Aa cinta ka Salira sakumaha ayana, wangsul deui wé ka Aa!" haté ngagerentes, tapi teu wasa ngedalkeunana. "Enéng ayeuna énggal mulih, hawatos bilih sepuh deudeupeun. Upami Kang Anang pameget sajati, tangtos bakal tiasa nampi!" cekéng. Kuring ngagelendut méré pépéling.

Poéan papangantén, karasa ngemplong, ngarasa bagja anjeunna nyanding jeung lalaki soléh, anu leuwih pantes batan kuring.

#Fiksi "ANU NGANJANG"

"Woy kaluar, Siah!" kadéngé sora anu hahaok di luar. "Kumaha atuh, Pa?" Néng Yoan nanya bapana, manéhna ngarasa melang ka Kang Maman, kabogohna. Inget waktu keur bobogohan jeung Kang Dadang,  nepi ka kudu diopname saminggu gara-gara ditandasa ku si Darman, jéger kampung. "Ké, Bapa nelepon heula Pa Lurah!" pokna sabari mencétan hénponna, "Euh, teu aktif!" bapana ngagerendeng, paromanna semu bingung. Prang, kaca jandéla aya nu malédog. Katempo sendal Maman tapak nyiksik, ngagepluk kana handapeun méja. Di luar mingkin blag-bleg. "Wios urang buka wé!" Maman anu ti tadi nyempod, jung nangtung. "Kang...!" Néng Yoan narik leungeunna. "Akang pameget, itu pameget!" Maman neger-neger manéh, haténa mah rada hemar-hemir.

Kulutrak panto dibuka, anu ngariung di luar ngangsreg. "Aya naon, Kang?" tanya Maman rada ngeleper, dina haténa babacaan sabisa-bisa. "Eu...henteu! Ieu, bilih mulihna kawengian, kulem di rorompok abdi, Kang!" Darman ngajawab sabari undur-unduran, ngarasa sebér nempo maung anu ngadangong gigireun Maman.

Kamis, 23 Oktober 2014

#Fikmin "ÉSIH"

"Abdi mah isin, Aa! Ngarumaoskeun sanés jalmi leres, abdi jalmi anu lamokot ku dosa, bénten sareng Aa!" sora Ésih dumareuda, cipanon ngalémbéréh mapay pipina. "Ih, jalmi mah teu aya anu sampurna, pasti aya kakirangan sareng kalangkunganana, kalebet Aa! Nu penting mah urang gaduh paniatan sabari usaha satékah polah pikeun janten jalmi anu bageur. Insya Allah Aa bakal nampi sakumaha ayana Ésih, hayu urang sami-sami silih tuyun kana jalan anu dipikarido ku Allah," cekéng ngayakinkeun. "Sakedap deui Maghrib, ayeuna mah langkung saé Ésih mulih! Aa ogé badé ka Masjid, ba'da Maghrib kedah ngawurukan murangkalih ngaos," sambung kuring deui.

Kaluar ti Masjid ba'da Isya. Beuteung kukurubukan, nagih eusi. Kuring langsung muru ka tukang pecel lélé hareupeun Hotél Sederhana. Sarérét katempo di pakarangan hotél aya awéwé maké pakéan pararungsat keur digéndéng ku lalaki tengah tuwuh. Asa wawuh. Ditelek-telek. Gebeg. "Ésiiih...?" rada ngageter. Karasa aya anu oyag-oyagan dina haté.

Rabu, 22 Oktober 2014

#Fiksi "DIAMPROKKEUN"

"Kamari Bapa ti Cibeber, aya parawan ngaranna Fitri, geulis, bageur, boga usaha sorangan, resep Bapa mah nempona ogé. Geus wé ka éta lah rarabi téh, engké ku Bapa diuruskeun, nyaho bérés wéh!" Bapa ngagebah Kuring anu keur anteng pésbukan. "Atuh ari resep mah, tikah wé ku Bapa, abdi mah moal waka!" Cekéng padu engab. "Weuh kahayang-hayangna Bapa manéh atuh éta mah!" Ibu norojol ti dapur langsung néngtéréwélang. Kuring ngaléos sabari nyenghél ninggalkeun anu keur paloba-loba omong.

Lain teu hayang rarabi, tapi asa ku bararosen wawawuhan jeung awéwé téh, mindeng teuing teu jadina. Geus sababaraha kali aya nu ngamprok-ngamprokeun, asa teu pas waé kana lelembutan, komo diasongan anu suksa-séksi mah, lain kabita ieuh, kalah sebel nempona ogé. Sakalieun Kuringna daék, awéwéna anu embungeun, pédah Kuring geus aya umur meureun, padahal mending ka nu geus aya umur daripada ka nu geus euweuh umur mah, sieun!

"Punten badé tumaros, dupi bumina Pa Ujang palih mana nya, Kang?" Gebeg, koréjat, jeblag, Kuring tijengkang tina bangku anu keur didiukan. Engap-engapan, keur ngalamun ujug-ujug kagareuwahkeun. Jung cengkat tuluy malik, ngadon olohok, calangap nempo anu tadi nanya. "Ih Akang, ditarosna téh kitu, tadi jujumpalikan, ayeuna kalah calangap, kadé bilih aya laleur!" Pokna sabari nyikikik. "Reuwas atuda, Néng!" Cekéng ngélémés. "Punten atuh, dihaja! Akang uninga bumina Pa Ujang?" Tanyana deui. "Ari Enéng saha?" Kuring malik nanya, rada curiga boa-boa Pamajikan Bapa anu ngora. "Iyéy, ditaros kalah malik naros! Abdi Fitri ti Cibeber, kamari téh Pa Ujang mesen kayu ka abdi, tuh ayeuna ku abdi dikintun!" Pokna, nunjuk treuk di sebrangeun jalan. "Oh, Pa Ujang mah atuh pun Bapa, mangga ku abdi dijajap!" Kuring ngajawab sabari malik nukangan, leungeun duanana dikejetkeun, yess! Haté bungangang  pinuh ku pangharepan, sumanget ngiringkeun anu geulis.

#Fiksi "ASIH NU LEUIR JADI"

"Néng, Aa mah moal seueur saur, Aa dongkap ka dieu dijurung ku paniatan anu clik putih clak hérang, seja nuturkeun sunah Rosul! Saupamina Enéng keresa, hayu urang sami-sami meungkeut asih ku tali jatukrami!" Cekéng rada ngadarégdég. "Sumuhun A, Néng nyuhunkeun heula waktos kanggo ngémut!" Néng Siti ngajawab alon ampir teu kadéngé, tetep tumungkul, éstu taya rindat anu matak tibelat.

Teu nyana sikep Néng Siti kitu téh kalah ngondang kapanasaran, asmara mingkin ngabebela, katresna mancawura dina jero dada. Ti harita, cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo, beurang peuting teu weléh didodoho ku kasono.

"Kriiing...!" Kadéngé hénpon disada, ditempo, nomerna teu wawuh. "Assalamu 'alaikum, punten dupi ieu sareng saha nya?" Cekéng. "Wa 'alaikum salam, ieu Umina Siti! Hapunten, Cép! Ku Umi tos diolo-olo tapi kitu geuning Siti ngawalerna, hoyong masantrén heula sataun atanapi dua taun deui mah!" Teu karasa hénpon ragrag, langsung leuleus satulang sandi. Upuy-apay néangan kanébo, nyusut anu ngalémbéréh tina ceuli.

Selasa, 21 Oktober 2014

#Fiksi "CILAKA KU POLAH SORANGAN"

Hujan ngagebrét ti soré kénéh, angin ngagelebug, gelap dor-dar. Rada hemar-hemir, keur mah borangan, katambah Bapa jeung Ema can balik nyaba, kapegung hujan tayohna mah. Pes listrik pareum, jantung ratug. Upuy-apay rék néangan lilin. Rekét, geblug. Sora aya nu ngageblugkeun jandéla. Ngarandeg, bulu punduk pating sariak. "Hihihihi...!" Kadéngé aya anu nyikikik ti kamar. Gebeg. Jeduk, suku tikudawet kana panto, awak nyoloyong, jedak tarang neunggar juru méja. Ngalelempréh, sirah ranyud, késang ngoprot. "Hihihihihihi...!" Nu nyikikik di kamar mingkin maceuh. Jantung mingkin ratug tutunggulan, panon dipeureum-peureumkeun, karasa aya anu haneut dina calana.

"Hihihih...iwak péyék, iwak péyék nasi jagung...!" Sora ti kamar kadéngé deui. Ngahuleng. "Haram jadah!" Cekéng, jung nangtung sabari nyengir ngararasakeun tarang anu buncunur, leumpang rada égang muru ka kamar, gap kana hénpon anu hurung kénéh, katempo tulisan 5 panggilan tak terjawab, 1 sms belum dibaca.

Minggu, 19 Oktober 2014

#Fiksi "KATURUG KATUTUH"

Malem minggu, sok sanajan girimis bari jeung teu boga duit, Jang Odon maksakeun ngayonkeun rasa sono ka Nyi Léha, bébénéna urang Lembur peuntas. Duit 50 rébu ladang ngagadékeun calana lépis kameumeut dibeulikeun Sampoerna Mild sabungkus keur manéhna, Djaroem Coklat sabungkus keur calon mitoha lalaki, martabak sabungkus keur calon mitoha awéwé supaya araranteng, sésana dibeulikeun bénsin, keur Nyi Léha mah cukup ku mekel permén relaxa ogé atoheun.

"Assalamu 'alaikum!" Jang Odon uluk salam. "Wa 'alaikum salaam, éh Jang Odon, mangga kalebet!" Ma Édoh, indungna Nyi Léha muka panto ngabagéakeun, panonna ngarérét kana bungkusan anu dijingjing ku Jang Odon. Jang Odon surti, song ngasongkeun bungkusan martabak "Mangga hatur lumajeng, ieu martabak kanggo Ema, sareng ieu roko kanggo Abah!" pokna ngasongkeun bungkusan jeung roko. "Ih nuhun pisan Jang, kabeneran ti tadi Abah manyun waé teu boga ududeun!" Mang Jumanta, bapana Nyi Léha norojol nyampeurkeun sabari nyokot roko.

Ma Édoh anteng cacamuilan ngadahar martabak, Mang Jumanta ngelepus udud bangun ni'mat naker. Ari Jang Odon ngan lengo deui, lengo deui alak-ilik, naha Nyi Léha can kaluar waé ceuk pikirna. "Ema mah rék saré ah, Jang! Ari geus wareg téh sok tuluy tunduh!" ceuk Ma Édoh. "Abah ogé ah, karunya Ema bisi tiriseun!" Mang Jumanta mairan. "Mangga Ema, Abah...tapi ari Nyi Léha ka mana geuning teu acan kaluar waé?" Tanya Jang Odon panasaran. "Haar pan geus tilu peuting ngéndong di Tétéhna anu anyar ngajuru, cenah rék maturan babantu sabulan mah!" Témbal Ma Édoh. Jang Odon ngahuhuleng, awakna ngadadak lungsé "Anjir téh, mun nyaho kitu, martabak jeung roko moal dibikeun! Rugi aing, ngamplop teu parasmanan!" gerentes haténa keuheul asa dilejokeun, tuluy amitan sabari rada baeud.

Jang Odon balik bari teu eureun-eureun gugurutu, bajuna jibrug da hujan kalah ngagedéan, palebah kebon panjang anu jauh ka ditu ka dieu motorna gagaléongan, ditempo ban motorna kempés. PUAS!!!

Jumat, 17 Oktober 2014

#Fiksi "JODO PASTI PAPANGGIH"

Di pangkalan ngan tinggal kuring sorangan, babaturan mah
keur nararik kabéh, tiiseun pisan poé ieu mah ngojég téh, ti
isuk can meunang panumpang hiji-hiji acan. Tamba
ngalamun, hahariringan sabari ngabayangkeun Préity Zinta,
artis India paporit kuring keur gutak-gitek "Har Ghadi Badal
Rahi Hai Roop Zindagi. Chaanv Hai Kabhi, Kabhi Hai Dhoop
Zindagi. Har Pal Yahan, Jee Bhar Jiyo. Jo Hai Sama Kal Ho Na
Ho...".

"Chaahe Jo Tumhe Poore Dil Se. Milta Hai Woh Mushkil Se. Aisa
Jo Koi Kahin Hai. Bas Wohi Sabse Haseen Hai. Uss Haath Ko
Tum Thaam Lo. Woh Meherbaan Kal Ho Na Ho...". Kadéngé
sora awéwé nuluykeun lagu anu keur dinyanyikeun ku kuring.
Dilieuk. Gebeg! "Néng Emprééét...? Éh Néng Préity?" Cekéng
sabari olohok. "Sumuhun, Akang!" Jawabna sabari imut.
Jeblag, kuring ngajengkang tina jok motor. "Akang kunaon?"
Néng Emprét ngahudangkeun kuring anu oséh-oséhan.
"Reuwas lah Néng, imut Enéng ngajantenkeun jantung Akang
ngageter lir diinggeungkeun lini 7 skala richter!" Kuring
ngaluarkeun jurus gombal-gémbol. "Tapi, ké...ké...ké...naha
Enéng tiasa basa sunda?" Tanya kuring panasaran. "Ih
Akang, pan abdi aslina mah ti Legok Hangseur, kawitna
ka India téh janten TKW, mung kaleresan ageung milik, nya
tungtungna mah janten artis. Ayeuna abdi nembé tiasa
mudik, hayu atuh jajapkeun, Kang!" Pokna teu leupas ti imut,
katempo kempotna lir liang undur-undur. "Oooh, hayu lah
siap!" Rikat kuring nyetater motor, clak Néng Emprét naék.

Motor maju ngageuleuyeung rada gagaléongan da kuringna
geumpeur, nincak logak, gubrag. Labuh patindih-tindih,
buru-buru cengkat tuluy ngasongkeun leungeun, Néng Emprét
nampanan leungeun kuring, hudang tapi kalah tikoséwad,
buru-buru ditéwak, Néng Emprét nyampay dina dada kuring,
paamprok teuteup. Jedud. Belenyéh Néng Emprét imut "Akang
kasép ih, mirip Shah Rukh Khan, Néng bogoh da!" Pokna. "Ah
Enéng mah tiasa waé heureuy téh, piraku deui bogoh ka
tukang ojég? Ari Akang onaman ti orok kénéh ogé tos bogoh
ka Enéng!" Cekéng ngaluarkeun jurus kadua. "Suwér ih,
upami Akang leres bogoh ka Enéng mah, sakantenan ayeuna
hayu tepangan pun Bapa!" Néng Emprét ngayakinkeun. "Siapa
takut?" Kuring ajrag-ajragan tuluy koprol.

Néng Emprét diboncéng nangkeup pageuh, aya ku éndah,
babarengan nyanyi "Laakh Sambhalo Paagal Dil Ko. Dil Dhadke
Hi Jaaye. Par Soch Lo Iss Pal Hai Jo. Woh Dastaan Kal Ho Na
Ho..."

#Fiksi "JAUH PANYANGKA"

Waktuna dirapalan geus nyantek. Ukur itungan menit. Ngadon nyuuh kana bantal. Cimata nu geus nyitu, budal. Kacipta nyerina Kang Dédén, ngabayangkeun kuring dirapalan. Heubeul hahadéan, ari ayeuna kalah dikawinkeun ka batur. Keuheul ka kolot sorangan. Masih katempo ngaherukna Kang Dédén, waktu kuring balaka rék dikawinkeun.

"Abdi hapunten, Kang! Sepuh maksa, abdi kedah nikah ka jalmi nu teu kantos kenal heula...!" cekéng.

"Wayahna tampi ku ati wening, ulah baha ka sepuh! Jodo, pati, bagja sareng cilaka, sadayana rusiah Allah...!" pokna, bari ngusapan. Ti harita pleng, les. Euweuh deui béjana. Kang Dédén, lir diteureuy belegbegna peuting. Lebeng.

"Néng, énggalkeun siap-siap! Tuh pangantén pameget tos sumping...!" sora Ema ngagebah lamunan. Ema diteuteup. Kalah imut leleb.
"Gusti, aya ku téga indung téh...!" ngagerendeng, keuheul.

"Sumangga, acara salajengna nyaéta gunting pita! Ka calon pangantén istri, supados mapag dina kaca-kaca...!" panata acara awong-awongan. Jedud. Leketey. Leumpang digéndéng, diaping ku kadang warga. Leuleus satulang-sandi. Nu kabayangkeun ukur Kang Dédén. Tumungkul, teu sudi padeuleu teuteup jeung lalaki nu can wawuh. Nepi ka réngsé gunting pita, teu kungsi pateuteup. Teu apal rupana calon salaki.

Réngsé sérén-sumérén, dituluykeun kana akad tikah. Diuk émok cabok, angger tiung sina nuruban, teu suka nempo calon salaki.

"Mangga ijab qobul...!" sora panghulu lir gelap salésér. Ngong sora calon salaki.

"Abdi nampi nikah ka....!" sora calon salaki ngoncrang. Gebeg. Wawuh. Sora nu salila ieu dipicangcam. Rét. Gebeg.

"Kang Dédén...?" cekéng, satengah nyorowok. Kang Dédén ukur unggeuk. Rét ka Bapa, Ema, dulur-dulur. Kabéhanana marésem.

#Fikmin "MULANGKEUN KANYERI"

"Saleresna mah Mamih téh isin, Cép! Tapi duka ka saha deui badé nyuhunkeun tulung. Ti saprak Papih ngantunkeun, Mamih sareng Si Enéng katalangsara diusir ku putra-putra kawalon Mamih, dugi ka ayeuna suntrang-santrung teu puguh dumuk. Hapunten, rumaos Mamih dosa ka Encép...!" pokna. Ngagukguk, ceurik.

Asa sugema. Haté surak, hayang mupuas. Anu dipiharep, ahirna laksana. Bisa mulangkeun kanyeri ka urut mitoha anu baréto nundung ti imahna, maksa megatkeun duriat jeung pamajikan alatan kuring mulan-malén nganggur. Tapi dipikir deui, asa ngahelas nempo kaayaanana. Anu baréto ginding téh, ayeuna mah kucel jeung rudin. Haté mimiti sabil.

"Anu atos mah atos wé, Mih! teu kedah diémut-émut deui, teu kedah isin da Mamih téh sepuh abdi! Kaleresan abdi ogé nyalira di rorompok, teu aya réncang. Mangga, anggap wé di bumi Mamih nyalira!" cekéng. Rét, ka popotongan anu ti tadi tungkul. Kabeneran cengkat. Paamprok teuteup. Belenyéh, imut. Seeer. Geter anu baheula, ayeuna karasa deui.

#Fikmin "KABELEJOG"

Teu genah cicing. Rét deui-rét deui kana érloji. Inget, poé ieu téh boga jangji rék manggihan Nancy anu wawuh di pésbuk. Gap, kana hénpon. Neuteup foto profilna. Geulis, keur imut manis. Matak deungdeuleueun. Rurusuhan nepungan dunungan. Ménta idin aya kaperluan kulawarga.

Kring."Diantos di café Cinta, méja nomer 13. Abdi tos ngantosan!" sms ti Nancy. "Muhun, Akang nuju otéwé." Sumanget. Nyetater motor sabari hahariringan.

Katempo aya awéwé keur diuk nukang di méja nomer 13. Keteyep, disampeurkeun lalaunan. Meungpeunan panonna ku dua leungeun. "Hayoooh, ieu saha?" cekéng. Ngagareuwahkeun. "Kang Jacky!" pokna. Malik. Gebeg. "Kang Jaka...!" rada nyorowok. "Néngsih...?" kuring colohok, nempo pamajikan.

#Fiksi "NYANDUNG"

Lédot-lédot nyisiran buuk anu kamari meunang nyemir, dangdak-déngdék sabari hahariringan tembang Déwa 19 "Senangnya dalam hati, kalau beristri dua...téréléng!" teu kebat da kaburu inget paur kadéngéeun ku indung budak nu keur popolah di dapur. "Papiiih, badé mumuluk heula moal? ieu Mamih ngadamel nasi goréng tapi teu disanguan da sanguna séép!" Sora pamajikan nongtoréng badis sora hitut dina sééng. "Moal Mih, engkin wé bilih kasiangan, Papih pan badé seminar téa ka Jakarta!".

Celengok nyium tarang pamajikan anu jenong, semu bau haseum. "Papih badé sabaraha dinten seminarna?" tanya pamajikan meni képo. "Lah paling samingguan" cekéng. Céwéswés nyetater mobil, katempo tina sepion pamajikan rada juba-jebi, sabodo ah jius ngagas mobil meulah kota Bandung nu masih kénéh jempling.

Nepi ka kantor tibang nékenan surat-surat anu diasongkeun ku sekertaris, tuluy peupeujeuh mun aya anu nanyakeun titah di béjakeun seminar ka Jakarta. Geus kitu mah belesat wéh nuju ka imah Néng Geugeu nu geus kokolébatan waé dina kongkolak panon, mana teuing méncrangna maké kabaya bodas, buukna dipapaés ku manglé, ah ari ku duit mah teu hésé geuning hayang meunangkeun abégé téh.

Jol ka imah Néng Geugeu geus loba jalma, kuring uluk salam tuluy asup, gék diuk hareupeun panghulu jeung calon mitoha, katempo calon mitoha semu anu bingung, ah égépé! Sabadana panghulu biantara, tuluy pangantén awéwé digeroan titah ngaréndéng jeung kuring, asa rada anéh, Néng Geugeu asa ngalintuhan jeung tungkul waé diharudum ku tiung. Waktuna ijab kobul, kalawan sora anu tenang "Nampi abdi nikah ka...!" ngarandeg, sarérét katempo indung suku Néng Geugeu kékéongeun, ah asa piraku! Rada tanggah, rét ka gigireun. Gebeg! Katempo pamajikan molotot "Oh, kieu nyah seminar téh? Balik siah kasebelan!" Pokna ngajiwir ceuli kuring bari digusur ka luar. Sémah-sémah tibang arolohok bari tingkucuwes.

#Fikmin "PETENGNA PANGHAREPAN"

Anteng neuteup bulan sapasi di wiati, pipikiran sumoréang ras ka mangsa nu katukang, karasa pating sérédét, batin ngageunggeuik, haté ceurik balilihan.

"Hapunten A, sok sanaos kanyaah abdi tan wates wangenan, abdi ogé percanten kana wening asihna Aa, namung dalah dikumaha da geuning sepuh abdi teu panujueun kana hubungan urang!" pokna dumareuda. "Naha Néng? Pan Aa teu acan pendak-pendak acan sareng sepuh Enéng?" cekéng rada ngeleper. "Abdi wawartos yén Aa tos duda, Bapa langsung nyarékan laklak dasar, majar naon anu tiasa diharepkeun ti Aa, mantak janten duda ogé hartosna tos gagal janten imam kulawarga! Ku abdi tos dijelaskeun namung Bapa keukeuh teu onggét-onggét!" Néng Lusi ngagukguk. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, awak leuleus satulang-sandi, harepan ancur burakrakan

Rét kana surat ondangan anu ti tadi ngagogolér, karasa aya anu peurih dina kongkolak panon. Neuteup deui wiati, bulan sapasi geus teu némbongan, peuting karasa mingkin peteng, kabayangkeun diri sakaparan-paran mapay jalan sorangeun sorangan deui.