Kamis, 01 Agustus 2013

Detik-detik Ngantunkeunana Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Ieu pisan buktos asih saleres-leresna anu tos dicontokeun Allah SWT ngalangkungan kahirupan RosulNa.


Énjing-énjing waktos harita. Cacak wiati mimitian umyang konéng di béh wétan, manuk-manuk gurun horéam mébérkeun jangjangna. Rosulullah kalayan soanten leuleus maparin khutbah pamungkasna, “Héy umat Kaula, urang kabéh aya dina kakawasaan Allah sarta asihNa. Mangka pék to’at sarta tarakwa ka MantenNa. Kaula ngawariskeun dua perkara ka aranjeun sadaya, Al-qur’an sarta sunnah Kaula. Sing saha mitrésna sunnah Kaula, hartina mitrésna Kaula sarta jaga jalma-jalma anu mitrésna Kaula, baris asup surga babarengan jeung Kaula.”


Khutbah singget éta dipungkas kalawan titingalian soca Rosul anu antaré neuteup sohabatna hiji-hiji. Abu Bakar neuteup soca éta kalayan carinakdak, Umar hariguna naék turun nahan napas sarta ceurikna. Utsman narik napas panjang, sarta Ali nungkulkeun mastakana. “Isyarat éta tos sumping, waktosna tos anjog. Rosulullah baris ngantunkeun urang saréréa,” kitu ngangluh haté sadaya sohabat waktos éta.


Jalmi pangdipikaasih éta, ampir réngsé ngalaksanakeun pancénna di dunya. Tanda-tanda éta beuki atra, nalika 'Ali sarta Fadhl kalayan tapis néwak Rosulullah anu kaayaanana leuleus sarta jumarigjeug waktos lungsur ti mimbar. Di waktos éta, saupamina sanggem, sakumna sohabat anu hadir di dinya pasti baris nahan detik-detik ngalangkung. Panonpoé beuki luhur, namung panto bumi Rosulullah katutup kénéh. Anapon di lebetna, Rosulullah nuju ngalempréh leuleus kalayan ta’arna anu ngésang sarta ngabaseuhan palapah korma anu janten dadampar kulemna.


Nuju kitu, ujug-ujug ti luar panto kakuping aya saurang anu uluk salam.


“Naha kénging kuring lebet?” tarosna. Namung Fatimah henteu ngidinan lebet.


“Hapunten, pun rama nuju muriang,” waler Fatimah sabari ngabalikeun salirana sarta nutupan panto.


Saterasna anjeunna nyarengan deui ramana anu tétéla tos mukakeun soca sarta naros ka Fatimah.


“Saha téa éta, Anaking?”


“Teu terang, Rama! Sapertosna jalmi énggal, nembé sakali ieu abdi ningalna,” saur Fatimah alon.


Teras, Rosulullah neuteup putrina éta kalayan titingalian anu ngageterkeun. Kaya-kaya bagéan-bagéan pameunteu putrina éta badé dijantenkeun panineungan.


“Uningakeun, Anaking! Anjeunna anu ngahapuskeun kani’matan samentawis, anjeunna anu misahkeun pasamoan di dunya. Anjeunna malakul maot,” saur Rosulullah.


Fatimah nahan ceurikna.


Malaékat maot tos sumping ka payuneun. Rosulullah naros, naha Jibril henteu nyarengan. Saterasna Jibril digentraan, anu sateuacanna tos siap-siap di luhur langit dunya pikeun ngabagéakeun roh kakasih Allah sarta pamingpin dunya ieu.


“Jibril, wawarkeun naon hak kuring engké di payuneun Allah?” Rosululllah naros kalayan soanten anu alon pisan.


“Panto-panto langit tos kabuka, para malaékat tos ngantosan roh Anjeun. Sadaya panto surga kabuka rubak ngantosan sumpingna Anjeun,” waler Jibril.


Namung, sadaya guaran Jibril éta henteu ngajantenkeun Rosul bungangang, socana pinuh kénéh kahariwang sarta patarosan.


“Naha Anjeun henteu gumbira ngadangu wartos ieu?” taros Jibril deui.


“Cik, carioskeun ka kuring, kumaha nasib umat kuring jaga, sadikantun kuring?”


“Ulah salempang, héy Rosul Allah, kuring kungsi nguping Allah ngadawuh, Kaula ngaharamkan surga pikeun saha waé, kajaba umat Muhammad geus aya di jerona,” waler Jibril ngayakinkeun.


Detik-detik beuki caket, waktosna Izro’il ngalakonan pancén. Lalaunan roh Rosulullah dikenyang. Katingal sakumna waruga Rosulullah luut-léét késang, urat-urat tenggékna ngaheurasan.


“Jibril, duh kacida nyerina sakaratul maot ieu.” Lalaunan kadangu haroshosna soanten Rosulullah ngaharegung.


Fatimah mung sanggem meureumkeun socana. Sedengkeun Ali anu calik di sapalihna mung wasa nungkulkeun mastakana mingkin ngeluk. Jibril ogé malieuskeun pameunteu.


“Naha geuleuh Anjeun ningali kuring, dugi ka Anjeun malieuskeun pameunteu anjeun, Jibril?” taros Rosulullah ka Malaékat panganteur wahyu éta.


“Saha téa anu sanggem, ningal kakasih Allah dicandak ajal?” waler Jibril bari teras malieus.


Sadetik saterasna kakuping Rosulullah ngocéak kumargi ngaraos nyeri anu tos henteu katahankeun deui.


“Ya Allah, pohara pisan maot ieu, keunakeun waé sadaya siksa maot ieu ka abdi, ulah ka umat abdi,” pundut Rosul ka Allah.


Salira Rosulullah mimitian tiis, sampéan sarta hariguna tos teu usik deui. Lambeyna ngageter kawas badé ngaharéwoskeun hiji hal. Mangka Ali gura-giru ngaraketkeun cepilna.


“Uushiikum bish sholati, wa maa malakat aimanukum!”


Di luar panto, anu ceurik mimiti kakuping patémbalan, sohabat silih rangkul. Fatimah nutupan pameunteu ku pananganana, sarta Ali ngaraketkeun deui cepilna kana lambey Rosulullah anu mimiti geunteul.


“Ummati, ummati, ummati....” Sarta, wekasan hirup jalmi mulia anu maparin cahya kamulyaan éta. Kiwari, Naha mampuh urang mitrésna sapertos Mantenna? Allahumma sholli ‘ala Sayyidina Muhammad wa baarik wa salim ‘alaihi. Kacida asihna Rosulullah ka urang sadaya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar