Kamis, 13 Oktober 2016

Fikmin "KAPOROTAN"

Paneuteup nutur-nutur manéhna. Irung mancung, kulit hideung santen, pangawakanana rada montok tapi nyari.
"Ningalikeun waé, ih!" manéhna ngalieuk. "Aa bogoh da ka Enéng!" ngiceupan.
"Éy! Piraku bogoh ka wargi?" nyikikik.
"Wios atuh, kénging ieuh. Nikah, yu!" ngarawél leungeunna.
"Alim, ah!" ngaleupaskeun cekelan.
"Heueuh, mending karawin, lah!" Ibu, indung téré kuring, nyelengkeung ti dapur.
"Alim, Bi! Bonganna kapungkur Enéng diantep!" nyiwit. Kuring ngagurubug.
"Oh, janten Enéng kapungkur bogoh ka Aa?" nyéréngéh.
"Muhun, tapi Aa kalah nikah ka Téh Fatimah!" Lumpat, nyampeurkeun Ibu.
"Puas, siah!" Ibu nyeungseurikeun.
Manéhna téh alona Ibu. Asalna mah, tara mindeng ngawangkong. Ayeuna-ayeuna wé rada deukeut téh, bubuhan kulawargana ngeusian imah bapa nu di sisi sawah.
"Néng...!" kuring ngelol ti lawang dapur.
"Alim! Piraku Aa duda, Enéng parawan? Ta u'u, wéw!" ngabegégan.

Isukna, kuring ngopi di tukangeun imah, sakalian rék megat manéhna. Uleng mikir, ngatur stratégi. Kadéngé aya sora motor. Rét.
"Dadaaah, Aa...!" manéhna gugupay, diboncéng ku lalaki.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar