Jumat, 17 Oktober 2014

#Fiksi "JAUH PANYANGKA"

Waktuna dirapalan geus nyantek. Ukur itungan menit. Ngadon nyuuh kana bantal. Cimata nu geus nyitu, budal. Kacipta nyerina Kang Dédén, ngabayangkeun kuring dirapalan. Heubeul hahadéan, ari ayeuna kalah dikawinkeun ka batur. Keuheul ka kolot sorangan. Masih katempo ngaherukna Kang Dédén, waktu kuring balaka rék dikawinkeun.

"Abdi hapunten, Kang! Sepuh maksa, abdi kedah nikah ka jalmi nu teu kantos kenal heula...!" cekéng.

"Wayahna tampi ku ati wening, ulah baha ka sepuh! Jodo, pati, bagja sareng cilaka, sadayana rusiah Allah...!" pokna, bari ngusapan. Ti harita pleng, les. Euweuh deui béjana. Kang Dédén, lir diteureuy belegbegna peuting. Lebeng.

"Néng, énggalkeun siap-siap! Tuh pangantén pameget tos sumping...!" sora Ema ngagebah lamunan. Ema diteuteup. Kalah imut leleb.
"Gusti, aya ku téga indung téh...!" ngagerendeng, keuheul.

"Sumangga, acara salajengna nyaéta gunting pita! Ka calon pangantén istri, supados mapag dina kaca-kaca...!" panata acara awong-awongan. Jedud. Leketey. Leumpang digéndéng, diaping ku kadang warga. Leuleus satulang-sandi. Nu kabayangkeun ukur Kang Dédén. Tumungkul, teu sudi padeuleu teuteup jeung lalaki nu can wawuh. Nepi ka réngsé gunting pita, teu kungsi pateuteup. Teu apal rupana calon salaki.

Réngsé sérén-sumérén, dituluykeun kana akad tikah. Diuk émok cabok, angger tiung sina nuruban, teu suka nempo calon salaki.

"Mangga ijab qobul...!" sora panghulu lir gelap salésér. Ngong sora calon salaki.

"Abdi nampi nikah ka....!" sora calon salaki ngoncrang. Gebeg. Wawuh. Sora nu salila ieu dipicangcam. Rét. Gebeg.

"Kang Dédén...?" cekéng, satengah nyorowok. Kang Dédén ukur unggeuk. Rét ka Bapa, Ema, dulur-dulur. Kabéhanana marésem.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar