Minggu, 31 Mei 2015

Fiksi "UHÉ JADI MUBALIGH"

Pédah kaluaran pasantrén, Uhé dititah méré tausyiah dina acara tabligh akbar engké peuting. Sirah Uhé karasa ranyud, mikiran kumaha pipetaeun. Rék nolak, éra. Ari dicumponan, teu nyaho naon anu kudu ditepikeun. Rumasa, salila di pasantrén, loba kénéh saré tibatan ngajina. "Tapi, ké heula anan ari kudu kuméok méméh dipacok mah," gerentesna.

Cunduk kana waktuna. Satutas sambutan-sambutan, protokol biantara, "Mangga, waktos sinareng tempat disanggakeun ka Ustadz Uhé Assakaséf kanggo maparin tausyiah...!"
Uhé naék ka panggung. Hadirin kaleprok.
"Assalamu 'alaikum warahmatullahi wabarokaatuh...!" sora Uhé agem.
"Wa 'alaikum salam warohmatullahi wabarokaatuh...!" hadirin ngajawab ragem.
"Bapa-bapa, ibu-ibu, tos uninga naon nu badé didugikeun ku kuring?" Uhé nanya heula.
"Teu acaaan...!"
"Euh, upami teu acan uninga nanaon mah, matak capé  nerangkeunana atuh. Wassalaam...!" Jrut, Uhé turun ti panggung.
Panitia bingung, piraku pangajian kudu teu jarat mah. Antukna ngolo deui Uhé supaya nuluykeun ngajina. Hadirin dibadamian. Lamun Uhé nanya deui, kudu ngajawab atos.
Uhé naék deui ka panggung. Satutas uluk salam, Uhé nanya kos tadi deui, "Tos uninga atanapi teu acan kana naon nu badé didugikeun ku kuring?"
"Atooos...!"
"Euh, ari tos uninga sadayana mah, kanggo naon diterangkeun deui ku kuring. Wassalaam...!" Uhé turun deui ti panggung.
Panitia paciweuh. Ngolo deui Uhé. Hadirin dibadamian. Lamun Uhé nanya, bapa-bapa kudu ngajawab atos, ibu-ibu ngajawab teu acan.
Uhé naék deui ka panggung. Satutas uluk salam, keukeuh masih kénéh nanya anu sarua,
"Bapa-bapa, Ibu-ibu, tos uninga naon nu badé didugikeun ku kuring?"
"Atooos...!" jawab bapa-bapa.
"Teu acaaan...!" ibu-ibu réang.
"Oh, ari kitu mah gampang. Nu tos uninga, kedah ngawartosan ka anu teu acan uninga. Anu teu acan uninga, tong isin-isin naros ka anu tos uninga. Wassalaam...!"

Fikmin "NU LAPAR"

Mang Dudu ngabaheuhay di saung deukeut kebonna. Karék bérés pisan ngawadang. Sangu jeung lauk sepat pamahanan pamajikanna, nyésa kénéh dina rantang. Keur teu napsu barangdahar. Pikiranna kumalayang. Ras, ka Udin, anak nu ngan hiji-hijina. Dididik ti leuleutik, tapi teu daék waé ngawaro. Pagawéanana téh, ngan ulin jeung ulin. Nu dipikahariwang pisan, Udin teu daék sholat. "Lah, Bapa gé nu jujungkelan waé sholat, hirupna ripuh!" Kitu ngomongna lamun dititah téh. Mang Dudu ngaréngap jero. Geus saminggu Udin teu balik, teuing ka mana.

Rentang-rentang, katempo aya nu leumpang rarampéolan. Kedepruk, labuh. Disidik-sidik. "Astaghfirullah! Kunaon manéh téh, Din?" Mang Dudu ngagéndéng Udin ka saung. "Uing lapar, Pa! Ti kamari can dahar," Udin ngajawab, leuleus. "Matak gé, ari ulin téh, tong sok kamalinaan! Yeuh, dahar heula!" Mang Dudu mukaan rantang. Jol, anjing nu sok ngajaga kebonna. Ngagogog. Ulal-elél, bangun nu lapar. Mang Dudu ngahuleng. Sangu jeung lauk nu rék dibikeun ka Udin, dibahékeun ka hareupeun anjing.

Senin, 25 Mei 2015

Fiksi "PIMITOHAEUN PIKASEBELEUN"

"Malam Minggu malam yang panjang, malam yang asyik buat pacaran...," Uhé hahariringan. Dangdanan geus rapih. Sisir héjo nogél dina pésak calana tukang. Rék nganjang ka Unah, kabogohna. Ngaluarkeun motor nu teu weléh diudag-udag ku koléktor. Jius, indit. Di satengahing jalan, meuli heula martabak jeung udud keur pimitohaeun. Sésa duitna dibeulikeun kana peremén, keur engké mojok jeung Unah. "Aku réla...aku réla...!" melong lokétna nu geus euweuh eusian.
"Assalamu 'alaikum...!" Uhé uluk salam. "Wa 'alaikum salam...! Éh, Jang Uhé, mangga ka lebet!" Ma Édoh, indungna Unah, muka panto. Panonna ngarérét kana bungkusan anu dijingjing ku Uhé. Uhé surti. "Hatur lumajeng, ieu martabak kanggo Ema, sareng udud kanggo Abah!" ngasongkeun bungkusan jeung udud. "Nuhun pisan, Jang! Kabeneran ti tadi Abah manyun waé, teu boga ududeun!" Bah Jumanta, bapana Unah, nyampeurkeun.
Ma Édoh cacamuilan ngadahar martabak. Bah Jumanta ngelepus udud, bangun ni'mat naker. Uhé lengo deui-lengo deui. Alak-ilik. "Ema mah rék saré, ah, Jang! Ari geus wareg téh, sok tuluy tunduh!" Ma Édoh cengkat. "Abah ogé, karunya Ema bisi tiriseun!" Bah Jumanta mairan. "Mangga, Ema, Abah...tapi ari Unah ka mana, geuning teu acan kaluar waé?" Uhé panasaran. "Haar, pan geus tilu peuting ngéndong di Tétéhna anu anyar ngajuru, cenah rék maturan sabulan mah!" Ma Édoh teu riuk-riuk.

Rabu, 20 Mei 2015

Fikmin "ALKALAMU, PAIS LOHAN"

"Alkalamu, utawi ngaran kalam. Iku
huwa, utawi iya kalam...!" kapireng
sora santri leutik keur sarorogan di
madrasah. Uhé anu api-api muriang
basa dititah ngaji, cengkat. Keteyep, kuliwed ka tukangeun kobong. Gajleng, ngaluncatan pager. Leumpang rusuh, mapay-mapay galengan sawah. "Tos lami, Néng?" haruhah-haréhoh. "Teu acan, nembé ogé lima menitan," Néng Ika tungkul, semu éra.  "Bapa nuju ka mana, kitu?" Uhé culang-cileung. "Nuju ka balong, marab lauk," angger tungkul. Nyasat Uhé susulumputan bobogohan jeung Néng Ika téh, atuda anakna Kang Haji Nasir, guru ngaji anu dipikaajrih. Mun hayang
ngalamar, kudu bisa ngabadalan nyurah Fathul Mu'in heula meureun. Ari Uhé, dadamping ogé can bener.

Uhé diuk usad-ised, ngadeukeutan. Leungeunna jeujeungkalan, rék nyekelan leungeun Néng Ika. Teu kanyahoan, aya nu ngahiuk ti tukangeun. "Wadaw...!" Uhé ngagoak. Adug songkol. Niupan
nu ngageleng beureum dina leungeunna. Ngalieuk sabari muringis. Bréh, Kang Haji Nasir keur
ngulang-ngulang iteuk.

Fikmin "BAGJA"

Rérés sholat berjama'ah, wiridan jeung ngadu'a. Kuring malik, nyanghareup ka ma'mum. Wanoja geulis ngasongkeun leungeunna nu masih kénéh ditutupan ku mukena, dituturkeun ku budak umuran tujuh taun. Nyium leungeun kuring. "Sok, geura buka Al-qur'anna...!" ngusapan sirah budak. Saurang-saurang ngaderes, bari diaping, dibenerkeun makhroj jeung tajwidna. Tuluy kuring muka kitab Safinah, neruskeun hanca Subuh kamari. "Mumulukna badé sareng naon, A?" Si Geulis nanya, basa kuring nutupkeun kitab. "Sareng naon wé, kumaha Ayang...," nyawél gadona. "Éy...!" nyikikik.

Diuk di tepas, ngararasakeun segerna hawa isuk. Langgéor Si Geulis, maké gamis kayas, sakelir jeung jilbab nu nutupan nepi kana dadana. Song, kopi jeung goréng ulén haneut. Diteuteup. "Subhanallah...!" gumerendeng. "Mangga dileueut, meungpeung haneut kénéh!" imut kareueut. "Hatur nuhun. Aa ngaraos bagja, gaduh bojo geulis bari shaléhah kieu...," nyium tarangna. "Ih, abdi nu bagja pisan mah, tiasa kénging pangaping ti Aa. Upami teu dipendakkeun sareng Aa, boa abdi masih aya kénéh di lokalisasi," nangkeup.

Selasa, 19 Mei 2015

AYA CINTA DI SALABINTANA

Angin ngahiliwir, seselelekét kana sela-sela jakét. Sésa girimis nambahan nyelecepna hawa Salabintana. Diuk nyarandé kana tangkal camara, bari nyérangkeun ka jalan. Geus ampir sataun, saban poé Minggu, kuring ka tempat ieu. Nganti-nganti nu can karuhan datangna. Wirda, kawawuhan di facebook. Mimitina inbox-inboxan, tuluy silihtukeuran nomer hapé. Kopdar mimitian, di hareupeun Gedung Joang. Ngawangkong sabari dinner di réstoran Jalur. Langsung loma, haté ngarasa cocog ka manéhna. Ti harita, mingkin remen nelepon jeung sms. BBM merul saban waktu. Antukna silihkedalkeun rasa. 18 Mei 2014, jangjian deui di tempat ieu, di panto gerbang Taman Rékréasi Salabintana. Ngalelengkur, tapi manéhna euweuh jol waé. Ditelepon, hapéna teu aktif. BBM céklis. Rék disusul ka imahna, tapi teu nyaho alamatna. Karék apal manéhna urang Cisaat wungkul, teuing di lebah manana. Dipaluruh ka Mangkalaya, Cibatu, Cibaraja, Cantayan, teu kapanggih. Diinbox, euweuh malesan, akunna ogé jiga nu tara onlén. Tapi sanajan manéhna geus jalir jangji, teuing kunaon, haté teu bisa dibangbalérkeun. Kasono teu weléh ngadodoho. Geus opat puluh tujuh kali jeung ayeuna, kuring ka tempat ieu, nungguan manéhna.

Wanci ampir sareupna. Kuring cengkat. Awak lungsé. Leumpang ngalénghoy ka warung, tempat kuring mihapékeun motor. Reg, aya mobil eureun hareupeun pisan. Kaca tukangna muka. Rét. Gebeg. "Wirda...?" Jantung ngadadak ratug. Manéhna malieus. Kaca mobil ditutup. Geuleuyeung, mobil maju deui. "Wirda...! Buka! Buka...!" gegedor kana kaca mobil. Mobil angger teu eureun. Diudag bari hantem gegeroan. Mobil mingkin tarik. Kuring teu eureun-eureun ngudag. Kedepruk, labuh. Awak luut-léét késang. Hayang tuluy ngudag, tapi geus leuseuh. Ngalungsar di sisi jalan. "Wirda...!" sasambat. Nempokeun mobil nepi ka ngiles di péngkolan.

Balik ka imah, langsung meubeutkeun awak kana kasur. Ngahéhérang, nempokeun lalangit kamar. Pikiran kumalayang, nginget-nginget kajadian tadi. Tina sorot panon Wirda, kaciri aya buburicakan kasono, tapi naha  sikepna bet kawas nu embung manggihan, matak hemeng. Anteng ngumbar lamunan. Teu karasa, reup kasaréan. Wirda kaimpikeun, keur lulumpatan di Salabintana. Gugupay. Diudag, tapi kalah ngajauhan. Wirda tigebrus ka jungkrang, leungeunna roroésan, ménta ditulungan. Koréjat, engapan rénghap ranjug. "Astaghfirullah...!" ngusap beungeut. Rét, kana jam dingding. Jam dua. Gap, kana hapé. Gebeg. Aya notifikasi inbox ti Wirda. Buru-buru dibuka. "Aa, hapunten abdi...!" sakitu. Kuring ngahuleng, naon maksudna? "Wirda, naha bet alim mendakan Aa? Naha teu hawatos ka Aa nu tos sataun ngantos-ngantos? Aa sono.... Minggu payun, ku Aa diantos di Salabintana. Upami Wirda leres cinta ka Aa, kedah sumping!" ngabales inboxna. Kuniang, hudang. Gidig, ka kamar mandi. Wudlu. Cong, sholat Isya, diteruskeun ku tahajud, istikhoroh, dipungkas ku witir. Ngadu'a, munajat ka Allah, nyuhunkeun bongbolongan kana masalah nu keur karandapan.

Minggu, tanggal 17 Mei 2015, pas sataun tina waktu jangjian jeung Wirda. Anu kaopat puluh dalapan kalina, kuring diuk di handapeun tangkal camara, nungguan manéhna. Nyeri beuheung sosonggéteun, nu ditungguan teu embol-embol. Ngilikan hapé, sugan aya inbox ti manéhna. Lapur, inbox teu dibalesan deui. "Duh, Gusti...!" gumerendeng. Sono nataku. Aya ku rosa ieu rasa. Rasa trésna nu pohara, éstu teu laas ku lawas, teu suda ku mangsa. Dina haté keukeuh yakin, yén Wirda jodo kuring.

Beuteung karasa kukurubukan, ti isuk can kararaban sangu. Rék ka warung téh asa mandeg mayong, inggis kuring indit, Wirda datang. Tapi awak ngalaleper, salatri. Kapaksa ka warung heula, bari angger ngalieukan ka handapeun camara. Di warung, dahar rada rusuh. Rét deui-rét deui ka handapeun camara, tapi Wirda can katempo kalangkang-kalangkangna acan. Bérés dahar, beuteung ngusial. "Duh, baku ari geus kawas cangkurileung téh..!" bingung. Tapi hayang ngising mah teu béda jeung cinta, teu bisa ditahan-tahan. Ngagidig ka WC umum, bari pikiran mah teu jongjon. Kaluar ti WC, satengah lumpat muru ka tangkal camara deui. Bréh, aya mobil nu Minggu kamari ditumpakan ku Wirda.

Buru-buru lumpat, nyampeurkeun mobil. "Wirda, buka...!" ngetrokan kaca mobil. Lalaunan kaca mobil turun. Jantung karasa ratug, dag-dig-dug lir dulag lebaran. Bray. Nu salila ieu dipikasono, nampeu hareupeun. Éstu asa ngimpi. Wirda imut, tapi paromanna ngungun. Malieus. "Wirda, Aa sono...! Ka mana waé atuh, bet nembé mendakan ayeuna...?" ngarongkong leungeunna, dikeukeuweuk. Teu karasa cipanon murubut, poho dikalalakian. Wirda ngalieuk bari nyusutan cipanonna ku tisu. "A, hapunten abdi...!" dumareuda. "Sok atuh nyarios, aya naon nu saleresna?" kuring mukakeun panto mobil. Gék, diuk gigireunna. Lila euweuh jawaban. Wirda tungkul, nutupan beungeut ku dua leungeunna. Diantep heula, nungguan leler. "Néng, Mamang badé ka warung heula, nya?" supir Wirda meupeuskeun kasimpé. "Muhun, Mang! Engkin ku abdi digentraan upami atos mah," sora Wirda alon. "Aéh, hapunten, Mang! Wios Wirda mah dijagaan ku abdi," cekéng. Karék engeuh aya supir Wirda diuk di jok hareup.

"Sok atuh nyarios, naha waktos harita Wirda teu sumping ka dieu? Padahal upami alim mah, kantun nyarios ka Aa...!" ngaranggeum leungeunna. "Saleresna abdi teu gaduh maksad jalir. Waktos harita, abdi mios seja nepangan Aa, mung...," ngagukguk. "Mung naon, geulis...?" teu sabar, hayang nyaho naon anu sabenerna kajadian. "Motor abdi nabrak angkot nu ngerém ngadadak...," eurih-euriheun. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un...!" kuring ngoréjat, reuwas. "Hapunten abdi, A...!" Wirda neuteup ceuleuyeu. Panonna beureum balas teu eureun-eureun ceurik. "Naha teu aya nu ngawartosan ka Aa? Terasna kumaha...?" nyusut cipanon Wirda. "Abdi teu émut di bumi alam, saurna saminggu teu sadarna ogé di rumah sakit. Sepuh abdi teu acan aya nu uningaeun ka Aa, kumargi abdi teu acan sempet wawartos, pan kawitna saatos urang pendak di dieu, nembé badé nepangkeun Aa ka sepuh abdi," Wirda ngarandeg ngalalakonna. Regot, nginum heula. "Ayeuna wé Aa mendakan sepuh Wirda, sakantenan ngalamar," kuring nyium leungeunna. "Hapunten, A! Langkung saé Aa milari istri nu sanés, abdi teu pantes kanggo Aa...!" Wirda gideug. Cipanonna murubut deui. "Naha? Wirda teu cinta ka Aa, atanapi...Wirda tos gaduh nu sanés?" karasa aya nu nyelek dina tikoro. "Henteu, A! Abdi cinta ka Aa.... Saleresna abdi sok ka dieu saban Minggu ningalikeun Aa, mung abdi teu sanggem mendakan...," ngeluk. "Naha Wirda bet téga kitu? Na teu hawatos ka Aa...? Tuh, tingali! Aa tos nyiapkeun cingcin, kalung, sareng génggé kanggo Wirda ti waktos harita. Dianggo, nya?" ngaluarkeun kotak rarangkén tina pésak jakét. Wirda gideug, usad-ised mundur. Tapi kuring maksa, ngarawél leungeunna. Cingcin diasupkeun kana jarijina. Wirda pias, basa kuring nyekel génggé. Mingkin merod. Kuring nyingkabkeun erokna nu ngagapuy. Rék nyekel sukuna, tapi ngeplos. Apay-apayan ka luhur, angger euweuh. Kuring ngahuleng. "Sampéan abdi diamputasi, A...! Matak langkung saé Aa milari istri nu sanés!" Wirda gogoakan, ngacak-ngacak buukna. Ku kuring buru-buru dicekelan. "Deudeuh teuing, geulis...! Cinta Aa teu kawatesan ku fisik, Aa nampi sakumaha ayana Wirda...!" nangkeup pageuh.

Jumat, 15 Mei 2015

Fikmin "BATU ANTIK"

"Éta batu nu aya gambar Nyi Roro Kidulan, nepi ka samiliar hargana!" Ibro gogodeg.
"Wah, piraku, Bro? Duit kabéh éta téh?" Uhé calawak. Geleber, aya laleur asup kana sungutna. Blem. Leg. "Untung uingah resep," gerentesna.
"Enyaan, campur kararas meureun duitna! Tah, baca wé ku sorangan!" Ibro ngasongkeun hapéna.
"Ckckck...enya wé geuning, euy! Uing ogé boga batu antik mah, aya gambaran ucing keur ngajol," anteng ngilikan hapé.
"Nu bener, Bel? Jual atuh, supaya manéh bisa buru-buru ngalamar Si Unah!" Ibro ngoréjat.
"Ciyus, uingah tara ngawadul kakapeungan, ih! Boga opat nu kitu mah!" Uhé nyéréngéh.
"Keur uing atuh hiji!" Ibro ngasongkeun udud.
"Heug baé! Najan hayang dua ogé, dibéré ku uing!" nunjuk udud dina biwirna. Ibro rikat mangnyeungeutkeun.
"Kumaha kelir batuna?" Ibro mencétan punduk Uhé.
"Bulao, aya mérekan sagala!" Uhé peureum beunta bakating ku genah. Eureuleu, teurab.
"Aya mérekan...? Naon mérekna?" Ibro ngahuleng.
"Eveready...!"

Rabu, 13 Mei 2015

Fikmin "KATUMBIRI"

Hujan raat. Pononpoé némbongan deui. Bréh, aya nu melengkung ti tungtung gunung. Beureum, konéng, héjo. Éndah. Anteng diteuteup. Bray.

"Cinta Aa ka Enéng, éstu tan aya wates wangenan. Namung Aa ngarumaoskeun, saha ari diri Aa...?" neuteup héhérang panonna. "Nu dipiharep ku Enéng, pameget sholéh anu tiasa janten imam, nuyun Enéng ka jalan anu dipikaridoNa. Enéng yakin, pameget éta téh Aa," imut kareueut. "Aa kantos gagal...," tungkul. "Gagal sanés mangrupikeun aéb. Nu aéb mah, upami kagagalan éta teu dijantenkeun pangajaran kanggo kahirupan pikahareupeun. Enéng nampi sakumaha ayana Aa," ngaranggeum leungeun. Angin ngahiliwirkeun hariring asih. Kembang-kembang harepan mangkak.

Poé siilihbaganti. Trésna karasa mingkin rosa. Jol. Rumanggieung. "Hapunten, Aa...! Enéng teu tiasa baha kana kahoyong sepuh...," ngusap nu ngalémbéréh kana bareubeu damisna. Katumbiri ngahiang éndahna, kasilih ku umyang layung soré harita. Leungeun ngeleper, teu wasa nampa surat ondangan ti manéhna.