Jumat, 26 Februari 2016

Fikmin "KADUHUNG"

Peuting asa ku peteng. Bulan jeung béntang taya némbongan, kalimpudan reueuk hideung nu ngagayot ti beurang kénéh. Hujan nu lir dicicikeun ti langit, kalah nambahan nyongkabna haté. Kasawang, ayeuna Andi keur ngahégak paduduaan jeung Érni, wanoja nu dipikacinta ku kuring.
"Duh, Gusti...! Kalintang sesahna geuning ikhlas téh," batin jumerit. Padahal kuring nu nitah Andi ngawin Érni, malahan mah kuring nu mangmayarkeun keur ipekahna ogé. Kuring percaya ka Andi, sobat dalit nu geus dianggap dulur pet ku hinis. Tapi dina émprona mah, kuring teu mampuh meper timburu. Sapeupeuting guling gasahan, teu bisa meureumkeun panon sakerejep-kerejep acan.

Isuk-isuk, kuring gancang nepungan Andi.
"Geus cukup, Di! Wayahna, Érni serahkeun ayeuna kénéh!" Teuteup panon kuring silalatuan, nempo buuk Andi tapak kuramas.
"Ulah, Kang Andi!" Érni norojol ti kamarna.
"Rarabi téh sanés kanggo heuheureuyan. Tamaha Akang bet bobo talak, abdi alim ngalaman janten randa kaopat kalina!" mencrong kuring.
"Hampura, lur...!" Andi nangkeup Érni pageuh.
Meg!

Minggu, 21 Februari 2016

Fikmin "HITUT CANTIK"

Ti isuk hujan ngecrek. Ngadon ngadadapleu di warung. Tiiseun, euweuh nu meuli. Kabeurangnakeun, hujan téh raat. Bray. Harepan meunang panglaris, nyaangan. Jol, awéwé geulis. Dangdanan gaul, maké kacapanon hideung.
"Badé mésér naon, Néng?" cekéng, soméah. Manéhna kalah peupeureudeuyan. Brot, hitut. Rey, beungeutna bareureum. Kuring teu kuat hayang seuri, teu nyangka nu geulis gé geuning bisaeun hitut tarik. Tapi kaburu inget kana lalakon Hatim Al-asham ti Pa Ustadz. Api-api teu ngadéngé.
"Badé mésér naon?" nanya deui.
"Aya tisu, Kang?" manéhna rampang-reumpeung.
"Oh, aya...." Song, tarigu.
"Tisu, sanés tarigu," rada marahmay.
"Untung torék, jadi teu ngadéngéeun sora nu tadi," manéhna ngagerendeng.
"Di dieu mah teu icalan batu ali," nyéréngéh.
"Euh, ingah! Kasép-kasép, torékna banget!" Gégétrét. Brot deui, hitut. Leuwih tarik jeung bau.
"Éy, tos nuang endog kacingcalang, nya, Néng? Nu ieu mah bau, teu sapertos nu tadi...," kuring ngabarakatak.

Fikmin "MUHALLIL"

Peuting munggaran, pangantén tarung ragot. Uhé, jajaka tingting, manggih Karsih nu geus pangalaman. Sanajan Karsih rangda, tapi geulisna teu éléh ku parawan. Awak bohay, sampulur, taya cawadeunana. Mamayu, nepi ka sababaraha kali mindo. "Kang, abdi alim dikantunkeun...!" Nyulusup kana dada Uhé. "Akang ogé alim papisah deui. Akang nyaah ka Karsih. Tapi, kumaha perkawis jangji Akang?" Celengok, nyium tarang Karsih. "Abdi gé nyaah ka Akang. Wios lah, jangji mah teu kedah diémutan!" Karsih nangkeup mingkin pageuh.

"Geura dileueut atuh kopina, bilih kabujeng tiis!"Karsih imut. Nyusutan buukna ku anduk. "Eu, muhun...!" Uhé ngaregot cikopi. "Kunaon Akang téh bet ngahuhuleng waé?" Ngusap gegedoh cikopi nu némpél dina biwir Uhé. "Akang mah bingung, kedah kumaha atuh?" Neuteup Karsih."Pokona mah abdi alim dikantunkeun!" ngaléndotan. Uhé ngahuleng. Ras kana omongan Obay, popotongan Karsih, "Awas, ulah leuwih ti sakali meutinganana!"

Fikmin "NU HAYANG UMROH"

"Kang, mangga waé atuh angkat nyalira,ngantos cekap duaaneun mah bilih lami teuing...!" Karsih neuteup Uhé, salakina. "Tapi akang mah hoyongna duaan, pankekempelna ogé kénging urang duaan. Keun wé, sabar heula!" Uhé nangkeup tas. Tas anu kacida dipikameumeut ku manéhna. Eusina, duit dua puluh juta, meunang kukumpul sautak-saeutik, ladang Uhé ngojég.Bakating ku geus gilig hayang umroh duaan, bélaan ngadua-duakeun huap pikeun ngahontaléta cita-citana.

"Jang Uhé, tulungan! Itu...Si Udin katabrak motor...!" Ma Ucih ngagedoran panto. Rawah-riwih. "Innalillahi...!" Uhé jeung Karsih, getap kaluar ti imahna. Muru ka jalan.Bréh, Udin ngagolér, baloboran getih. "Deudeuh teuing...!" Udin dipangku. Ditaékeun kana motor,didempét di tengah ku Karsih. Udin, anak Ma Ucih, karék sabulan ditinggalkeun maot ku bapana. Ayeuna betnandangan musibah.Nepi ka rumah sakit. "Punten, kanggo nulungan pasén, kedah aya uang jaminan dua puluh juta!"Suster di UGD ngasongkeun berkas-berkas pamariksaan. Rét, Uhé jeung Karsih kana tas.

Fikmin "Jang Kaca Jeung Cép Waja"

"Tong deukeut-deukeut ka kuring, ih! Jung nyingkah sing jauh!" Jang Kaca undur-unduran.
"Wayahna, aing hayang nyoba kakuatan manéh!" Bang Palu ngadeukeutan.
"Ampun...! Ampun...!" Jang Kaca murungkut. Sieun.
"Rasakeun, yeuh!" Teu antaparah, habek Bang Palu nakol Jang Kaca. Geprék. Jang Kaca awakna ancur. Harepan pikahareupeunana mancawura, teuing ka mana. Ceurik ngageunggeuik. Nyalahkeun nasib.

Rét, Bang Palu ka Cép Waja.
"Manéh hayang ditakol ogé?" molotot.
"Mangga, sadaya-daya," Cép Waja imut.
"Oh, manéh nangtang?" Bang Palu nyentak.
"Teu pisan-pisan, nun!" Cép Waja angger kalem.
"Yeuh atuh, rasakeun!" Bang Palu ngawahan. Séak, narajang Cép Waja.
"Deui, nu palih dieu...!" Cép Waja malik. Ngasongkeun awakna nu sabeulah deui. Habek, ditakol deui satakerna. Cép Waja bulak-balik ditakolan ku Bang Palu. Teu saeutik ogé Cép Waja rumahuh.
"Alhamdulillah...!" manéhna muji syukur. Pamustunganana, Cép Waja nelah jadi Dén Bedog anu leuwih komaraan. Hirupna tinemu jeung kabagjaan.

Selasa, 02 Februari 2016

Fikmin "SABIL"

Mangpirang rasa pagalo jadi hiji. Baluweng jeung nalangsa mugagkeun bagja. Kuring neuteup Kirana, Si Cikal nu jadi kareueus kulawarga. Kabaya bodas sakelir jeung tiung nu dipapaés ku manglé, nambahan moncorong kageulisanana.
"Hapunten abah, geulis...! Asa teu téga abah kudu népakeun wiwirang ka hidep. Tapi abah bingung, kudu kumaha pipetaeun," gumerendeng. Cipanon teu kaampeuh, murubut maseuhan pipi. Hanjakal. Napsu nu matak kaduhung, kiwari diri katut buah haté nu katempuhan.
"Abah, rombongan bésan tos sumping," pamajikan muraykeun lamunan. 
"Kudu kumaha atuh?" mencétan tarang nu karasa ranyud.
"Tos wé ku abah, pan Kirana téh anak urang. Saupamana dibolékérkeun, tada teuing wirangna. Kumaha mun bésan ngabolaykeun? Karunya ka budak!" pamajikan méré bongbolongan.

"Mangga, walina ka payun!" sora panghulu lir gelap salésér. Meg. Asa aya nu nyentok jajantung. Haté mingkin sabil. Meureumkeun panon. Istighfar.
"Punten, abdi teu gaduh hak ngawalian. Nyanggakeun ka wali hakim...!" tatag. Nu hadir tingraringeuh.
"Duh, Gusti...! Abdi langkung sieun ku Anjeun," batin jumerit.