Selasa, 17 Juli 2018

Fikmin "PAMAJIKAN"

Pamajikan ngagabrug ka indungna. Eurih-euriheun. Bapana mencrong ka kuring. Kuring samar polah. Kumaha mun pamajikan ngadoni. Kumaha mun mitoha wéra. Kumaha mun toko dijabel deui. Kumaha mun kuring diusir. Nyasat hirup nyalindung ka gelung. Dipulung minantu ku dunungan.

Tadi, basa aya nu keketrok kana panto, kuring jeung pamajikan keur paséa. Sabenerna lain salah-salah kuring teuing, bonganna pamajikan teu bisa ngurus awak, tara dangdan. Numatak pantes mun kuring kagoda ku Siska, randa nu teu weléh luis kos artis. Kuring bobogohan deui téh, saukur panglumpatan. Hiburan. Ari kudu nepi ka pepegatan jeung pamajikan mah, ké heula anan. Tapi nempo galagat kieu, jigana kacow.

"Aya naon?" Sora agem mitoha lalaki, matak sebér. Pamajikan ngarérét. Kuring pias.
"Nembé mah badanten sareng Si Aa, badé ngalongok ka ditu. Abdi sono, tos sababaraha dinten kaimpénkeun waé. Kaleresan Bapa sareng Umi ayeuna ka darieu, bingah pisan...!" Pamajikan nyusut cipanonna.
"Euh, sok ngareureuwas!" Mitoha mararésem. Dada karasa ngemplong.

Fikmin "BALIHO NGABOBODO"

Neuteup baliho di sisi jalan. Foto lalaki maké kopéah hideung keur seuri. Di gigireunna aya tulisan gedé, "PILIH PAMINGPIN SHOLÉH". Di belah handap, ngajajar foto-foto éta lalaki keur di masjid, di madrasah, di panti asuhan, di sawah, nepi ka aya ogé nu keur di solokan. Matak reueus. Teu sangka, geuning anjeunna téh saurang inohong calon pamingpin ieu dayeuh. Hayang geura tepung. 

Rérés sholat Ied, gura-giru ngajugjug gedong sigrong nu pagerna jangkung. Bener ceuk panyangka, ari Lebaran mah panto pagerna dibuka. Lalaki nu fotona aya dina baliho, soméah ngabagéakeun sémah. Kuring milu ngantay. Silihpelong. Gabrug.
"Bapa...!" Kuring nangkeup pageuh. Karasa anjeunna ngusapan tonggong. Ngarandeg. Rut-rét ka sémah.
"Saha manéh?" Anjeunna undur-unduran.
"Abdi putra bapa ti lembur. Tos lima welas taun teu pendak, sono!" Ngasongkeun foto kuring keur leutik, ema, jeung bapa.
"Uka-aku sambarangan, siah! Kaluar...!"
Kuring direjeng ku lalaki jarangkung badag. Digusur. Hiuk. Leng. Inget-inget geus ngaringkuk, handapeun baliho foto bapa.