Senin, 24 Agustus 2015

Fikmin "MÉHONG"

Di jalan, Uhé niténan saban jalma nu kabeneran pasarandog. Anéh, beungeutna téh mararéhong.
"Jang, aya nu méhong dina beungeut manéh. Burukeun geura sibeungeut!" Uhé nepak budak leutik nu keur maén kaléci. Budak nurut. Indit ka pancuran.

Di pos ronda, katempo aya riungan barudak ngora. Ku Uhé disampeurkeun.
"Héy! Éta beungeut manéh, manéh, manéh..., mararéhong kabéh!" Uhé nunjuk nu keur ngariung, saurang-saurang.
"Beungeut-beungeut aing, kumaha aing wé!" budak ngora nu awakna busekel, muncereng. Uhé murengked. Ngaléos, satengah lumpat.

Di hareupeun imah Haji Komar, Uhé ngarandeg. Nelek-nelek Haji Komar nu keur ngadaweung di tepas.
"Punten, Pa Haji! Éta aya nu méhong," Uhé nunjuk beungeut Haji Komar. Haji Komar ngarénjag. Capa-cipi kana beungeutna. Sup, ka jero imah. Ngagablogkeun panto.

Anjog ka imah, kasampak aya Ibro, sobat dalitna.
"Éta beungeut manéh méhong, Bro!" Uhé ngagakgak.
"Sarua, beungeut manéh ogé méhong." Ibro ngasongkeun eunteung. Uhé ngahuleng. Mencrong kalangkang beungeutna dina eunteung.

Sabtu, 22 Agustus 2015

Fikmin "PANGLAYAR"

Nurhayati, mojang meujeuhna gumecrot. Jangkung. Geulis. Santriyat pamajikan nu pangnyongcolangna. Imriti jeung Yaqulu mah, geus katalar.
"Yang, kumaha upami Nurhayati urang amprokkeun ka réréncangan Aa?" cekéng, ka pamajikan, basa keur niis paduduaan di tepas.
"Réréncangan Aa nu mana?" pamajikan cengkat tina lahunan.
"Sholahuddin, réréncangan sakobong Aa. Anjeunna tos lami ngaduda, jalmina mah bageur." Nyingraykeun tungtung tiung nu nyampay kana biwirna. Celepot, dicium.
"Éy, Aa...! Bilih katingali ku batur!" pamajikan luak-lieuk.

Abong geus kudu jodona, teu hararésé. Poé ieu, Sholahuddin baris ngadahup ka Nurhayati. Kuring jeung pamajikan nu jadi panglayarna, milu pakepuk di nu hajat.
"Tos tabuh sapuluh, geuning pangantén pameget teu acan sumping waé?" Bapana Nurhayati nanya.
Tring. "Barudak ngamuk, keukeuh urang kudu ruju' deui ka indungna. Hampura, moal bisa datang." SMS ti Sholahuddin. Kuring ngahuleng. Éra. Ambek. Hp ditembongkeun ka pamajikan jeung bapana Nurhayati.
"Gentos ku Aa wé pangantén pamegetna! Abdi rido...," pamajikan noél. Kuring ngahuleng. Reuwas. Bungah.

Senin, 17 Agustus 2015

Ngeunaan Nu Maot Poé Juma'ah

(فائدة) ورد أن من مات يوم الجمعة أو ليلتها أمن من عذب القبر و فتنته وورد أيضا من قرأ قل هوالله أحد فى مرض موته مائة مرة لم يفتن فى قبره وأمن من ضغطة القبر وجاوز الصراط على أكف الملائكة وورد أيضا من قال لا إله إلا انت سبحانك إنى كنت من الظالمين أربعين مرة فى مرضه فمات فيه أعطى أجر شهيد وإن برئ برئ مغفراله غفرالله لنا وأعاذنا من عذاب القبر وفتنته.
)اعانة الطالبين، ج ٢، ص ١٤٤)

Ari ieu hiji faédah: Tos kawarid, yén saenyana saha jalma anu maot poé Juma'ah atawa peutinganana, mangka salamet tina adzab kubur tur fitnahna kubur. Tos kawarid ogé, saha jalma anu maca surat Al-ikhlash (qul huwallahu ahad...) saratus balikan dina mangsa gering saméméh maotna, mangka moal kakeunaan fitnah kubur, jeung disalametkeun tina gencétan kubur, jeung bakal ngaliwat kana shiroth (cukang) dina jangjangna malaékat. Tos kawarid ogé, saha jalma anu maca laa ilaaha illa anta subhanaka inni kuntu minadzhdzholimiin, opat puluh balikan, tuluy maot dina éta geringna, mangka bakal dipaparin ganjaran maot syahid. Jeung lamun cageur, mangka cageur kalawan dihampura dosana.
Mugia Allah ngahapunten ka urang sadaya tur ngaraksa tina adzab kubur katut fitnahna.

*I'anathuththolibiin, juz 2, kaca 144.

Sabtu, 15 Agustus 2015

Fikmin "NGADU JAJATÉN"

Gesat-gesut dangdan. Memener kopéah. Dangdak-déngdék hareupeun eunteung. Jeprét, sélfie heula. Kulutrak, mukakeun panto kamer.
"Assalamu 'alaikum...!" sémah nu lalaki nyium leungeun kuring.
"Wa 'alaikum salam...!" Méré isarah, sémah nu awéwé ulah antel sasalamanana.
"Abdi ti lembur Cipangisangan. Dongkap ka dieu, seja nyuhunkeun tulung ka Pa Ustadz," sémah lalaki ngedalkeun maksudna.
"Si Enéng hésé jodona, nya?" nunjuk sémah awéwé. Lumayan geulis.
"Sumuhun. Geuning uninga?" sémah kumecrék. Kuring mésem. Ngusapan janggot.

Sila mendeko. Nyeungeut buhur. Rohangan ngebeb. Kuring mapatkeun hizib. Rieg.
"Heeem...!" Si Enéng ujug-ujug ngagerem. Panonna burahay.
"Nyingkah...!" kuring nyentak.
"Moal! Galungan heula jeung aing, siah!" Leungeun Si Enéng ranggah. Gep. Nyekék beuheung. Karasa eungap. Padugeng-dugeng. Kakaraeun, manggih musuh nu kasakténna kawas nu ngancik dina waruga Si Enéng. Kuring ngajengkang. Awak luut-léét késang.
"Lamun hayang aing nyingkah, sia kudu nurut!" Si Enéng molotot.
"Naon...?" kuring ngeleper.
"Nu boga ieu waruga, kudu dikawin ku sia!" ngagakgak.
Rét. Duh, bohay.

Fikmin "1-1"

Neuteup nu diuk di méja hareupeun. Dani, sobat pangdalitna di kantor. Geus asa dulur pet ku hinis. Mindeng silihanjangan. Mindeng ngayakeun acara kulawarga babarengan. "Hampura, lur!" gumerentes. Rumasa dosa, geus nyieun geugeuleuh dina duduluran kuring jeung manéhna. Rumasa kuring héngkér iman, kagoda ku kageulisan jeung kadémplonan pamajikanna.

"Héy, ngalamun waé!" Dani ngagebah. "Éh...," kuring ngélémés. "Urang rék balik ti heula, aya kaperluan ngadadak. Proposal ieu panganggeuskeun, nya!" ngasongkeun map. "Heueuh! Tenang, pagawéan mah dianggeuskeun sanajan nepi ka peuting ogé." Keun baé, itung-itung pamunah dosa ka manéhna. Méméh indit, manéhna mebeskeun sabungkus roko kana kantong kaméja.

Jam tujuh peuting, ngetik proposal karék bérés. Ngahurungkeun printer. "Euh, mangsina béak...!" ngutruk sorangan. Kapaksa kaluar kantor heula. Meuli mangsi téh ngahaja ka toko nu rada jauh, sakalian rék néangan dahareun. Teu kuat, beuteung geus nagih eusi. Rét ka buruan hotél, peuntaseun toko. Gebeg. Atra, pamajikan kuring keur digéndéng ku lalaki. "Dani...?" Tuur ngadadak nyorodcod.