Rabu, 31 Juli 2013

Lalakon Asih Sayyidina 'Ali Sareng Sayyidatina Fathimah

Aya rusiah pangjerona dina haté ‘Ali anu disidem teu dibetuskeun ka singsaha waé ogé. Fathimah, sobat leutikna, putri kadeudeuh Rosulullah anu nyaéta misanna pisan, éstuning mikat atina. Lungguhna, ibadahna, rapékan gawéna, ogé kageulisanana.

Cik tingali mojang éta, dina hiji poé waktu ramana mulih kalawan tatu anu abor-aboran ku getih sarta mastaka anu lamokot ku eusi beuteung onta. Fathimah ngaberesihan kalawan ati-ati, dielapan kalayan pinuh asih. Anjeunna meuleum lawon, ditémpélkan kana tatu pikeun ngeureunkeun getih ramana. Kabéhanana dipigawé kalawan panon ramisak sarta haté ceurik balilihan. Muhammad ibn Abdullah Al-Amin asa ku teu pantes dikitu-kitu ku kaomna!

Mangka mojang alit éta ngoréjat. Gagah anjeunna leumpang nuju Ka’bah. Di ditu, para dedengkot Quraisy anu mimitina tingbarakatak ngagulkeun kalakuanana ka Rosulullah, dadak sakala jep jempé. Fathimah nyarékan laklak dasar maranéhanana nepi ka waktu kawas anu kandeg, teu méré sungut-
sungut kotor éta kasempetan pikeun ngajawab. Matak hélok! 'Ali teu weruh naha rasa éta bisa disebut asih?

Tapi, 'Ali ngajenghok nalika hiji poé ngadéngé béja anu pikareuwaseun. Fathimah dilamar saurang lalaki anu pangdalit sarta pangdeukeut kalungguhanana jeung Rosulullah. Lalaki anu buméla ka Islam kalawan harta sarta jiwa ti saprak mimiti risalah. Lalaki anu iman sarta akhlaqna teu dicangcaya deui, Abu Bakr Ash Shiddiq Rodhiyallahu ’Anhu.

”Allah nuju nguji kutan,” kitu batin ’Ali. Anjeunna ngarasa diuji alatan rumasa naon harti dirina dibandingkeun Abu Bakr. Kalungguhan di sagédéngeun Nabi? Abu Bakr leuwih utama, meureun justru alatan Abu Bakr lain baraya deukeut Nabi kawas ’Ali, tapi kaimanan sarta bumélana ka Alloh sarta RosulNa teu aya bandinganana. Cik tingali kumaha Abu Bakr jadi réncang lalampahan Nabi dina hijrah, sedengkeun ’Ali ngabogaan tugas ngagantikeun mantenna pikeun ngadagoan pati di ranjangna. Cik tingali ogé kumaha Abu Bakr da’wah. Tingali sabaraha loba inohong, gegedén sarta sudager Makkah anu asup Islam alatan Abu Bakr; Utsman, ’Abdurrahman ibn ’Auf, Thalhah, Zubair, Sa’d ibn Abi Waqqash, Mush’ab. Ieu anu mustahil dipigawé budak kurang gaul kawas ’Ali. Cik tingali sabaraha loba 'abid muslim anu dimerdikakeun sarta para faqir anu dibéla Abu Bakr; Bilal, Khabbab, kulawarga Yassir, ’Abdullah ibn Mas’ud. Sarta saha 'abid anu dileupaskeun ’Ali? Ti sisi kasugih, Abu Bakr sudager, insya Allah leuwih bisa ngabagjakeun Fathimah. ’Ali ngan nonoman malarat ti kulawarga malarat.

”Ieu pisan duduluran sarta asih,” gerentes ’Ali. ”Kuring ngutamakeun Abu Bakr tibatan diri kuring, kuring ngutamakeun kabagjaan Fathimah tibatan asih kuring.”

Asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan, sadrah, atawa nyokot kasempetan. Asih nyaéta wawanén, atawa pangorbanan.

Sawatara waktu ti harita, tétéla Allah numuwuhkeun deui sirung-sirung pangharepan dina haténa anu sempet leumpeuh. Lamaran Abu Bakr ditampik. Sarta ’Ali terus ngajaga sumangetna pikeun nyiapkeun diri.

Ah, ujian éta kutan tacan lekasan. Sanggeus Abu Bakr mundur, datang deui anu ngalamar Fathimah. Saurang lalaki séjén anu gagah tur gandang. Saurang lalaki anu ti saprak asup Islamna ngajadikeun kaum muslimin wani ajeg ngangkat beungeut. Saurang lalaki anu ngajadikeun sétan lalumpatan sieun sarta satru-satru Alloh taluk. 'Umar ibn Al Khoththob. Enya, Al Faruq, anu misahkeun bebeneran jeung kabathilan éta ogé datang ngalamar Fathimah. ’Umar mémang asup Islam pandeuri, kira-kira 3 warsih sanggeus ’Ali sarta Abu Bakr. Tapi saha anu cangcaya kana kaikhlasanana? Saha anu cangcaya kana calakanana pikeun ngudag pamahaman? Saha anu cangcaya rongkah bumélana, anu ngan ’Umar sarta Hamzah anu sanggup méréna di kaum muslimin? Sarta leuwihna ti éta, ’Ali ngadéngé sorangan, kacida mindengna Nabi nyarios, ”Kuring datang babarengan Abu Bakr sarta ’Umar, kuring kaluar babarengan Abu Bakr sarta ’Umar, Kuring asup babarengan Abu Bakr sarta ’Umar....” Kacida luhur kalungguhanana di sisi Rosul, di sisi ramana Fathimah. Tuluy coba bandingkeun kumaha dirina hijrah sarta kumaha ’Umar ngalakonanana. ’Ali nyusul Nabi kalayan rerencepan, dina udagan satru anu prustasi alatan teu manggihan Mantenna Shollallahu ’Alaihi wa Sallam. Mangka dirina ngan wani leumpang di poékna peuting. Saleuwihna, ti beurang dirina néangan kalangkang gundukan pasir keusik. Ngadagoan sarta nyumput. ’Umar geus indit saméméhna. Umar thowaf tujuh kali, tuluy naék ka luhur Ka’bah.”Héy Quraisy!” cenah. ”Poé ieu putra Al Khoththob baris hijrah. Sing saha anu hayang pamajikanana jadi randa, anakna jadi yatim, atawa indungna tunggara teu eureun-eureun. Sok, pegat ’Umar di pipir pasir ieu!” ’Umar nyaéta lalaki gedé wawanén. ’Ali, sakali deui sadar. Dipeunteun ti kabéh juru dina tetempoan jelema loba, dirina nonoman anu tacan siap nikah. Sumawona nikah ka Fathimah binti Rosulillah! Henteu. ’Umar jauh leuwih meujeuhna. Sarta ’Ali ridho.

Asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan. Nyokot kasempetan, nya éta pisan wawanén. Atawa sadrah, anu kieu pangorbanan téh.

Mangka ’Ali bingung nalika béja éta tétélépa. Lamaran ’Umar ogé ditampik. Minantu modél kumaha anu dipikahoyong Nabi? Anu kawas ’Utsman miliarder anu geus nikah ka Ruqoyyah binti Rosulillah? Anu kawas Abul ’Ash ibn Rabi’, sudager Quraisy éta salaki Zainab binti Rosulillah? Ah, dua minantu Rosulullah éta éstuning ngajadikeun leungit kapercayaan diri. Di antara Muhajirin ngan ’Abdurrohman ibn ’Auf anu sarimbag jeung aranjeunna. Atawa Nabi hoyong nyandak minantu ti Anshor pikeun ngaraketkeun duduluran? Sa’d ibn Mu’adz, pamingpin Aus anu kasép, kitu? Atawa Sa’d ibn ’Ubadah, pamingpin Khazraj anu jalingeur pinuh sumanget?

”Naha lain anjeun anu mecakan sobat?” kitu ceuk sobat-sobat Anshorna ngageuingkeun lamunan.
”Naha anjeun teu mecakan ngalamar Fathimah? Kuring boga wirasat, anjeun pisan anu dianti-anti Baginda Nabi....”
”Kuring?” tanyana teu yakin.
”Enya, Anjeun, lur!”
”Kuring ngan nonoman malarat. Naon anu bisa diandelkeun?”
”Kuring di satukangeun anjeun, sobat! Muga Allah nulungan anjeun!”

Antukna, lah-lahan ’Ali nepungan Nabi. Mangka kalayan ngawani-wanikeun manéh, ditepikeun ogé kahayangna pikeun nikah ka Fathimah. Enya, dirina weruh, sacara ékonomi teu aya anu ngajangjikeun dina dirina. Ngan aya sasét baju beusi, ditambah sasadiaan tipung garihal pikeun daharna. Tapi ménta waktu dua atawa tilu warsih pikeun siap-siap? Éta ngérakeun! Ménta Fathimah nganti di wates waktu nepi ka dirina siap? Éta pohara bubudakeun. Umurna geus leuwih dua puluh taun ayeuna.
”Anjeun nonoman sajati, héy ’Ali!” kitu gerentes haténa ngingetkeun. Nonoman anu siap tanggung jawab kana rasa asihna. Nonoman anu siap manggul risiko kana pilihan-pilihanana. Nonoman anu yakin yén Allah Maha Beunghar.

Lamaranna dijawab, ”Ahlan wa sahlan!” Kecap éta kedal alon disarengan imut Nabi. Kiwari dirina bingung. Naon maksudna? Kedalan wilujeng sumping éta hésé pikeun bisa disebutkeun minangka isyarat panarimaan atawa tampikan. Ah, meureun Nabi ogé bingung pikeun ngawalerna. Meureun henteu ayeuna. Tapi manéhna siap ditampik. Éta risiko. Sarta kajelasan jauh leuwih hampang batan nanggung beungbeurat pasualan anu teu manggih jawaban. Sumawona nundana dina haté, lir ibarat parahu anu angkleung-angkleungan di sagara tur teu manggih basisir. Ah, éta nyelekit.

”Kumaha waleran Nabi, lur? Kumaha lamaran anjeun?”
”Teuing atuh....”
”Naon maksud anjeun?”
”Nurutkeun aranjeun, naha ’Ahlan wa Sahlan’ hartina hiji jawaban?”
”Dasar tolol! Tolol!” ceuk sobat-sobatna.
”Éh, hampura sobat.... Maksud kuring, hiji waé geus cukup. Sedengkeun anjeun meunangkeun dua! Ahlan waé geus hartina enya. Sahlan ogé. Sarta anjeun meunangkeun Ahlan wa Sahlan, sobat! Duanana hartina enya!”

Kocapkeun, ’Ali nikah ogé ka Fathimah. Kalayan ngagadékan baju beusina. Kalayan imah anu mimitina rék disumbangkeun ku sobat-sobatna, tapi Nabi keukeuh ambéh anjeunna mayar kalawan nyicil. Éta hutang.

Kalayan wawanén ngorbankeun asihna pikeun Abu Bakr, ’Umar, sarta Fathimah. Kalayan wawanén pikeun nikah. Ayeuna. Lain pasini-pasini sarta engké-engké. ’Ali nyaéta jéntelmén sajati. Teu héran lamun nonoman Arab ngabogaan yél, “Laa fatan illa ‘Aliyyan! Teu aya nonoman kajaba Ali!”

Ieu pisan jalan asih para pajoang. Jalan anu nepungkeun asih sarta kabéh rarasaan kalayan tanggungjawab. Sarta di dieu, asih teu kungsi ménta pikeun ngadagoan. Kawas ’Ali. Anjeunna sadrah, atawa nyokot kasempetan. Anu kahiji nyaéta pangorbanan. Anu kadua nyaéta wawanén.

Sarta tétéla teu kurang ogé anu dipigawé ku Putri Nabi. Dina hiji riwayat dilalakonkeun, yén hiji poé (sanggeus aranjeunna nikah), Fathimah nyarios ka ‘Ali,
“Hapunten abdi! Alatan sateuacan nikah ka anjeun, abdi kantos sakali ngaraoskeun ragrag asih ka saurang nonoman”
‘Ali ngarénjag sarta naros, “lamun kitu, naha anjeun daék nikah ka kuring? sarta Saha téa nonoman éta?”
Bari kéom Fathimah ngawaler, “Enya, nonoman éta téh diri anjeun pisan.”

Carita ieu ditepikeun di dieu, lain pikeun ngajadikeun urang jadi ngapung ngawang-ngawang atawa roromantisan. Carita ieu ditepikeun, supaya urang bisa diajar ti ‘Ali sarta Fathimah, yén tétéla duanana geus ngabogaan rasa anu sarua ti saprak aranjeunna tacan nikah, tapi kalayan rikip duanana ngajaga rasa éta.... Rasa anu insya Allah baris éndah nalika waktuna anjog.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar