Sabtu, 27 Desember 2014

#Fikmin "Rasa Éta"

Waktu mimiti datang rasa éta, teu pati hayang miroséa. "Sabodo teuing, ah! Nu  enggeus-enggeus gé sok jadi manggih kapeurih!" cekéng, gumerendeng. Diantep. Angger anteng neuteup langit peuting anu peteng. Ngahurun balung, dipépéndé ku kasimpé. Tapi mingkin lila, asa mingkin ripuh karasana. Ditahan-tahan, kalah asa kasiksa. Kawas cacing kapanasan, teu genah cicing kahudang ku panasaran. Kitu salah, kieu lain.

Ah, rasa éta téh geuning lir béntang nu mapaésan petengna langit peuting. Éndah. Salah sahiji kani'matan anu dipaparinkeun ku Allah ka makhlukNa. Rasa anu pasti kungsi dirasakeun ku sakabéh jalma. Lah-lahan diayonkeun. Ati-ati, dirarasakeun. Rasa éta mingkin sumarambah. Ni'mat anu teu bisa dikedalkeun ku ungkara basa, teu bisa digambarkeun ku kotrétan péna. Peureum beunta, poho kana sagala rupa. Mungguh napsu anu digugulu, badan anu katempuhan. Kalalanjoanan. Bongan nurutkeun kahayang garoganyang. Antukna lédéh deui. Peurih deui.

Kamis, 25 Desember 2014

#Fikmin "NGAWADUL"

Uhé mamanggul karung, leungeunna nyekelan pangait paranti nyokotan sabangsaning runtah-runtah pelastik. Awak lagedu. Luut-léét késang, kapanasan. Lebah masjid agung, manéhna ngarandeg. Kadéngé sora adzan Lohor. Ngahuleng. "Lamun jadi jalma beunghar mah jongjon meureun hayang ibadah téh, moal mikiran kéjoeun..." gerentes haténa. Nuluykeun lalampahan, nyiar keur saléter-dua létereun béas.

Mobil BMW nyemprung, meulah patalimarga. Uhé nyangsaya dina jok tukang sabari maca koran. Mungguhing hirup, roda dunya muter. Ayeuna Uhé geus jadi pengusaha, boga pabrik pelastik. Hirup sagala aya, usaha keur meumeujeuhna maju. "Burukeun, euy! Aya jadwal meeting, bisi tinggaleun..." Uhé nepak supirna. Hawar-hawar kadéngé sora adzan di masjid agung.

#Fikmin "NGEUNTEUNG"

"Ari manéh téh saha?" Manéhna mencrong.
"Sing bener atuh hirup téh, euy! Manéh téh manusa, mana nu sia? Tong sok adigung hirup mah! manéh téh hina, hina, hina! Mimiti tina cai mani, ahirna jadi bangké, tina geuleuh jadi geuleuh!" mudigdig, napasna réngap ranjug.
"Kudu inget ka purwadaksi, tong sok ngalajur hawa napsu! Anjing budug paéh, ngan saukur bilatungan. Manéh mah manusa, lian ti bilatungan téh kudu nyanghareupan balitungan!" muncereng.
"Kudu kitu, ulah kieu, kos nu heueuh! Ari pagawéan taya pupurieunana. Maksiat ngeureuyeuh, ibadah ditolér-tolér. Lamun isukan manéh paéh, rék kumaha? Geus boga bekel naon ari manéh?" tutunjuk.
"Ari manéh dibéjaan téh kalah ngaléléwéan, pikasebeleun pisan!" molotot. Peureup dibuleudkeun. Jekok, nonjok satakerna.
"Aw...!" Manéhna muringis. Leungeunna baloboran getih, beling amarayah.

Minggu, 21 Desember 2014

#Fikmin "SUÉ"

Ti isuk nguprek ngoméan mobil di béngkél, ngahaja diburu-burukeun. Bébéja ka nu bogana mah karék bisa bérés isukan, padahal supaya bisa dipaké heula nganjang ka Dési, kabogoh anyar. "Boss, mobil badé dicandak wangsul ku abdi, sakantenan ditést bilih aya kénéh nu teu acan leres," cekéng, nyieun alesan. "Heugaé, ngan kadé tah mobil batur, jaba langganan deuih!" dunungan mapadonan.
Dangdan rapih, moal aya nu nyangka kuring montir nu sapopoéna bobolodog ku oli. Ngasms heula ka Dési, "Ayeuna badé otéwé, smskeun alamatna! Urang jalan-jalan nganggo mobil akang anu énggal!"
Mapay-mapay perumahan élit, néangan alamat. Reg, eureun di hareupeun imah gedong. Ngalaksonan. Panto gerbang dibuka ku satpam, rengkuh. "Hayang boga kabogoh anak jelema beunghar mah, ulah éléh gaya!" ngagerentes, sugema ku taktik sorangan. Jrut, turun. Dési kaluar ti imahna, ngabagéakeun. Alak-ilik kana mobil. Kuring ngan saukur mésem. Mobil diusapan, agul. "Naha geuning ieu mah mobil anu bapa?" Dési melong. Gebeg.

Fikmin "QURBAN"

Lebaran Idul Adha. Rérés berjamaah sholat sunat. Ustadz Ohim maca khutbah, "Dina meuncit qurban, urang nyawang kana kajadian rébuan taun ka tukang. Nabi Ibrohim ikhlas tur ridho ngorbankeun putrana pikeun dipeuncit ku panangan anjeunna nyalira. Kitu deui nabi Ismail pasrah sumerah kalawan ikhlas ngorbankeun nyawana demi ngéstu, turut tumut kana paréntah Allah SWT. Allahu Akbar…kacida agungna éta pangorbanan anak jeung bapa..." ngarandeg. "Pamustunganana, Nabi Ismail teu jadi dipeuncit. Kalayan paréntah Allah, nu dipeuncit téh digentos ku domba..." aya nu ngagenclang dina juru panon Ustadz Ohim.

Budal ti Masjid, jama'ah ngariung di buruan anu dijadikeun tempat meuncit sato qurban. Sapi jeung domba ngajajar dicarangcang. Gubrag, nu rék diqurbankeun téh digolérkeun. Direjeng, pada nyekelan. Gérésél, Ustadz Ohim dipeuncit.

Fikmin "ASIH WENING"

Wanci janari, kahudangkeun sms sono ti manéhna, "Aa, geura gugah...!" Nguliat. Wegah, panon asa beurat rék dibeuntakeun. Teu kungsi lila, kirining asih noélan ceuli, "Assalamu 'alaikum...!" pokna. "Wa 'alaikum salam...!" ngeletek, heuay. "Aa tos ka jamban?" leuleuy, ngageterkeun haté. "Teu acan...héhéhé..." cekéng, éra. "Énggalan atuh! Saur Néng ogé teu kénging begadang waé, ih!" kabayangkeun sabari manyun, lucu. "Muhun, ieu ogé badé. Tos, nya..." ngarawél anduk. Ngagidig ka kamar mandi.

Sholat sunat sababaraha rakaat, dituluykeun ngaderes Al-Qur'an. Jadi kabiasaan anyar sanggeus wawuh jeung manéhna. Lain, lain pédah hayang kapajah, tapi éstu didadasaran ku kasadaran. Sok ngahaja ménta dihudangkeun, rumasa kuring mah kebluk. Hésé saré, hésé hudang. Manéhna nu jadi pangjurung sumanget kana ibadah. Kaluhungan élmu tur amalna pisan anu numuwuhkeun katrésna dina jero dada. Karék panggih sakali basa ta'aruf, sapuk jangji moal manggihan deui iwal ti waktuna ngakhitbah. Haté mah geus kumejot hayang geura ngahiji, nyungsi jatukrami, murih ridho Ilahi.

Jumat, 12 Desember 2014

#Fikmin "ELAT"

"Néng, keresa janten bojo Akang? Urang nikah, yu!" Kang Salman nanya. Tungkul, teu wanieun neuteup.
"Hahaha...ari Akang damang? Ujug-ujug ngajak nikah wéh, iraha abdi janten kabogoh Akang?" cekéng, ngagalakgak. Anéh lalaki téh, aya ku polos-polos teuing.
Resep kénéh ka Kang Doddy, pinter ngarayu, sok mahugi, sok ngajak ulin ka tempat-tempat anu romantis.
Sataun bobogohan jeung Kang Doddy. Sok ngahajakeun mapanas mun kaparengan panggih jeung Kang Salman téh, agul boga Kang Doddy nu bageur. 
Tapi geus dua bulan Kang Doddy teuing ka mana. Pleng, les. Ngaleungit lir diteureuy belegbegna peuting.
"Mending ka Kang Salman, kitu?" haté ngagerentes. Sabenerna mah Kang Salman téh kasép, ngan gayana jadul, teu gaul. Tara leupas ti kopéah, kos bapa-bapa. Hantem dipikiran. Tungtungna mah gilig, isukan rék nyampeurkeun Kang Salman. Rék daék dikawin.
"Néng, ieu aya uleman! Minggu payun Salman badé nikah sareng Fatimah!" Mamah ngetrokan panto kamer. Gebeg. Testpack anu aya dua gurat beureuman, ragrag.

#Fikmin "NYAAH KA PAMAJIKAN'

Uhé rék jalan-jalan jeung Onah, pamajikanana. Karék gé jrut ka buruan, panggih jeung Ustadz Ohim anu kabeneran ngaliwat.
"Rék ka mana, Hé?" Ustadz Ohim nanya.
"Badé jalan-jalan ka emol, Pa Ustadz!"
"Ké, ari énté nyaah teu ka pamajikan?" Ustadz Ohim rada babalieuran sabab Onah maké lékmong jeung calana léjing.
"Oh, pasti atuh! Abdi nyaah pisan ka Onah yang tercintah...!"
"Lamun imah énté kahuruan jeung pamajikan énté aya di jerona, rék kumaha?" Ustadz Ohim nanya deui.
"Tangtos abdi badé satékah polah nulunganana, demi cinta!" ngarérét ka Onah, ngiceupan.
"Lamun pamajikan énté ngalakukeun hal anu bisa ngagebruskeun manéhanana kana naraka bari énté ogé milu kabedol ka jerona, rék kumaha?"
"Maksadna kumaha, Pa Ustadz?" Uhé ngahuleng.
"Éta...!" Ustadz Ohim nunjuk Onah.
Uhé ngalieuk ka pamajikanana. Ngahuleng deui. Ngoréjat. Buru-buru ngarawél sepré tina sampayan, dirungkupkeun ka Onah. Regeyeng, dipangku. Satengah lumpat dibawa asup deui ka jero imah. Onah teterejelan.

Senin, 08 Desember 2014

#Fikmin "HAWA NAFSU"

"Nafsu téh lir ibarat orok!" Ustadz Ohim muka wangkongan.
"Oh, muhun...maksadna kumaha?" Uhé gagaro bujur. Pelepes, hitut.
"Euh, Énté mah! Ongkoh muhun, tapi nanya. Matak déngékeun heula! Jeung bau medut deuih, ah!" Ustadz Ohim nutupan irungna ku sorban.
"Héhéhé...punten, kalepasan!" Uhé ngélémés.
"Orok mah pan karesepna ngempéng..." geus calangap, rék nuluykeun.
"Abdi ogé resep!" Uhé némpas.
"Cicing heula!" Ustadz Ohim ngagebés, keuheul.
Uhé murungkut.
"Lamun orok nu keur ngempéng teu disapih, mangka nepi ka gedé ogé bakal tuluy ngempéng!"
Uhé unggut-unggutan.
"Kitu deui hawa nafsu. Lamun teu disengker, nepi ka aki-aki ogé hantem wé maceuh! Mangka kadé hirup ulah rék ngagugu hawa nafsu, sabab saenya-enyana ari nafsu éta hina jeung ngahinakeun!"
Uhé unggut-unggutan.
"Kaharti teu, Uhé?" Ustadz Ohim nepak nu unggut-unggutan.
"Saha nu maot?" Uhé ngoréjat sabari nyusut nu ngadarahday tina juru biwirna.

#Fikmin "WC UMUM"

"Kang, upami tempat kahampangan di palih mana, nya?" Ustadz Ohim nanya ka calo.
"Oh, wc umum? Tuh, di palih ditu, Pa Ustadz!" calo nunjuk ka juru terminal.
Gura-giru Ustadz Ohim nuju ka tempat anu dituduhkeun ku calo.

Nepi ka wc umum, Ustadz Ohim bingung. Tempat kiih lalaki mah geuning kudu sabari nangtung. Kapaksa ditahan sabari moyongkod, milu ngantri di kamar mandi anu kabeneran aya jelemaan.

Rérés kahampangan, karasa ngemplong. Di panto kaluar, manéhna dipegat ku nu jaga.
"Punten, kahampangan kedah naur dua rébu!" ceuk nu jaga.
Ustadz Ohim kalah ngahuhuleng, cipanonna ngeyembeng.
"Upami teu gaduh artos mah, wios teu kedah naur, Pa Ustadz!" nu jaga karunyaeun.
"Sanés kitu, kuring mah asa sararedih! Asup ka wc umum anu sakieu rujitna ogé kudu mayar, komo atuh mun hayang asup ka surga anu kacida éndahna! Amal kuring asa jajauheun kana mahi pikeun mayarna!" Segruk, ceurik.
Nu jaga wc umum gagaro, teu ngarti.

Minggu, 07 Desember 2014

#Fikmin "NGAIT ATI DI CIMINDI"

Fiksi * Ngait Ati Di Cimindi *

Rada wegah dibéré pancén kudu ka Pangandaran téh. Teu parurun nguruskeun pagawéan ari haté keur teu genah mah. "Wayahna, saheulaanan! Mun si Adé geus balik ti Cirebon, kajeun rék nitah manéhna ngagantikeun Énté! Itung-itung sakalian ngababangbrangkeun wé, méh teu inget waé ka si Néni!" Husén, dunungan sakaligus babaturan ngeukeuhan. Apaleun pisan lalakon kuring keur kanyenyerian ditinggalkeun kawin ku kabogoh.

Cék in di Hotél Malabar, hareupeun basisir pisan. Tibang kaluar sakeudeung, ngadon ngopi di Bamboo Café. Tuluy langsung ngaringkeb, teu kaluar-luar deui.
Isuk-isuk nuluykeun lalampahan. Mapay-mapay jalan Pangandaran-Cijulang anu aspalna geus teu katempo. Logak sagedé-gedé pamandian munding. Ti Parigi méngkol ka katuhu, nyokot jalan ka Cigugur. Bras ka Cimindi, mengkol ka kénca.

"Assalamu 'alaikum...!" uluk salam. "Wa 'alaikum salaam...! Aéh, Pa Umar! Tos diantos-antos pisan. Saur Pa Husén aya order énggal?" Pribumi daréhdéh. Pa Adé, supplier baréto, karék dilongok deui.
"Muhun, Pa! Numawi abdi dipasihan pancén ka dieu ogé!" cekéng.
Torojol awéwé nanggeuy baki, mawa kopi jeung kadaharan.
"Mangga, dileueut!" imut, katempo pipina kempot lir liang undur-undur. Kuring molohok, kasima. Jadi inget ka Preity Zinta, teu dipiceun sasieureun. "Nepangkeun, Pa! Rayi abdi nu bungsu, nembé lulus ti Unpad," Pa Adé ngagebah.
"Aéh, muhun," kaéraan. Ngasongkeun leungeun. "Désy...!" sorana handaruan éh halimpu. Ter, awak dadak sakala asa kasetrum.
Kring. "Pagéto Énté balik wé! Si Adé geus datang, isukan rék dititah ka dinya," sora Husén dina telepon. "Kajeun, teu kudu di titah kadieu! Ana moal balik-balik, betah ayeuna mah!" Klik, hénpon dipareuman. Rét ka Dési. Imut deui. Jeblag.

Kamis, 04 Desember 2014

Fikmin "SANTRI KEDUL"

"Bud, hayu ngaji!" Odon ngageubig-geubig.
"Sangeuk, ah! Gembok wé pantona ti luar!" cekéng. Angger ngaréngkol.
"Euh, manéh mah!" Rék nyintreuk ceuli. Ku kuring dikeupiskeun.
Odon nyengir, tuluy ngaléos. Cetrék, panto digembok.

"Mang, ngaraji! Ngaji!" kadéngé Ro'is ngagedoran unggal panto. Palebah kobong kuring mah diliwat. Aya gembok ngagantél, disangkana euweuh sasaha di jero. Aman. Samping sarung diharudumkeun. Ker, kérék.

Asa dina pangimpian, aya nu najongan kana palebah cangkéng. Teu ditolih, bakating ku tunduh. Tapi nu najongan téh teu daékeun eureun, kalah mingkin tarik. Nyel, ambek. "Ari ilaing ngan ngaganggu waé, Sardon...!" Ngoréjat, peureup geus dibuleudkeun. Bréh. Gebeg. Budak hideung molototan, matana burahay beureum. Rey, bulu punduk tingsariak. Gajleng muru panto. Digebrug-gebrug. Pageuh.

#Fikmin "NGANJANG"

Langit angkeub, guludug pating témbalan. Tapi teu matak pugag karep rék nganjang ka manéhna, si madu. Jas hujan ditilepan, dibeungkeut dina jok tukang. Motor digerung-gerung. Jius, indit.

Motor anyar ganti oli, karasa hampang. Apeng-apengan. Kucat-kécot di nu macét. Teu kaop aya angkot ngahalangan, klakson ditabeuh sabari popolotot. Cicurug, Caringin, Ciawi geus kaliwatan.

Nepi ka Bogor, jarum bénsin katempo geus nepi wates beureum, ampir antel kana E. Nyimpang ka pom. "Pul téng!" cekéng. Gumasép, rumasa maké motor gedé. "Dimulai dari nol ya, Pak!" nu jaga pom imut. Unggeuk. "Seratus dua puluh ribu, Pak! Kalo mau isi angin di sebelah sana!" Nunjuk kana tempat komprésor. "Kalo mau buang angin di mana?" nyengir. Leungeun upuy-apay kana kantong tukang. Gebeg. Inget dompét tinggaleun, dina calana nu hiji deui.

#Fikmin "TEU JADI"

Keur anteng ngadaweung di tepas, ngopi sabari ngararasakeun ni'matna udud. Tatangga hareupeun, kaluar ti imahna. Randa méncrang. Maké calana pondok, ka luhurna lékmong. Ngadon senam. Mimitina mah teu pati dipaliré, éra ku kopéah. Tapi barang manéhna dodongkoan, teu kahaja katempo aya nu tinggulantung sagedé mélon. Rey. "Astaghfirullah...!" Ngusap beungeut. Ramo-ramo rada dipéléngékeun, ngintip saeutik. Buru-buru istighfar deui. "Wah, di jero ogé aya nu kitu mah," ngomong sorangan. Jung, nangtung. Rada moyongkod. Aya nu nulak, calana karasa nyeregan.

Sup, ka imah. Cetrék, pantona dikonci. "Mah, Mamaaah...!" ngageroan pamajikan. "Ieu, di pawon!" Pamajikan nyelengkeung. Muru ka dapur. Sirah langleng. Calana mingkin sereg, leumpang mingkin moyongkod. Bréh, pamajikan keur gégéroh. Can mandi-mandi acan. Buukna dibeungkeut ku karét geulang, maké daster belél anu geus tilu poé can ganti. Nu asalna nulak téh ngadadak ngulapés. Calana ngalogoran.

Selasa, 02 Desember 2014

LALAKON KHOLIFAH UMAR JEUNG RAHAYAT LEUTIK

Umar bin Khottob nyaéta saurang pamingpin tuladan, anu apal pisan kapentingan rahayatna. Padahal, anjeunna nyalira hirup dina kaayaan basajan pisan.

Dina hiji wengi, sakumaha biasana Kholifah Umar bin Khottob sok mindeng nguriling "blusukan", nyumpingan rahayatna kalayan rerencepan. Anjeunna mendakan hiji saung leutik anu ti jerona kadéngé sora barudak keur careurik.

Anjeunna nyaketan sarta nengetan kaayaan di jero saung. Tétéla di jero saung éta katingali aya saurang awéwé anu keur olah, sarta diriung ku budak-budakna anu meujeuhna bilatung dulang.

"Dagoan, sakeudeung deui ogé asak!" Éta awéwé hantem ngalelemu budakna, tuluy-tuluyan ngomong yén kaolahan sakeudeung deui asak. Kholifah Umar ngaraos mangkeselkeun, sabab anu diolahkeun ku éta awéwé teu acan asak waé.

Pamustunganana, Kholifah Umar mendakan éta awéwé,
"Naha budak anjeun teu daékeun répéh waé?" taros Kholifah umar.
"Maranéhna lapareun pisan," jawab éta awéwé.
"Naha teu buburu dibikeun éta kadaharan anu keur diolahkeun?" Kholifah Umar naros deui.
"Kuring teu boga dahareun. Éta panci eusina saukur batu, ngan pikeun ngarépéhkeun maranéhanana supaya nyarangka yén éta panci eusina dahareun. Ku ayana kitu, maranehanana répéh sabab carapéeun, tuluy kasarean," jawab éta awéwé.

Haté  Kholifah Umar bin Khottob asa digerihan ngadangu waleran éta awéwé.
Saterusna Kholifah naros deui, "Naha anjeun sok migawé kitu unggal poé?"
"Enya, kuring geus teu boga kulawarga atawa salaki pikeun panyalindungan," jawab éta awéwé. Kholifah ngaraos jantungna lir anu dicentok, haténa mingkin asa digerihan ku hinis.

"Naha anjeun teu ménta pitulung ka kholifah supaya mantuan ku duit baitul mal?" Kholifah naros deui.
"Manéhna geus dzholim ka kuring!" Éta awéwé semu ambek.
"Dzholim...?" Kholifah ngagerendeng, ngarasa hanjelu.
"Enya, kuring kuciwa pisan kana pamaréntahanana! Sakuduna manéhna nempo kaayaan rahayatna, saha nu nyaho loba jalma anu sanasib kawas kuring!" ceuk éta awéwé deui.
Kholifah Umar bin Khottob tuluy ngadeg sabari nyarios, "Dagoan, engké kuring rék buru-buru balik deui ka dieu!"

Dina peuting anu hawana mingkin nyelecep, Kholifah gura-giru ka baitul mal di Madinah. Anjeunna manggul sakarung gedé gandrung dina taktakna, diréncangan ku Ibnu Abbas. Sohabat Ibnu Abbas nyandak minyak samin pikeun olah.
Lalampahan antara Madinah ka imah éta awéwé, kawilang jauh. Dugi ka salira Kholifah Umar luut-léét késang. Ningali kaayaan kitu, Ibnu Abbas nawiskeun pikeun ngagentos Kholifah Umar manggul karung anu dicandakna éta, tapi Kholifah Umar nampik sarta nyarios, "Kuring moal ngantep anjeun nyokot kasalahan-kasalahan kuring jaga di akhérat. Kajeun kuring nu manggul karung gedé ieu, sabab kuring rumasa salah kana naon anu karandapan ku éta awéwé sarta budak-budakna."

Saatos Kholifah sarta Ibnu Abbas dugi ka saung éta awéwé. Sakarung gandrung sarta minyak samin téh dibikeun. Geus teu bisa kacaturkeun deui kumaha bungaheunana éta awéwé. Salajengna Kholifah Umar mapadonan, supaya éta awéwé mendakan Kholifah dina poé isukna pikeun ngadaptarkeun dirina sarta budak-budakna di Baitul Mal.

Poé isukna, éta awéwé sarta budak-budakna indit pikeun mendakan kholifah. Kacida ngajenghokna éta awéwé mireungeuh yén lalaki anu geus nulungan manéhna tadi peuting téh, taya lian kholifahna sorangan, Kholifah Umar bin Khottob.

Buru-buru éta awéwé ménta dihampura kana kasalahanana, nu geus nyangka kholifah dzholim ka dirina. Tapi kholifah Umar keukeuh, ngangken yén dirina anu lepat.

Senin, 01 Desember 2014

#Fikmin "ANU NGUDAG"

"Préén! Prééén...!" Mang Acéng hantem mencétan klakson. Mobil anu hareupeun, eureun teu méré lampu sén heula jaba rada nengah. Tapi supirna angger haré-haré. Kapaksa mundur saeutik, dipéngkolkeun ka katuhu. "Sing eucreug mawa mobil téh atuh, nyét!" Mang Acéng sesengor pas meneran mobil ngaréndéng. "Hus! Tong kitu, Mang!" ngélingan. "Keuheul atuda, A!" Keukeuh ambek. Méméh ngagas, manéhna ngacungkeun peureup heula.

Teu disangka-sangka, mobil téh ngudag. Mang Acéng kaciri rada reuwaseun, mobil dibalapkeun.
"Kadé atuh, Mang! Saur abdi gé naon, jadi piributeun!" Nyekel jok tipepereket, sieun cilaka.
Palebah jalan anu lempeng, mobil kasiap. Dipalangkeun. Cekiiit. Mang Acéng ngerém, paromanna pias. Ngalieuk ka kuring anu keur ngusapan tarang, tidagor kana dashboard.

Tina mobil turun duaan, buukna carepak. "Kaluar, siah!" Nodongkeun péstol. Mang Acéng ngayekyek, kuring ngeleper. Anu saurang ngagedoran kaca mobil palebah Mang Acéng. "Dooor!" Péstol dibekaskeun ka luhur, geus keseleun meureun kaca teu dibuka waé. Kaambeu bau hangseur, calana Mang Acéng katempo baseuh. Aya nu ngucur kana jok. Anu di luar gegedor deui. "Buka wé, Mang!" Cekéng. Rada mandeg-mayong Mang Acéng mukakeun kaca mobil, beungeutna mingkin pias. "Pu...punten wé, Pa...!" Mang Acéng acong-acongan ménta dihampura. "Sayah mah ngudag téh rék ménta seuneu! Ti tadi rék nyeungeut roko euweuh panékérna!" Lalaki nu nyekel péstol ngaluarkeun bungkus roko tina kantong jékétna.