Jumat, 31 Juli 2015

Fikmin "Konci Rezeki"

Langit haté angkeub. Marojéngja. Usaha nété semplék, nincak semplak. Modal ledis, hutang raweuy. Karasa mingkin baluweng, basa kulawarga bébéné geus nanyakeun waé iraha rék ngalamar. Nyobaan upuy-apay deui, ngalalanyahan usaha anyar. Hasilna asa jauh kana pimahieun pikeun hirup duaan, sok komo lamun engké geus batian. Matak lewang. "Aa asa teu sanggem ayeuna-ayeuna, mangga bilih badé nampi pameget anu sanés mah...," cekéng. Malieus, nyamunikeun kingkin. "Abdi nampi sakumaha ayana Aa, asal Aa keresa nuyun abdi geusan murih ridoNa, mapay jalan ka JannahNa. Abdi siap hirup peurih, asal Aa keresa merih, ngagedur sumanget dina usaha," waler Si Geulis. Neuteup geugeut.

Bray. Pikiran caang padang narawangan. Harepan pikahareupeun ngabulungbung. Ku keyeng, usaha mayeng. Milik mirilik, rezeki cur-cor. Teu lila, saba'da kedal ucap, "Qobiltu nikahaha...."

Fikmin "Raja Goda"

Hawar-hawar, kapireng sora nu ngahudangkeun. Ngalanglaung. Kulisik. Hayang beunta, tapi kongkolak panon asa dielém. Cepel. Angin ngahiliwir. Tiris, nyelecep nepi kana sungsuam. Rék cengkat. Hésé. Awak karasa beurat. Beungkeutan tilu tali dina punduk, ngabakutet pageuh. Kulisik deui. "Teu kedah gugah, Cép! Sing jongjon wé...," aya nu ngaharéwos. Ngusapan. Nyimbutan. Haneut.
Nu ngahudangkeun, kadéngé deui. Haté sabil. Manteng, dzikir. "Alhamdullillahilladzi ahyaanaa ba'da maa amaatanaa wa ilaihi nusyur.” Reketek. Jeprut, tali pegat hiji. Jumarigjeug. Koloyong, ka kamar mandi. Wudlu. Jeprut, tali pegat hiji deui. Gidig, ka masjid. Cong, sholat Subuh. Jeprut, tali pegat kabéh. Awak karasa jadi hampang. Cénghar. Pikiran caang padang narawangan.
Nu tadi ngaharéwos, ngajongkéng. Teu lila. Jung, nangtung deui. "Awas, siah! Engké waktuna sholat Lohor, diriweuhkeun ku pagawéan jeung fésbukan!" curukna acung-acungan. Ngancam.

Fikmin "Kuwu Anyar"

Dina pamilihan kuwu anyar, désa Cimanaboa maké cara anu teu ilahar. Rahayat ngajukeun tilu calon: Darman, Bah Wira, jeung Uhé. Pikeun nangtukeunana, lain rahayat anu milih, tapi dipasrahkeun ka Mama Ajengan anu kawéntar wijaksana. "Kuring moal nguji anu hararésé. Aranjeun ngan dipancénan ngadahar kadu, tapi saratna ulah aya nu nganyahoankeun!" Mama Ajengan biantara. Kadu dibagikeun. Anu tiluan arindit.
Cunduk kana waktu anu geus ditangtukeun, tiluanana baralik deui. Madep ka Mama Ajengan. "Abdi neda kadu di punclut gunung anu teu acan kasorang ku manusa," Darman méré laporan pangheulana. "Abdi neda kaduna di lebet guha. Tong boroning manusa, dalah bangsa jin ogé teu acan aya nu kantos nyorang ka dinya," Bah Wira mésem. "Punten, abdi mah teu sanggem...," Uhé mulangkeun kadu. Nu duaan silihrérét. Nyeungseurikeun. "Naha teu sanggup?" Mama Ajengan imut. "Abdi teu mendak tempat anu teu kauninga ku Dzat anu Maha Ningali," Uhé ngeluk.
Rahayat Cimanaboa suka bungah. Ngabagéakeun kuwu anyar.

Fikmin "Salah Sangka"

Napsu ngagedur, amarah teu kawadahan. Ngadéngé béja nu teu disangka-sangka. Néni, kabogoh kuring, asup ka hotél jeung om-om. "Kadongdora, siah! Kos nu heueuh maké tiung, sihoréng ngan paminding wungkul!" Engapan rénghap ranjug. Kalacat, kana motor. Jius, indit ka hotél nu dituduhkeun ku nu méré béja.

Cekit. Reg. Blus, ka hotél. Peureup geus dikeupeulkeun. Ngagedoran panto kamar hotél. Kulutrak, aya nu muka. Lalaki tengah tuwuh. Katempo Néni keur diuk di sisi ranjang sabari ceurik. Nyel. "Aki-aki bangkawarah, siah!" Jekok, nonjok Si Lalaki. Bangkieung, gubrag. Néni ngoréjat. Jejeritan. Muru Si Lalaki. Jung. "Nanaonan sih Akang téh?" Nampiling. "Nanaonan-nanaonan! Manéh nu nanaonan jeung lalaki di kamar hotél? Dasar ungkluk!" Ngusapan pipi. "Ieu mah bapa!" nyentak. "Wah! Pan déwék nyaho bapa manéh mah, unggal nganjang ogé sok ngawangkong!" Ngelepak sirah Si Lalaki. "Ieu bapa asli, nu itu mah bapa téré!" Néni ngadorongkeun dada. Leng.

Fikmin "Ngaji"

Ngadéngé tausyiah Pa Ustadz basa méméh sholat Juma'ah kamari, haté téh asa ngagebeg. Majar, lamun jalma salila opat puluh poé teu datang ka majlis ta'lim pikeun tholab élmu, mangka bakal teuas haténa. Duh, batu ali onaman, teuas ogé aya hargaan. Mun haté kuring nu teuas, rék kumaha? Sedengkeun, kuring geus mulan-malén tara ka majlis ta'lim. Rumasa, kuring mumul pisan kana ngaji téh. Sanggeus nyaho kitu mah, jorojoy aya kereteg hayang ngaji deui.

Dangdan saged, maké samping jeung kopéah. Rék mimitian deui milu hadir minggonan. Leumpang rada rungkag-rengkog. Nepi ka deukeut buruan majlis ta'lim, kalah ngadon ngahuleng. Ari geus lila tara mah, asa éra jolna. "Héy, sinarieun daék ngaji, euy! Biasana gé sok nongkrong di pos ronda ari wayah kieu téh," Mang Udin, nepak taktak ti tukangeun. "Éh, Mang Udin...! Eu...abdi mah sanés badé ngaos, tapi badé mésér kopi." Kuring leumpang rurusuhan ka warung.

Fikmin "Botol"

Uhé keur beberesih di imahna. Barang-barang nu geus teu kapaké, kaasup botol-botol urut, dikumpulkeun.
Torojol Ustadz Ohim.
"Assalaamu 'alaikum...!" uluk salam.
"Wa 'alaikum salaam...!" Uhé nyium leungeun Ustadz Ohim.
"Rék di ka manakeun ieu, Hé?" Ustadz Ohim ngilikan botol.
"Badé di ka tukang rorongsokankeun. Disimpen ogé, mung ngaheurinan wungkul," jawab Uhé.
"Ieu téh botol cai mineral, nya? Mun aya eusian, hargana sabaraha?"
"Muhun. Tilu rébuan, Pa Ustadz!"
"Mun ieu botol dieusian jus buah, hargana sabaraha, tah?"
"Kinten-kinten sapuluh rébuan."
"Mun dieusian madu?"
"Kana ratusan rébu."
"Mun dieusian minyak seungit anu kasohor?"
"Wah, tangtos hargina jutaan!"
"Mun dieusian cai kolombéran?"
"Éy, dibalangkeun wé éta mah, jarijipen!"
"Tah, jelema ogé kos botol. Hargana, gumantung kana eusina!" Ustadz Ohim imut.

Fikmin "Kumpul Kebo"

Béja tul-tél. Tina sajeungkal jadi sadeupa. Mimitina tingkucuwes, tungtungna jadi guyur salembur. "Bener-bener teu nyangka, sihoréng tara leupas ti kopéah téh ngan paminding wungkul!" Ceu Anah jebi. "Urang laporkeun ka Pa Kuwu! Tuman, ngarujitan lembur!" Junéd kekerot. "Keun, aing nu ngagebuganana! Geus arateul leungeun, yeuh!" Darman ngacungkeun peureupna.

"Usir! Usir...!" tingcorowok di hareupeun balé désa. "Aya naon ieu téh?" Pa Kuwu kaluar, diiringkeun ku hansip duaan. "Si Uhé kumpul kebo, Pa Kuwu!" Junéd muter-muter popongkol. "Gantung...!" Darman ngahaok. "Satuju...!" tingcorowok deui. "Sabar, sabar...ulah maén hakim sorangan! Hayu, ayeuna mah urang buktikeun!" Pa Kuwu nenangkeun. Bring, ngajugjug ka imah Uhé bari angger tingcorowok.

"Kaluar siah, Uhé!" Junéd ngagedoran panto imah Uhé. "Duruk wé imahna, lah!" Darman muka jarikén bénsin. "Ké heula! Hansip, dobrak pantona!" Pa Kuwu maréntah. Hansip ngadobrak panto imah Uhé. Breg, saréréa asup. Unggal rohangan diriksakeun. Suwung. Diriksakeun ka tukangeun imah. Bréh, Uhé keur ngaréngkol di kandang munding.

Fikmin "Nu Leuwih Goréng"

Sanggeus masantrén mangtaun-taun, Uhé meunang ujian anu panungtung ti guruna. "Pék téangan makhluk nu leuwih goréng tibatan anjeun! Lamun geus manggih jawabanna, karék anjeun lulus," ceuk guruna. Sanajan teu pati ngarti maksudna, kapaksa Uhé nurut. Kencling, indit.

Di satengahing jalan, Uhé papanggih jeung jalma nu keur sosolontodan sabari nyekék botol. "Ieu jalma tangtu leuwih goréng tibatan uing. Manéhna mah tukang mabok, ari uingah santri," gerentesna. Leng. "Aéh, kumaha lamun ieu jalma di tungtung hirupna tobat, maot husnul khotimah. Sedengkeun uing anu santri, maot su'ul khotimah," gerentesna deui. Neruskeun lalampahan. Manggih anjing budug. "Keur najis téh, budug deuih! Ieu tangtu leuwih goréng. Tapi...anjing budug mah, mun paéh, paling ogé bilatungan. Ari uingah, lian ti bilatungan téh, bakal meunang balitungan. Kumaha mun amal uing loba kénéh goréngna?"

Balik deui ka pasantrén. "Kumaha, geus kapanggih?" tanya guruna. "Atos, Mama! Teu aya deui makhluk nu langkung awon, iwal ti abdi." Uhé ngeluk.

Fikmin "MAMAN"

Sanajan anak samata wayang Gan Karta, jalma pangkayana sakacamatan, Maman mah basajan. Tara ngagaya. Dangdanan alakadarna, alahbatan panyawah. Padahal, rarayna mah tampan kawas Afgan.
Maman wakca ka bapana, hayang ngalalanyahan dagang hayam, ngaprak ka mamana. "Naha hayang dagang hayam sagala? Pan banda bapa ngalayah?" Gan Karta nyawad. "Hayang aya pangalaman, Pa!" jawab Maman. "Dagang hayamna kana Avanza, nya?" Gan Karta nyabak mastaka Maman, nyaah. "Bapa mah ngarang, aya dagang hayam kana Avanza?" Maman ngagakgak. "Ah, Maman... Maman...!" Gan Karta ngarakacak.

Basa Salasa, Maman dagang hayam ka Babakan. "Awas, bangkawarah...!" hawar-hawar, aya parawan gagarawakan. Maman gagancangan mapay. Kasampak, Bah Jaja ngarangsadan parawan. "Bah Jaja bayawak!" Maman ngagantawang. Bah Jaja calawak. Hayang ngalawan, ngan kasawang bakal ngagalapak ngalayanan jajaka gagah mah. Bah Jaja pasrah, gagal ngagadabah parawan. Mamandapan. Maman mayang parawan. Nyah. "Kang Maman...?" Parawan nanya. "An... Anah...?" Maman ngadadak gagap.

Sabtu, 18 Juli 2015

Fikmin "PIMITOHAEUN"

Sabenerna lain teu hayang rarabi, tapi kajadian 20 taun kaliwat, masih kénéh karasa peurihna. Asih kuring jeung Déwi, kudu pegat alatan teu dipanujuan ku kolotna. Panto haté kakonci pageuh. Kacinta éstu teu laas ku lawas. "Sing inget kana umur, manéh téh geus 40 taun!" Ummi teu weléh ngélingan.
Sanggeus sakitu lilana, karék ayeuna bisa ngarasakeun deui ragrag asih. Tapi rék nepungan ka kolotna téh, asa aya kahariwang. Inggis kajadian nu kungsi kasorang, bakal kaalaman deui.

"Kinten-kintenna sepuh Dési panujueun moal ka Aa?" cekéng. Neuteup anteb. "Insya Allah... Abdi tos nyarios ka Papah sareng Mamah perkawis Aa. Saurna, asal bageur tur sholéh, aranjeunna moal badé ngahalang-halang," waler Dési. Imut. Karasa reugreug. Yakin, matak kuring elat rarabi téh, Allah tos nyiapkeun jodo nu pangsaéna.
Anjog ka imah Dési. Kuring diuk di rohang tamu. "Mamaaah, ieu Aa téh tos sumping!" Dési ngagentraan mamahna. Torojol, ti pangkéng. Gebeg! "Déwi...?"

Minggu, 12 Juli 2015

"NGAJI, YU!!

Ti Abdullah bin Mas’ud radhiyallahu ‘anhu, Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam ngadawuh,

ﺇﻥ ﺃﺑﻐﺾ ﺍﻟﻜﻼﻡ ﺇﻟﻰ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻥ ﻳﻘﻮﻝ ﺍﻟﺮﺟﻞ ﻟﻠﺮﺟﻞ : ﺍﺗﻖ ﺍﻟﻠﻪ، ﻓﻴﻘﻮﻝ : ﻋﻠﻴﻚ ﺑﻨﻔﺴﻚ.

”Kalimah nu pangdipikabenduna ku Allah, hiji jalma mépélingan dulurna, ’Pék takwa ka Allah’, tapi manéhna ngajawab: ’Urus wé diri manéh sorangan.”

Sikep ieu dipikabendu kusabab némbongkeun kaadigungan, jeung tangtuna bakal nganyerikeun haté jalma nu ngajak migawé kahadéan. Teu saeutik jalma nu sok embung narima kana pépéling, komo lamun nu ngélinganana sahandapeun. Lamun diélingan, kalah sok malik-malikeun kanu ngélinganana, "Kos hirup manéhna sorangan geus bener!", "Jadi jalma mah ulah sok tiktikan!", "Teu kudu nguruskeun hirup batur, urus wé hirup manéh sorangan!", "Heueuh da aing mah jalma baragajul, teu cara manéh!".

Tah, sikep samodél kitu téh cingcirining geus teuas haté, embung narima kana bebeneran. Biasana hal éta ngancik ka jalma nu tara daék pisan ririungan di majlis ta'lim. Parantos wasiat Rasulullah SAW ka Sayyidina 'Ali karamallahu wajhah, umumna pikeun urang saréréa,

يا على إذا مضى على المؤمن أربعون صباحا ولم يجالس العلماء قسى قلبه وجسر على الكبائر لأن العلم حياة القلب. (المنح السنيه، ص ١١)

"Héy, 'Ali! Dimana-mana saurang mu'min ngaliwat ti opat puluh poé teu ririungan jeung ulama (pikeun tholab élmu), mangka teuas haténa jeung sok kumawani migawé dosa-dosa gedé, sab saenyana ari élmu, éta nu ngahirupkeun kana haté."

Yu, urang ramékeun majlis-majlis ta'lim, teu kudu éra pédah geus kolot, teu kudu géngsi pédah ririungan jeung jalma cacah kuricakan. Ulah pédah jaman modérn, nyiar élmu agama ngandelkeun tina buku atawa internét, komo bari euweuh dadasar mah, bisi kabawa ku sakaba-kaba, tungtungna jadi owah.

Kamis, 09 Juli 2015

Fikmin "Kabandang Mojang Cémplang"

Ngalangeu di tepas kamer. Anteng neuteup petengna langit peuting. Pikiran kumalayang ka mojang Cémplang. Ras kana ogona. Ah, sonona éstu nataku. Harita, wawanohan mangsa diri marojéngja. Ngarasa taak maluruh tulang iga. Gunem catur di awang-awang. Pamustunganana, tepung di mumunggang pangharepan. Pasini geusan meungkeut ati ku tali jatukrami.

Tapi, karumasa muraykeun sagalana. Rumasa diri sepi ku pangarti, tuna ku pangabisa, lieuk euweuh, ragap taya. Kahayang, kacangcang ku hariwang.
"Abdi nampi sakumaha ayana Aa...!" Manéhna ngayakinkeun. Teuing kunaon, cangcaya bet teu weléh aya. Amit mundur sok sanajan trésna ngagedur. Manéhna keukeuh pageuh ngeukeuweuk deudeuh. Antukna diri léah. Kanyaah, mingkin ngabayabah di sakuliah bayah.

Langit dadak sakala ngagebray. Bulan nu asalna nyumput di satukangeun méga hideung, mimiti némbongan. Noél angin. Ménta tulung mangnepikeun hariring asih, "Tamally maak, we law hatta baeed any fe alby hawak. Tamally maak, tamally fe baly we fe alby wala bansak. Tamally waheshny, low hatta akoon waiak...!"

Minggu, 05 Juli 2015

Fiksi "KULAWARGA OWAH"

"Pa, piraku Si Hendy teu naék? Asa teu kaharti, kulawarga kuring mah turunan jalma pinter kabéh!" NDod protés ka guruna Ndil.
"Punten, Pa! Ieu tos kénging nimbang-nimbang, ningal tina niléy-niléy ulanganana, Ndil mémang teu tiasa naék ka kelas genep," Guru Yosmar nerangkeun.
"Pokona teu hayang nyaho, Si Ndil kudu ditaékeun! Lamun henteu, ieu sakolaan ku kuring rék diacak-acak!" ngagebrag méja. Gejlig, indit bari nalapung carangka runtah.
Guru Yosmar laporan ka kepala sekolah. Kepala sekolah maréntah supaya disusul ka imahna, ma'lum geus pada apal kana adat Ndod, préman Pasir Ungked.

"Assalamu 'alaikum...! Punten, dupi Ndilna aya?" Guru Yosmar uluk salam. Rengkuh.
"Wa 'alaikum salam. Aya.... Ndil, ka dieu?" Ndod nyorowok.
Ndil norojol. Nyusut léhona.
"Bapa badé naros ka Ndil, saha nu néken naskah proklamasi?" Guru Yosmar nanya.
"Sanés abdi, Pa! Abdi mah teu rumaos...," Ndil gideug.
"Tong ngérakeun déwék, Ndil! Jadi lalaki mah kudu jéntel, mun enya manéh nu néken, sok geura ngaku!" Ndod nyentak.
"Aya naon ieu téh?" ngadéngé riweuh-riweuh, Abah Sholahuddin Al-Muroqy, akina Ndil, kaluar ti kamarna.
"Ieu, Pa, Si Ndil néken naskah proklamasi, tapi teu daék ngaku!" Ndod ngadegungkeun sirah Ndil.
"Matak mun kolot ngomong téh, déngékeun! Ceuk aing gé, mun rék tukan-téken téh, baca heula! Meureun moal jadi riweuh kieu, deuleu!" Abah Owah muncereng.
Guru Yosmar gégétrét.