Sabtu, 03 Agustus 2013

Aa Mung Pameget Biasa

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
hatur nuhun margi tos milih Aa diantawis rébuan pajoang-pajoang cinta anu siap kanggo ku salira dipilih...
Padahal salira uninga, Aa mung pameget biasa, anu kacida tetebiheun tina sampurna.
Ku ayana kitu, Aa hoyong salira uninga, Aa sanés pameget anu sampurna, Aa kacida seueur kakirangan.
Mangka uningakeun...

Ka salira anu seja milih Aa jaga...
Aa teu sawijaksana Umar bin Khoththob, ku lantaran éta Aa hoyong salira uninga, Aa tiasa waé midamel kalepatan sarta tiasa ngajantenkeun salira bendu...
Mangka Aa nyuhunkeun ka salira, mugia wijaksana dina mayunan Aa, ulah bendu ka Aa, naséhatan Aa kalawan hikmah, margi kanggo Aa, nya salira pisan panaséhat Aa, moal wantun Aa ngaraheutan manah salira...

Ka salira anu tos milih Aa jaga...
Émutkeun, teu salawasna Aa tiasa kasampak kasép di payuneun soca salira, aya waktosna Aa katingal kucel. Panginten kumargi Aa kalintang rarépot di padamelan kanggo nyiar nafkah kulawargi urang.

Mangka manawi Aa henteu sempet ngarumat diri kanggo salira jaga. Atanapi salira mendak Aa lelenggutan nundutan waktos ngupingkeun cariosan salira, éta sanés margi Aa alim janten tempat salira nyarioskeun saniskanten rasa salira, nanging nuju wengi waktos salira kulem, Aa sok ngajagi salira sabari neneda pitulung sarta welas asihna Alloh.
Sarta Aa terang salira kalintang capé popolah di pawon, mangka Aa teu hoyong ngaganggu sakedik ogé tibrana salira...
Janten saupamina énjing-énjing salira mireungeuh Aa lalungsé sarta soca Aa carelong, mangka pék angger imut ka Aa, kumargi nya mung salira nu janten kakiatan Aa.... 

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
Uningakeun, Aa teu sasabar Utsman bin Affan, aya mangsanana salira mendak Aa murukusunu, teu kakontrol, éta sanés kumargi Aa mikangéwa salira, nanging Aa mung pameget biasa, mangka sing sabar, anu ku Aa diperyogikeun mung imut salira.... 

Ka salira nu seja janten garwa Aa jaga.... 
Uningakeun, Aa teu sacalakan Ali bin Abi Tholib..
Mangka ulah kantos bosen kanggo nganaséhatan Aa kana jalan nu dipokaridoNA..
Ulah kagok ngagugahkeun Aa di sapertilu wengi kanggo sasarengan munajat ka Alloh nu maha welas asih.
Ulah capé ngageuing Aa kanggo teras sasarengan nyuprih ganjaran dina amalan-amalan sunnah..
Bantos panangan Aa nuyun salira ka JannahNa supados urang tiasa angger ngahiji di lebetna...

Ka salira anu seja janten garwa Aa jaga...
Saluyu kalayan robihna wanci, salira bakal mendak rambut Aa anu kawitna hideung, robih janten ngipisan sarta cetuk huis. Kulit Aa anu kawitna limit, robih janten péot. Panangan Aa anu kawitna lemes, robih janten keusrak.... 
Sarta salira moal mendak Aa minangka pameget gandang, anu ku salira ditampi khitbahna puluhan warsih anu kalangkung.... 
Sanés deui pameget anom anu sok nyenangkeun soca salira.... 
Mangka ulah kantos béngkok sembah ti Aa.... 
Margi hiji hal anu teu kantos robih, sumawonten ti saprak kapungkur teras-terasan nambih, yaktos rasa trésna Aa ka salira.... 

Uningakeun.... Saban dinten, saban jam, menit katut detikna, tos dilangkungan ku Aa kalawan teu weléh mitresna salira. Mangka pikatrésna Aa margiNA, kalawan sakumaha ayana Aa...
Poma ulah ngaharepkeun Aa robih janten pameget sampurna.... 
Hapunten, Aa mung pameget biasa.... 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar