Jumat, 31 Juli 2015

Fikmin "Konci Rezeki"

Langit haté angkeub. Marojéngja. Usaha nété semplék, nincak semplak. Modal ledis, hutang raweuy. Karasa mingkin baluweng, basa kulawarga bébéné geus nanyakeun waé iraha rék ngalamar. Nyobaan upuy-apay deui, ngalalanyahan usaha anyar. Hasilna asa jauh kana pimahieun pikeun hirup duaan, sok komo lamun engké geus batian. Matak lewang. "Aa asa teu sanggem ayeuna-ayeuna, mangga bilih badé nampi pameget anu sanés mah...," cekéng. Malieus, nyamunikeun kingkin. "Abdi nampi sakumaha ayana Aa, asal Aa keresa nuyun abdi geusan murih ridoNa, mapay jalan ka JannahNa. Abdi siap hirup peurih, asal Aa keresa merih, ngagedur sumanget dina usaha," waler Si Geulis. Neuteup geugeut.

Bray. Pikiran caang padang narawangan. Harepan pikahareupeun ngabulungbung. Ku keyeng, usaha mayeng. Milik mirilik, rezeki cur-cor. Teu lila, saba'da kedal ucap, "Qobiltu nikahaha...."

2 komentar:

  1. tah eta gening janji Alloh SWT teh "wa yardzuqhu min haesu laa yahtasib " teh tos sumping mangga di lanjuat ah..sing ka bale nyung cung..ka untun tipung ka tambang beas..

    BalasHapus
  2. Teu acan aya calonna ogé...hiiks

    BalasHapus