Kamis, 27 November 2014

#Fikmin "NGANJANG"

Kadéngé sora motor asup ka buruan. "Itu Apa tos sumping!" Néng Amél muru lawang panto. "Apa, ieu aya Aa téa!" Semu jigrah. Dug. Jajantung ratug. Ngimpleng-ngimpleng piomongeun. Sanajan gedé wawanén ogé, rumasa kana ngomong mah teu pati capétang.

"Assalamu 'alaikum...!" Sepuh nganggo kopéah haji imut, pinuh ku komara. "Wa 'alaikum salam...!" Buru-buru dicium leungeunna. Gék, diuk deui. Rada élékésékéng, teu cara tadi.
"Tos lami?" Teu leupas ti imut. "Eu, némbé sapuluh menitan," neger-neger manéh. "Sok atuh sabari dileueut saaya-aya, kieu geuning di kampung mah!" Ngasong-ngasong anu ngabarak dina méja. Nyokot manggah sakeureut. Dihuapkeun, kapelag. Eueuleugeugan. Rey, beungeut bareureum. Pimitohaeun api-api teu nempo, tapi kaciri nahan piseurieun. Leguk, nginum. "Abdi dongkap seja nyanggakeun silaturrahmi. Salangkungna, badé nyuhunkeun widi wiréh abdi miharep ka tuang putra...!" Tungtungna mah ngagorolang, kabawa teger ku kasoméahan pribumi. "Nya ari sepuh mah mung tiasa ngadu'akeun, teu langkung jinis pada jinis nu badé ngalakonanana!" Neuteup, bangun hayang neuleuman eusi haté kuring. "Alhamdulillah...!" Karasa ngemplong. Ngong, sora adzan Ashar. "Hayu urang ka masjid sasarengan!" Cengkat. Kuring ngiclik nuturkeun. Sapapanjang jalan ngawangkong, asa jeung kolot sorangan.

#Fikmin "NU NYASAB"

"Néng, méngkolna ti anu aya plang Gunung Menyan nya?" Sora si Aa kasaeur gandéngna patalimarga. "Sanés, Aa! Lempeng deui teras!" Pepeta, poho dina telepon mah moal gé katempo.
Lengo deui-lengo deui, nyeri beuheung sosonggéteun. Kuduna mah sapuluh menit gé geus nepi. Langit angkeub, pihujaneun geus ngagayot. Melang.
Kring. "Néng, geuning lempeng mah kalah ka Leuwi Liang?" Si Aa nelpon deui. "Euleuh, ari tadi pan saurna tos di péngkolan Gunung Menyan?" Cekéng, héran. "Tadi mah di Cémplang, pan aya plang geuning!" Beresin, kakebulan tayohna mah. "Oh, panginten téh tos lebet ka jalan palih dieu? Mulih deui ka Cémplang atuh, teras méngkol ka katuhu! Taroskeun wé Pa H. Ma'mun, kapala SMK!" Rék tutunjuk deui. Teu jadi, kaburu inget.
Hujan ngagebrét, guludug dor-dar. Kurunyung si Aa dina motor. Jibrug. Buru-buru dibagéakeun. "Hapunten Néng, Aa!" Ngasongkeun anduk. "Ah, keur nembéan téh kalah ngalejokeun Néng mah! Janten wéh Aa kahujanan!" Ngadelék tapi sabari seuri. Lucu. Matak kagugu, sagala rupa téh teu weléh dibarung ku heureuy.

Selasa, 25 November 2014

#Fikmin "CINTA JURU TILU"

"Kumaha, Néng?" neuteup pinuh ku pangharepan.
"Néng bingung, Aa!" ngeluk.
"Naon anu kedah dijantenkeun bingung? Kantun balaka wé, keresa atanapi henteu?" keukeuh.
"Néng alim ngaraheutan haté Linda, sobat dalit Néng!" damisna semu bareubeu.
Ngarasa aya lolongkrang, terus dicehcer, "Aa tos teu aya hubungan nanaon sareng Linda, anjeunna anu ngantunkeun Aa, kabéngbat ku 'nu sanés!" angger neuteup, hayang neuleuman eusi haténa.
"Tapi Linda masih ngaharepkeun Aa!" ngomé-ngomé tungtung tiungna. "Upami Enéng nampi Aa, Enéng mung ngaraheutan hiji haté! Namung, upami Enéng nampik Aa, dua haté anu raheutna!" tandes, geus kabaca. "Naha dua haté? Saha?" masih kénéh api-api.
"Haté Aa sareng haté Enéng! Aa yakin, Enéng ogé gaduh rasa anu sami. Upami Enéng ngaraheutan haté Aa, éta sami hartosna Enéng ngaraheutan haté nyalira!" meulit, skak stér.
"Eu...muhun! Eu...!" samar polah.
Karasa ngemplong, kabagjaan dina cangkingan.

#Fikmin "ASIH INDUNG"

"Hawatos Kang Acép, Ma!" Euis ngageubig-geubig leungeun indungna. "Nyeri kénéh haté ema ku lanceuk manéh téh," mugen. "Kang Acép sasambat waé ka Ema, nyuhunkeun dihapunten, rumaos dosa saurna..." keukeuh. Ma Ijah ngahuhuleng, cipanonna ngeyembeng. Ras inget, waktu dua bulan ka tukang ditundung ku Acép, anakna nu cikal. Teu pira, pédah teu kahaja aya piring nu peupeus waktu keur dikumbahan ku manéhna. Minantuna nyarékan, ngadoni ka Acép majar manéhna numpang téh ngan saukur ngarugikeun wungkul.

"Hapunten abdi, Ma!" sora Acép pegat-pegat, méh-méhan teu kadéngé. Cipanonna murubut. "Dihampura ku ema, Kasép!" Ma Ijah ngusapan buuk Acép. "Laa Ilaaha illallah...!" Cekleuk, kulapés. Nyawa Acép ninggalkeun ragana nu kari tulang dibungkus kulit.

Senin, 24 November 2014

#Fikmin "BUDAK JALANAN"

Motor nyemprung meulah nyelecepna angin peuting dayeuh Bogor. Eureun heula di parapatan Warung Jambu. Kapegat lampu mérah. Kabiasaan goréng, kusiwel ngaluarkeun udud. Diseungeut. "Bagi duitnya dong, Om!" Budak awéwé umuran lima taun noél. Kuring ngacungkeun leungeun katuhu, keur kagok. Budak taralak-tirilik namprak ka saban jalma. Teu téga. Rumpu-rampa, ngodok pésak. Budak digupayan. Song duit salambar, lima rébu. Budak jigrah, ngaléos teu nuhun-nuhun acan. Ngahuleng sawatara jongjongan. Kaburu kagebah ku sora klakson jeung gurang-gerungna kenalpot, lampu geus robah kana héjo. Ngoper gigi, motor maju deui.

Pikiran masih kénéh inget ka budak tadi. Ras ka si bungsu anu umurna moal jauh béda. Teu karasa, cipanon ngeclak. Néangan tempat muter arah, ngadon balik deui. Budak keur diuk dina trotoar. "Ikut sama Om, yuk!" Cekéng. Digabrug, diceungceurikan. "Woy! Ngapain lu ganggu anak gua!" Aya nu nepak taktak. Dilieuk. Lalaki jangkung badag, leungeunna anu sagedé kohkol pos ronda pinuh ku tato. Jung, nangtung. Hayang ngalayanan. Tapi katempo aya dua baturna nyampeurkeun ti peuntaseun jalan, dina leungeunna gugurilapan péso balati. Wawanén ngadadak murengked. Kapaksa naék deui kana motor. Jius, indit. "Hampura anaking...!" Batin jumerit.

#Fikmin "TA'ARUF"

Tepang di awang-awang. Taya imut nu matak ngirut, taya rindat nu matak tibelat, éstu ngan cumarita tanpa sora. Tapi teu nyana, rasa ujug-ujug pataréma. Aya geter-geter nu teu biasa. Aya trésna nu mancawura.

"Tah, ieu buktosna abdi mah, Aa! Bilih Aa badé mundur, teu sawios-wios," pokna, basa harita ka imahna. "Aa dongkap ka dieu sanés pédah kapélét ku potrét, tapi seja masihan buktos, sanés mung sakadar carios. Aa milari istri sholéhah, kanggo nyarengan Aa naratas jalan harepan pikahareupeun. Clik putih clak hérang, niat laki-rabi, geusan murih ridlo Ilahi," cekéng, tandes. Geus kasawang ti anggalna, foto profil mah pasti éditan. Teu reuwas. "Aa moal hanjakal, kitu?" semu cangcaya. "Aa tos nyarios, ta'aruf ieu tos teu mangaruhan paniatan Aa! Pameget sajati pantrang ingkar jangji!" neuteup wanoja umur 37 taun, anu kacirina lir karék 20 taunan.

Minggu, 23 November 2014

#Fikmin "NGAJADINA HIJI PASINI"

Wiati lénglang, mayungan saléngkah-saléngkahna lalampahan mipir-mipir gawir kagimir. Sumirat srangéngé nyaangan patamanan haté. Kembang-kembang harepan mangkak, mangpirang-pirang wanda, mangpirang-pirang warna, ngadalingding ginding katebak hiliwirna asih. Ngalayang ngawang-ngawang nyandang kahayang, seja meungkeut rundayan kahéman ku tali jatukrami. Cadu jalir, hamo leuir.

"Aa dongkap masrahkeun laci-laci rasa anu kebek ku katrésna, pamugi katampi kalayan kaweningan ati!" neuteup anteb. "Bagéa, Aa! Ka mana heula atuh bet nembé sumping? Naha teu hawatos ka abdi anu ngantos-ngantos tug dugi ka wates waktos?" cisoca bagja ngeclak tina nétrana. "Tos diguratkeun ku takdir urang kedah ngalalakon heula, Geulis! Sok sanaos elat, mugia mapat dunya akhérat!" Ngarangkul pageuh pinuh ku kadeudeuh.

Jumat, 21 November 2014

#Fikmin "NU MATURAN SARÉ"

"Aa nyaah ka Enéng!" nyium tarangna. "Sami Néng ogé, Aa!" ngarangkul, nyusup kana dada. Pangantén anyar. Mamayu. Sapeupeuting papuket, meunang sababaraha rintakan. "Bobo, yu!" cekéng, sanggeus rondeu panungtungan. "Hoyong ditangkeup, tiyiiis!" pokna, ogo. Saré patangkeup-tangkeup.

Jam tilu, lilir. Asa aya nu rarengkeng dina palangkakan. Euh, ngimpi. Ungas-ingus. Guguling anu unggal peuting ditatangkeup kaambeu bau hanyir. Nyah, beunta. Melong anu ditangkeup. Awéwé. Nyéréngéh, biwirna beureum. Gigisik. Gebeg. Katempo sidik buukna cawigwig, panon beureum, getih ngaley tina biwirna. "Jur...juuur...!" ngagoak satakerna tapi teu nyoara. Les.

Kamis, 20 November 2014

#Fikmin "PAREBUT KABOGOH"

"Awas siah mun kumawani ngadeukeutan deui si Dési!" Junéd
hahaok. "Kumaha déwék wé! Mémangna manéh naonana?" Engkos
teu éléh poporongos.
"Déwék kabogohna!" Junéd nepak dada, jegoh batuk.
"Komo déwék mah calon salakina!" Engkos ngajebian.
Serenteng. Jekok, Junéd nonjok cukang irung Engkos.
Ngabangkieung. Getih ngaley tina liang irungna.
"Hahaha...!" Junéd ngagakgak.
Séak, Engkos najong beuteung Junéd nu keur seuri lelenggakan.
"Hek...!" Junéd nyerengid. Borolo, tina sungutna utah génjér.
Tungtungna mah garalungan. Silih peupeuh, silih dengkék.
Calana ludag-ladig, baju sararoék. Eureun-eureun sanggeus
duanana carapéeun, ngalalempréh sisi jalan.
Keur kitu, lar aya motor Ninja ngaliwat. Kenalpotna
gegerungan. Nincak cileungcang nu nguyumbang, nepi ka
muncrat kana beungeut maranéhanana. Ambek. Tapi geus teu
walakaya, béakeun tanaga. Tibang wasa marelong Dési nu
nangkod diboncéng ku Frédi.

#Fikmin "BAGJA"

Dinner. Aya ku éndah, saméja duaan dicaangan cahya lilin. Romantis. Neuteup anu diuk hareupeun. Kasép, irung mancung. Dina gado, pipi, jeung luhureun biwirna mimiti renung bulu-bulu, mawa sieup. Macho. Keur anyar wawuh mah sugan téh turunan Arab, sihoréng Sunda pituin. "Kapungkur nuju kakandungan, mamah nyiram hoyong daging onta panginten," pokna sabari ngagakgak, basa harita ditanyakeun. Geus jadi kabiasaanana mun ditanya téh, ngajawabna sok direumbeuy ku heureuy.

Mimiti wawuh, harita kuring anyar pisan katipu ku lalaki. Ngaku-ngaku duda, sihoréng geus boga pamajikan dua. Matak waktu manéhna ngajak wawanohan téh asa cangcaya, sok komo bari kasép, tangtuna moal béda kangaranan lalaki mah. Manéhna keukeuh, langsung nepungan kolot kuring. Kuring diajak ka imahna. Tapi kacangacaya keukeuh aya, atuda umurna ogé leuwih ngora tujuh taun batan kuring. Kuring 37, manéhna karék 30 taun. "Sanaos Néng tos aya umur, Aa tetep cinta! Daripada ka nu tos teu aya umur, hiiiy sieun!" seuri sabari keukeureuceuman, ngagoda.

"Kunaon ngalamun, Ayang?" nu hareupeun ngagebah. "Néng bagja dipihukum ku Aa!" imut. "Aa ogé bagja, kacinta Aa hamo aya sudana!" nyawél gado. "Iyééy, cunihin!" ngajanggilek. "Wios atuh, da ka bojona ieuh!" ngeukeuwuk leungeun, pinuh ku rasa asih. Bagja. Rarabi geus 30 taun, répéh-rapih, geugeut kawas pangantén anyar.

#Fikmin "SONO"

Geus sabulan akun Facebook Kang Déndi ngaleungit. Anu biasana unggal poé statusna murudul, anu pikaseurieun, anu lebay, kadang-kadang pikasebeleun. Ayeuna mah suwung. Tadina mah sugan téh kuring diblokir, hantem dipaluruh akunna teu kapanggih. Sihoréng ditanyakeun ka babaturan ogé sarua, akunna leungit, tutup akun.

Anteng ngalamun di tepas imah. Hapé ngagogolér, geus teu parurun mukaan Facebook. Leungiteun. Hanjakal teu pernah nanyakeun nomer hapéna. "Kang Déndi, Néng sono...!" ngagerendeng sorangan, sasambat. Teu karasa aya anu ngeclak ti juru panon. Ku kitu téa mah, salah kuring sorangan. Rumasa. Waktu chatting panungtungan, kuring ngambek, timburuan kaleuleuwihi pédah dina statusna sok loba nu mairan, awéwé wungkul bari jeung garumeulis. Kang Déndi ngajelaskeun yén euweuh nanaon jeung maranéhna, kuring keukeuh teu percaya. Kuring megatkeun hubungan, rencana kopdar dibolaykeun.

"Assalamu 'alaikum...!" Aya anu uluk salam. "Emana nuju teu aya, Mang!" cekéng. Teu dilieuk-lieuk acan. Paling ogé tukang kiridit langganan Ema. "Sanés badé ka Ema abdi mah! Enéngna, nyondong?" pokna. Panasaran ngalieuk. Katempo aya lalaki kasép, kumisna nyiripit rapih, maké iket makuta wangsa. Asa wawuh. Gebeg. "Kang Déndi...?" satengah teu percaya.

#Fikmin "PLAYBOY APES"

"Kang...!" Siti nyenyekel leungeun. "Hampura, cinta urang cukup wé nepi ka dieu!" Cekéng. Ngaleupaskeun cekelan leungeunna. "Tapi, Kang...!" Teu kebat, kaburu ditinggalkeun ngaléos. Teu dilieuk-lieuk deui. Kadéngé sorana inghak-inghakan. Teu melang.

Motor ngajius nuju kota Cianjur. Dina panon geus kokolébatan rupa Dési. Irung mancung, beungeut ngadaun seureuh, kulit héjo carulang, pangawakan kawas gitar Sepanyol. Pokona mah sesuatu, Syahrini ogé euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung Dési mah.

Reg. Motor diparkirkeun di hareupeun imahna. Dangdak-déngdék ngeunteung kana sepion, ngomékeun buuk anu awut-awutan. Karék gé rék jrut turun, kaburu aya anu kaluar ti imah. Dési digéndéng ku lalaki. Deg. Jantung asa aya nu nyentok. "Dés...!" kuring gugupay. Teu dilieuk-lieuk acan. Duanana naék kana Honda Jazz kaluaran anyar. Jius, indit. Kekebul tina ban mobil, rabeng kana beungeut.

#Fikmin "NGABOHONG"

"Kamari Kang Maman ngomong, cenah mah teu paruguh hirup nyorangan téh! Hayang balikan deui, tapi éra!" cekéng, basa panggih jeung Ceu Mimin di buruan imahna. "Nu leres, Kang? Sabenerna mah Mimin ogé sarua teu paruguh! Ngan, ari Kang Mamanna teu ka dieu mah, asa ku piraku awéwé nu nyanyampeurkeun!" Ceu Mimin paromanna marahmay, katempo aya gurat harepan dina cahya panonna.

Di warung kopi. "Ceu Mimin kamari curhat ka uing! Cenah, mun Kang Maman teu ngaragrakeun talak mah, usum hujan kieu téh aya nu ngeukeupan meureun, moal katirisan! Kacirina mah masih ngaharepkeun balikan deui jeung Akang!" nguyup cikopi, panon mélétét hayang nyaho réaksina. "Ah, nu bener?" Kang Maman curinghak. "Ciuus! Malahan mah talatah, Kang Maman titah ka imahna! Meungpeung can béak iddah cenah!" ngabohong. "Heueuh ah! Engké pan malem Juma'ah, sugan wé bisa langsung naék kos BBM! Nuhun inpona, Kang!" nyengir. Menerkeun calanana anu ngadadak jiga rada sereg. "Sip, lah!" kuring ngacungkeun jempol. "Ceu, itung kabéh! Sakalian tah jeung kopi Kang Abud, béré ududna wéh sabungkus! Pulanganana mah bikeun wé ka Kang Abud kabéh!" ngasongkeun duit saratus rébu salambar. Tuluy indit sabari héhéotan.

Poé Juma'ah isuk-isuk. Kang Maman katempo keur ngopi di tepas imahna sabari éélégan jeung Ceu Mimin, buukna bararucis. Kuring tibang bisa mésem. Sugema.

#Fikmin "KASENGSREM"

Diabringkeun ku kadang warga. Ragem maca sholawat. Leumpang ngagandeuang, gagah maké jas meunang nyéwa. Réngsé sérén-sumérén, dituluykeun kana akad nikah. Ngaréndéng pagégéyé narima pangwilujeng ti sémah ondangan. Aya nu nyebut ngiring bingah, aya nu nyebut ngiring raos. Popoyongkodan api-api ajrih, padahal nyumputkeun nu nulak di jero calana. Sababaraha kali diomékeun, calana karasana ngan sereg waé. Capé sasalaman nepi ka sasanggaleun.

"Aa, gugah...!" karasa awak aya nu ngageubig-geubig. Nyah, beunta. Gigisik. Rucang-riceng. Katempo nu tadi babarengan dina impian awakna dibulen anduk wungkul, buukna baseuh. Koréjat. Noong ka jero simbut. Gebeg. "Naha Aa aya di dieu sareng Enéng?" gagaro sirah. "Pan kamari siang urang tos nikah!" imut, pipina bareubeu. "Na enya?" nginget-nginget. "Iyééy, ari Aa! Énggalan ka jamban, urang berjamaah netepan Subuh! Engkin tos netepan, raosan deui wé supados yakin sanés ngimpén!" nyikikik, nutupan biwirna. Ngajewang anduk, ngagidig ka kamar mandi sabari tetep ngahuhuleng.

#Fikmin "JODO SÉREP"

"Tulungan, Cép! Lamun hajat dibolaykeun téh,
mana teuing wirangna! Sok usaha mah engké
dimodalan, imah dipangnyieunkeun! Hampura,
rumasa Bapa salah!" pokna, panonna carinakdak.
"Panginten ieu téh jalan pijodoeun urang, tos ditakdirkeun
cinta urang kedah ngahiji, Kang!" Néni neuteup, ngeukeuweuk
leungeun. Imutna masih nu baréto, mantak muragkeun
jajantung.

Rumasa, dina haté masih beurat rasa bogoh ka manéhna.
Harita, tali asih kapaksa kudu pegat, kuring ditampik
sapajodogan ku bapana. Majar Néni geus dijodokeun ka Jodi,
pengusaha urang Jakarta. Isukan téh kuduna mah poéan
kawinna, ondangan geus disebarkeun, hajat kari der. Tapi
Jodi kaburu dicerek ku pulisi, sihoréng manéhna téh gegedug
sindikat curanmor.

Ngarénghap, narik napas jero, "Hapunten, rupina mah abdi
teu tiasa!" sora kuring ngageter. Karasa haté ngemplong,
geus bisa nyekel jangji ka Siti.

#Fikmin "MODUS"

"Wilujeng leleson, Mbéb! Tong hilap ngadu'a
heulal! Nice dream!" mungkas wangkongan dina
BBM jeung manéhna. Ngatur setélan alarem, hapé
dicecekel supaya karasa dimana-mana engké sada.
Reup, peureum.

Jam tilu, kahudangkeun ku anu gugurubugan dina leungeun.
Sora nada alarem matak geunjleung. Sok sanajan wegah-
wegah ogé, maksakeun beunta. Rucang-riceng. Ngetik,
"Gugah, Mbé! Hayu urang netepan tahajud!" BBM
dikirimkeun, diémbohan ku PING!!! sababaraha kali. Ker,
kérék deui. Nyegrék.

#Fikmin "KANYAHOAN"

"Alkalamu, utawi ngaran kalam. Iku huwa, utawi
iya kalam...!" Kadéngé sora santri leutik keur
sarorogan di madrasah. Jaéd, anu asalna pura-
pura muriang waktu dititah ngaji, cengkat.
Keteyep, kuliwed ka tukangeun kobong. Gajleng ngaluncatan
pager. Leumpang rusuh mapay-mapay galengan sawah.

"Tos lami, Nyi?" haruhah-haréhoh. "Teu acan, nembé ogé lima
menitan!" Nyi Hindun tungkul semu éra. "Bapa nuju ka mana,
kitu?" Jaéd nyéréngéh, culang-cileung. "Bapa mah nuju ka
balong, marab lauk!" Nyi Hindun angger tungkul. Nyasat Jaéd
susulumputan bobogohan jeung Nyi Hindun téh, atuda anakna
Kang Haji Bakar, guru ngaji anu dipikaajrih. Mantak
keueung, mun ngalamar teu katalar Alfiyah-alfiyah acan mah.
Ari Jaéd, dadamping ogé can bener.

Jaéd diuk usad-ised ngadeukeutan. Leungeunna jeujeungkalan
rék nyekelan leungeun Nyi Hindun. Teu kanyahoan, aya nu
ngahiuk ti tukangeun. "Wadaaaw!" Jaéd ngagoak, adug-
songkol sabari nyenyekelan leungeunna. Ngalieuk ka asal
datangna nu nyamber leungeun. Katempo Kang Haji Bakar
keur ngulang-ngulang iteuk.

#Fikmin "ASIH KAPEGAT PATI"

"Nempo si Enéng teu? Abud culang-cileung
ngilikan riungan murid anyar anu keur miluan
MOS. "Si Enéng anu ditiung nya? Asana tadi téh
ditéang ku kakana, cenah mah gering!" Bejo
némbalan sabari dangdak-déngdék ngeunteung kana jandéla
kelas. "Euh, gagal deui waé rék pédékaté téh, euy!" Abud
ngaléos, paromanna hanjelu.

Ti mimiti nempo, Abud geus ngarasa kataji ku murid anyar
anu ngaranna Enéng. Geulis, bararuni, lungguh. Love at the
first sight téa meureun. Tapi meni hésé panggihna, MOS ngan
miluan tilu poé, langsung pleng, les, teu asup deui.

Geus saminggu Enéng can aya asup sakola waé, Abud mingkin
guling gasahan. Jam istirahat, manéhna rék asup pisan ka
koperasi waktu nempo ketua OSIS nulis béwara dina bor
mading, panasaran maca heula eusi béwarana, "Innalillahi
wainna ilaihi roji'un, telah berpulang ke rahmatullah ENÉNG
RAHMAWATI..." teu nepi ka bérés maca, Abud geus
ngarumpuyuk leuleus.

#Fikmin "TEPUNG MUNGGARAN"

Dagdigdug lir dulag lebaran. Neuteup fotona,
"Bismillah...!" Ngaléngkah anteb pinuh ku
kayakinan, rék ngaleupaskeun mangsa lalagasan.
Tilu bulan. Mangsa nu dianti-anti, kiwari
kasungsi. Nohonan jangji seja meungkeut asih ku tali
jatukrami.

Reres dirapalan, langsung muru ka kamar pangantén.
Jantung ratug. Ngetrokan panto, "Assalamu 'alaikum...!".
"Wa 'alaikum salaam...!" semu ngageter. "Kénging Aa lebet?"
cekéng. "Mangga, Aa!" nu di jero ngajawab. Kulutrak
mukakeun panto. Katempo manéhna diuk di sisi ranjang,
nukangan. Dideukeutan, suku asa teu napak. "Ayang...!"
alon. "Kaaah?" Nu nukangan malik, tumungkul. Diteuteup.
Tanggah, belenyéh imut. Gabrug. "I love You!" ngaharéwos. "I
love You too, Aa!" Kecap cinta anu karak silih kedalkeun ti
saprak wawuh di Dumay. Silih teuteup, teuteup munggaran.
Cipanon ngeyembeng. Bagja.

Senin, 17 November 2014

#Fikmin "Kabelejog"

Obay kapeto jadi salah saurang mentri di kabinét
anu anyar diistrénan. Hiji poé, ngayakeun sidak
ka saban kantor anu aya di departeménna. Di hiji
rohangan, katempo aya lalaki keur diuk nyarandé
sabari anteng nyoo hapé, ari anu séjén mah migawé pancénna
séwang-séwangan. Obay nyampeurkeun. Nanya, "Saha ngaran
manéh?" "Asép, Pa!" ngajawab geumpeur. "Gajih manéh
sabaraha sabulan?" Obay nanya deui. "Dua juta, Pa!" Asép
ngeluk. "Yeuh, gajih Manéh tilu bulaneun, pasangon genep
juta! Jung balik, tong kadieu-dieu deui!" Obay ngaluarkeun
duit tina tasna. Asép ngahuleng. Nampa duit, tuluy becir
sieuneun.

"Tah kitu nasib pagawé anu kedul, langsung dipecat, teu bisa
ditawar-tawar deui! Pokona gawé...gawé...gawé! Anu tadi
pagawé bagéan naon? Saha kepalana?" Obay sorana rada
tarik, hayang katangar wibawaan. Para pagawé silih pelong,
Rohangan jempling. Nepi ka salah saurang aya anu ngajawab
sabari ngadarégdég, "Punten, Pa! anu tadi mah sanés
padamel, tapi tukang céndol nuju ngantosan gelas!".

#Fikmin "Udin"

"Hayang sapatu anyaaar! Isin Udin mah di
sakolaan pada ngalédék majar sapatu Udin
lapareun!" balik sakola Udin inghak-inghakan,
sapatu anu calawak hareupna dialungkeun. "Sabar
atuh, Kasép! Pan Bapa teu acan gaduh artos, urang kaput
heula wé, nya!" bapana ngalelemu, paromanna alum, aya anu
ngeyembeng di juru panonna. "Alim, pokona hayang nu anyar!"
Udin ngagablogkeun panto.

Udin nangkeup tuur di tungtung jambatan, ambek kénéh ka
bapana anu teu cara bapa batur, kahayang anakna téh sagala
dicumponan, ka sakola gé babaturanna mah maké sapédah. Ari
bapa manéhna, tibang mangmeulikeun sapatu meni geus teu
mampuh, "Kaduhung aing boga bapa kitu!" belewer
ngalungkeun batu ka wahangan, ngabudalkeun kakeuheul ka
nu jadi bapa. Pas rék diuk deui, sarérét manéhna nempo
jelema tukang jajaluk nu keur angsrod-angsrodan, suku
duanana baruntung, ditempokeun, Udin ngahuhuleng.

Berengbeng lumpat, nubruk panto imah, ngagabrug ka
bapana, "Hapunten Udin, Pa! Muhun wios sapatu téh dikaput
wé!".

#Fikmin "Pasti Éraeun"

"Moal dibikeun ka santri si Nyai mah! Mémangna
rék diparaban kulhu? Tah geus aya calonna, Cép
Umar, sakeudeung deui rék diangkat jadi
ménéjer!" indungna Nyi Hindun néngtéréwélang.
Umar anu asalna diuk pagégéyé jeung Nyi Hindun cengkat,
nepak taktak Jaéd "Hampura nya, Kang!" pokna rada
ngajebian. Jaéd tungkul, teu lemék, teu nyarék.

"Kuring ngabéwarakeun yén dina poé ieu ngangkat Umar jadi
ménéjer di pausahaan!" Pa Bakar, Diréktur Utama biantara.
Hadirin kaleprok. Umar, Hindun, jeung indungna mésem,
sugema. "Kusabab kuring geus kolot, pausahaan rék
dipasrahkeun ka anak kuring, lulusan Al-Azhar Mesir taun
kamari!" Pa Bakar ngagupayan ka jero kantor. Torojol Jaéd,
solongkrong nyium leungeun Pa Bakar. Hadirin kaleprok. Anu
tiluan carolohok.