Minggu, 16 Oktober 2016

Fikmin "NGADAGOAN NU NGAJURU"

Teu genah cicing. Leumpang bulak-balik hareupeun lawang rohang bersalin. Pikiran cus-cos. Melang ka pamajikan jeung ka orok nu rék dijurukeunana.
"Éa..., éa...!" Kadéngé sora orok ti jero. Buru-buru nyampeurkeun ka deukeut panto. Kulutrak, panto aya nu muka. Lol, suster.
"Éta putra abdi?" cekéng. Lunga-lengo ka jero.
"Bojo bapa, saha namina?" Suster malik nanya.
"Éla," gancang dijawab.
"Oh, sanés. Bu Éla mah teu acan."
Lol, suster hiji deui.
"Bapa, carogéna Bu Éla?" Nunjuk.
"Muhun. Kumaha bojo abdi?" teu sabar.
"Kumargi orokna ageung, sesah kaluarna, janten kedah...," teu kebat.
"Tong dicaésar, Bu!" Buru-buru ditémpas. Geus kasawang, pisabarahaeun boa waragadna.
"Teu kedah dicaésar, mung kedah diageungan wungkul palawanganana, digunting. Wios?" Suster imut. Duh, geulis suster nu ieu mah.
"Éy, Si Bapa kalah molohok ditaros téh!" Suster ngagebah.
"Aéh, muhun, wios! Tapi...," balaham-béléhém.
"Tapi naon, Pa?" Suster mencrong.
"Engkin upami ngaputna, nyuhunkeun dilangkungan sakedik..., supados janten langkung sereg dianggona...!" Kuring nutupan beungeut ku kérésék.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar