Selasa, 30 Juli 2013

Édaaaaaaaaaasss....

Ku asa waas mun ras ka mangsa nu tos lawas, harita urang pendak di setamplas waktos ngantosan beus jurusan Rangkas. Enéng katingal geulis meni nyacas nganggo karémbong sutra kayas.

Teras akang nganjang ka bumi Enéng di Cicadas. Urang calik paduduaan ditepas uplek ngobrol sagala dibahas. Namung Enéng ngadadak reuwas majar téh akang kawas nu kirang waras, éta susuguh dugi ka korédas, séép buras opat belas sareng sirop tujuh gelas.

Tapi dasar jodo, akhirna urang kauntun tipung katambang béas. Sanaos ka Enéng seueur nu mikawelas, aya kang Jajang pulisi lalu lintas, Kang Didi mantri di puskésmas, Kang Vijay bandar gas,
Kang Iding PNS nu tugas di Diknas,
ogé Kang Irpan nu tara leupas ti dasi sareng jas, namung Enéng keukeuh milih akang nu kasép kawas Antonio Bandéras.

Dina laki rabi upami teu usaha mah cilaka dua belas. Lahlahan akang usaha ka Gunung Pongkor ngagali emas, susuganan kenging anu saageung monas. Namung bet matak baluas, da geuning seueur préman anu ngompas, upami teu dipasihan teh bisa-bisa tiwas alatan beuheung ditigas. Akang oge nyobian janten pamaén bola kawas Bambang Pamungkas, namung sampéan kalah péngkor balas pada néngkas. Teras akang gaduh niat ka Saudi janten TKI nyupiran beus patas, namung ku Enéng ditémpas majar téh ulah badé luas, kumaha upami tengah wengi Enéng peryogi nu heuras-heuras. Antukna akang damel di mébel ngadamelan lomari sareng tékas, Akang purah ngahampelas sareng mulas
diulas-ulas nganggo koas. Namung gajihna geuning mung cekap kanggo dua litereun béas. Duh, sok ngahelas upami murangkalih ngadat hoyong jajan permén gulas, jaba kiriditan kulkas ogé teu acan lunas.
Ku harianeun, gaduh tatanggi ogé geuning kalah pada mupuas.

Untungna Enéng mah dicandak hirup susah ogé tetep ikhlas, nu penting mah awak jagjag waringkas,
ibadah sing soson-soson sanaos tarang dugi ka dadas, usaha wéh sing bedas... Palias, harepan ulah dugi ka peunggas!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar