Senin, 21 Oktober 2013

Bulan Sapasi

Neuteup bulan sapasi di langit sukabumi
mencrong sapertos anu nuju nganaha-naha...
ngagerentes ngadugikeun lumengisna haté salira
Naha urang patepang teras kedah paanggang
bongan nyandang kahayang nu biheung kasorang
Mung ukur lamunan nu janten panglayar kasono
impian janten rawayan geusan nepungkeun kahéman
Hapunten jungjunan...
panginten salira ogé ayeuna nuju neuteup bulan sapasi anu sami,
Dina bulan sapasi eunteup asih anu pasini
caangna éstu ngalangkungan purnama
sanaos dunya peteng ku peuting,
cinta urang mabra nyaangan jomantara rasa

Jumat, 18 Oktober 2013

Gagayaan

Teuteup Munggaran Di Péngkolan

Anteng nyawang mangsa ka tukang
waktos harita tepang dipéngkolan
engkang maling neuteup ka salira
singhoréng salira gé sami nuju neuteup
antukna urang paamprok teuteup...
duh lir aya mangpirang jamparing tingbelesur tina soca salira
nurih ati nepi ka abor-aboran katresna...
nya, tresna dina teuteup munggaran...

Tapi duka kumaha bet ku teu wasa nyoara
pabetem-betem,
teu lemék teu nyarék
ngan jajantung nu dulugdugdag kawas dulag lebaran

Ayeuna...
engkang nganti-nganti
susuganan tepang deui
péngkolan nu jadi saksi
gilig jangji dina ati
seja ngedalkeun saniskara rasa...mugia laksana....

Rabu, 09 Oktober 2013

Katumbiri

Hujan cimata geus lekasan
mangsa jol katumbiri mapaésan ati
sugan téh rék éndah salawasna
singhoréng geuning ngan sajongjongan

Simpay harepan udar méméh nyangreud
weningna asih,
seja nu atra bodasna,
teu wasa mupus céda
nu lana tapakna.

Samagaha dina rasa
mawa peteng diri nu sakaparan-paran
nyorang jalan sorangeun...sorangan

Kamis, 03 Oktober 2013

Satia

Jerona laut masih bisa di ukur,
tapi jerona haté moal aya anu bisa ngukur .
Leungit harta banda masih kénéh bisa diganti,
tapi leungit kanyaah moal bisa digunta-ganti .
Biwir meureun bisa ngomong sabodo,
tapi haté mah moal bisa di bobodo .
Néangan barang anu leungit masih kénéh bisa kapanggih ku sapoé,
tapi neangan nu mikanyaah moal cukup ku sapoé.
Nyaah rupa ngan ukur samentara,
tapi nyaah rasa bakal salawasna.
Panceg dina hiji ngaran, hiji haté, hiji jangji, hiji tékad moal incah balilahan, moal unggut kalinduan, moal gedag kaanginan sanajan loba nu mikahéman, moal midua sanajan loba nu hadé rupa...
Nyarita saayana, mitresna saenyana, satia salilana!