Selasa, 30 Juli 2013

ÉNDAHNA SYUKUR, SARTA TÉTÉLA SYUKUR ÉTA LEUWIH BEURAT TIBATAN SABAR

” KURING TEU SOK MEUNANGKEUN NAON ANU KU KURING DIPIKARESEP…KU ALATAN ÉTA KURING SOK MIKARESEP NAON WAÉ ANU KU KURING DIPIBANDA…” Syukur mangrupa kualitas haté anu pangpentingna. Kalayan syukur urang bakal dikeputan rasa tingtrim sarta bagja. Sabalikna, rasa teu syukur bakal ngaganggayong urang. Urang bakal teu weléh ngarasa kurang sarta teu bagja.

Aya dua hal anu mindeng ngajadikeun urang teu syukur:

Kahiji: Urang Mindeng mokuskeun diri kana naon anu ku urang dipikahayang, lain kana naon anu ku urang dipiboga. Misalna anjeun geus ngabogaan hiji imah, tutumpakan, pakasaban tetep, sarta pasangan anu pangalusna. Tapi anjeun masih ngarasa kurang. Pikiran anjeun dipinuhan sagala rupa udagan sarta kahayang. Anjeun miharep imah anu leuwih badag sarta agréng, mobil méntéréng, sarta pakasaban anu ngadatangkeun leuwih loba duit. Urang hayang itu jeung éta. Lamun teu meunangkeunana urang terus mikiranana. Tapi ahéngna, sanajan geus meunangkeunana, urang ngan ngarasakeun kasenangan sajongjonan. Urang tetep teu sugema, urang hayang anu leuwih deui. Jadi, najan sakumaha lobana harta anu ku urang dipiboga, urang teu kungsi jadi “BEUNGHAR” dina harti anu saéstuna.

Hayu urang lempengkeun pamahaman urang ngeunaan jelema “beunghar”. Jelema anu “beunghar” lain jelema anu ngabogaan loba hal, tapi jelema anu bisa ngarasa syukur kana naon waé anu ku maranéhanana dipiboga. Tinangtu kaci-kaci waé urang ngabogaan kahayang, tapi urang perlu nyadar yén ieu pisan akar rarasaan teu tingtrim. Urang bisa ngarobah rarasaan ieu kalayan mokuskeun kana naon anu geus ku urang dipiboga. Pék cobaan tempo kaayaan di sakuriling anjeun, pikirkeun anu ku anjeun dipiboga, sarta pék syukuran. Anjeun baris ngarasakeun ni’matna hirup.

Hayu puseurkeun paningali urang kana sipat-sipat alus dunungan, pasangan, sarta jalma-jalma di kira-kira urang. Maranéhanana pasti baris jadi leuwih nyenangkeun. Saurang pangarang kungsi ngomong, “Pék rarabi jeung jelema anu ku Anjeun dipikaasih, sanggeus éta pikaasih jelema anu ku Anjeun dirarabian.” Ieu téh wujud tina rasa syukur. Kuring kungsi maca hiji carita ngeunaan saurang jalma anu humandeuar alatan teu bisa meuli sapatu, padahal sapatuna geus lila garah. Hiji soré manéhna nempo hiji jalma anu teu miboga suku, tapi teu weléh marahmay. Waktu éta ogé si jalma eureun humandeuar sarta mimitian muji syukur.

Kadua: Anu mindeng nyieun urang teu syukur nyaéta kabiasaan ngabanding-bandingkeun diri urang jeung batur. Urang ngarasa batur leuwih boga untung. Ka mana ogé urang indit, sok aya jelema anu leuwih pinter, leuwih kasép, leuwih geulis, sarta leuwih beunghar ti urang. Jukut tatangga mémang mindeng katempo leuwih héjo tibatan jukut di pakarangan sorangan…Hirup baris leuwih bagja lamun urang bisa ngani’matan naon anu ku urang dipiboga. Alatan éta, syukur mangrupa kualitas haté anu pangluhurna.

Pék geura syukur! Syukuran yén urang tacan siap ngabogaan hiji hal anu ku urang dipihayang…..Lamun geus kitu, sumawona naon anu kudu dipikahayang?

Pék geura syukur lamun urang henteu weruh hiji hal…Alatan éta méré urang kasempetan pikeun diajar…

Pék geura syukur kana mangsa-mangsa hésé…Di mangsa éta pisan urang bisa tumuwuh…

Pék geura syukur kana sagala kawawatesanan urang…Alatan éta méré anjeun kasempetan pikeun tumuwuh sarta ngabenerkeun diri…

Pék geura syukur kana saban tangtangan anyar…Alatan éta baris ngawangun kakuatan sarta sipat urang…

Pék geura syukur kana kasalahan anu kungsi ku urang dijieun…Alatan éta baris méré pangajaran anu pohara pikeun jadi leuwih hadé……

Pék geura syukur lamun urang capé, leuseuh sarta teu boga daya…Alatan dina dasarna urang geus nyieun hiji béda dina ngamangpaatkeun waktu……

Bisa jadi gampang pikeun urang syukur kana hal-hal anu alus…Hirup anu medah-meduh datang ka maranéhanana anu ogé bisa syukur kana mangsa paila…

Rasa syukur bisa ngarobah hal anu négatip jadi positip. Kahirupan anu ngabogaan ma’na nyaéta pikeun maranéhanana anu ogé bisa syukur kana kahéséan anu disanghareupan.

Manggihan cara muji syukur kana masalah-masalah anu ku urang dipanggihan tinangtu kabéh éta baris jadi berkah pikeun urang…Hayu Sobat…Hayu urang saréréa leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh, Ambéh tungkul waktu anu séjén dangah..Ambéh pengkuh waktu anu séjén runtuh..Ambéh pangger waktu anu séjén ngalungsar..

Alloh Subhanahu wa Ta’ala ngadawuh, “ Lamun aranjeun syukur kana ni’mat-ni’mat Kaula, Kaula baris ngémbohan deui ni’mat-ni’mat Kaula. Tapi lamun aranjeun kufur ni’mat, ingetkeun saéstuna siksa Kaula pohara peurihna.” (Ibrohim ayat 7). Maksud ti ayat ieu yén Alloh mikaresep jalma-jalma anu syukur kana ni’mat-ni’mat anu dibikeun, bari baris diémbohan deui ni’mat-Na.

Tapi naon anu kabuktian yén manusa di waktu narima ni’mat anu geus dipaparin ku Alloh Subhanahu wa Ta’ala gampang pisan pikeun manusa poho di temah wadi sarta ngagunakeun ni’mat Alloh éta ka jalan anu taya gunana atawa leuwih beurat deui kana jalan ma’siat. Lamun ieu lumaku, mangka ni’mat éta baris ditukeur jadi balahi atawa meunang la’nat ti Alloh.

Lamun diperhatikeun kahirupan manusa ieu kalayan tarapti, mangka baris kapanggih manusa sadetik ogé henteu leupas ti ujian. Manusa diuji kalayan ujian kasusahan atawa ujian ni’mat anu piligenti datangna. Saterusna manusa ditungtut sangkan sabar dina narima kasusahan sarta syukur dina narima ni’mat. Jadi, dina hakékatna, naon waé parobahan anu lumaku dina hirup manusa ieu, manéhna ngan miboga dua sipat atawa dua wangun. Sarua aya ujian kasusahan sarta atawa ujian ni’mat. Wangun ujian ieu pisan, haté urang perlu narimana kalayan bener, nyaéta sabar lamun narima kasusahan sarta syukur lamun dikurniakeun ni’mat.

Dawuhan Alloh Subhanahu wa Ta’ala dina hiji Hadits Qudsi anu nyebutkeun ngeunaan sipat syukur, “Lamun Kaula nguji Aranjeun kalayan kasusahan, Aranjeun henteu daék sabar, sarta lamun Kaula nguji Aranjeun kalayan ni’mat, Anjeun henteu daék syukur, mangka jung nyingkah Anjeun ti bumi sarta langit Alloh ieu sarta jung indit téangan Pangéran anu séjén.”

Jadi sabar éta leuwih hésé sarta leuwih beurat pikeun dipraktékkeun, alatan dina sabar, haté manusa perlu diuji ngaliwatan kasusahan, kahariwang, sarta kapeurih. Émosi, pikiran sarta katenangan jiwana kaganggu, kabagjaan jadi leungit. Sedengkeun dina syukur kasampak leuwih gampang sabab haté manusa aya dina kaayaan jongjon sarta atoh, euweuh kasusah atawa kapeurih.

Naha bener syukur éta leuwih gampang tibatan sabar? Lamun bener, naha kabéh jelema henteu sanggup syukur? Sarta naha jalma-jalma anu bener-bener syukur éta saeutik pisan? Alloh Subhanahu wa Ta’ala ngadawuh, “Saeutik pisan ti hamba-hamba Kaula anu syukur.” (As-saba’ ayat 13).

Syukur éta sabenerna mangumpak-umpak. Hiji jalma lamun meunangkeun kani’matan, maranéhanana muji Alloh kalayan ngedalkeun ‘Alhamdulillah’. Ieu syukur cara biasa. Hal ieu ngan saukur kedalan waé, anu tacan hartina kana syukur anu sabenerna. Lamun ngan kedalan waé, sedengkeun tungtutan-tungtutan séjén dina syukur éta henteu dilaksanakeun, mangka dipikahariwang kedalan ‘Alhamdulillah’ éta saukur pikeun kaulinan wungkul.

Hiji jalma lamun narima ni’mat atawa disalametkeun ti musibah, saterusna muji Alloh sarta ngedalkeun ‘Alhamdulillah’, di sagédéngeun ti éta haténa bener-bener ngarasakeun yén Allah anu geus maparin kani’matan éta, atawa yén Allah anu geus ngajauhkeun tina musibah, mangka dibéré ganjaran, alatan ngarasakeun syukur éta di jero haté maranéhanana. Ieu syukur tingkat kadua.

Sedengkeun syukur anu sabenerna nyaéta lamun syukur anu diucapkan ku létah, dirasakeun atawa ditasdékkeun di jero haté, sarta dilaksanakeun dina gawéna. Jadi di sagédéngeun ngedalkeun ‘Alhamdulillah’, ngarasakeun dina haté yén Alloh anu ngurniakeun ni’mat éta, saterusna ni’mat éta dipaké atawa dikorbankeun ka jalan Alloh, mangka ieu pisan hakékat syukur anu sabenerna (tingkat pangluhurna). Contona, kasugihan éta perlu dipaké kana jalan Alloh pikeun mantuan fakir miskin, pikeun jihad fisabilillah sarta pikeun kemaslahatan umat Islam sakabéhna. Kitu pisan ogé kalayan sagala wangun ni’mat Alloh anu séjén, kabéhanana perlu dimangpaatkeun ka jalan Alloh pikeun meunang karidhoanNa.

Sedengkeun dina hal sabar, urang henteu dipurih tanggung jawab sajaba ti nahan rarasaan. Naon anu dipigawé saukur ngajaga sarta ngatik haté sangkan bisa narima katangtuan Alloh éta sarta hadé sangka ka MantenNa.

Tah kakarak ayeuna urang paham, naha Alloh ngadawuh yén saeutik pisan hamba-hamba-Na anu syukur sabab syukur éta sorangan lain hiji masalah anu gampang. Paham wéh urang ayeuna, syukur éta kutan leuwih beurat tibatan sabar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar