Senin, 29 Agustus 2016

Fikmin "TEKOR"

Meunang kawawuhan di facebook. Ngaranna Gina. Geulis. Pakulitanana, ngeplak kos salju. Panon cureuleuk. Irung bangir. Biwir ipis, semu kayas. Di inbox, nyantok. Sakabéh jurus modus dipetakeun. Gurawil, nomer hapéna beunang. Jadi remen nelepon. Sorana halimpu. Jangjian di kafé.

Nepi ka kafé pangheulana. Mesen inuman jeung kadaharan nu pangmahalna. Dina méja, ngabarak. Teu pira, paling gé maratus rébueun. Ngalelengkur nungguan.
"Kang Jhon?" Aya nu nepak kana taktak.
"Muhun...." Ngalieuk.
"Abdi Gina," manéhna nyéréngéh. Rey. Bulu punduk ngadadak maruringkak. Awakna busekel. Kulit cakeutreuk. Maké kaos konéng, calana héjo. Huntuna naronghol ngaliwatan biwir.
"Oh, mangga calik!" Neger-neger manéh. Gék, manéhna diuk.
"Punten, abdi ka toilét heula, nya? Tos teu kiat." Popoyongkodan.
"Muhun, tong lami teuing. Hoyong geura ngobrol, abdi sono!" Manéhna nyokot inuman. Leguk. Eureuleu, teurab. Kuring nguliwed ka tukangeun témbok kafé. Hapé diucutkeun. Peletok, kartuna dipotongkeun. Keteyep. Kokorondangan ngaliwatan kolong-kolong méja. Katempo manéhna keur anteng cacamuilan. Berengbeng, lumpat ka tempat parkir. Kabur.