Selasa, 19 Mei 2015

AYA CINTA DI SALABINTANA

Angin ngahiliwir, seselelekét kana sela-sela jakét. Sésa girimis nambahan nyelecepna hawa Salabintana. Diuk nyarandé kana tangkal camara, bari nyérangkeun ka jalan. Geus ampir sataun, saban poé Minggu, kuring ka tempat ieu. Nganti-nganti nu can karuhan datangna. Wirda, kawawuhan di facebook. Mimitina inbox-inboxan, tuluy silihtukeuran nomer hapé. Kopdar mimitian, di hareupeun Gedung Joang. Ngawangkong sabari dinner di réstoran Jalur. Langsung loma, haté ngarasa cocog ka manéhna. Ti harita, mingkin remen nelepon jeung sms. BBM merul saban waktu. Antukna silihkedalkeun rasa. 18 Mei 2014, jangjian deui di tempat ieu, di panto gerbang Taman Rékréasi Salabintana. Ngalelengkur, tapi manéhna euweuh jol waé. Ditelepon, hapéna teu aktif. BBM céklis. Rék disusul ka imahna, tapi teu nyaho alamatna. Karék apal manéhna urang Cisaat wungkul, teuing di lebah manana. Dipaluruh ka Mangkalaya, Cibatu, Cibaraja, Cantayan, teu kapanggih. Diinbox, euweuh malesan, akunna ogé jiga nu tara onlén. Tapi sanajan manéhna geus jalir jangji, teuing kunaon, haté teu bisa dibangbalérkeun. Kasono teu weléh ngadodoho. Geus opat puluh tujuh kali jeung ayeuna, kuring ka tempat ieu, nungguan manéhna.

Wanci ampir sareupna. Kuring cengkat. Awak lungsé. Leumpang ngalénghoy ka warung, tempat kuring mihapékeun motor. Reg, aya mobil eureun hareupeun pisan. Kaca tukangna muka. Rét. Gebeg. "Wirda...?" Jantung ngadadak ratug. Manéhna malieus. Kaca mobil ditutup. Geuleuyeung, mobil maju deui. "Wirda...! Buka! Buka...!" gegedor kana kaca mobil. Mobil angger teu eureun. Diudag bari hantem gegeroan. Mobil mingkin tarik. Kuring teu eureun-eureun ngudag. Kedepruk, labuh. Awak luut-léét késang. Hayang tuluy ngudag, tapi geus leuseuh. Ngalungsar di sisi jalan. "Wirda...!" sasambat. Nempokeun mobil nepi ka ngiles di péngkolan.

Balik ka imah, langsung meubeutkeun awak kana kasur. Ngahéhérang, nempokeun lalangit kamar. Pikiran kumalayang, nginget-nginget kajadian tadi. Tina sorot panon Wirda, kaciri aya buburicakan kasono, tapi naha  sikepna bet kawas nu embung manggihan, matak hemeng. Anteng ngumbar lamunan. Teu karasa, reup kasaréan. Wirda kaimpikeun, keur lulumpatan di Salabintana. Gugupay. Diudag, tapi kalah ngajauhan. Wirda tigebrus ka jungkrang, leungeunna roroésan, ménta ditulungan. Koréjat, engapan rénghap ranjug. "Astaghfirullah...!" ngusap beungeut. Rét, kana jam dingding. Jam dua. Gap, kana hapé. Gebeg. Aya notifikasi inbox ti Wirda. Buru-buru dibuka. "Aa, hapunten abdi...!" sakitu. Kuring ngahuleng, naon maksudna? "Wirda, naha bet alim mendakan Aa? Naha teu hawatos ka Aa nu tos sataun ngantos-ngantos? Aa sono.... Minggu payun, ku Aa diantos di Salabintana. Upami Wirda leres cinta ka Aa, kedah sumping!" ngabales inboxna. Kuniang, hudang. Gidig, ka kamar mandi. Wudlu. Cong, sholat Isya, diteruskeun ku tahajud, istikhoroh, dipungkas ku witir. Ngadu'a, munajat ka Allah, nyuhunkeun bongbolongan kana masalah nu keur karandapan.

Minggu, tanggal 17 Mei 2015, pas sataun tina waktu jangjian jeung Wirda. Anu kaopat puluh dalapan kalina, kuring diuk di handapeun tangkal camara, nungguan manéhna. Nyeri beuheung sosonggéteun, nu ditungguan teu embol-embol. Ngilikan hapé, sugan aya inbox ti manéhna. Lapur, inbox teu dibalesan deui. "Duh, Gusti...!" gumerendeng. Sono nataku. Aya ku rosa ieu rasa. Rasa trésna nu pohara, éstu teu laas ku lawas, teu suda ku mangsa. Dina haté keukeuh yakin, yén Wirda jodo kuring.

Beuteung karasa kukurubukan, ti isuk can kararaban sangu. Rék ka warung téh asa mandeg mayong, inggis kuring indit, Wirda datang. Tapi awak ngalaleper, salatri. Kapaksa ka warung heula, bari angger ngalieukan ka handapeun camara. Di warung, dahar rada rusuh. Rét deui-rét deui ka handapeun camara, tapi Wirda can katempo kalangkang-kalangkangna acan. Bérés dahar, beuteung ngusial. "Duh, baku ari geus kawas cangkurileung téh..!" bingung. Tapi hayang ngising mah teu béda jeung cinta, teu bisa ditahan-tahan. Ngagidig ka WC umum, bari pikiran mah teu jongjon. Kaluar ti WC, satengah lumpat muru ka tangkal camara deui. Bréh, aya mobil nu Minggu kamari ditumpakan ku Wirda.

Buru-buru lumpat, nyampeurkeun mobil. "Wirda, buka...!" ngetrokan kaca mobil. Lalaunan kaca mobil turun. Jantung karasa ratug, dag-dig-dug lir dulag lebaran. Bray. Nu salila ieu dipikasono, nampeu hareupeun. Éstu asa ngimpi. Wirda imut, tapi paromanna ngungun. Malieus. "Wirda, Aa sono...! Ka mana waé atuh, bet nembé mendakan ayeuna...?" ngarongkong leungeunna, dikeukeuweuk. Teu karasa cipanon murubut, poho dikalalakian. Wirda ngalieuk bari nyusutan cipanonna ku tisu. "A, hapunten abdi...!" dumareuda. "Sok atuh nyarios, aya naon nu saleresna?" kuring mukakeun panto mobil. Gék, diuk gigireunna. Lila euweuh jawaban. Wirda tungkul, nutupan beungeut ku dua leungeunna. Diantep heula, nungguan leler. "Néng, Mamang badé ka warung heula, nya?" supir Wirda meupeuskeun kasimpé. "Muhun, Mang! Engkin ku abdi digentraan upami atos mah," sora Wirda alon. "Aéh, hapunten, Mang! Wios Wirda mah dijagaan ku abdi," cekéng. Karék engeuh aya supir Wirda diuk di jok hareup.

"Sok atuh nyarios, naha waktos harita Wirda teu sumping ka dieu? Padahal upami alim mah, kantun nyarios ka Aa...!" ngaranggeum leungeunna. "Saleresna abdi teu gaduh maksad jalir. Waktos harita, abdi mios seja nepangan Aa, mung...," ngagukguk. "Mung naon, geulis...?" teu sabar, hayang nyaho naon anu sabenerna kajadian. "Motor abdi nabrak angkot nu ngerém ngadadak...," eurih-euriheun. "Innalillahi wa inna ilaihi roji'un...!" kuring ngoréjat, reuwas. "Hapunten abdi, A...!" Wirda neuteup ceuleuyeu. Panonna beureum balas teu eureun-eureun ceurik. "Naha teu aya nu ngawartosan ka Aa? Terasna kumaha...?" nyusut cipanon Wirda. "Abdi teu émut di bumi alam, saurna saminggu teu sadarna ogé di rumah sakit. Sepuh abdi teu acan aya nu uningaeun ka Aa, kumargi abdi teu acan sempet wawartos, pan kawitna saatos urang pendak di dieu, nembé badé nepangkeun Aa ka sepuh abdi," Wirda ngarandeg ngalalakonna. Regot, nginum heula. "Ayeuna wé Aa mendakan sepuh Wirda, sakantenan ngalamar," kuring nyium leungeunna. "Hapunten, A! Langkung saé Aa milari istri nu sanés, abdi teu pantes kanggo Aa...!" Wirda gideug. Cipanonna murubut deui. "Naha? Wirda teu cinta ka Aa, atanapi...Wirda tos gaduh nu sanés?" karasa aya nu nyelek dina tikoro. "Henteu, A! Abdi cinta ka Aa.... Saleresna abdi sok ka dieu saban Minggu ningalikeun Aa, mung abdi teu sanggem mendakan...," ngeluk. "Naha Wirda bet téga kitu? Na teu hawatos ka Aa...? Tuh, tingali! Aa tos nyiapkeun cingcin, kalung, sareng génggé kanggo Wirda ti waktos harita. Dianggo, nya?" ngaluarkeun kotak rarangkén tina pésak jakét. Wirda gideug, usad-ised mundur. Tapi kuring maksa, ngarawél leungeunna. Cingcin diasupkeun kana jarijina. Wirda pias, basa kuring nyekel génggé. Mingkin merod. Kuring nyingkabkeun erokna nu ngagapuy. Rék nyekel sukuna, tapi ngeplos. Apay-apayan ka luhur, angger euweuh. Kuring ngahuleng. "Sampéan abdi diamputasi, A...! Matak langkung saé Aa milari istri nu sanés!" Wirda gogoakan, ngacak-ngacak buukna. Ku kuring buru-buru dicekelan. "Deudeuh teuing, geulis...! Cinta Aa teu kawatesan ku fisik, Aa nampi sakumaha ayana Wirda...!" nangkeup pageuh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar