Rabu, 31 Juli 2013

Operasi Pelastik


Aya hiji awéwé, umurna leuwih ti 50 taun, ngan gumeulis kénéh. Manéhna boga niat hayang dioperasi plastik, narik kulit méh kenceng deui.

Manéhna indit ka hiji dokter spésialis kulit anu kasohor. Kabeneran pas arék ka tempat prakték éta doktér, manéhna ngaliwat ka para pamuda nu keur ngarariung. Aya saurang pamuda nu nanya, "Badé kamana, Ema?" "Hmm, tunggu ajah tanggal mainnyah!" ceuk gerentes haté éta awéwé.

Bérés dioperasi, manéhna ngaliwat deui ka riungan éta pamuda. Pamuda téh nanya deui "Badé mulih, Tanteu?"
"Wah, bener-bener hébat dokter téh, karék dioperasi sakali ogé, nu tadina nyebut ema geus robah jadi tanteu...komo mun dua kali operasi," ceuk pikirna.

Éta awéwé indit deui dioperasi nu kadua kalina. Bérés dioperasi, ngaliwat deui ka pamuda téa. Para pamuda téh tingsaruit, "Calik heula atuh didieu, Tétéh!"
"Halaaah, lamun aing dioperasi deui tangtu pamuda téh langsung ngajakan ulin yeuh...! Kapalang lah, sakali deui," manéhna tuluy balik deui ka tempat prakték dokter.

Sanggeus dioperasi katilu kalina, manéhna nyampeurkeun deui éta pamuda. Pamuda téh nanya deui "Badé kamana, Bah? Angkat-angkatan nyalira waé?"
Éta awéwé bingung, naha maké jadi disebut abah. Barang manéhna capa cipi kana beungeut langsung ngarénjag geuning ayeuna mah jadi janggotan.

Buru-buru manéhna nepungan deui dokter maksudna rék komplén, naon sababna manéhna ayeuna jadi janggotan. "Atuda lepat ibu nyalira naha operasi narik kulit dugi ka tilu kali? Nya atuh upami teras-terasan ditarik mah rambut nu handap jadi tepung kana gado!"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar