Minggu, 25 Agustus 2013

Sabar

Cenah, ari nu ngaranna sabar téh nyaéta di mana-mana meunang kateu ngeunahan, teu bébéja ka sasaha anging ka Alloh. Jadi lamun masih kénéh sok bébéja ka papada makhluk mah, éta can bisa disebutkeun sabar dina harti anu saéstuna.

Anapon ari sabar éta kabagi tilu :

1. Sabar dina to'at. To'at ngalakonan paréntah Alloh atawa ibadah, éta mangrupakeun kateu ngeunahan mungguh hawa napsu. Contona, urang keur genah-genah saré bari diharudum simbut, ngong wéh adzan Subuh. Mungguh hawa napsu mah pasti hayang angger wé ngaréngkol, tapi lamun urang ngeupiskeun kahoréam, tuluy hudang kalayan sadar rék nohonan kawajiban kana panggero pikeun ibadah ka Alloh, mangka éta ngaranna urang sabar dina to'at.

2. Sabar kana ma'siyat. Ari nu ngaranna ma'siyat, éta pasti karasana ngeunah mungguh hawa nafsu. Contona, lamun urang keur dina angkot, ari pék nu diuk hareupeun téh awéwé geulis, bahénol nérkom, maké lékmong jeung erok mini. Ceuk hawa nafsu mah lebar mun teu ditempo, meungpeung aya. Tapi lamun urang muntang ka Alloh, tuluy malieuskeun panempo, satékah polah ngeupiskeun rasa hayang rarampa, tah éta hartina urang sabar kana ma'siyat.

3. Sabar kana musibah. Tah, ieu pisan anu biasa dihartikeun sabar dina kahirupan sapopoé. Contona, kaluar ti masjid tos tarawéh, ari pék sendal aya nu ngarampid, jaba kiriditanana can lunas deuih. Lamun urang teu aral atawa nyumpahan nu nyolongna sing réngkod, mangka éta kaasup sabar kana musibah.

Kitu wé lah..., téwéwéw gejlig!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar