Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "NARARONGTOT"

"Tong diuk di lawang panto, bisi nongtot jodo!" Ema ngajiwir ceuli.
"Éy, naon hubunganana? Mending kénéh nongtot bool tibatan nongtot jodo mah!" Kuring muringis.
"Tong sok gagabah ari ngomong! Budak ayeuna mah, mun dibéjaan ku kolot téh ngan némbal waé. Kabiasaan!" Ema molototan.
"Muhun, abdi mah budak ayeuna, budak baréto mah pan Ema!" Nyikikik. Ema gogodeg.

Cipanon ngembeng. Ras, ka waktu harita. Rumasa, kuring sok ngarempak pihulag kolot. Nyapirakeun kana kecap pamali. Boa-boa kusabab éta pisan, kuring bolay waé rék kawin téh. Kang Obay, diiwat ku babaturan. Geus rék jadi ka Aa Olah, kaburu ditéwak ku Baréskrim. Kang Acép nu geus ngalamar ogé, ujug-ujug ngiles. Duh, aya ku kieu-kieu teuing nasib diri. Babaturan mah geus rangda tilu kali, ari kuring can kawin waé. Éra.
Jaba angen karasa seueul. Panyakit nongtot bool kanceuh deui. Ungsrak-ingsreuk. Tina liang irung, nongtot lého. Sret. Nyusut nu nongtot tina liang ceuli ku kerah baju.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar