Senin, 01 Juni 2015

"BUAH KAJUJURAN"

Dina hiji dinten, Imam Syafi'i nu waktos harita masih kénéh anom, nuju calik di sisi wahangan. Panonpoé anu morérét tur hawa nu kacida nyongkabna, ngajantenkeun patuanganana karaos murilit, nagih eusi. Nuju kitu, katingali aya buah nu angkleung-angkleungan kacandak palid. Kuniang, anjeunna ngadeg, lajeng ngoéran éta buah ku rokrak. Sihoréng buah dalima anu meujeuhna asak, pikauruyeun. Éta buah, ku anjeunna dituang. Karaos ni'mat naker, ngalandongan rasa laparna anu pohara. Satutasna wareg, Imam Syafi'i nembé engeuh yén anjeunna tos nuang anu sanés hakna. Guligah manah, ngaraos hanjelu tos ngalajur hawa nafsu.

Imam Syafi'i lajeng mulih ka bumina. Wawartos ka ramana. Ramana kalintang bendu, salami ieu anjeunna tos ngadidik Imam Syafi'i pikeun nebihan tina nuang anu sanés hakna.
"Hapunten, abdi rumaos lepat..." Imam Syafi'i ngagukguk. Sasadu.
"Kanyahokeun, éta buah bakal jadi daging dina awak anjeun! Satungtung anjeun can ménta rido ka nu bogana, hartina dina awak anjeun aya daging nu teu halal. Mama mah sieun ku bebendu Allah! Jung, papay saha nu boga éta buah, pénta ridona!"
"Sumuhun, Mama! Ayeuna kénéh abdi badé mapay nu gaduh éta buah. Nyuhunkeun pidu'ana ti Mama!"

Imam Syafi'i mulih deui ka sisi wahangan. Ngaléngkahkeun sampéanana, nikreuh mapay sisi wahangan, dugi ka anjog ka hiji kebon anu aya tangka dalimaan. Éta tangkal dalima, dahanna ngaroyom ka wahangan.
"Pasti buah téh muragna tina tangkal ieu," gerentesna. Anjeunna lebet ka éta kebon. Kaleresan nuju aya jalmi.
"Assalamu 'alaikum...!" Imam Syafi'i uluk salam.
"Wa 'alaikum salam...!" Éta jalmi ngawaler.
"Haturan, nun. Abdi hoyong pendak sareng nu gaduh ieu kebon," saur Imam Syafi'i.
"Kuring nu gaduh ieu kebon, aya peryogi naon?" Walerna. Derekdek Imam Syafi'i ngalalakonkeun ti wit mendak buah, nuang, tug dugi ka ngarasa guligah manah tos nuang anu sanés hakna.
"Abdi dongkap seja nyuhunkeun ridona...!" Imam Syafi'i ngeluk.
"Pék, ku kuring diridokeun, tapi aya saratna!" Imut.
"Naon saratna, nun?" Imam Syafi'i bungangang.
"Anjeun kudu gawé di dieu salila sabulan. Sanggup?"
"Insya Allah, nu penting Salira ngaridokeun buah nu tos kateda ku abdi!"
Kocapkeun, Imam Syafi'i damel di éta kebon kalawan soson-soson dugi ka sasasih kalayan teu diburuhan. Nu gaduh kebon kalintang ngaraos kataji ku kajujuran Imam Syafi'i. Dina dinten anu panungtungan, Imam Syafi'i unjukan,
"Ayeuna tos sasasih abdi damel di ieu kebon, dupi Salira tos tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, atanapi teu acan?"
"Aya hiji sarat deui! Anjeun sanggup ngalakonanana?" Taros éta jalmi.
"Insya Allah, upami ku jalan éta Salira tiasa ngaridokeun buah nu ku abdi diteda, abdi sanggem!" Imam Syafi'i unggeuk.
"Anjeun kudu rarabi jeung anak kuring! Tapi perlu dikanyahokeun, anak kuring lolong, torék, jeung pireu. Anjeun sanggup?"
Imam Syafi'i ngagebeg. Ngaraos sabil. Anjeunna ngahuleng sajongjongan. Tapi sadayana ku anjeunna dipasrahkeun ka Allah. Anjeunna keukeuh hoyong ngéngingkeun karidoan ti éta jalmi.
"Insya Allah, abdi sanggem!"
"Ayeuna, jung anjeun indit ka imah itu! Anak kuring aya di dinya!" Éta jalmi nunjuk ka hiji bumi.
Imam Syafi'i ngajugjug ka éta bumi. Uluk salam.
"Assalamu 'alaikum...!"
"Wa 'alaikum salam...!" Waler hiji istri nu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina.
"Abdi kapiwarangan ku anu gaduh kebon pikeun mendakan putra istrina!" Imam Syafi'i nerangkeun pamaksadanana.
"Abdi putrana...!" Walon éta istri.
"Ah, lepat panginten?"
"Henteu, abdi putrana nu gaduh kebon!"
Imam Syafi'i ngahuleng. Lajeng mendakan deui jalmi nu gaduh kebon.
"Abdi tos ka bumi éta, namung teu mendakan istri sapertos nu dicarioskeun ku Salira. Aya ogé istri anu kalintang geulisna!"
"Nya, éta pisan anak kuring téh!"
"Naha geuning éta mah teu lolong, torék, tur pireu sapertos nu dicarioskeun ku Salira?"
"Enya, mémang anak kuring lolong. Panempona teu weléh karaksa. Nu ditempona ngan nu aya disabudeureun imah, jeung ayat-ayat Allah. Anak kuring torék, can kungsi ngadéngé nu teu pantes didéngé. Nu didéngéna, ngan ayat-ayat Allah. Anak kuring ogé pireu, tara ngomong anu teu pantes diomongkeun, létahna baseuh ku dzikir jeung maca ayat-ayat Allah! Kuring ngarasa kataji ku anjeun. Kuring yakin kana kajujuran tur kaluhungan akhlak anjeun. Anjeun jauh-jauh indit ti imah, mapay-mapay wahangan, ngan pikeun murih karidoan kuring kusabab anjeun geus ngadahar buah anu palid di wahangan. Ayeuna, anjeun daék teu rarabi jeung anak kuring?"
"Insya Allah, lillahi ta'ala...!" Waler Imam Syafi'i.

Pamustunganana, Imam Syafii ngadahup ka éta putra nu gaduh kebon, anu majar loong, torék, tur pireu téa.

Wallahu a'lam.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar