Jumat, 17 Oktober 2014

#Fiksi "NYANDUNG"

Lédot-lédot nyisiran buuk anu kamari meunang nyemir, dangdak-déngdék sabari hahariringan tembang Déwa 19 "Senangnya dalam hati, kalau beristri dua...téréléng!" teu kebat da kaburu inget paur kadéngéeun ku indung budak nu keur popolah di dapur. "Papiiih, badé mumuluk heula moal? ieu Mamih ngadamel nasi goréng tapi teu disanguan da sanguna séép!" Sora pamajikan nongtoréng badis sora hitut dina sééng. "Moal Mih, engkin wé bilih kasiangan, Papih pan badé seminar téa ka Jakarta!".

Celengok nyium tarang pamajikan anu jenong, semu bau haseum. "Papih badé sabaraha dinten seminarna?" tanya pamajikan meni képo. "Lah paling samingguan" cekéng. Céwéswés nyetater mobil, katempo tina sepion pamajikan rada juba-jebi, sabodo ah jius ngagas mobil meulah kota Bandung nu masih kénéh jempling.

Nepi ka kantor tibang nékenan surat-surat anu diasongkeun ku sekertaris, tuluy peupeujeuh mun aya anu nanyakeun titah di béjakeun seminar ka Jakarta. Geus kitu mah belesat wéh nuju ka imah Néng Geugeu nu geus kokolébatan waé dina kongkolak panon, mana teuing méncrangna maké kabaya bodas, buukna dipapaés ku manglé, ah ari ku duit mah teu hésé geuning hayang meunangkeun abégé téh.

Jol ka imah Néng Geugeu geus loba jalma, kuring uluk salam tuluy asup, gék diuk hareupeun panghulu jeung calon mitoha, katempo calon mitoha semu anu bingung, ah égépé! Sabadana panghulu biantara, tuluy pangantén awéwé digeroan titah ngaréndéng jeung kuring, asa rada anéh, Néng Geugeu asa ngalintuhan jeung tungkul waé diharudum ku tiung. Waktuna ijab kobul, kalawan sora anu tenang "Nampi abdi nikah ka...!" ngarandeg, sarérét katempo indung suku Néng Geugeu kékéongeun, ah asa piraku! Rada tanggah, rét ka gigireun. Gebeg! Katempo pamajikan molotot "Oh, kieu nyah seminar téh? Balik siah kasebelan!" Pokna ngajiwir ceuli kuring bari digusur ka luar. Sémah-sémah tibang arolohok bari tingkucuwes.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar