Senin, 05 Agustus 2013

Hikayat Salaki Nu Sabar

Kacaritakeun, aya saurang lalaki sholéh anu boga dulur sholéh ogé. Éta dulurna sok ngalongokan unggal sataun sakali. Dina hiji poé, manéhna datang ngetrokan panto, pamajikan éta jelema sholéh nanya di satukangeun panto "saha?"

"Kuring dulur salaki anjeun, karna Alloh kuring datang rék ngalongok" jawab éta lalaki anu nyémah.

"Salaki kuring indit ngala suluh, muga-muga manéhna teu dibalikeun deui ka dieu ku Alloh" jawab éta awéwé tuluy ngupat salakina bébéakan.

Sabot éta awéwé keur ngomongkeun kagoréngan salakina, torojol salakina datang mawa sabeungkeut suluh ditunda dina tonggong maung. Tuluy éta suluh diturunkeun tina tonggong maung sabari ngomong: "Jung balik anjeun, mugia Alloh maparin kaberkahan keur anjeun".

Kalayan marahmay tanda bungah ku kadatangan dulurna, éta lalaki uluk salam sabari ngabagéakeun dulurna pikeun asup ka jero imah. Sanggeus ngawangkong ngalér ngidul, éta dulurna amitan balik, dirina ngarasa kataji ku kasabaran éta lalaki kana sifat goréng pamajikanana. Hal éta kaciri tina sikep éta lalaki anu teu ngajawab sakecap ogé pikeun nanggepan pangjejeléh pamajikanana.

Kocapkeun dina taun anu kadua, éta dulurna datang deui ngetrokan panto, "saha?" tanya hiji awéwé ti jero imah.

"Kuring dulur salaki anjeun, datang rék ngalongok" jawab sémah.

"Wilujeng sumping" kitu pangbagéa éta awéwé kalayan soméah.

Sabot nungguan salakina, éta awéwé kacida ngahurmat sémahna jeung muji-muji kahadéan salakina. Teu kungsi lila, lalaki sholéh téa datang manggul suluh dina taktakna. Tuluy éta lalaki ngabagéakeun dulurna ngajak asup ka imah jeung nyuguhan kadaharan.

Waktu sémah téa rék balik, manéhna sempet nanyakeun pamajikan éta lalaki jeung maung nu sok mangmawakeun suluh. Éta lalaki sholéh ngajawab: "dulur, pamajikan nu goréng sungut téa geus maot, kuring sabar dina nyanghareupan sikep goréngna, ku kituna Alloh maparin kagampangan ka kuring pikeun nalukkeun maung kusabab kasabaran kuring éta. Ayeuna kuring rarabi deui jeung ieu awéwé sholéhah, kuring ngarasa tingtrim tur bagja hirup jeung awéwé ieu. Ku kituna, maung ogé dijauhkeun ku Alloh ti kuring, nepi ka ayeuna kuring kudu manggul suluh sorangan, sabab kuring ngarasa tingtrim tur bagja hirup jeung pamajikan kuring nu sholéhah ieu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar