Selasa, 30 Juli 2013

Surat Cinta

Assalamu ‘alaikum…

Kumaha damang geulis? hatur
nuhun upami damang mah, éta
nu disuhunkeun ku engkang
siang
sinareng wengi, alhamdulillah
engkang ogé dina waktos nyerat
ieu serat nuju dina kaayaan
séhat wal afiat turta teu kirang
ku…hutang!

Sateu acanna hapunten sanés
pisan engkang henteu isin
kumawantun ngintun ieu
serat, mung tobat pangajak haté
éstu mangprung ngaberung teu
tiasa kabendung.

Ti saprak harita urang tepang di
awang-awang ngalangkungan
look around dina wechat, teras
aléwoh silih gonjak, silih pedal
carita, engkang
ngungun nguyung teu puguh
rarasaan, cai asa tuak bari, kéjo
asa catang bobo, ti beurang teu
weléh ringrang, ti peuting teu
weléh rungsing, éstu guling
gasahaan…peuyeum sampeu
sacarangka teu beunang di ka
tokokeun, peureum kadeuleu
beunta karasa teu beunang
dipopohokeun, ka cimahi mésér
balpén, ka gudang rék nyandak
zamzam, mun wengi sering
kaimpén, beurang sering
kapicangcam.

Salira mayeng kapiéling
liwung gandrung kabandang
kagembang, teu répéh diupah
apéh, sakapeung bet asa peteng
poékeun batin, wuwuh nungtun
ewuh, ringrang hariwang
longkéwang boa-boa janten
panyuat
panyawat lenglengan kaleleban.

Wengi ieu ogé engkang
ngahéhérang, émutan
sumoréang…naha teu lepat kitu
upami engkang miharep salira?
tap kana eunteung, alhamdulilah
geuning engkang téh rada
kasép…heuheuheu…teras naros
ka diri pribadi, naha teu
kaleuleuwihi upami engkang
hoyong ngapimilik salira? upami
nilik yuswa, urang kacida
patebihna, teu acan deui status
engkang nu tos duda
sedengkeun salira mah masih
kénéh rumaja.

Hiliwirna angin wengi karaosna
nyelecep kana sungsuam, tapi
engkang tetep anteng dina
panglamunan, émut waktos
harita salira kantos nyarios,
yuswa teu ngajantenkeun
panghalang kana jodo, nu
dipiharep ku salira mung
pameget anu sholéh nu tiasa
janten imam dina kulawarga.

Dadak sakala engkang ngagebeg,
duh asa ku tetebiheun tina
sholéh engkang mah, jabi
engkang kantos gagal janten
imam dina kulawarga. Namung
saupamina salira percanten,
insya Alloh kagagalan éta ku
engkang seja dijantenkeun
palajaran geusan ngadegkeun
rumah tangga nu langkung saé
sareng salira.

Jungjunan…bagéakeun ieu
kanyaah nu ngabayabah, pék
geura tandéan ku kahéman,
hayu urang silih simbeuh ku
kadeudeuh, silih cangreudkeun
ati ku tali jatukrami.

Sakitu nu kapihatur, mugia
harepan-harepan urang sing
tinekanan geusan nyorang
kahirupan nu pinuh ku
kabagjaan.

Ciamis, 15 mei 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar