Rabu, 31 Juli 2013

Pais Tai


Si aki jeung si nini hirup rumah tangga geus mangpuluh-puluh taun éstu runtut raut sauyunan lir ibarat roméhong jeung julaeut.

Hijii waktu si aki gering rada parna, kangaranan nu gering, barang dahar gé teu ngarareunah. Pan cenah lamun hiji jalma gering téh, mangka Alloh maréntahkeun ka malaikat supaya ngangkat 4 perkara ti éta jalma nyaéta cahaya beungeutna matakan geuning ari nu gering mah sok pias, kakuatan awakna, nafsu barang daharna jeung dosana. Tah dimana-mana éta jalma cageur, mangka Alloh maréntahkeun deui ka malaikat supaya ngabalikeun deui ka éta jalma cahaya beungeutna, kakuatan awakna jeung nafsu barang daharna nu matak sok aya paribasa mamayu geuning. Anapon ari dosana mah teu dibalikeun deui kulantaran geus kakifaratan asal keur geringna sobar wé.

Geus ah da lain rék nyaritakeun éta. Kusabab teu ngareunah barang dahar téa, si aki téh ngageroan si nini "Nini, aki mah barang dahar téh ngan teu ngareunah waé, cikan asa hayang ngasaan pais tai,  bangun ngeunah euy disurawungan, omat laksanakeun bisi aki pondok umur!"

Demi cinta, bari jarijipen ogé si nini teh kapaksa ngalaksanakeun  kahayang si aki, mais tai bari disurawungan meni loba. Geus bérés diasongkeun ka si aki "Tah aki pais tai téh, sok geura dahar!" Si aki curinghak "Ih nini meni bageur, sok coba asaan heula ku nini ngeunah teu?". Si nini ngahuleng "éh kalah ngahuleng, coba asaan heula ku nini, laksanakeun bisi aki pondok umur!" ceuk si aki deui.

Ku sabab demi cinta deui waé, antukna si nini muka pais tai téa tuluy diasaan. "khoééék...khoéééékkk...chuaaaaaahhhh....geuning pait pais tai téh aki" ceuk si nini bari utah uger. Si aki némbal "Euh di asaan ku nu cageur gé geus pait, komo deui ku nu gering meureun, piceun wé!" ceuk si aki bari ngaréngkol deui.

Sanajan dongéng téh rada jorok, aya hikmah di jerona nyaéta nu ngaranna pamajikan kudu satuhu, turut tumut kana paréntah nu jadi salaki, nya teu kitu-kitu teuing sih da ari nitah mais tai mah teu kudu dicumponan, haram atuh didaharna ogé...éta mah didramatisir wé...heureuy sunda....heuheuheu....cag!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar